Antosan sakedap...

14 Mei 2016

INDIT: CARPON ANTON CHEKOV

Beres ngawadang. Beuteung karasa ni'mat, sungut merelek heuay, panon mimiti cieut. Salakina udud surutu, kuliat, tuluy ngagelehe dina bale. Pamajikanana diuk dina siraheunana, bari hahariringan... Duanana ngarasa bagja.

"Cing ngobrol atuh lah...," ceuk salakina bari heuay.

"Ngobrol naon nya? Oh enya! Akang geus apal acan? Sofie Okurkova kawin ka si eta...saha teh nya ngaranna...si Von Tramb! Nyaan eta mah skandal!"

"Skandal nanahaon?"

"Si Tramb mah pan euwah-euwah? Bocokok... jelema euweuh kaera! Teu boga prinsip pisan! Jelema gelo! Manehna teh tadina pengawas tanah graaf, ngan nyakitu, sok cocorokot; ayeuna jadi pagawe kareta api, eh di dinya ngadon korupsi. Dulurna nu awewe dirampog... Pokona mah: bocokok jeung bangsat. Kawin ka jelema jiga kitu?! Hirup jeung si eta?! Matak helok! Padahal mah awewena teh bageur pisan... tapi, nya kitu tea! Mun abdi mah, teu sudi abrig-abrigan kudu kawin ka jelema jiga kitu! Kajeun manehna miliarder! Kajeun kasep ngalempereng koneng, diciduhan lah ku abdi mah! Ngimpi ge diangir mandi kudu kawin ka bocokok!"

Pamajikanana luncat tina bale, tuluy lajag-lejeg di jero kamar semu nu ambek, beungeutna euceuy. Matana hurung pinuh ku amarah...Nyaan ambekna teh terus kana hate.

"Si Tramb teh mangkeluk edan. Bodo katotoloyoh tah awewe nu daek ka lalaki jiga kitu!"

"Kitu nya... Jadi Nyai pasti moal daek kawin ka manehna... Euh... tapi kumaha lamun, upamana, ayeuna Nyai apal yen Akang oge.. bocokok?... Cing rek kumaha tah?"

"Abdi? Abdi pasti ninggalkeun Akang! Tong miharep abdi daek saimah jeung Akang! Abdi mah ngan bisa mikanyaah jelema jujur! Mun Akang kanyahoan korupsi, najan ukur sapersaratus tina nu dilakukeun ku si Tramb, abdi...pasti langsung ngucapkeun pileuleuyan."

"Kitu... Hm... Kacida Nyai mah.. Nyaan Akang karek apal.. He-he-he.. Ah, Nyai bohong nya? Tapi bisa wae beungeut Nyai teu bareureum!"

"Abdi mah tara ngabohong! Pek we cobaan, mun Akang nyiar-nyiar piambekeun abdi mah tingalikeun we!"

"Nanaonan make jeung nyobaan sagala? Pan Nyai ge apal... Akang teh teu leuwih beresih tibatan si Von Tramb..! Manehna mah teu satai kuku-kuku acan dibanding Akang. Naha make molotot? Asa aneh. (Eureun sakeudeung). Cing sabaraha ari gajih Akang?"

"Tilu puluh juta sataun."

"Ari harga kongkorong pamere Akang minggu tukang sabaraha? Dua puluh juta.. enya, pan? Baju nu kamari lima juta.. Bungalo dua puluh juta... He-he-he.. kamari Bapa Nyai ngurihit menta duit sapuluh juta ti Akang..."

"Tapi pan aya ti sisi ti gigir, Kang Pierre..."

"Kuda.. Dokter keluarga.. Rekening modiste. Tilu poe ka tukang Nyai eleh maen sajuta.."

Salakina cengkat meueusan, ngaganjel sirahna ku peureup, tuluy ngagalantangkeun surat tuduhan. Geus kitu manehna ngadeukeutan meja tulis bari nembongkeun sababaraha bukti barang ka pamajikanana...

"Tah ayeuna mah kasaksen ku sorangan, Von Tramb mah euweuh nanaonna, saukur copet dibandingkeun jeung Akang mah...Pileuleuyan! Jung geura incah, jeung tong deui-deui nyawad!"

Kuring mah nepi ka dieu bae. Bisi nu maca nanya:

"Ari pamajikanana tulus ninggalkan salakina?"

Tulus, manehna indit... ka kamar. ***

Tarjamah bebas tina carpon PERGI (Anton Chekov) kana basa Sunda

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


08 Mei 2016

MAHLUK 'MEDIA' SOSIAL

Manusa teh mahluk sosial. Kitu ceuk nu palinter. Kade lain mahluk media sosial, sabab hartina jauh tanah ka langit.

Mahluk sosial mah hartina kurang leuwih mahluk nu teu bisa hirup sosoranganan. Mahluk nu pasti aya butuhna ku batur, najan sakumaha beungharna, sakumaha pinterna. Sabab teu sakabeh pangabutuhna bisa dicumponan ku sorangan. Nu beunghar oge pan hayang sangu mah tara melak pare sorangan, panen ku sorangan. Angger we meuli beas, diasakan ku lanjang.
gambar: etinkerbell.wordpress.com

Ari mahluk media sosial? Eta mah mahluk nu kacanduan ku media sosial. Nu ateul mun leungeunna teu ngoprek hape, teu muka facebook, teu BBM-an, jrrd. Tah nu kieu mah malahan condongna jadi mahluk antisosial.

Nu matak hariwang, dina kahirupan sapopoe urang mindeng poho yen urang teh mahluk sosial. Mahluk nu pasti butuh ku batur.

Mun masih keneh butuh ku batur tangtu urang oge kudu ngaragangan batur. Ngahargaan hak-hak batur. Nya ieu pisan anu loba kapopohokeun teh. Poho yen urang loba kabutuh nu ngan bisa dicumponan ku batur.

Matak beuki loba jelema anu teu ngaragangan batur. Upamana motor knalpotna dibobok nepi ka sorana ngagandengan batur. Tong boro nu keur nyeri huntu, nu sehat wal afiat oge asana teh sok hayang nyabok da mun ngadenge sora motor nu gandeng teh.

Ah, eta mah budak meureun. Enya, hartina teu dipapatahan kun kolotna. Ih, dipapatahan ngan budakna wangkelang. Naha atuh jadi kolot teh nepi ka teu didenge ku budak? Pasti aya nu salah. Bisa wae budak teh ngalawan ku sabab kolotna oge euweuh picontoeunana.

Conto sejenna, mun keur ngariung, cik atuh tong ngagugulung wae henpon. Pan ayeuna nu ngarariung teh siga nu parireu, euweuh nu ngobrol. Saribuk sorangan, sabab ngan ragana wungkul nu ngariung teh, lelembutanana mah teuing di mana, keur ngobrol jeung nu jauhna.

Beuki dieu, etika siliragangan minangka aplikasi sikep mahluk sosial teh beuki luntur. Geus hese nyusudna mun rek neangan asal muasalna. Nu leuwih penting, daek teu daek, urang kudu satekah polah ngungkulan masalahna.

Carana? Teu hese mun niat mah, introspeksi, terus hadean kakuranganana. Mimitian ti diri sorangan, sabab moal bisa ngarobah batur mun ngarobah diri sorangan wae teu bisa.

Hayu ah, urang babarengan ngamimitian. Bisi katutuluyan jadi mahluk media sosial. Jadi mahluk antisosial. Paralun!

08052016

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


27 April 2016

EBOOK CARPON MISTERI

Sabenerna mah leuwih cocog lamun disebut carpon pikasieuneun sabab ampir kabeh caritana ngeunaan jurig, ririwa, jeung anu samodel kitu. Ti baheula tug nepi ka kiwari, carita model kieu teu weleh dipikaresep.

Lain ngan ukur di urang, tapi di mana-mana, di sakuliah dunya. Hanjakal carita ngeunaan jurig jeung sajabana dina wangun ebook basa Sunda can pernah aya.

Ku kituna, susuganan, ebook ieu jadi pamikat pikeun saha bae sangkan mitembeyan ngadokumentasikeun carita-carita basa Sunda dina format ebook/digital. Ku cara kieu, mudah-mudahan tulisan-tulisan dina basa Sunda bisa dibaca nepi ka jaga.

Nyanggakeun, hatur lumayan, eusina aya 69 carpon meunang ngumpulkeun, minangka ngeuyeub-ngeuyeub ebook basa Sunda anu masih keneh samporet. Hak cipta aya di masing-masing pangarang, kuring mah ngan sakadar ngumpulkeun.

Wilujeng maca.

Ebook tiasa diundeur di dieu (pdf) atanapi di dieu (exe).



SundaBlog - Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


14 Oktober 2013

BEDA GELOMBANG

Ngeunahna nyetel radio teh laguna dipangmilihankeun. Teu kudu cape milihan sorangan. Komo lamun kabeneran penyiarna bisaan milihan lagu nu sarua jeung karesep urang. Pedo lah pokona mah.

Kumaha mun laguna teu resep? Gampang, kari pindahkeun gelombangna. alian frekuensina. Pan ayeuna mah loba piliheun. Teu jiga baheula, radio ngan ukur hiji dua. Mun geus manggih nu cocog jeung lelembutan, tinggal ngadengekeun. Raos pisaaan...
Tapi ari ngadengekeun obrolan jelema mah teu bisa sakahayang. Naon nu kadenge nya wayahna, resep teu resep, kudu didengekeun. Komo lamun pareng nu ngobrol teh dina angkutan umum. Rupa-rupa pisan, jeung teu bisa dipindah-pindah jiga radio.

Sawatara waktu ka tukang ngalaman kajadian nu matak pikaseurieun tapi oge pikasediheun. Keur jongjon diuk dina angkutan bari nyerangkeun jalan tina jandela mobil, aya panumpang naek. Awewe ngora keneh mamawa budak leutik keneh, kitu lah umur 5 taunan.

"Sini duduknya dipangku sama mamah, sayang. Tuh kesian banyak yang naek," Kadenge indungna nyarita ka budakna. Euh, Indonesia Raya deui wae, jero pikir. Geus biasa ayeuna mah nu kitu teh. Urang Sunda pituin, kawin ka urang Sunda deui, cicing di wewengkon Pasundan, ari budak diajak nyarita basa Indonesia. Tapi boa lain urang Sunda ketang.

"Da abina embung atuh Mamaaah, cangkeueul..." cek budak nembal. Haar, geuning budakna mah bisaeun Sunda? Naha atuh indungna make jeung ngomong basa Indonesia sagala?

Sugan teh geus ditembalan ku basa Sunda mah indungna rek pindah gelombang jadi make basa Sunda. Henteu geuning. Da kadenge ngomong deui, "Ih, nggak boleh gitu Dede, kalau nakal entar nggak jadi dikasih hadiah sama Papah lho...". Ngolo ti dituna mah. Budak tungtungna leah, daek dipangku, najan bari rada rewel nembalan. Angger deuih budakna mah make basa Sunda.

Sare lila-lila mah budak teh jigana, da terus cicing. Kuring anteng deui nempo jalan tina kaca jandela. Sajeroning kitu, pikiran mah keukeuh teu ngarti ku beuki loba kolot nu jiga embung budakna bisa basa Sunda. Da padahal mah teu kudu ngahajakeun ngajar basa Sunda ka budak atuh. Cukup ku kaiklasan ngajak nyarita ku basa Sunda ka budak, geus pirang-pirang munel dina enggoning ngamumule basa warisan karuhun.

Ujug-ujug kadenge budak teh nyarita ka indungna. "Mamah, ari si Bapana aya di bumi engke teh?" Geus nyaring meureun.

"Iya sayang, kita nanti dijemput Papah di super market deket rumah..." Ku keukeuh nya eta indungna mamalayuan, sakitu budakna nyunda pisan teh. Atawa... indungna mah lain urang Sunda kitu? Tapi geuning eta ngartieun budakna nyarita basa Sunda? Jadi panasaran...

Lahlahan, rek ditanya ku basa Sunda ah indungna. "Punten Teh, dupi Teteh kawit ti mana?"

"Abdi? Ti palih dinya, caket, mung ieu ngajajapkeun pun anak ka Bandung, hoyong pendak sareng bapana cenah..."

Hih, urang Sunda geuning. Jadi naon maksudna atuh ngobrol jeung budak make jeung beda gelombang sagala? Era kitu ngomong ku basa Sunda, era jadi urang Sunda?

Duh....



SundaBlog - Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


13 Juni 2013

TOHA PAHLAWAN BANDUNG SELATAN

Pangjajap: Kagebah ku tilarna pejabat nu dmakamkeun di Taman Makam Pahlawan anyar-anyar ieu, ras inget ka Mohamad Toha nu nepi ka kiwari teu diangken pahlawan nasional. Ieu mah saukur bahan tapakur jeung kontemplasi pribadi, kaleresan mendak seratan ngeunaan Mohamad Toha, sanggeus diropea saperluna tina seratan Drs.Asep Idjuddin. Nyanggakeun. (Tata Danamihardja)


Urang Bandung pada arapal yen terminal Kebon Kalapa, mun teu salah awal taun 70-an dingaranan terminal Mohammad Toha. Kadieunakeun diganti jadi terminal Abdul Muis. Jalan nu ti jalan Pungkur nepi ka Bypass Soekarno-Hatta disebut jalan Mohammad Toha. Aya oge pasar tukangeun ITC Kebon Kalapa nu ngaranna pasar Mohamad Toha. Malah aya SD ngarana SD Mohammad Toha. Saha atuh Mohammad Toha teh? Rada hese neangan jalma nu apal kana raratanana, galur bajuangna, komo kana riwayat hirupna Mohammad Toha. Ukur tatalepa tina cenah kana cenah nu jolna ti kolot, nu kungsi milu jadi pajuang angkatan 45. Nya diantara nu rada apal teh Mang Didi, nu sok disarebut Abah, hiji kolot nu legok tapak genteng kadek tur lega ambahan pangalamanana, malah kungsi jadi pajuang 45, milu ngarebut kamerdekaan Indonesia.

Anjeunna ngalaman perang jeung tentara Inggris Ghurka, tentara Jepang, tentara Walanda KNIL., malah jeung tentara Walanda APRA (Angkatan Perang Ratu Adil) pingpinan Kapten Westerling sagala. Sakur bangsa deungeun nu hayang ngajajah Indonesia, kaasup nu daratang ka dayeuh Bandung, dilalawan ku organisasi-organisasi pamuda pajuang, kaasup BKR (Badan Keamanan Rakyat, nu engkena jadi TNI). Basa diseleksek ngeunaan perjuangan Mohammad Toha, derekdek Abah Didi ngadongeng. Inget-inget poho, pokna, kieu cenah:

Di hiji gedong di jalan Tamblong, nu ayeuna dijieun museum Mandala Wangsit Siliwangi, mun teu salah harita antara taun 1945-1946, dipake markas tentara Walanda. Maranehna mutuskeun dina hiji rapat komando, yen Bandung Selatan, kudu diratakeun jeung taneuh. Tegesna diancurkeun. Boh ku tentara udara atawa ku tentara darat Walanda. Sababna, aya saurang tentara Walanda nu ditembak di Ciateul. Hasil gawe panalungtikan PID (Intel) tantara Walanda, kapanggih nu nembak na teh, salahsahiji organisasi pejuang ti Bandung Kidul (Selatan).

Nya ditangtukeun, poe Jumaah, bakal diayakeun serangan gede, rek ngancurkeun Bandung Kidul (Dayeuhkolot, Majalaya, Ciparay, Banjaran, Soreang, jeung Ciwidey), sabab cenah di daerah-daerah eta loba dipake panyumputan para pejuang kamerdekaan. Malah aya tentara pajuang wanoja nu disebut LASWI (Laskar Wanita Indonesia) nu markas pusatna di Ciparay. Ayeuna Laswi teh dipake ngaran jalan antara parapatan Talagabodas jeung jalan Ahmad Yani. Mapay we eta mah ti mimiti bunderan jalan Elang nepi ka jalan Ahmad Yani. Aya oge jalan Peta (Pembela Tanah Air), jalan BKR, jeung jalan Pelajar Pejuang.

Harita Walanda boga gudang senjata nu sok disebut gedong peteng. Pernahna di Dayeuhkolot, sisi jalan ka Bandung, persis sisi kaler Citarum. Sagala bedil jeung mesiu diteundeun di dinya. Ti mimiti pestol, sten, bren, granat, mitraliur, kanon, nepi ka bom, aya di eta gudang senjata. Ceuk beja bom nu diteundeun di gudang senjata Dayeuhkolot teh, lobana nepi ka 8 megaton. Ku kakuatan bom satengah megaton ge bisa ngancurkeun hiji kota jaman harita.


Najan ukur tina harewos, nu asalna ti jongos (pelayan) tukang masak di markas Walanda, kanyahoan yen nyerang Bandung Kidul teh rek make senjata jeung mesiu nu aya di gudang senjata Dayeuhkolot. Ieu beja intelejen teh beunang ku juru sandi pasukan BKR, parat ka BBRI (Barisan Banteng Republik Indonesia), nu dipingpin ku Letnan Mohammad Toha. Najan umur Toha karek salapan welas taun, tapi ku gedena kawani, jeung geus meunangkeun 10 bedil Walanda, tina sabab strategi nyerang nu tepat, manehna dipiserab, dihormat jeung diajenan ku babaturan jeung anakbuahna. Pasukan BBRI teh boga sapuluh regu. Salahsahijina aya nu disebut regu "istimewa", nu dipingpin ku Mohammad Ramdan. Antara Toha jeung Ramdan aya hubungan sosobatan nu dalit naker, beunang disebutkeun sobat kentel. Ramdan mah urang Ciparay, imah kolotna di tukangeun pasar Ciparay ayeuna, cenah. Sanajan duanana papada dipiserab, ari pangawakanana mah beda. Toha mah jangkung, rada begang, ngalampanyat (semampai), kasep, pakulitan koneng, teuteup panonna seukeut, jeung tara loba omong. Ramdan mah sabalikna, pendek dedepe ngeusi, sok daek heureuy. Pakulitan hideung santen.

Beja sejen nu katarima ku BBRI, horeng nu maehan tentara Walanda teh salahsaurang anggota Laswi. Meureun Walanda nu keur jaga, iseng, ngaheureuyan awewe nu dagang gorengan. Padahal eta teh anggota laskar wanita nu keur nyamar, nu boga tugas malingan bedil. Da eta ge tentara Walanda nu paeh teh bedilna leungit. Toha jeung Ramdan ge sok nyamar jadi tukang cendol atawa jadi musapir (tukang jajaluk), dimana tentara Walanda bongoh, sok dicokot bedilna atawa pelorna. Naon we nu kaburu. Ngan tara daekeun nyokot barang sejenna, iwal ti pelor jeung bedil. Kalakuan kitu teh kudu boga kawani nu gede, sabab mun kapanggih pasti disiksa nepi ka dipaehan.

Beres salat lohor di tajug nu aya di Manggahang, Toha ngaharewos ka Ramdan, "Dan," pokna."Jumaah pageto, wanci subuh, munding bule rek ngamuk. Cenah kakuatanana sabatalion, infantri. Didukung ku opat pesawat. Dua rek nerjunkeun pasukan baret hejo, nu dua deui rek ngabom. Nu jadi sasaran utama, nu dianggap daerah kantong di Bandung kidul. Bisa Ciparay, Soreang, atawa Majalaya"

"Amunisi mah angger ti gedong peteng (gudang senjata) Dayeuhkolot? Moal nu ti Cikoneng?" Tanya Ramdan.

"Enya, jadi taya deui jalan, rencana 1 kudu dilaksanakeun," tembal Toha.

"Aeh, enya, ari Oha enggeus nepungan aki teh?" Ramdan nanya.

"Pan poe Minggu kamari, kuring karek balik ti Garut, tepung tur sosonoan, jeung sarerea. Ema, adi, paman, aki, nini, malah kungsi dipotret heula di toko potret si Asiong, nu deukeut statsion tea. Tuluy kana kareta api nepi ka Kadungora, ti dinya leumpang make jalan Cijapati. Nepi ka Majalaya tabuh opat sore."

"Cenah, adi Oha rek kawin? Lebar euy heug geulis, dicokot batur," Ramdan heureuy.

"Kunaon nya bet embungeun ka kuring?" Ceuk Ramdan deui. Toha ukur imut, teu ngajawab.

"Barudak mah dibejaanana engke we dina waktuna nya?" Ceuk Ramdan. Maksudna anggota reguna moal waka dibejaan rencana Ramdan jeung Toha. Bisi rasiah kaburu bocor.

"Enya, kitu we," tembal Toha pondok. Sanggeus duanana garanti baju, make calana pondok, nyorendang samping, mawa jeujeur, duanana ngadigleu laleumpang ka Citarum, rek nguseup. Barang nepi ge, lung useup teh dialungkeun kana cai. Tapi anehna teu tuluy nagog, ngadagoan disanggut. Lalaunan duanana leumpang ka hilirkeun, nyenyekel jeujeur, nuturkeun useup nu dibawa palid ku cai walungan Citarum. Horeng nu tembong beungeut cai na ngeuyeumbeu tenang teh, di jerona mah nyedot tarik.

Barang nepi ka hiji tempat, Toha eureun, gog nagog, kawas nu keur nguseup we. Diturutan ku Ramdan. Bari panonna nempo kana beungeut cai, Toha ngomong ngagereyem, "Tuh, Dan. Eta hong caina." Cenah nuduhkeun ku gado.

"Euh enya," Ramdan ngajawab pondok.

"Tuh nu di juru tembok, eta munara lampu. Handapeun lampu nu nyorot, aya bedil mesin." Ceuk Toha deui.

"Eta nu dituruban deklit?" Tembal Ramdan.

"Enya. Kabehna aya 3 munara lampu. Yu ah..." Toha ngajak Ramdan mapay walungan balik deui ka girang. Sabab katempo, dina luhur tembok gedong peteng, aya nu ngajuringkang. Meureun tentara Walanda nu keur tugas jaga. Nepi ka lebah sasak beusi, duanana haranjat. Tuluy ngagaredig mapay susukan leutik jeung galengan sawah, ka lembur Manggahang deui. Ngahaja teu mapay jalan, bisi aya nu nyuriga.

Sadatangna ka tajug nu tadi, lung miceun jeujeur ka kolong, top nyarokot ransel butut, leos we arindit ka Cangkringkeun. Dur magrib nyarimpang ka Ciheulang. Beres salat Isya, asup ka imah Undang, salahsahiji anggota regu Ramdan nu kacida dipercaya jeung diandelkeun. Tiluan baradami di jero kamar, ting harewos, dicaangan ku lantera. Toha meberkeun keretas, tuluy nyokot patlot gede, beureum bulao, paranti tukang bas ngagurat papan. Walungan Citarum jeung wangunan gedongpeteng tea digambar. Set set ngaguratkeun tanda panah. Ting harewos, papelong-pelong. Jep taya sora. Lantera dibawa ka tengah imah. Toha ngagoler dina samak, sirahna diganjel anggel lepet. Ramdan mah jeung Undang ngagoler di tengah imah. Bari ngareukeupan bedil. Horeng bedil Ramdan jeung pestol Toha disumputkeun di imah Undang memeh ngaruseup ka Citarum teh. Lain bedil otomatis cara ayeuna, tapi karaben sesa Jepang.

Poe Kemis, di markas BBRI, tembong aya kasibukan, rupa-rupa laku para pajuang. Aya nu meresihan bedil, nu boga bedil mah. Aya nu ngasah pedang. Aya nu meulitkeun lamak beureum dina puhu bamburuncing. Toha jeung sababaraha urang komandan regu,keur baradami dina meja. Jam sawelas kakara rapat bubar. Karasa ku anggota pasukan, aya nu aneh. Pangpangna sikep Toha nu beda ti sasari. Najan lain jalma sombong, tapi irit ngomong. Najan pasemon mah tara robah, ambek ge Toha mah tara kaciri, da teu weleh imut. Harita mah teu kitu, bet wani ngaheureuyan anak buah, malah make jeung menta udud sagala. Pan tara biasana mah, da Toha nu sok ngabagi ududeun. Tempo dahar, Toha teu dahar di kamar nu aya di markas, tapi bareng sarila, ngariung, malah wani menta sambel sagala ka Tatang. Beres dalahar, bari ngadagoan waktu lohor, Toha baceo ngadongengkeun kaayaan kulawargana nu diungsikeun ka Garut. Malah cenah, resep nempo Si Amoy, geulis, anak Si Asiong, tukang potret. Ger saleuseurian. Ah heureuy we poe eta mah Toha teh. Komo digoongan ku Ramdan nu memang geus nyarahoeun sok heureuy. Atuh beuki ager-ageran, saleuseurian. Si Uso mah make jeung ngengklak, ngigel, dikaleprokan ku baturna, bari tarembang lagu perjuangan:

Cooolenak, kueh dangdeur digulaan,
awas bom batok, awas bom batok,
rebu-rebu budak montok,
leumpangna dicentok-centok,
sieun nincak taikotok,

hallow hallow Bandung,
ibukota periyangan,
hallow hallow Bandung,
kota kenang-kenangan
sudah lama beta tidak berjumpa dengan kau
sekarang telah menjadi lautan api
mari bung rebut kembali,
cooolenak…prok prok prok..

Oh beginilah nasibnya soldadu
Diosol-osol dan diadu-adu
Tapi biar tidak apa asal untuk Indonesia
Pasukan Siliwangi
Saeutik ge mahi….prok prok prok


Tapi taya saurang anggota laskar BBRI nu wani nanyakeun, naon sababna sikep Toha kitu. Aratoh we, da memang pada harayang gaul deukeut jeung Toha mah.

Kira tabuh lima sore, Toha ngayakeun briefing (mere instruksi jeung informasi penting) jeung kabeh komandan regu. Tuluy, ngajelaskeun rencana strategi partahanan, pikeun nyanghareupan serangan musuh dina isuk subuh.

"Jadi, peuting ieu sarerea kudu sare, kajaba nu tugas jaga. Jam 3 janari kudu nempatkeun diri dina pos sewang-sewangan, nu engke ditangtukeun ku komandan regu.Merdeka!" Ceuk Toha nutup intruksina, bari ngacungkeun leungeun nu dipeureupkeun. Nu dijawab ku sarerea dina sumanget nu ngagedur, "Merdeka!" cenah. Bubar weh.

Tengah peuting, basa kabeh angota laskar sarare, Toha jeung Ramdan katut reguna, aya 10 jalma kaasup Undang, rerencepan ngalolos ti markas, mapay susukan, motong jalan ka pasawahan, nu kabeneran poek bulan. Unggal aya kingkilaban, maranehna gancang caringogo, nyumput handapeun tangkal cau, hiris, atawa kihujan. Lebah sasak beusi Dayeuhkolot meuntas jalan, tuluy tuturubun ka sisi Citarum. Toha ngingkig tiheula kira-kira 100 meter, dituturkeun ku Ramdan jeung reguna. Leumpang ngeteyep bari mopoek teu kadenge sora sakecet, iwal ti sora angin jeung cai nu ngagulidag. Nepi ka tempat nu geus dicirian dina gambar, di imah Undang tea, pasukan ngarandeg. Ramdan masang steling. Anak buahna ditempatkeun duaan-duaan. Aya nu dina gawir, sisi cai, handapeun Kirinyuh, jeung sajabana. Instruksina teu meunang udud, sabab buricak seuneu bisi katangen ku musuh.

Sajongjongan jempe taya sora jalma kadenge, nu carindekul nyarumput dibulen ku simpena peuting. Barang kadenge aya sora manuk Sit Uncuing, nyaetavkode ti Toha ka Ramdan, gancang ku Ramdan ditembalan ku sora manuk Tikukur. Eta hartina nu aya dina gawir kudu mimiti nembak ka munara lampu sorot. Ngadenge tembakan sakali, jol bray wae lampu sorot teh caang dituturkeun ku berebetna sora mitraliur. Gorowok saurang anak buah Ramdan ngagoak, katembak lebah dadana, jungkel gejebur ragrag ka Citarum. Sabot keur ragot silih tembak, Toha ngojay nyerong meuntas Citarum, tuluy asup kana hong cai nu gedena sagede beuteung munding. Perhitungan Toha teu salah, tungtung hong teh nyambung ka kamar mandi Walanda di jero markas. Najan bari barau tur hese beleke, ahirna Toha bisa asup ka kamar mandi. Ti dinya manehna neangan rohang paneundeunan bom nu cenah handapeun taneuh. Teu burung kapanggih.

Barang Toha ngadeukeutan panto beusina, kadenge ngedepruk sora sapatu nu jaga. Taya panyumputan, kapaksa asup kana dreum wadah runtah. Ana gajlok teh tina jero dreum aya nu luncat kaluar, teu wudu Toha ngagebeg. Horeng ucing. Ngadenge turub dreum ngagulupruk, tentara Walanda nu ngontrol, nyampeurkeun. Kadenge sora ucing uang-eong. Tentara Walanda teh, teu tulus nyampeurkeun, ukur ngomong "Ow.." geus weh, manehna balik deui. Sabot kitu di luar nu begalan pati teu saimbang ragot keneh. Ramdan katembak. Manehna kaburu keneh nyoehkeun bajuna nu bodas kolot, tuluy nulis ku getih. Sok dibikeun ka Undang, sina dianteurkeun ka lanceukna. Undang sanggeus narima baju pinuh getih, ngabelecet lumpat, tapi teu burung manehna ge katembak nepi ka leungeunna sabeulah semplak. Sadatangna ka Ciheulang, cenah Undang kapidara. Tapi baju nu aya aksara getih Ramdan ma, teu burung nepi ka lanceuk Ramdan. Beres mikeun baju, tea, Undang ngagolepak, gugur.

Sanggeus tentara Walanda nu ngontrol ngaleos, Toha gura-giru bari tartib nyampeurkeun deui panto paneundeunan bom. Harita ti jero aya saurang tentara Walanda nu rek bijil. Teu antaparah deui, gabrug ku Toha dirontok, ger galungan. Kabeneran najan Walanda teh jangkung gede, ku Toha bisa dihompet, dipiting. Sret nyabut pestol, peletok sirah Walanda teh ditakol ku gagang pestol, kulahek, rumpuyuk we kapaehan. Geuwat Toha ngodokan saku tantara Walanda, neangan konci. Geus beunang, bray panto dibuka. Trek dikonci ti jero. Barang bus ge kareret di jero gudang teh bom ngajajar, neundeuna ditumpuk, lobana teu kaitung. Kacaangan ku lampu listrik nu teu pati mabra. Toha ngahuleng, terus ngangkat dua leungeunna, ngadu’a ka Mahasuci, menta dihampura ka indung, ahirna satengah ngajorowok, nitah neruskeun perjuangan ka babaturanana.

Tah basa Toha keur ngadu’a di jero gudang bom, tentara Walanda nu tadi kapaehan teh, inget, hudang. Ngadenge di jero aya sora kawas nu keur ngadu’a, manehna ngagebrug-gebrug panto rek muka, tapi pageuh. Belenyeng we manehna lumpat rek lapor ka komandanna. Tapi teu kaburu. Sabab Toha nyabut pin (konci) granat, terus dibaledogkeun kana tumpukan bom. Geleger.. sora bom bitu handaruan, malah eundeur-handaruan geleger sorana kadenge nepi ka Patengang. Eta kajadian teh dina malem Jumaah. Gedongpeteng salin jinis jadi talaga, sabab Citarum asup kana legok urut bituna bom. Atuh lapur Walanda teh teu tulus ngancurkeun Bandung Kidul, sabab kabeh parabot perang senjata jeung amunisi, malah puluhan tentara Walanda nu aya di dinya, ancur. Kasawang kuma rajetna awak Mohamad Toha. Boa jadi cai. Matak dina tugu nu bareto mah diadegkeun di tengah talaga (ayeuna mah geus disaeuran, sawareh dijieun lahan kantor jeung markas Kujang seksi Zeni Tempur ( Zipur), aya tulisan: Di sini Toha dan kawan-kawan beristirahat. Aya deui patung Toha nu diadegkeun dina lahan nu ayeuna dipake terminal Dayeuhkolot. Hanjakal teu dipiara. Sakuriling patung loba runtah. Kitu tah Jang lalakon Pahlawan Toha mah, "Ceuk Si Abah Didi. "Teuing da paroho deui," cenah.

Najan ayeuna Pahlawan Toha meh taya nu ngajenan, tapi Abah mah tetep reueus jeung hormat ka anjeuna. Da Pahlawan Toha mah pakokolot supa atuh jeung abah, kolot anjeuna beda 3 taunan," pokna. "Atuda ku hebat-hebatna bitu eta gedongpeteng, mobil jip jeung tank waja Walanda nu aya di jalan ge caroplok banna teh. Linina karasa inggeung nepi ka Cicalengka," ceuk Bah Didi mungkas wangkonganana, ngagambarkeun yen Moh. Toha Pahlawan nu gede wawanen.

Karek inget, kadieunakeun aya seniman moyan nu ngarang lagu mieling Moh. Toha,Duka Kang Wahyu Wibisana, Nano S. atawa Deddy Windyagiri, poho. Mun teu salah rumpakana kieu:

Getih suci nyiram bumi
Tulang setra mulang lemah
Babakti nyungkem Pertiwi
Cikal bugang putra bangsa

Nyatana Pahlawan Toha
Pahlawan Bandung Selatan
Patriot ti Dayeuhkolot
Tugu diwangun ngajadi ciri
Tarate nu mangkak ligar di empang
Jadi bukti gugurna pahlawan bangsa.


(Diropea ku Asep Idjuddin. tina hasil wawancara jeung palaku sajarah (lanceuk Moh. Ramdan), Lurah Hormat di Ciparay tanggal 19 Nopember 1983, dina raraga panalungtikan Sundanologi).

Sumber: Salakanagara

SundaBlog - Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


30 Desember 2012

Basa Sunda Rek Ditumpurkeun!

Deudeuh teuing Basa Sunda, singhoreng pamarentahna sorangan henteu nyaaheun. Dina Rancangan Kurikulum Pendidikan 2013, jam pelajaran basa Sunda di sakola nu geus sakitu samporetna teh kalahka rek dileungitkeun. Teungteuingeun...

Mun kitu mah tetela euweuh deui cara sejen, LAWAN!!!

Mangga kantun nalék raga katineung séwang-séwangan. Naha rék milu aub ngagorowok ngacungkeun peureup, ngalawan rencana pamaréntah nu rék maéhan basa Sunda? Atawa diuk baé ngajentul bari disapa ku karuhun tujuh turunan...???

Di handap ieu aya bewara anu dicutat sagemblengna tina grup facebook Baraya Sunda sadulur. Eusina umajak ka sakumna urang Sunda nu aya katineungna bari kaleresan aya waktos, kanggo ngiring aub ngahadiran Aksi Budaya di payuneun Gedong Sate sareng Monumen Perjuangan. Waktosna dinten Senen kaping 31 Desember 2012.

Bewara sagemblengna:

AKSI BUDAYA NOLAK KURIKULUM 2013

Pamaréntah rék ngaleungitkeun basa Sunda di sakola! Kurikulum 2013 dirarancang pikeun numpurkeun salah sahiji pilar budaya urang. Dialog-dialog nu lumangsung di Kemendiknas, Dinas Pendidikan Provinsi, UPI, jeung nu lianna, can némbongkeun hasil nu dipiharep ku balaréa. Tina lawungan Uji Publik Kurikulum 2013 (nu henteu jadi forum dialog nu séhat), taun hareup basa Sunda bakal kajadian leungit tina daptar mata pelajaran di sakola! Alesanana: loba teuing mata pelajaran; basa daérah henteu penting sabab masarakat beuki pacampur, rupa-rupa étnis jeung basana; bangsa urang kudu leuwih réa nyangkem basa asing sabab beuki réa nu karep jaradi TKI di manca nagara -- alesan nu meupeuh hulu angen tur nista kadéngéna! Ieu téh pikiran Tim Pengembang Kurikulum Pusat nu ditepikeun ku Prof. Dr. H. Said Hamid Hasan, M. A. guru besar di hiji paguron luhur terhormat! Sistem pendidikan nu dirékayasa pikeun nyiapkeun hiji bangsa jadi ladén jeung budak jajahan bangsa deungeun. Ideologi nu dirancang pikeun ngancurkeun basa daérah (Sunda jeung nu séjénna di Nusantara) nu geus napak ratusan taun.

Tangtu urang teu bisa cicingeun. Étnis séjén, Bali jeung Jawa geus bagerak turun ka jalan. Kudu aya riak! Kudu aya sora, aksi, jeung gerakan! Kudu rempug babarengan ‘menolak keras’, nampik bébéakan, éta rancangan Kurikulum, sabab tétéla patukang tonggongna jeung angen-angen urang saréréa: BASA SUNDA kudu dipiara, diparaké jeung diajénan. Basa Sunda nu kungsi hirup di Galuh, mekar di Pajajaran, sina terus hirup ngarambat ti jaman ka jaman. Jadi tuduh ayana URANG SUNDA. Ku nagara kapan dipayungan rék dipiara: “Bahasa-bahasa daerah itu dipelihara oleh negara” (Pasal 36 UUD 1945). Ari ayeuna ku Kemendiknas, ku jalma-jalma nu karooh ku basa deungeun bari paor kana banda sorangan, basa daérah rék dicabut tina sistem pendidikan! Éta kasang tukangna, Re-Publik Saptuan rukun gawé jeung Hima Pensatrada UPI, Pamass Unpad, UIN, Fiksimini Basa Sunda (FBS), Caraka Sundanologi, Komunitas Iket Sunda (KIS) jeung Tribun Jabar, umajak ka sing saha baé nu nyaah kana basa Sunda (pelajar, mahasiswa, guru, anggota DPR, pangarang, seniman, tukang béca, tukang ngamén, supir angkot, wartawan, padagang PKL, dosén, RT/RW, Hansip/Satpam, andar-andar, ajengan, penyanyi dangdut, nu maraké iket, jeung balaréa ) -- pikeun ngadeugdeug AKSI BUDAYA; Orasi, Maca Fikmin/Puisi, Téater, jeung sajabana, anu badé lumangsung:

Waktu/Tempat: Senén 31 Désémber 2012 Tb. 10.00 – réngsé, di hareupeun Gedong Saté jeung di Tugu Monumén Perjuangan. Mangga kantun nalék raga katineung séwang-séwangan. Naha rék milu aub ngagorowok ngacungkeun peureup, ngalawan rencana pamaréntah nu rék maéhan basa Sunda? Atawa diuk baé ngajentul bari disapa ku karuhun tujuh turunan...???

#Bewara ti grup facebook Baraya Sunda Sadulur

SundaBlog Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


27 November 2012

Basa Sunda Anu Merenah

Alhamdulillah, kasadaran tur sumanget pikeun nyarita ku basa Sunda masih keneh aya. Minimal henteu nepi ka pareum. Ngan tangtu bae hal ieu teh kudu dibarengan ku tarekah pikeun ngaronjatkeun pangaweruh urang dina cumarita. Mun teu kitu, bisa jadi ka hareupna mah basa Sunda teh ngan saukur 'merek' atawa 'cap', sabab eusina mah jajauheun tina nyunda.

ilustrasi: kartun kabayan

Di handap ieu aya dongeng heureuy basa Sunda anu ku kuring dicutat sagemblengna tina salah sahiji kaca (page) Facebook basa Sunda. Mangga urang sami-sami tengetan.

Pas beres briefing wali murid, tinggal barudak asup ka kelas narima rapot, Mang pian, kumis baplang, leungen make gelang bahar galede oray, jaket bau bako , ngomong ka anakna " Mat, lamun eta rapot aya beurem na, teu kudu WAUH atawa NGAKU ka bapa...!" bari so hareupen nu sejen. Bagian si mamat asup ka kelas bari ngahiung keneh suara bapana (ULAH WAUH). beres di bagi rapot si mamat kaluar ti kelas, " Kumaha jang ? " ceuk mang pian sabari ngalinting roko keretek, si mamat bari panik nembalan " Punten.... ari bapa saha nya ? "

Caritana mah lucu, hanjakal loba basa atawa kekecapan anu kurang merenah. Lian ti eta oge loba kasalahan cara nulis, ejaan, nempatkeun aksara gede leutik, ngalarapkeun kecap, sarta kecap-kecap anu kamalayon (pangaruh tina basa Indonesia).

Conto nu kurang merenah:
  • ngahiung (nu merenah: nongtoreng)
  • sabari (nu merenah: bari)
  • galede oray (nu merenah: sagede oray)
  • ngalinting roko keretek: (nu merenah: ngalinting bako, roko keretek mah geu jadi ti pabrik)

Conto kasalahan cara nulis:
  • leungen (leungeun)
  • gelang (geulang)
  • WAUH (WAWUH)
  • beurem (beureum)
  • hareupen (hareupeun)

Conto kasalahan nempatkeun aksara gede leutik:
  • mamat (Mamat)
  • pian (Pian)

Conto kecap nu kamalayon:
  • suara (sora)
  • panik (geumpeur)

Sabenerna loba keneh anu kudu diropea deui dina tulisan di luhur, pangpangna anu hubunganana jeung rasa kasundaan. Lebah dieu mah rada hese ngajelaskeunana, rumasa kuring mah lain ahlina.

Pikeun babandingan, carita di luhur diropea deui ku kuring sacara bebas, dina harti make gaya kuring sorangan. Nu dijieun patokan ngan saukur inti caritana.
Poe ieu si Mamat rek dibagi rapot, jadi ka sakolana oge dianteur ku Mang Pian, bapana. Abong bocokok, ti imah keneh Mang Pian omat-omatan bari semu ngancam ka si Mamat, "Awas siah Mamat, mun rapotna aya beureuman, TONG WAWUH DEUI ka Abah, komo bari jeung ngaku bapa mah ka Abah!"

Puguh we si Mamat kacida sieunna. Beres dibagi rapot, bapana geus megat di lawang panto kelas.

"Cing nempo siah rapot teh!" cek Mang Pian nyentak.

Sanajan bari ngadegdeg, si Mamat maksakeun nembal, "Punten, dupi.. bbb..bapa... sssaha nya...?"

Nyanggakeun, mugi-mugi sing aya mangpaatna kanggo anu kagungan niat sami-sami diajar tur ngamumule basa Sunda.

SundaBlog Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...