Antosan sakedap...

18 Desember 2008

Bush Dibaledog Ku Sapatu

Jadi jelema mah kudu mindeng ngaca. Lain ukur ngaca dina harti sajalantrahna, tapi oge ngaca dina harti injeuman. Maksudna kudu loba introspeksi, ngalenyepan diri, nyaliksik paripolah sorangan, sangkan teu pikakeuheuleun batur. Naon sababna? Jalma nu dipikakeuheul biasana tara dihargaan batur, malah bisa-bisa diunghak.

Naon nu kaalaman ku presiden AS Bush, bisa dijieun pieunteungeun. Ku sabab kaceuceubna ka Bush geus teu kawadahan, Al Zaidi, wartawan TV Albaghadia nekad maledog Bush dua kali ku sapatu, bari ngagorowok, "This is the farewell, kiss your dog!" Duka kumaha tah nasibna eta wartawan TV ayeuna.

Loba jelema nu ceuceub kana kalakuan George Bush. Tapi boh kitu boh kieu, jelema tara sagalana goreng. Tingali we, pan Bush oge reflekna mah alus keneh, nepi ka dibaledog ge masih keneh bisa nyingcet :-)

Aos seratan sagemblengna...