Antosan sakedap...

17 September 2012

Geunjleung Kotak-Kotak

Enya kitu geunjleung? Sigana mah memang kitu. Hususna kameja kotak-kotak atawa kameja cele. Ieu teh gara-gara kameja kotak-kotak dipake ku pasangan calon gupernur DKI Jokowi - Ahok. Tadina mah biasa bae, hare-hare.

Nya gara-gara eta pisan, kameja kotak-kotak jadi payu kabina-bina. Salah saurang tukang dagang baju di Jakarta netelakeun yen omset nggajual baju kotak-kotak dina sapoe bisa bisa nepi ka 800 rebu perak. Mun sabulan? Kari ngalikeun kana 30.

Padahal nurutkeun Jokowi manehna henteu ngahaja ngarancang baju kotak-kotak sok komo ngahaja mroduksi baju kotak-kotak jang jualeun. Jadi loba soteh anu daragang baju model kitu, eta mah inisiatif nu daragang we. Ngaranna oge nu dagang atuh, ari nu kira-kira matak nguntungkeun mah nya pasti didagangkeun.

Cindekna, popularitas baju kotak-kotak ngajaul sanggeus baju model kitu dipake ku Jokowi - Ahok. Ti harita jadi loba jelema anu ngahajakeun neangan, boh simpatisan atawa nu sakadar resep kana corakna. Ngan ku sabab nu ngabalakan makena tokoh politik, daek teu daek baju kotak-kotak geus jadi simbol politis. Persepsi publik, kameja kotak-kotak identik jeung Jokowi - Ahok.

Dagang baju cele: meungpeung keur payu....
Persepsi model kieu tangtu leuwih rohaka karasana ku lawan politikna. Kubu Foke - Nara ngarasa bayeungyang mireungeuh tren saperti kieu. Formulasi baju bodas-bodas nu dihangkeutkeun ku manehna eleh pamor. Kumaha ari simbol mangrupa kumis? Ah, da teu kabeh jelema (lalaki) kumisan atuh, jadi rada hese :) Ngan duka tah lamun kameja bodas pek digambaran kumis, kira-kira payu moal nya?

Jigana ku sabab bayeungyang tea, cenah kubu Foke - Nara geus sababaraha kali narekahan sangkan popularitas baju kotak-kotak bisa diperuhkeun. Diantarana kungsi aya razia ka tukang dagang anu husus ngajualan baju kotak-kotak. Nu dagangna ngalengis sabab nu dirazia teh ngan manehanana wungkul, ari nu dagang baju biasa mah henteu dikukumaha. Padahal da manehna oge sarua ngan saukur dagang, teu dititah teu sing ku Jokowi.

Anu lucu mah kungsi aya usulan ka KPU sangkan dina poean nyoblos teu meunang aya nu make baju kotak-kotak. Nepi ka dieu mah can karasa lucu. Anu lucuna teh tanggapan masyarakat basa beja usulan ieu ditulis dina media. Mun kitu mah cenah dina poean nyoblos oge teu meunang aya nu kumisan, sabab mun baju kotak-kotak dianggap simbol Jokowi, kumis oge sarua dianggap simbol Fauzi Bowo :)

Memang mun hayang adil mah kudu kitu. Ngan kacipta we meureun nya eta nu baroga kumis meunang mupusti ngaluas-luis, ngadak-ngadak kudu dikurud...

Aya-aya wae :)

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


12 September 2012

Makalah Basa Sunda

Singhoreng loba oge geuning nu neangan makalah basa Sunda. Tangtu kasangtukangna rupa-rupa alias teu sarua. Aya nu perlu jang referensi, aya nu butuh conto jang bekel nyieun makalah basa Sunda sangkan henteu ngatog teuing, malah aya oge nu keukeuh hayang ngabuktikeun naha enya basa Sunda bisa dipake nyieun tulisan ilmiah.


Ngan nyaeta, neangan makalah basa Sunda mah teu gampang jiga makalah basa Indonesia atawa basa Inggris. Komo lamun perluna jang conto mah pan tangtuna ge kudu nu alus. Sanggeus kokotetengan barangsiar di internet, alhamdulillah manggih sababaraha makalah basa Sunda dina wangun (format) PDF. Anu nulisna insya Allah lain si utu si eta, tapi para inohong Sunda anu mibanda integritas kasundaan sarta tapis dina nepikeun ide-ide maranehanana dina wangun tulisan.

Muga-muga nu barutuh conto makalah basa Sunda teu kudu kokotetengan deui ka ditu ka dieu. Nyanggakeun, kantun diundeur di handap ieu.

Daftar Makalah:

  1. Bacaan Barudak: Pasualan, Katut Cara Ngungkulanana (Tatang Sumarsono)
  2. Undeur Di Dieu
  3. Ngungkulan Bangbaluh Ngagunakeun Undak-Usuk Basa Sunda (Hidayat Suryalaga)
  4. Undeur Di Dieu
  5. Hirup Huripna Basa Sunda Di Propinsi Banten (Gugun Gunardi)
  6. Undeur Di Dieu
  7. Lalampahan Nyastrakeun Sunda: Ti Jaman Bujangga Manuk Dadali, ka Nagri Surili, Tug Dugi ka Alam Sudong (Godi Suwarna)
  8. Undeur Di Dieu
  9. Panalungtikan Basa Sunda di Lingkungan Kodya Bandung (Fatimah Djajasudarma)
  10. Undeur Di Dieu
  11. Ngamasarakatkeun Aksara Sunda (Edi S. Ekadjati)
  12. Undeur Di Dieu
  13. Basa jeung Sastra Sunda Dina Pilem Indonésia (Éddy D. Iskandar)
  14. Undeur Di Dieu
  15. Nanjeurkeun Ajén Urang Lembur (Dédi Mulyadi)
  16. Undeur Di Dieu
  17. Modél Pangajaran Satra Sunda (Dédi Koswara)
  18. Undeur Di Dieu
  19. Bangbaluh Siswa jeung Guru Dina Kagiatan Diajar-Ngajar Basa Sunda di Bekasi (Dadang Zem)
  20. Undeur Di Dieu
  21. Basa Lulugu Jeung Basapraja Tarékah Sangkan Lana (Ayatrohaédi)
  22. Undeur Di Dieu


SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


03 September 2012

Bedana Grup Jeung Kaca Facebook

Mahabuna Facebook dina kahirupan sapopoe geus teu kudu dicaturkeun deui. Kiwari Facebook atawa Buku Beungeut - mun ditarjamahkeun sajalantrahna - geus nepi ka suklakna ka siklukna. Ku naon pangna bisa kitu? Lian ti praktis dina cara ngagunakeunana, oge momentumna merenah. Facebook nguniang bareng jeung banjirna produk teknologi Cina ka urang.

Telepon keupeul calakan (smartphone) produk Cina dijual murah pisan lamun dibandingkeun jeung produk-produk nu geus aya. Ku sabab hargana murah, sarerea pada boga, Padahal keur ngakses Facebook mah cukup ku ngagunakeun si telepon keupeul model kieu oge bisa. Nu matak teu kudu heran lamun popularitas Facebook bisa ngungkulan produk anu geus aya leuwih ti heula samodel Friendster.

Lamun biasana produk teknologi ngan ukur diancokeun pikeun jelema anu melek teknologi, Facebook mah bisa nyasar nepi ka kalanan awam teknologi. Ku sabab kitu, daya tembus pasarna oge otomatis leuwih rohaka, sabab ambahanana ngalegaan tea.

Basa mimiti boga akun Facebook taun 2008, kayaanana can rame jiga ayeuna. Tiiseun malah, sabab harita mah Friendster jeung Multiply keur nanjung. Kuring mah malah teu nyangka yen Facebook bakal bisa rame cara ayeuna. Interface-na oge masih kacida basajanna lamun dibandingkeun jeung Facebook kiwari.

Lian ti boga akun utama, urang oge bisa nyieun grup jeung page (kaca) dina Facebook. Sacara prinsip, grup Facebook mah mirip jeung milis (mailing list) bogana Yahoo!. Bedana teh milis mah leuwih tartib dina ngarekrut anggota (member). Mun rek ngogan (invite) batur, kudu menta ijin heula ngaliwatan email (surelek). Mun nu dioganna daekeun, kakara diteruskeun kana proses pikeun jadi anggota. Sedengkeun di grup Facebook mah admin grup bisa nyomot saha wae anu geus jadi babaturan (friend) manehna dina Facebook, bari jeung teu kudu menta ijin heula kanu dicomotna.

Ari page? Tah ieu mah leuwih sopan, sabab nu boga page (admin) teu bisa pararadu nyomot batur sangkan mikaresep (like) page manehna. Mun rek ngogan oge, prosesna jiga dina milis, ngirim ondangan make email. Mun nu diondangna satuju, manehna tinggal mencet kenop LIKE dina kaca nu ngondang. Kaca alias page biasana dipake promosi boh bisnis (dagang) atawa pribadi. Page bisa ditempo ku saha wae, jadi sagala eusina nembrak, teu beda jeung blog. Nu ngabedakeunana teh ukur soal panjangna artikel. Dina page mah biasana leuwih parondok, sedengkeun blog mah paranjang.

Lamun kitu, naon atuh bedana grup jeung kaca? Intina mah aya dua:
  1. Grup bisa diatur sangkan eusina nyamuni tina penenjo jelema anu lain anggota. Ngarekrut anggota bisa sakahayang, padu nyomot. Lian ti eta nulis bisa leuwih panjang atawa laluasa. Ngan tampilan grup teu bisa diuprak-oprek sakahayang. Contona bisa ditingali di Taman Puisi
  2. Dina kaca mah sabalikna, euweuh sistem keanggotaan, teu bisa nyumputkeun eusi kaca, jeung teu bisa maksa sangkan jelema mikaresep kaca manehna. Nulis kasengker atawa diwatesanan sangkan teu panjang teuing. Kaunggulanana tampilan bisa dioprek, najan teu laluasa jiga blog. Jadi katenjona leuwih pikaresepun. Contona bisa diilikan di dieu.
Kumaha ari fungsina? Intina mah sarua digunakeun jang promosi. Bedana grup mah biasana leuwih loba dipake ku komunitas anu boga kapentingan atawa pangaresep anu sarua, upamana bae nu resep kana puisi, partai pulitik, etnis, motor, jrrd. Sedengkeun kaca (page) biasana dipake promosi ku perusahaan (boh gede boh leutik), band/grup musik, jrrd., atawa bisa oge dipake promosi blog.

Jadi mun kabeneran sok nulis dina blog pribadi, taya salahna nyobaan nyieun kaca Facebook pikeun ngiklankeun (promosi) blog nu ditulis ku urang. Conto kaca Facebook anu dipake promosi blog tingali di dieu.

Mana nu leuwih alus, grup atawa kaca? Eta mah gumantung kana kaperluanana. Ngan keur sakuringeun mah, lamun pertimbanganana urusan sopan santun jeung kabebasan uprak-oprek mah, asana mending keneh nyieun kaca. Pangpangna mah sabab kuring kugsi ngalaman kajadian nu matak piambekun.

Caritana aya tatangga cenah rek nyalon jadi anggota dewan. Pikasebeleunana teh ngaran kuring ujug-ujug aya dina grup Facebook pendukung manehna. Keu mah rada alergi kana urusan pulitik, turug-turug teu sopan deuih make ngaran kuring teu menta ijin heula. Kapaksa tah jelemana diseukseukan, sina diajar deui tatakrama :)

Tapi balik deui kana sual milih nu mana, eta mah teu langkung, da grup atawa kaca mah ngan saukur peso. Soal nyilakakeun atawa nguntungkeunana gumantung kanu nyekel peso.

Nyanggakeun.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...