Antosan sakedap...

20 Juli 2006

Dompet Tsunami Tatar Sunda

Tatar Sunda di pakidulan palih wetan (Garut, Tasik sareng Ciamis) nuju tunggara, keuna bancang pakewuh tsunami. Di Pangandaran wae, mayit anu parantos kapendak langkung ti 150 urang (dugi ka jam 10 sapuluhan dinten ieu). Teu acan bumi nu alancur katubruk ku cai laut.

Kumargi kitu Yayasan Perceka muka dompet kanggo anu bade nyumbang kanu nuju tunggara. Sumbangan tiasa dikempelkeun di :

BCA Cabang Ir. H. Juanda Bandung, an. Jamaludin rek. No. 777 0265 473
BNI cabang ITB Bandung an Jamaludin 002 808 6964

Kanu parantos/bade ngintunkeun sumbangan, disuhunkeun japrina ka Mang Jamal (jamal@itenas.ac.id) atanapi ka Pa Waluya (resoma@bdg.centrin.net..id).

Ka sugri anu maos, disuhunkeun rido galihna kanggo nyebarkeun ieu bewara
Aos seratan sagemblengna...


15 Juli 2006

Gerakan Poe Tanpa TV !!

ROJONG GERAKAN HARI TANPA TV
Serentak dina poe Minggu, 23 Juli 2006

Kurang leuwih 60 juta barudak di Indonesia lalajo TV ampir sapoe jeput. Naon bae nu dilalajoanan? Sagala bres, sabab kalolobaanana kolot teu mere katangtuan nu jelas, acara naon bae nu meunang dilalajoan. Ti mimiti acara gosip selebritis; berita kriminal nu teu jauh ti urusan getih; sinetron rumaja nu pinuh ku kekerasan, seks, intrik, mistis, amoral; film dewasa nu diputer ti isuk tepi ka peuting; penampilan grup musik nu barangpakena seksi tur ngahaleuangkeun lagu nu rumpakana ditujukeun pikeun nu geus sawawa; sinetron 'agama' nu lolobana nonjolkeun rekaan azab, jurig, iblis, siluman, jeung saterusna. Oge kaasup acara keur barudak nu ngandung adegan nu teu aman jeung teu pantes dilalajoan ku barudak.

Bayangkeun yen salah sahiji ti antara maranehanan teh anak urang nu unggal poe kudu neureuyan sagala hal tina pintonan TV anu sabenerna mah pikeun jelema nu geus sawawa. Barudk teh tangtu bakal kaleungitan kagumbiraan tur sikep 'polos'-na sabab maranehanan kapaksa kudu mikiran pasualan-pasualan manusa dewasa. Akibatna, loba nu ngarandapan gangguan psikologi jeung kateusaimbangan emosi nu ngawujud dina hesena konsentrasi, perilaku kekerasan, persepsi nu kaliru, budaya 'instan', patalekan-patalekan nu 'di luar dugaan' jeung sajabana.

Teu loba barudak nu untung bisa miluan rupa-rupa kagiatan, fasilitas, katut kolot nu toweksa nepi ka maranehanana bisa ngarahkeun barudak sangkan ngagunakeun waktuna pikeun ngalakukeun hal-hal anu leuwih mangpaat tinimbang saukur lalajo TV. Padahal kacida lobana kolot di Indonesia nu ngarasa hariwang lamun nengetan acara siaran TV di urang. Kalangan industri televisi boga argumentasi sorangan pangna maranehanana nyiarkeun acara-acara nu teu merhatikeun kapentingan barudak jeung rumaja. Intina, kapentingan bisnis geus ngelehkeun tur nempatkeun barudak jeung rumaja dina posisi saukur jadi pasar nu kudu dimangpaatkeun. Sanajan sababaraha stasiun TV geus mimiti ngomean eusi siaranana, tetep we teu bisa mupus kasalahan maranehanana nu katukang-tukang dina enggoning mere 'dahareun' nu geus ngaruksak jiwa puluhan juta barudak di Indonesia.

Pamarentah katut institusi sejenna, geus kabuktian teu mampuh nyieun aturan nu bisa maksa industri televisi sangkan leuwih sopan dina nyiarkeun acara-acarana. Ku kituna, euweuh deui pilihan sejen iwal ti urang sarerea nu kudu nangtukeun sikep dina nyanghareupan situasi saperti kieu. Anggota masarakat nu sauyunan tur ngabogaan sikep nu sarua pikeun nolak perilaku industri televisi di urang, bakal jadi kakuatan rohaka lamun jumlahna beuki ngalobaan. Penolakan ku masarakat nu nyata-nyata mangrupa pasar pikeun industri televisi, dina waktuna bakal jadi kakuatan anu kacida gedena.

Nya ku sabab eta pisan perlu dilakukeun 'Gerakan HARI TANPA TV'. Poe Minggu 23 Juli 2006 anu marengan jeung HARI ANAK NASIONAL dipilih pikeun dijadikeun HARI TANPA TV nu mangrupa bentuk kaprihatinan masarakat kana tayangan TV nu teu aman jeung teu pantes pikeun barudak. Suksesna ieu gerakan bakal ngabuktikeun yen lamun masarakat bisa sabilulungan nolak kana perilaku industri televisi, nya di dinya pisan urang bisa miharep ayana kamajuan ka nu leuwih hade.

Jadi, diantos pangrojongna sakantenan bilih bade ngagabung mieling HARI TANPA TV. Dina poeanana, pareuman TV sapoe jeput sarta ajak barudak pikeun ngalakukeun kagiatan sejen nu leuwih mangpaat.

Sakabeh unsur masarakat bisa ngirim pangrojongna kana:
Fax : 021-9246539 - Yayasan Kita dan Buah Hati
021-8406553 – Yayasan Pengembangan Media Anak/Kidia
E-mail : haritanpatv@kidia.org
kitadanbuahhati@yahoo.com
Telepon : 021-80871763
SMS : 0815-8556547
Website : www.kidia.org (Info leuwih jero ngeunaan ieu gerakan)

Mun isu ieu dianggap penting, disuhunkeun rido galihna kanggo mangnyebarkeun ka rerencangan, baraya, jst.
Aos seratan sagemblengna...


11 Juli 2006

NGALA CAI

foto: http://lh6.ggpht.com/
Dunya teh muter. Nya ku sabab ieu pisan dunya teh ngabogaan sipat dinamis. Henteu statis. Kitu cek para ahli. Nu matak teu kudu heran lamun urang nempo parobahan nu aya di sabudeureun urang. Aya jelema nu tadina beunghar, ayeuna jadi sangsara, tapi aya oge nu beuki beunghar. Leuweung nu tadina geledegan, ayeuna tatangkalanana beak, bulistir diparaokan. Pokona mah pasti aya wae parobahan, boh leuwih alus, atawa sabalikna jadi leuwih goreng.

Jaman keur budak, kitu lah SD kelas limaan, balik sakola teh biasana teu bisa terus ulin, sabab boga kawajiban: ngala cai. Naha cai teh jiga buah kitu, make kudu diala sagala? His, nya henteu atuh. Ngala di dieu teh maksudna ngunjalan. Jadi pagawean kuring teh ngunjalan cai ti Situ Lengkong ka imah, ditanggung make blek urut wadah kueh atawa minyak kalapa. Blek dua siki make salang (tali nu dikieunna tina tambang), ditanggungna make rancatan tina awi. Sakali ngunjal teh kurang leuwih opat embereun ukuran biasa. Dina sapoe biasana meunang sapuluh balikan. Jarak ti situ tempat ngala cai ka imah kurang leuwih limapuluh meter.

Teu pati jauh memang, tapi nanjak! Jadi mun nu teu biasa mah matak ngahegak, bubuhan lembur kuring teh aya di penclut gunung. Kacipta meureun nya, budak kelas lima SD, mawa momot anu lumayan beurat, jaba nanjak. Ari teu daek kumaha atuh da butuh. Jeung alam harita mah memang usumna. Barudak sakola di lembur kuring, mun balik sakola teh sok sagawe-gawe mantuan kolot. Mun teu kitu teh sok diparoyokan: 'Ih, si eta mah tara digawe', cenah. Ngan hasilna, kuring teu bisa jangkung, jigana mah kadedetkeun ku blek wadah cai.

Naha atuh cai teh make jeung kudu diakutan sagala? Na euweuh ledeng? Bujeng-bujeng. Dalah nepi ka ayeuna ge can aya ledeng di lembur teh. Ngan ayeuna mah teu kudu ngunjalan atawa ngakutan, sabab ngarulik nyieun sumur make kompa listrik, terus disalurkeun ka piimahan. Nu langganan mayar ka pengelola, sabulan 45 rebu perak. Mahal, tapi da euweuh pilihan. Kungsi pihak pamarentahan desa ngokolakeun cai ti gunung, disalurkeun ka imah-imah, tapi teu lila. Teuing ku naon, ngan nu jelas cek kuring mah teu baleg ngokolakeunana. Kalahka geus meuli meteran sagala nu hargana ratusan rebu, ari ngocorna cai teu kungsi nepi ka dua bulan, kaburu teu pararuguh.

Kungsi cenah teu lila ti harita, PDAM aya niat rek ngokolakeun cai di Panjalu, tapi, cek beja ieu oge, pamarentahan desa teu mikeun. Ku sorangan teu belul, ku batur ulah, na hayang kumaha cenah nya?

***

Abong ngaranna ge budak, sagala hal oge pasti teu leupas tina ulin. Jadi bari ngala cai teh tangtu bae aya 'kegiatan sampingan'. Ngala simeut, ngadu hahayaman nu dijieun tina jukut, jrrd. Najan cape, tapi senang we nu aya, katambah-tambah loba batur papantaran nu sarua sok ngarala cai. Nu jelas, dina situasi kumaha wae, budak mah tara leupas tna nu ngaranna ulin. Hasilna, kolot kabantuan, ulin angger bisa. Pardu kasambut sunat kalampah.

Sakapeung sok sirik mun nempokeun barudak jaman kiwari. Sakola make seragam, disapatu, buku kumplit, mawa tas alus, jaba geus arang nu kudu babantu ka kolot di mana balik sakola. Datang ka imah tinggal dahar, ulin, atawa lalajo tipi. Mun teu kitu maen PS. Di sakola bisa jajan. Pokona dina panenjo kuring, barudak ayeuna sagalana leuwih ngeunah. Teu kabeh memang, ngan kalolobaanana ngalaman kondisi anu leuwih ngeunah dibanding generasi 'ngala cai'.

Tapi naha kondisi nu sing sarwa cukup bisa ngajamin budak pinter tur suhud diajar? Tetela hal ieu teu bisa dijadikeun jaminan. Najan bari samporet, tapi lamun dilakukeun kalawan iklas, hasilna teu nguciwakeun. Najan kuring kudu ngala cai unggal poe, teu make baju seragam, barangdahar saayana, jajauheun kana empat sehat lima sempurna, tara jajan, tapi unggal taun teu weleh jadi ranking hiji. Langganan eta teh. Jadi biasana tara kudu meuli buku tulis, da aya tina hadiah tea. Biasana hadiah teh eusina buku tulis, patlot jeung pulpen, teu kurang teu leuwih.

SMP angger ngala cai. Di sakola angger teu kaasup nu bodo, najan tara ranking hiji ge. Abus SMEA nya kitu keneh. Ngala cai mah tara, da puguh kost di lembur batur. Kuliah, abus ka universitas favorit, jurusan idaman. Lulus 'terpuji', IPK 3,45. Lumayan teu ngerakeun teuing lembur.

***

Ke..ke..ke..aya hiji deui patalekan teh. Naha budak nu pinter di sakola, dijamin baris hirup senang? Tetela henteu. Digawe hese, beunghar mah geus komo deui. Kadang-kadang kasempetan oge sok pasalingsingan jeung kahayang. Padahal keur jaman sakola teu weleh ranking hiji. Cek sangkaan urang lembur, paling henteu, jadi PNS mah kudu. Tapi kanyataanana mah teu kitu. Hayang 'mengabdikan ilmu' teh hese alahbatan Ujian Nasional. Keur kuring mah dunya teh jigana teu muter, atawa gejed muterna. Jadi kudu kumaha atuh? Saur pa ustadz, kedah seueur ngadu'a. Kitu cenah....

Mending ngala cai deui kitu?
Aos seratan sagemblengna...


08 Juli 2006

REFORMASI 'NA TUNGTUNG LETAH

Heuheuy deuh! Reformasi. Teuing geus sabaraha puluh juta letah nu ngunikeun kecap reformasi. Ku loba-lobana, mun dina duit mah geus pasti inflasi. Mun barang, tangtuna ge geus diobral..dijual dimurah-mareh, dapon balik modal, malah kadang-kadang sawios rugi.

Reformasi mun dihartikeun salancar, kurang leuwih ngalakukeun formasi ulang. Nu tadina geus teu pati reugeujeug, dibebenah deui, dihadean deui, sangkan balik deui kana rel anu sakuduna. Omat ulah nanya hartina ditilik tina jihat ilmiah, da kuring mah teu taram-taram kanu kitu, teu wawuh-wawuh acan. Nu jelas, dina pemahaman awam saperti kuring, reformasi teh ngabebenah nu teu bener sangkan jadi bener. Ngalelempeng nu teu merenah sangkan jadi merenah. Ah, pokona mah sagalana kudu leuwih alus tibatan nu enggeus-enggeus.
foto: http://anisavitri.files.wordpress.com/
Taun 1998 gerakan reformasi ngajungkelkeun presiden nu keur jeneng, Pa Harto. Gerakan nu majar diluluguan ku mahasiswa teh lir galura nu nguwak ngawik tirani nu keur meujeuhna nyemprung ngaberung. Teu mangga pulia, kakawasaan nu sakitu gagah rongkahna, sakitu sakti mandragunana, serah bongkokan. Tanpa sarat.

Kiwari, dalapan taun ti harita, loba nu nanya, naha enya kitu geus aya parobahan? Jawabanana, pasti aya. Ngan lebah leuwih alus atawa leuwih ngacapruk, tetela masih bisa dijadikeun bahan diskusi (kitu cek basa legegna). Dina sababaraha aspek, loba parobahan anu pikeun sawatara pihak dianggap nyugemakeun. Kabebasan berekspresi, upamana. Pan ayeuna mah jelema teu gegebegan teuing mun beda pamanggih jeung pamarentah. Teu jiga baheula (cenah), sanajan kuring teu pati yakin. Sababna? Tingali kasus Munir, nu ayeuna ngabuntut bangkong. Nepi ka kiwari can kanyahoan (atawa ngahaja sangkan teu kanyahoan) saha nu jadi dalangna. Nu ditewak mah biasa we kutukupretna, nu saukur jadi sekrup, eksekutor (pelaksana), nu tangtu leuwih gampang dicerek sabab tangtu moal tangginas jiga ki dalang. Sakadar jadi pelor tina hiji 'mesin perang' anu teuing sagede kumaha jungkerengna. Kasus ieu teh pan taya lian alatan beda pamanggih jeung pamarentah, nepi ka (meureun) dianggap 'ngabahayakeun'.

Hal sejen nu sering dijadikeun alesan yen kabebasan ngalaman kamajuan teh biasana tina mindengna kajadian demo. Tuh cenah, tingali, ayeuna mah rek ngomong naon wae oge teu dikukumaha. Demo..demo..barade? Padahal lamun dilenyepan esensina mah, naha enya kitu nu disebut nagara demokrasi teh bentukna saperti kieu? Demonstrasi taya reureuhna. Sautak saeutik demo. Deui deui demo. Matak lieur nu ngabandungan. Nepi ka aya nu sasangkleng, majar teh demo bisa dijadikeun objek wisata kota. Ck, ck, ck...

Atawa, tuh cenah anggota legislatif oge ayeuna mah teu ngan ukur bisa sare, tapi bisa oge..gelut! Enya, gelut, bukbek, jiga budak parebut kaleci. Euleuh-euleuh, asa kamalinaan nya? Atawa memang kudu kitu ari di nagara demikratis mah? Teuing ah, lieurrr!

Kumaha ari korupsi? Tetela teu jauh beda jeung baheula. Mun rek disebut beda ge, paling-paling lamun ditilik tina 'konsentrasina'. Baheula mah korupsi teh museur di lingkaran elit pusat, pangpangna di lingkungan keluarga istana. Ari ayeuna mah tetela leuwih walatra. Ti pusat nepi ka daerah, paboro-boro ngagarong duit nagara alias duit rahayat, da nagara teh pan dibiayaan ku rahayat. Komo saprak pelaksanaan otonomi daerah mah. Teu sirikna di unggal kabupaten kaungkab kasus korupsi nu rata-rata jumlahna ratusan milyar. Ieu meureun nu dimaksud adil dan merata teh..

Pek ilikan kasus Pa Harto. Nu bareto sakitu dibubujungna teh, jiga nu enya, ari giliran ngajagragkeun ka pangadilan mah loba alesan, jiga nu teu niat ngarengsekeun. Padahal matak naon pek jagragkeun ka pangadilan, ngarah puguh bule hideungna. Mun salah, nya hukum. Mun henteu., bebaskeun, tong diganggayong, karunya. Na ka mana atuh 'kepastian hukum' teh? Keur ka cai meureun! Ieu teh arek atawa moalan?

Aya nu nyebutkeun, mahasiswa teh ngan ukur dijadikeun tukang ngadorong mobil. Ku saha? Duka tah. Ari mobilna geus maju mah ditinggalkeun weh. Nu boga peran ngokolakeun nagara teh behna mah angger we jelema-jelema nu ngabogaan ambisi tur kapentingan pribadi jeung golongan. Idealisme motor reformasi geus disasaak ku lauk buruk milu mijah, nu nutur-nutur leokna angin, asal saluyu jeung kapentingan pribadina tur pangabutuhna kacumponan. Mangga tengetan geura, horeng loba 'pamaen heubeul' di satukangeun layar.

Jadi inget kana komik Mahabharata beunang R. A. Kosasih. Basa Dasamuka digencet di antara dua gunung, tina sungutna kaluar budah-budah angkara murka. Jadi najan sacara fisik Dasamuka atawa Rahwana geus teu walakaya, tapi sirung-sirung 'spirit' angkara murka nyaliara ka mana-mana, manjing dina dedeg pangadeg anu bisa jadi rupa-rupa, teu kudu salilana sarua, gumantung situasi jeung kondisi. Akibatna, rahayat lieur nempo nu garelo engklak-engklakan dina panggung gede nu ngaranna Indonesia. Cek ki Sobat nu ngomongna tara diawer, reformasi teh kakara nepi kana tungtung letah!

Panjalu, 08/07/2006
Aos seratan sagemblengna...


06 Juli 2006

RADIO

Lamun nyebut kecap radio, asosiasi urang pasti kana dua hal. Nu kahiji, pesawat penerima (receiver) frekwensi radio, nu ku kolot-kolot baheula mah ilahar disebut (radio) transistor. Nu kadua, stasiun pemancar gelombang radio atawa radio transmitter alias radio siaran tea. Mun hayang ngadengekeun siaran radio, dua hal tadi kudu aya, sabab mun salah sahiji teu nyampak, tangtu moal nyambung.

foto: http://www.rgbent.com/

Pesawat penerima radio ayeuna geus jadi barang anu bisa dipimilik ku saha bae. Hargana fleksibel, pilihan bentuk jeung kualitasna rupa-rupa. Ti mimiti nu mahal nepi ka nu kacida murahna. Ti mimiti nu canggih nepi ka nu alakadarna. Ti mimiti nu hargana jutaan nepi ka nu ukur pupuluhan rebu perak. Kabeh aya, tinggal milih, tinggal disaluyukeunkeun jeung kamampuh urang. Ti jaman penjajahan nepi ka jaman merdeka, ti jaman tai kotok dilebuan nepi ka jaman komunikasi global, jelema tetep ngadengekeun radio.

Najan sarana hiburan jaman kiwari kacida ngaleuyana, radio tetep teu galideur. Radio tetep ngabogaan segmen anu satia. Waktu televisi muncul, loba nu hariwang radio bakal kasilih tur kasoro hancengan. Tapi kanyataanana teu kitu. Radio tetep jadi media anu mampuh ajeg dina tangtungan. Ku naon pangna bisa kitu?

Aya fungsi-fungsi radio katut kaunggulanana nu teu bisa disisilihan ku media sejen, diantarana:
  1. Radio penerima (receiver) hargana murah, nepi ka saha bae oge ampir bisa dipastikeun ngabogaan radio. Kiwari malahan aya radio nu hargana 20 rebu perak!
  2. Interaksi antara penyiar jeung pendengar atawa pendengar jeung pendengar bisa leuwih intens tur raket, nepi ka sering pendengar sosobatan jeung penyiar. Komo deui antar pendengar jeung pendengar mah, geus lain caritakeuneun. Malah sering kajadian nu manggih jodo gara-gara sering panggih antar pendengar.
  3. Ngadengekeun radio henteu kudu konsentrasi penuh. Hartina masih bisa bari migawe pagawean sejen. Ibu-ibu bisa bari masak, sasapu, atawa bari maca. Bapa-bapa bisa bari neangan nu ngora..eh, bari neangan napakah maksud teh. Barudak bisa bari ngapalkeun jrrd. Nu teu bisa teh iwal ti bari sare tibra. Beda jeung lalajo tipi upamana. Mun lalajo bari keukeureut, aya kamungkinan kakeset, sabab mata malaweung kana tipi.
  4. Radio ngambah ka ruang-ruang pribadi. Tipi mah teu kitu, ku sabab hargana mahal, jadi ilaharna hiji keluarga ngan ukur boga hiji tipi, disimpen di ruang keluarga. Sedengkeun radio, bisa wae tiap anggota keluarga boga, jadi bisa ngadengekeun di kamar sewang-sewangan.
  5. Mobilitas radio kacida fleksibelna. Ieu teh lumangsung ti barang diproduksina radio nu make transistor, nepi ka bentuk sagemblengna oge jadi kacida leutikna lamun dibandingkeun jeung radio tabung. Ku sabab kitu, radio bisa didengekeun di mana wae, dina mobil, di warung, bari jalan-jalan, di pasar, dina angkot, di kamar mandi, jsb.
  6. Energi nu dipake pikeun ngahurungkeun pesawat penerima kacida iritna, jadi teu kudu malulu ngandelkeun listrik. Radio bisa make (batu) batre, nu kapakena bisa mulan malen.
Acara favorit kuring baheula, euweuh deui iwal ti dongeng Sunda. Tapi teu kabeh resep eta ge, dipilihan. Lamun nu ngarang caritana S Sukandar (almarhum), masing saha wae nu jadi juru dongengna, kuring pasti manco ngadengekeun radio. Ieu pangarang buku Sunda teureuh Garut teh kacida tapisna dina nulis carita anu settingna ‘dunia persilatan’ di tatar Pasundan. Lian ti eta, lamun nyaritakeun nu bobogohan, estu nu kacipta ku nu maca atawa ku nu ngadengekeun dongengna teh endahna suasana cinta nu jauh tina unsur-unsur porno. Endah we nu aya.

Komo lamun geus nyaritakeun padungdung atawa gelut cek barudak ayeuna mah, estu matak kataji. Lain saukur nyaritakeun buk bek teu pararuguh, tapi ngaleunjeur metakeun jurus-jurus nu memang aya sumberna. Contona wae ulin Kari jeung ulin Madi. Ieu teh lain sakadar rekaan, tapi memang aya buktina mangrupa jurus jurus silat anu baheula mah diparake keneh. Duka ayeuna mah.

Mun teu kitu, kuring sok ngadengekeun siaran radio luar negeri seksi Indonesia. Dina mangsa berita ti radio ‘dalam negeri disungkeret ku pamarentah, TVRI nyakitu keneh, radio siaran luar negeri (versi basa Indonesia) jadi alternatif. Najan beritana teu dijamin 100% bener, tapi biasana leuwih saimbang sarta sering ngabejakeun berita-berita anu di urang teu meunang diuar-uar. Ongkoh harita mah nu meunang nyieun berita teh ngan RRI jeung TVRI anu tangtu wae nyiarkeun berita-berita ‘versi pamarentah’. Komo geura ari geus lalajo berita ‘gunting pita’ di TVRI, da mani sok ngurel, hayang utah!

Tapi ayeuna jamanna geus robah. Radio siaran swasta dug deg di mana-mana, nepi ka kampung-kampung. Acarana lain ngan ukur hiburan mangrupa lagu atawa dongeng, tapi oge informasi anu leuwih saimbang. Radio dina mangsa kiwari geus jadi bagian tina kahirupan urang sapopoe, teu mandang status sosial. Ti mimiti presiden nepi ka ra’yat biasa saperti kuring ngadengekeun radio. Ti mimiti nu boga mobil nepi ka nu nikreuh taya nu ngalarang. Jeung nu matak hemeng, najan kacida lobana media nu leuwih canggih (upamana wae VCD, TV, internet jsb.), radio tetep dipicinta, dina harti tetep aya nu ngadengekeun. Duka rek nepi ka iraha.

Panjalu, 6 Juli 2006
Aos seratan sagemblengna...


05 Juli 2006

CIKARACAK NINGGANG BATU

Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. Cek nu heureuy: Tai cakcak ninggang huntu, laun-laun mah ....dilebok!

Cikaracak teh cai anu nyakclakan (leutik tangtuna oge, da lamun gede mah ngaranna ngagolontor) boh tina dangdaunan, tatangkalan, atawa tina naon bae anu sipatna alami, teu ngahaja, teu dijieun-jieun. Mun ditengetan kamana ngeclakanana atawa ragragna, biasana kana lebah nu legok. Nu legokna teh bisa taneuh, bisa batu, bisa naon bae. Ke, ke, ke, legok heula atawa nyakclakan heula? Jawabanana: pasti nyakclakan heula, kakara legok, sabab legok nu muncul teh mengrupa hasil gawe si cikaracak ieu. Ku leukeun jeung teu galideur, najan lila jeung butuh kasabaran, tapi teu burung aya hasilna, teu burung legok.

Paribasa nu disebut di luhur teh sabenerna mangrupa pepeling, mun lain filosofi kahirupan urang Sunda ge, ti kolot-kolot urang, karuhun urang, dina enggoning kumelendang di alam dunya. Mun hayang hasil maksud, nya kudu leukeun, wekel, tur sabar, bari jeung angger usaha sangkan naon nu dijalankeun ku urang tetep ajeg (istiqomah), teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan. Sabar dina harti bari tetep usaha satekah polah sangkan naon rupa nu jadi udagan urang bisa laksana. Kitu saur para sepuh, karuhun urang Sunda.

Najan ieu teh mangrupa paribasa Sunda, niley filosofisna sabenerna universal tur lintas budaya, sabab sok sanajan teu dilembagakeun dina wangun paribasa upamana, hal ieu teh bisa dilarapkeun di mana wae, ku saha wae jeung dina komunitas budaya mana wae. Komo deui upama hal ieu kabeneran dilembagakeun dina wangun nu mirip-mirip alias memper-memper. Ieu tangtu beuki ngajentrekeun yen memang filosofi cikaracak oge dipuhit dina budaya seler sejen. Dina basa Jawa upamana, pan aya paribasa 'alon-alon asal kelakon', anu sok sanajan teu nyeples sarua jeung filosofi cikaracak, tapi ngakar tina panginditan anu kurang leuwih sarua.

Nu jadi patalekan, naha sipat-sipat saperti cikaracak ieu teh masih diparake ku urang Sunda? Atawa mun ambahanana hayang leuwih lega, naha hal ieu teh masih diparake ku urang Indonesia? Tangtu kuring teu bisa kitu wae nyebutkeun 'henteu' atawa 'masih'. Leuwih hade, hayu urang tengetan ku sarerea.

Dina budaya nu sing sarwa instan, urang biasana leuwih milih hal-hal praktis tibatan kudu ngadeluk dina proses. Contona wae, urang leuwih milih meuli deungeun sangu ka warung tibatan kudu masak di imah. Alesanana, kadang-kadang biaya nu kudu dikaluarkeun leuwih mahal. Jaba cape deuih jeung olok waktu. Jadi, tibatan masak, mending meuli ti warung. Di imah mah cukup nyangu, kitu ge mun kabeneran teu rariweuh. Gejala saperti kieu teh pangpangna bisa ditengetan di kawasan urban, nu kahirupanana ngaharib-harib kota gede, dina scope anu leuwih heureut. Cek sakaol, ieu teh kapangaruhan ku budaya luar (baca: barat) anu memang mikaresep hal-hal anu sing sarwa praktus tur instan.

Jelema, pagawe, pejabat pemerintah, anggota legislatif, biasana sok teu sabar hayang geura beunghar. Teu cukup ku gajih nu mayeng unggal bulan, maranehna biasana usaha satekah polah sangkan bisa beunghar dina waktu sagancang-gancangna. Carana? Mun geus poekeun ku cara halal, teu saeutik nu ngagunakeun cara-cara sakacamplung, teu ngitung deui urusan halal-haram. Ieu teh taya lian ku lantaran urang geus poho kana filosofi nu sakuduna jadi padoman dina enggoning hirup kumbuh sapopoe. Kiwari beuki loba jelema nu teu sabaran, babari kapangaruhan ku niley-niley nu datang ti jauhna, bari jeung euweuh filter pisan, sok komo deui dijejeran ku dadasar agama anu kuat.

Jigana, mun nempo gejalana saperti kieu mah, moal lila deui oge paribasa cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok teh baris musna, leungit tina khasanah budaya nu dianut ku urang, jati kasilih ku junti. Kasilih ku budaya atawa filosofi sejen nu dianggap leuwih nguntungkeun. atawa dina masih ayana oge, ngan saukur papaes lambe, ngan saukur bisa diucapkeun, tapi keri, garing, leungiteun ruh-na. Persis saperti cikaracak dina harti sajalantrahna anu beuki hese kapanggihna, sabab leuweung tur tatangkalan beak nungtutan ditaluaran.

Panjalu, 5 Juli 2006
Aos seratan sagemblengna...


04 Juli 2006

Ngatur E-mail di Yahoo! Groups


Lamun urang kabeneran rajin miluan mailing list (milis), pasti moal nanya deui naon ari Yahoo! Groups, anu taya lian ti situs nu nyadiakeun layanan milis gratis pangpopulerna dina mangsa kiwari. Sok sanajan loba kacida nu ngagunakeun milis di Yahoo!, tapi saenyana masih keneh rea anu can pati apal kumaha carana ngokolakeun atawa ngatur e-mail di Yahoo! Groups kalayan efektif. Upamana wae, kumaha cara nu gampang tur murah lamun hayang eureun tina milis (unsubscribe)? Kumaha carana sangkan ngan ukur narima email ukur sasiki (tina hiji milis) dina sapoena? Jeung saterusna.

Pikeun ngamangpaatkeun fitur-fitur nu aya dina Yahoo! Groups, cara nu pang idealna tangtu bae ku jalan ngakses langsung situs Yahoo! Groups (http://groups.yahoo.com) ngagunakeun Yahoo! ID nu dibikeun ka urang (carana sarua jeung lamun urang ngecek e-mail di Yahoo!). Tapi lamun hoream ku cara kitu, aya cara sejen nyaeta ku jalan ngamangpaatkeun sababaraha fitur Yahoo! kalawan make email nu urang pikeun ngaturna. Jadi teu kudu muka web Yahoo!, cukup ku ngirim email ti komputer urang. (Mun hayang leuwih irit biasana make Outlook Express atawa email client sejenna). Carana? Gampil pisan. Sok geura urang mimitian.

Sacara prinsip, kabeh milis di Yahoo! Groups ngabogaan rumus alamat e-mail saperti kieu: ngaran_group@yahoogroups.com

Contona: milistata@yahoogroups.com. Milistata teh taya lian ti conto ngaran milis.

Tah, tina rumus dasar ieu, urang bisa ngatur milis mana wae ku cara ngirimkeun email ka alamat milis nu dituju ku urang kalawan make rumus saperti kieu:
  • Eureun tina kaanggotaan: milistata-unsubscribe@yahoogroups.com Contona: milistata-unsubscribe@yahoogroups.com
  • Daptar jadi anggota: milistata-subscribe@yahoogroups.com
  • Digest , nyaeta narima email ti milis sapoe hiji (kabeh email nu asup ka milis dina poe eta geus dikantetkeun dina hiji email nu dikirim ka urang.) Kirim we email ka milistata-digest@yahoogroups.com Ku cara ngamangpaatkeun fitur digest ieu, urang teu kudu muka situs Yahoo! sabab email ti milis bakal dikirim ka urang sapoe sakali dina model 'rangkuman'
  • No Mail: Mun hoream nampaan email ti milis tapi angger masih jadi anggota, kirim e-mail kosong ka milistata-nomail@yahoogroups.com
  • Normal deui: Mun urang geus milih opsi Digest atawa No Mail, terus hayang balik deui kana pilihan normal (unggal pesen/email nu asup langsung dikirim kana email urang), tinggal kirim e-mail kosong ka milistata-normal@yahoogroups.com.
  • Ngahubungi moderator: Mun urang rek ngahubungi moderator milis tapi teu apal alamat e-mailna, kirim wae ka milistata-owner@yahoogroups.com
Naha emailna kudu dieusian saperti lamun urang ngirim email ka babaturan? Ah teu kudu. Nu penting mah alamat email nu ngirim alamat email urang) jeung alamat email nu dituju (upamana milistata-digest@yahoogroups.com). Malah subject atawa judul email oge teu kudu dieusian, sabab email urang teh engkena baris diproses sacara otomatis ku sistem Yahoo! Groups. Kecuali lamun rek ngahubungi moderator (milistata-owner@yahoogroups.com), nya eta mah pasti kudu make tulisan. Ari geus rek naon atuh make jeung ngahubungi moderator sagala ari euweuh nu rek diomongkeun mah?

Ngan kade, lamun rek ngatur atawa ngokolakeun milis ku cara saperti kieu, email nu dipake ngirim kudu sarua jeung email nu dipake narima email ti milis. Lamun urang biasa narima email ti milis ngagunakeun alamat atata@taeun.com upamana, nya alamat email ieu oge anu kudu dipake ngirim email pikeun ngatur-ngatur milis saperti anu ditataan di luhur.

Sakitu tah. Gampil pan? Teu kudu lieur-lieur, jeung nu penting murah meriah! Wilujeng NGIRIT!
Aos seratan sagemblengna...