Antosan sakedap...

30 November 2011

Pahlawan Toha

Bangsa nu jembar nyaeta bangsa anu ngajenan pahlawanna. Ieu kalimah teh kacida populerna, pikeun ngagambarkeun pentingna ngajenan jasa pahlawan anu geus bajoang pikeun nanjeurkeun kamulyaan bangsa katut nagarana.

Ngan hanjakal, eta kalimah teh dina emprona mah ngan saukur papaes lambe, sabab kanyataanana mah teu kitu. Malah gelar pahlawan oge make jeung aya kelas-kelasna sagala: pahlawan nasional, pahlawan daerah, jeung sajabana. Mohammad Toha, pahlawan Bandung Kidul anu palastra dina perang kamerdikaan waktu ngabitukeun Gedongpeteng tempat panundaan bom Walanda, nepi ka kiwari teu diaku pahlawan nasional, sabab dianggap teu nyumponan sarat.

Tim Peneliti dan Pengkaji Gelar Daerah (TP2GD) tidak bisa memastikan setiap nama yang diusulkan bakal menjadi Pahlawan Nasional. Pasalnya, kriteria dan persyaratan seorang sosok dikategorikan Pahlawan Nasional, sangat sulit. "Harus diperkuat dengan data dan (akta. Tidak cukup hanya katanya," tutur Nenny, salah satu anggota TP2GD.

Selain itu, sosok tersebut kiprahnya memang mesti menasional. Kalau kedaerahan, tentunya tidak bisa dimasukkan kategori Pahlawan Nasional. "Kami pernah mencoba berkali-kali mengusulkan Mohamad Toha sebagai Pahlawan Nasional. Namun pusat menilai, Mohamad Toha kiprahnya lokal. Dan kepastian bahwa dia meledakkan gudang senjata itu pun belum ada data dan fakta yang valid. Itu sebabnya pusat masih menolak usulan tersebut," ucapnya. (http://bataviase.co.id/node/869405)

Teu bisa nyalahkeun, upama aturanana memang saperti kitu. Ngan upama dibandingkeun jeung gelar pahlawan anu dibikeun ka jelema-jelema nu teu puguh asal-usulna, bari jeung jasana ge teuing naon, asa matak ngangres upama gelar pahlawan pikeun Mohammad Toha nepi ka dihese-hese.

Tapi sok sanajan Mohammad Toha teu dileler gelar resmi ti pamarentah, pangajen ti masarakat mah geus teu kudu dipihamham deui. Pangorbanan almarhum dicatet dina jiwa urang Sunda tur diaku pahlawan kalawan ikhlas. Mohammad Toha estu sajatining pahlawan dina hate masarakat tatar Pasundan. Salah sahijina kagambar dina rumpaka lagu Pahlawan Toha:

Getih suci nyiram bumi
Tulang setra mulang lemah
Babakti nyungkem Pertiwi
Cikal bugang putra bangsa

Nyatana Pahlawan Toha
Pahlawan Bandung Selatan
Patriot ti Dayeuhkolot
Tugu diwangun ngajadi ciri
Tarate nu mangkak ligar di empang
Jadi bukti gugurna pahlawan bangsa

Muga-muga urang sadaya teu kaasup bangsa nu mopohokeun jasa para pahlawanna.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


19 November 2011

Kakawihan Budak Baheula

Barudak jaman baheula, tangtu beda jeung budak ayeuna. Mun kaulinan barudak ayeuna leuwih loba anu sipatna individualistis, baheula mah sabalikna. Kalolobaanana kaulinan teh ngipuk sipat sosial, dina harti kudu dipaenkeun ku lobaan, atawa minimalna duaan.

Teu saeutik dina kaulinan eta teh anu kudu bari kakawihan. Model oray-orayan upamana. Bari leuleumpangan pacekel-cekel taktak, terus leumpang kukurilingan, barudak raeng kakawihan. Kawihna oge geus pararuguh, teu bisa sakahayang, diwariskeun ti generasi samemehna.

Hanjakal kiwari kaulinan samodel kieu teh geus tara kapanggih, kaasup di pakampungan, kadeseh ku kaulinan impor. Anak nu beunghar ngarerem di imah masing-masing, maraen PS atawa game sejenna. Mun teu kitu, maen game online anu kiwari keur ceuyah di internet. Anak nu teu boga maksakeun ka rental PS atawa ka warnet, belaan ceurik-ceurik menta duit ka indungna.

Duka iraha urang bisa ngadenge deui barudak jaman kiwari kakawihan samodel Oray-orayan atawa Eundeuk Eundeuk Cang. Teu bisa kumaha, da memang jamanna geus beda.
Itung-itung mulangkeun panineungan, aya sababaraha kakawihan barudak anu masih keneh napel dina uteuk. Susuganan bisa jadi luang. Atuh dina henteuna, nya teu nanaon. Anggap we ieu teh catetan atawa bukti tinulis, yen kakawihan samodel kieu teh kungsi aya, di tatar Pasundan.

ORAY-ORAYAN

Oray-orayan, luar leor mapay sawah
Entong ka sawah, parena keur sedeng beukah
Mending ka leuwi, di leuwi loba nu mandi
Saha anu mandi, anu mandina pandeuri

AYANG-AYANGGUNG

Ayang-ayang gung
Gung goongna rame
Menak ki Mastanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni

Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong

CINGCANGKELING

Cingcangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong
Bapa Satar buleneng

EUNDEUK-EUNDEUK CANG

Eundeuk-eundeu cang lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku Nini
Beunang deui ku Aki

JALEULEU

Jaleuleu ja
tujaeman gog
Seureuh leuweung bay
Jambe kolot bug
Ucing katinggang songsong
Ngek ngek!

KALONGKING

Kalongking-kalongking
Bapa sia hudang ngising
Dibura ku madu kucing
Madu kucing meunang maling

Kalongking-kalongking
Bapa sia utah ngising
Beak samak beak samping
Teu cageur waktu sapeuting

BANGBANG KALIMA GOBANG

Bang kalima-lima gobang bang
Bangkong di tengah sawah wah
Wahey tukang bajigur gur
Guru sakola desa sa
Saban poe ngajar jar
Jarum paranti ngaput put
Puteri nu gareulis lis
Lisung kadua halu lu
Luhur kapal udara ra
Ragrag di Jakarta ta
Taun tujuh hiji ji
Haji tas ti Mekah kah
Kahar dua rebu bu
Buah meunang ngala la
Lauk meunang nyobek bek
Beker meunang muter-ter
Terus ka Cipaten pen
Pena gagang kalam lam
Lampu eujeung damar mar
Mari kueh hoho ho
Hotel pamandanga ngan
Nganteur anu kawin win
Winta dagang oncom com
Comel kanu gelo lo
Lodong kosong ngentrung tung
Tunggir hayam bikang kang
Kangkung meunang meuli li
Lili lewungit konci ci
Ciak anak hayam!

PUNTEN

Punten mangga
Ari ga, gatot kaca
Ari ca, cau ambon
Ari bon, bonteng asak
Ari sak, sakit perut
Ari rut, rujak asem
Ari sem, sempal-sempil
Ari pil, pilem rame
Ari me, meja makan
Ari kan, kantong kosong
Ari song, songsong lampu
Ari pu, puak-paok
Ari wok, wok candewok

OLE-OLE OGONG

Ole-ole ogong
Melak cabe di Tarogong
Dihakan ku embe ompong
Diteang kari sapotong

Au-au eheng
Beuleum cau tutung geheng
Embe-embe domba
Anak sapi tutunggalan

TOKECANG

Tokecang-tokecang
Balagendil tosblong
Angeun kacang-angeun kacang
Sapendil kosong

TRANG-TRANG KOLENTRANG

Trang-trang kolentrang
Si Londok paeh nundutan
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan

Tamba panasaran, sabagian tina kaulinan barudak Sunda baheula aya dina pintonan video di handap ieu (klik tombol play).

Kaulinan Barudak bag. 1 (Caraka Sundanologi)
Kaulinan Barudak bag. 2 (Caraka Sundanologi)

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


17 November 2011

Novel Sunda Gratis: Sanggeus Halimun Peuray

Inu direremokeun ka Awit. Keuheul, tapi kapaksa daek, sabab manehna kahutangan budi ku indungna Awit nu kungsi tohtohan ngabelaan indungna Inu basa keur gering di rumah sakit.

Ieu salah sahiji novel masterpiece Aam Amilia, sastrawati Sunda anu geus moal aya nu bireuk deui. Mun teu salah, novel ieu malah kungsi dijieun film dina judul anu sarua.


Bilih panasaran, kumaha pamustunganana lalakon Inu sareng Awit, mangga undeur bae ebook novel Sunda Sanggeus Halimun Peuray di dieu.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


11 November 2011

Komik Sunda Gratis: Si Mamih

Baraya SundaBlog anu sok maos Manglé taun 80-an tangtos émut kénéh kana tokoh kartun Si Mamih, rékaan Edyana Latiéf. Minimal émut keneh kana baju si Mamih anu totol-totol (polkadot).

Si Mamih, anu buukna ngan ukur sakeupeul dina embun-embunan, bisa jadi mangrupa simbol masarakat Sunda anu rajin motrét kajadian di sabudeureunana, bari jeung teu leupas tina ciri urang Sunda: resep heureuy.
Singhoréng karya-karya Edyana Latiéf téh kungsi dibukukeun. judulna angger: Si Mamih. Dina buku kumpulan kartun ieu, Edyana Latif kalawan tapis ngarekam sarupaning kajadian di sabudeureunana dina tétécéan humor. Tina jilidna waé geus kaciri, gambar si Mamih keur seusseurian bari nungkup biwir, maca tulisan: ieu bapa (gambar lalaki), ieu ema (gambar awewe), ieu nu maca (maké tanda panah kana gambar domba :).

Salian ti éta, buku ieu ogé bisa jadi catetan sajarah 'informal'. Upamana bae, dina salah sahiji épisode aya anu ngagambarkeun si Mamih keur mayar pajeg tipi. Ti dieu urang jadi apal, hususna generasi ngora, yén baheula mah tipi (oge radio) téh aya pajegna.

Bilih panasaran, mangga diundeur bae buku Komik Basa Sunda: Si Mamih di dieu.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


10 November 2011

Majalah Heubeul: Sunda

Madjalah SUNDA

Pamedal : PT Duta Rakjat.
Alamat : Djl. Karyawan No. 3 (luhur), Bandung.
Pingpinan Umum : Prof. Dr. Achmad Sanuasi SH.
Girang Rumpaka/Panangkes: Ajip Rosidi.
Rumpaka : Jus Rusamsi; Us Tiarsa R.; Rachmat M. Sas. Karana.
Juru Gambar : Nana Banna; Ai Abdul Rachim; Kadarisman.
Tata Usaha: Wigandi; Lalan Ramlan S.
Motto : Ngabela Martabat Rahajat, Kadaulatan Nagara Djeung Komara Agama.

Media bulanan ieu payus lamun disebut majalah kulawarga. Kabeh eusina ditulis dina basa Sunda. Aya profil inohong, beja sabengbatan, konsultasi dokter, jeung sajabana. Tapi anu onjoy tina majalah ieu teh saestuna rubrik budayana. Carita fiksi dina hiji majalah kadang-kadang nepi ka aya tiluna, ditambah ku sajak/puisi.

Majalah anu aya gambarna di dieu teh Majalah Sunda No. 50/Taun II/ Djuli 1966.

Harga : Rp. 2.50,-
Jilid Hareup: Major Djenderal HR. Dharsono.

Dicutat tur ditarjamahkeun tina artikel di Koleksi K. Atmojo

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


08 November 2011

Wayang

Salah sahiji kasenian Sunda anu angger dipikaresep nyaeta wayang golek. Najan henteu loba jiga baheula, tapi ti unggal generasi aya bae nu mikaresep. Ti kolot nepi ka budak.

Ka nu bade ngadangukeun, mangga kantun nyetel. Tong hilap sadiakeun cikopi sareng kulub suuk. Upami teu aya mah, nya goreng sendal capit oge teu nanaon, ari sedep mah :)

Mung wayahna, lalakonna saaya-aya heula. Insya Allah ka payun baris ditambihan, pami mendak deui eta oge..

Wilujeng ngadangukeun.




Koleksi wayang salengkepna, tingali dina kaca Wayang.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


07 November 2011

Majalah Humor Sunda Cakakak GRATIS!

Urang Sunda kawentar resep banyol alias humor. Ceuk beja, jelema nu resep heureuy, resep banyol, resep humor, jarang katerap kasakit. Humor oge bisa jadi terapi atawa ubar keur nu gering. Ngan omat tong loba teuing heureuy di hareupeun nu boga panyakit bengek atawa asma. Lain ku nanaon, sok eungap :)

Tah, bilih peryogi hiburan, mangga undeur bae majalah humor basa Sunda Cakakak edisi munggaran, GRATIS!

Nyanggakeun...


SundaBlog Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


05 November 2011

Buku-buku Heubeul

Ieu gambar sababaraha buku pelajaran basa Sunda anu kantos janten "primadona" dina jamanna: Ganda Sari, Umi jeung Udi, Taman Pamekar. Kiwari kantun waasna.
PAMEKAR BASA
Anggoeun di Kelas Tilu SD

Di susun ku : A.SANUSI
Penerbit " TARATE " Bandung 1978





SundaBlog Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


02 November 2011

Ebook: Si Kabayan


Saha nu teu terang ka si Kabayan? Tokoh Sunda rekaan anu kasohor pikaseurieun sakaligus pikasebeleun. Tapi salian ti eta singhoreng loba oge pulunganeunana, saperti nu kungsi dibahas di dieu.

Carita Si Kabayan saestuna mangrupa carita warisan budaya lisan. Ngan ku sabab kadieunakeun budaya lisan mimiti luntur, asa lebar lamun henteu didokumentasikeun. Tangtu ieu lain tarekah nu munggaran dina ngadokumentasikeun carita si Kabayan. Geus loba sastrawan malah nu nulis buku ngeunaan si Kabayan. Ngan ari dina wangun ebook tur gratis mah duka, asana can aya.

Tapi keun we, eta mah teu penting. Nu penting mah, bilih aya nu peryogi ebook Si Kabayan, mangga diundeur di dieu.
Aos seratan sagemblengna...


Dipepende Dongeng


Sok waas lamun nyoreang alam ka tukang. Jaman keur budak, jaman can nyaho kasusah. Teu salah lamun loba nu nyebutkeun yen mangsa nu pangsenang-senangna mah nya jaman keur budak tea.

Ma'lum di kampung nu can mantra-mantra kana loba hiburan, salah sahiji hal anu hese dipopohokeun teh nyaeta kabiasaan sok dipangdongengkeun ku pun biang. Biasana ritual ieu teh dipake mepende samemeh sare. Dongengna rupa-rupa, ti mimiti dongeng sakadang peucang jeung sakadang monyet anu seuhah lata-lata tea, nepi ka dongeng rupa-rupa sasakala saperti sasakala gunung Tangkuban Parahu jeung sajabana.

Kadang-kadang dongengna can tamat, kuring mah geus ngaguher da ngareunah tea dipangdongengkeun bari diusapan sirah. Biasana dongeng nu can tamat teh sok ditagih isukna deui, memeh sare. Malah mindeng, nu geus didongengkeun ge menta dibalikan deui da rame tea. Biasana dina sela-sela dongeng teh sok diselapan ku piwuruk, "Tah matak urang mah ulah pinter kabalinger jiga sakadang peucang, make jeung ngahina ka sakadang kuya sagala. Pan ari eleh balap lumpat ku kuya mah, peucang oge jadi era."

Kitu carana pun biang ngatik kuring. Sanajan anjeunna teu ngartos teori pendidikan, tapi dina praktek atawa prak-prakanana mah kacida tapisna. Tara ngahaja-haja mapatahan, tapi milih waktu anu mustari sangkan teu asa dipapatahan bari jeung nyerep kana hate. Malah hiji hal anu ku kuring dipikainget nepi ka ayeuna, pantangan pun biang sareng pun bapa mah: ulah mapatahan (komo nyeukseukan) budak dina waktu dahar ngariung. Kacipta ayeuna mah, kumaha rasana dahar bari diseukseukan. Nya seuseut tikoro, nya moal nyerep. Ambek we nu aya...

Etang-etang mulangkeun panineungan ka jaman bihari, nyanggakeun ebook basa Sunda anu judulna 22 Dongeng & Sasakala Sunda. Sugan we aya mangpaatna keur balarea, sasieureun sabeunyeureun.

Daptar eusi:
  • Budak Pahatu Lalis
  • Sasakala Gunung Tampomas
  • Sasakala Gunung Kendang
  • Jonggrang Kalapitung
  • Sasakala Rawabening
  • Sasakala Arca Domas
  • Sasakala Curug Sindulang
  • Centang Barang
  • Sang Prabu Jaka Susuru
  • Sasakala Pamanukan
  • Sasakala Cigondewah
  • Dongeng Nini-nini
  • Ki Dipa Dibegal
  • Putri Leuweung Larangan
  • Sasakala Situ Patenggang
  • Sasakala Situ Bagendit
  • Sasakala Cau Manggala Aya Sikian
  • Lutung Kasarung
  • Ciung Wanara
  • Sasakala Gunung Tangkuban Parahu
  • Sasakala Maung Panjalu
  • Sasakala Majalengka
Bilih peryogi, mangga undeur 22 Dongeng & Sasakala Sunda, haratis.
Aos seratan sagemblengna...