Antosan sakedap...

11 Juli 2009

Elmu Hirup

Hirup mah kudu pinter ngigelanana. Kitu cenah cek kolot oge. Lain hartina kudu engklak-engklakan jiga nu gelo, tapi maksudna kudu bisa nyanghareupan kaayaan anu kumaha wae. Mun manggih kasusah atawa kasedih, tarimakeun ku kasadrahan bari jeung tetep usaha sangkan urang bisa ngungkulanana. Atuh dina manggihna kabungah, ulah kaleuleuwihi deuih. Tarimakeun ku rasa sukur sangkan eta kabungah teh mangpaat tur maslahat pikeun diri urang. Ulah poho deuih yen kabungah teh papasanganana jeung kasusah. Pan cek filosofi si Kabayan oge, hirup teh heuheuy jeung deudeuh. Hartina mun urang keur manggih kabungah, kudu siap-siap nandangan kasusah. Kitu oge sabalikna, mun keur manggih kasusah, ulah popohoan sedih, sabab hiji waktu mah pasti bakal manggih kabungah.

Kabungah jeung kasedih, eta teh bungbu atawa samarana hirup. Duanana oge perlu sangkan hirup karasa ni'mat. Dina analogi nu basajan, karasa ni'matna boga duit teh ku sabab kungsi ngalaman teu boga duit. Ni'matna seubeuh teh ku sabab kungsi ngalaman lapar. Jelema anu tadina miskin, bakal ngarasa ni'mat dimana ngalaman jadi jalma beunghar. Beda jeung nu beunghar saendeng-endeng, pasti eta kabeungharan teh moal pati karasa ni'mat sabab euweuh jang ngabandingkeun. Manehna teu nyaho kumaha rasana jadi jelema miskin. Nu matak, pan aya geuning reality show dina tipi nu ngahajakeun ngajak tutukeuran 'nasib' jero sababaraha poe. Nu beunghar sina cicing di imah nu miskin, bari sina ngalakonan pagawean sapopoe jelem miskin tea. Nu miskin sina cicing di imah nu beunghar. Eta teh enas-enasna mah gambaran sangkan urang bisa ngarasakeun kani'matan hirup. Ku cara kitu, urang bisa ngeunteung tur napakuran diri, ulah nepi ka ngaleuleungit kana sagala ni'mat nu geus karandapan ku urang.

Jadi, naon atuh sabenerna nu diteangan ku urang enggoning kumelendang di alam pawenangan teh? Euweuh deui iwal ti kani'matan hirup tea. Ngan ku sabab tadi oge geus disebutkeun yen kani'matan teh diwangun ku dua hal anu patojaiah (susah jeung bungah, miskin jeung beunghar, boga duit jeung teu boga duit, jst.), omat ulah ngarep-ngarep hirup teh bakal lempeng tur mulus salalawasna. Udagan pikeun ngahontal kahirupan anu leuwih mulya kudu dibarengan ku kasiapan urang pikeun nyanghareupan rupa-rupa masalah anu daek teu daek pasti bakal kasorang. Di mana urang geus hasil ngungkulan masalah, nya di dinya pisan bakal kapanggihna kani'matan nu jadi udagan teh. Lir ibarat jelema nu hanaang tas olah raga upamana, terus nginum. Pan karasa pisan ni'matna cai nu diinum teh, sanajan ngan saukur cai herang. Beda jeung lamun dibere sirop tapi beuteung geus pinuh ku cai, tangtu kalahka hayang utah, jajauheun kana ni'mat najan dipaksakeun oge.

Tapi nyakitu, dina emprona mah urang mindeng teu sadar yen kani'matan hirup nu jadi udagan teh gumantung kana sikep urang dina ngigelanana. Urang mindeng poho pikeun sukuran kana naon-naon anu geus kapimilik ku urang. Nu aya teh ngan ngarasula, ngarasa teu cukup, ngarasa sagala kurang wae. Nu beunghar hayang beuki beunghar. Wakil direktur hayang jadi direktur. Wakil presiden, hayang jadi presiden. Lain teu meunang boga cita-cita hayang ngahontal nu leuwih luhur, ngan nu tadi tea, kudu dibarengan ku kasadaran yen urang oge kudu sukuran kana saniskara kani'matan nu geus karandapan, sangkan dina teu kahontalna urang moal ngarasa hanjelu.

Nu matak heran, kiwari loba ra'yat nu hayang jadi wakil ra'yat, bari dina teu jadina aya nu nepi ka kagegeloanana pisan. Pan ari wakil jeung nu diwakilanana teh darajatna luhur keneh nu diwakilanana, lain? Ra'yat darajatna leuwih luhur tibatan wakil ra'yat. Ari ieu bet gelo gara-gara hayang jadi wakil!

Lieur pan?
Aos seratan sagemblengna...