Antosan sakedap...

21 November 2009

17 Pupuh Sunda

Waktu di SD kuring kungsi diajar pupuh ku guru. Ngan nyakitu, lian ti teu kumplit, tetela lamun ditengetan ayeuna mah singhoreng loba nu kurang merenah, ma'lum pan aranjeunna (para guru) teu kabeh seniman, padahal sarerea oge pada terang di SD mah guru teh kudu bisa ngajar sagala rupa pangajaran. Najan kitu, ku diwanohkeun oge kana pupuh geus pirang-pirang nuhun, sabab eta geus jadi dadasar dina diri kuring enggoning ngipuk kadeudeuh kana basa jeung budaya Sunda.

Pupuh teh wangun dangding atawa lagu anu kauger ku aturan nu geus pararuguh. Jumlahna aya 17 nyaeta: Asmarandana, Balakbak, Dangdanggula, Jurudemung, Durma, Gambuh, Gurisa, Kinanti, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, Sinom, Wirangrong.

Masing-masing pupuh ngabogaan watek tur aturan nu beda-beda, ngawengku jumlah padalisan (baris), guru wilangan atawa jumlah engang (suku kata) dina unggal padalisan (baris), sarta guru lagu atawa sora a-i-u-e-o dina tungtung padalisan. Sedengkeun jumlah pada (bait) mah henteu disengker, kumaha kahayang nu nganggit guguritan.

Baheula mah pupuh teh sok dipake ngarang carita, disebutna wawacan. Salah sahiji contona nu kuring masih keneh inget nyaeta wawacan Purnama Alam. Inget soteh judulna, bukuna mun teu salah aya dua jilid, da ari eusi caritana mah poho deui, ma'lum macana ge keur budak keneh tur kekecapanana loba nu can kaharti. Ngan nu masih keneh inget teh salah sahiji tokohna ngaranna Ratna Suminar.

Dina wawacan, suasana carita diluyukeun jeung watek pupuh. Upamana bae, nu keur nalangsa ditinggalkeun kabogoh moal mungkin dicaritakeun dina pupuh Durma, sabab Durma mah watekna heuras. Nu keur sedih mah leuwih cocog dicaritakeun make pupuh Mijil atawa Maskumambang. Sabalikna nu keur perang moal dicaritakeun make pupuh Pupuh Lambang anu watekna banyol atawa pikaseurieun.
  1. Asmarandana: Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
  2. Balakbak: Watekna pikaseurieun. Unggal pada diwangun ku 3 padalisan.
  3. Dangdanggula: Watekna bungah atawa agung. Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.
  4. Jurudemung: Watekna kaduhung, atawa hanjakal. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.
  5. Durma: Watekna heuras atawa siap rek tarung. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
  6. Gambuh: Watekna bingung, samar polah atawa tambuh laku. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.
  7. Gurisa: Watekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel. Unggal pada di wangun ku dalapan padalisan.
  8. Kinanti: Watekna miharep atawa prihatin. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.
  9. Ladrang: atawa pikaseurieun. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
  10. Lambang: Watekna banyol atawa pikaseurieun. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
  11. Magatru: Watekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin. Unggal pada diwangun ku lima padalisan.
  12. Maskumambang: Watekna prihatin, sasambat atawa nalangsa. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
  13. Mijil: Watekna sedih, susah atawa cilaka. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.
  14. Pangkur: Watekna napsu, lumampah atawa sadia rek perang. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
  15. Pucung: Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan. Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
  16. Sinom: Watekna gumbira. Unggal pada diwangun ku salapan padalisan.
  17. Wirangrong: Watekna era atawa wirang. Unggal pada diwangun ku genep padalisan.
Kanggo hiji pupuh kasanggakeun sababaraha conto supados langkung lengkep sakaligus kanggo babandingan. Mangga urang dangukeun sasarengan:

Aos seratan sagemblengna...