Antosan sakedap...

27 November 2012

Basa Sunda Anu Merenah

Alhamdulillah, kasadaran tur sumanget pikeun nyarita ku basa Sunda masih keneh aya. Minimal henteu nepi ka pareum. Ngan tangtu bae hal ieu teh kudu dibarengan ku tarekah pikeun ngaronjatkeun pangaweruh urang dina cumarita. Mun teu kitu, bisa jadi ka hareupna mah basa Sunda teh ngan saukur 'merek' atawa 'cap', sabab eusina mah jajauheun tina nyunda.

ilustrasi: kartun kabayan

Di handap ieu aya dongeng heureuy basa Sunda anu ku kuring dicutat sagemblengna tina salah sahiji kaca (page) Facebook basa Sunda. Mangga urang sami-sami tengetan.

Pas beres briefing wali murid, tinggal barudak asup ka kelas narima rapot, Mang pian, kumis baplang, leungen make gelang bahar galede oray, jaket bau bako , ngomong ka anakna " Mat, lamun eta rapot aya beurem na, teu kudu WAUH atawa NGAKU ka bapa...!" bari so hareupen nu sejen. Bagian si mamat asup ka kelas bari ngahiung keneh suara bapana (ULAH WAUH). beres di bagi rapot si mamat kaluar ti kelas, " Kumaha jang ? " ceuk mang pian sabari ngalinting roko keretek, si mamat bari panik nembalan " Punten.... ari bapa saha nya ? "

Caritana mah lucu, hanjakal loba basa atawa kekecapan anu kurang merenah. Lian ti eta oge loba kasalahan cara nulis, ejaan, nempatkeun aksara gede leutik, ngalarapkeun kecap, sarta kecap-kecap anu kamalayon (pangaruh tina basa Indonesia).

Conto nu kurang merenah:
  • ngahiung (nu merenah: nongtoreng)
  • sabari (nu merenah: bari)
  • galede oray (nu merenah: sagede oray)
  • ngalinting roko keretek: (nu merenah: ngalinting bako, roko keretek mah geu jadi ti pabrik)

Conto kasalahan cara nulis:
  • leungen (leungeun)
  • gelang (geulang)
  • WAUH (WAWUH)
  • beurem (beureum)
  • hareupen (hareupeun)

Conto kasalahan nempatkeun aksara gede leutik:
  • mamat (Mamat)
  • pian (Pian)

Conto kecap nu kamalayon:
  • suara (sora)
  • panik (geumpeur)

Sabenerna loba keneh anu kudu diropea deui dina tulisan di luhur, pangpangna anu hubunganana jeung rasa kasundaan. Lebah dieu mah rada hese ngajelaskeunana, rumasa kuring mah lain ahlina.

Pikeun babandingan, carita di luhur diropea deui ku kuring sacara bebas, dina harti make gaya kuring sorangan. Nu dijieun patokan ngan saukur inti caritana.
Poe ieu si Mamat rek dibagi rapot, jadi ka sakolana oge dianteur ku Mang Pian, bapana. Abong bocokok, ti imah keneh Mang Pian omat-omatan bari semu ngancam ka si Mamat, "Awas siah Mamat, mun rapotna aya beureuman, TONG WAWUH DEUI ka Abah, komo bari jeung ngaku bapa mah ka Abah!"

Puguh we si Mamat kacida sieunna. Beres dibagi rapot, bapana geus megat di lawang panto kelas.

"Cing nempo siah rapot teh!" cek Mang Pian nyentak.

Sanajan bari ngadegdeg, si Mamat maksakeun nembal, "Punten, dupi.. bbb..bapa... sssaha nya...?"

Nyanggakeun, mugi-mugi sing aya mangpaatna kanggo anu kagungan niat sami-sami diajar tur ngamumule basa Sunda.

SundaBlog Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


08 November 2012

Ebook Sunda: Roesdi Djeung Misnem

"Ah, euweuh tina buku rusdi-na atuh." Eta teh kasauran pun biang nu mindeng kadenge ku kuring lamun anjeunna teu satuju kana hiji hal atawa pamanggih.

Panyana kuring mah buku rusdi teh samodel buku palaturan atawa undang-undang jaman baheula. Singhoreng sanggeus tetelepek mah kapanggih, buku rusdi teh taya lian iwal ti buku bacaan di Sakola Desa (satingkat jeung SD ayeuna) dina jaman pun biang sakola. Judul bukuna Roesdi Djeung Misnem karangan A.C. Deenik, urang Belanda, jeung R. Djajadiredja, pangarang Sunda, nu dipedalkeun di Den Haag, Belanda. Nya buku ieu pisan nu jadi buku bacaan wajib di sakola jaman harita.

Jigana bakating ku populer tur dalitna barudak sakola mangsa harita jeung buku rusdi, nepi lamun aya hal anu dianggap aneh, nyaliwang, atawa mengpar tina kabiasaan teh sok disebut euweuh dina buku rusdina.
Eusi bukuna estuning euweuh patula-patalina jeung undang-undang atawa palaturan. Sakumaha ilaharna buku bacaan wajib pikeun barudak di sakola, buku Roesdi Djeung Misnem nyaritakeun kahirupan sapopoe di tatar Pasundan samemeh Perang Dunya Kadua. Rusdi alias Ujang Gembru jeung Misnem jadi tokoh utama dina ieu buku. Tina carita-carita dina ieu buku, urang bisa nyipta-nyipta kumaha gambaran kahirupan di tatar Pasundan awal abad 20. Komo deui da buku Roesdi Djeung Misnem teh dilengkepan ku ilustrasi ti juru gambar urang Walanda, W.K. de Bruin (1871-1945).

Kanggo nu panasaran, mangga diundeur bae ebook Sunda Roesdi Djeung Misnem jilid kahiji di dieu. Nyanggakeun.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...