Antosan sakedap...

14 Mei 2016

INDIT: CARPON ANTON CHEKOV

Beres ngawadang. Beuteung karasa ni'mat, sungut merelek heuay, panon mimiti cieut. Salakina udud surutu, kuliat, tuluy ngagelehe dina bale. Pamajikanana diuk dina siraheunana, bari hahariringan... Duanana ngarasa bagja.

"Cing ngobrol atuh lah...," ceuk salakina bari heuay.

"Ngobrol naon nya? Oh enya! Akang geus apal acan? Sofie Okurkova kawin ka si eta...saha teh nya ngaranna...si Von Tramb! Nyaan eta mah skandal!"

"Skandal nanahaon?"

"Si Tramb mah pan euwah-euwah? Bocokok... jelema euweuh kaera! Teu boga prinsip pisan! Jelema gelo! Manehna teh tadina pengawas tanah graaf, ngan nyakitu, sok cocorokot; ayeuna jadi pagawe kareta api, eh di dinya ngadon korupsi. Dulurna nu awewe dirampog... Pokona mah: bocokok jeung bangsat. Kawin ka jelema jiga kitu?! Hirup jeung si eta?! Matak helok! Padahal mah awewena teh bageur pisan... tapi, nya kitu tea! Mun abdi mah, teu sudi abrig-abrigan kudu kawin ka jelema jiga kitu! Kajeun manehna miliarder! Kajeun kasep ngalempereng koneng, diciduhan lah ku abdi mah! Ngimpi ge diangir mandi kudu kawin ka bocokok!"

Pamajikanana luncat tina bale, tuluy lajag-lejeg di jero kamar semu nu ambek, beungeutna euceuy. Matana hurung pinuh ku amarah...Nyaan ambekna teh terus kana hate.

"Si Tramb teh mangkeluk edan. Bodo katotoloyoh tah awewe nu daek ka lalaki jiga kitu!"

"Kitu nya... Jadi Nyai pasti moal daek kawin ka manehna... Euh... tapi kumaha lamun, upamana, ayeuna Nyai apal yen Akang oge.. bocokok?... Cing rek kumaha tah?"

"Abdi? Abdi pasti ninggalkeun Akang! Tong miharep abdi daek saimah jeung Akang! Abdi mah ngan bisa mikanyaah jelema jujur! Mun Akang kanyahoan korupsi, najan ukur sapersaratus tina nu dilakukeun ku si Tramb, abdi...pasti langsung ngucapkeun pileuleuyan."

"Kitu... Hm... Kacida Nyai mah.. Nyaan Akang karek apal.. He-he-he.. Ah, Nyai bohong nya? Tapi bisa wae beungeut Nyai teu bareureum!"

"Abdi mah tara ngabohong! Pek we cobaan, mun Akang nyiar-nyiar piambekeun abdi mah tingalikeun we!"

"Nanaonan make jeung nyobaan sagala? Pan Nyai ge apal... Akang teh teu leuwih beresih tibatan si Von Tramb..! Manehna mah teu satai kuku-kuku acan dibanding Akang. Naha make molotot? Asa aneh. (Eureun sakeudeung). Cing sabaraha ari gajih Akang?"

"Tilu puluh juta sataun."

"Ari harga kongkorong pamere Akang minggu tukang sabaraha? Dua puluh juta.. enya, pan? Baju nu kamari lima juta.. Bungalo dua puluh juta... He-he-he.. kamari Bapa Nyai ngurihit menta duit sapuluh juta ti Akang..."

"Tapi pan aya ti sisi ti gigir, Kang Pierre..."

"Kuda.. Dokter keluarga.. Rekening modiste. Tilu poe ka tukang Nyai eleh maen sajuta.."

Salakina cengkat meueusan, ngaganjel sirahna ku peureup, tuluy ngagalantangkeun surat tuduhan. Geus kitu manehna ngadeukeutan meja tulis bari nembongkeun sababaraha bukti barang ka pamajikanana...

"Tah ayeuna mah kasaksen ku sorangan, Von Tramb mah euweuh nanaonna, saukur copet dibandingkeun jeung Akang mah...Pileuleuyan! Jung geura incah, jeung tong deui-deui nyawad!"

Kuring mah nepi ka dieu bae. Bisi nu maca nanya:

"Ari pamajikanana tulus ninggalkan salakina?"

Tulus, manehna indit... ka kamar. ***

Tarjamah bebas tina carpon PERGI (Anton Chekov) kana basa Sunda

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


08 Mei 2016

MAHLUK 'MEDIA' SOSIAL

Manusa teh mahluk sosial. Kitu ceuk nu palinter. Kade lain mahluk media sosial, sabab hartina jauh tanah ka langit.

Mahluk sosial mah hartina kurang leuwih mahluk nu teu bisa hirup sosoranganan. Mahluk nu pasti aya butuhna ku batur, najan sakumaha beungharna, sakumaha pinterna. Sabab teu sakabeh pangabutuhna bisa dicumponan ku sorangan. Nu beunghar oge pan hayang sangu mah tara melak pare sorangan, panen ku sorangan. Angger we meuli beas, diasakan ku lanjang.
gambar: etinkerbell.wordpress.com

Ari mahluk media sosial? Eta mah mahluk nu kacanduan ku media sosial. Nu ateul mun leungeunna teu ngoprek hape, teu muka facebook, teu BBM-an, jrrd. Tah nu kieu mah malahan condongna jadi mahluk antisosial.

Nu matak hariwang, dina kahirupan sapopoe urang mindeng poho yen urang teh mahluk sosial. Mahluk nu pasti butuh ku batur.

Mun masih keneh butuh ku batur tangtu urang oge kudu ngaragangan batur. Ngahargaan hak-hak batur. Nya ieu pisan anu loba kapopohokeun teh. Poho yen urang loba kabutuh nu ngan bisa dicumponan ku batur.

Matak beuki loba jelema anu teu ngaragangan batur. Upamana motor knalpotna dibobok nepi ka sorana ngagandengan batur. Tong boro nu keur nyeri huntu, nu sehat wal afiat oge asana teh sok hayang nyabok da mun ngadenge sora motor nu gandeng teh.

Ah, eta mah budak meureun. Enya, hartina teu dipapatahan kun kolotna. Ih, dipapatahan ngan budakna wangkelang. Naha atuh jadi kolot teh nepi ka teu didenge ku budak? Pasti aya nu salah. Bisa wae budak teh ngalawan ku sabab kolotna oge euweuh picontoeunana.

Conto sejenna, mun keur ngariung, cik atuh tong ngagugulung wae henpon. Pan ayeuna nu ngarariung teh siga nu parireu, euweuh nu ngobrol. Saribuk sorangan, sabab ngan ragana wungkul nu ngariung teh, lelembutanana mah teuing di mana, keur ngobrol jeung nu jauhna.

Beuki dieu, etika siliragangan minangka aplikasi sikep mahluk sosial teh beuki luntur. Geus hese nyusudna mun rek neangan asal muasalna. Nu leuwih penting, daek teu daek, urang kudu satekah polah ngungkulan masalahna.

Carana? Teu hese mun niat mah, introspeksi, terus hadean kakuranganana. Mimitian ti diri sorangan, sabab moal bisa ngarobah batur mun ngarobah diri sorangan wae teu bisa.

Hayu ah, urang babarengan ngamimitian. Bisi katutuluyan jadi mahluk media sosial. Jadi mahluk antisosial. Paralun!

08052016

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...