Antosan sakedap...

03 Juli 2012

Sakola Pilot Di Tasikmalaya

Ti mimiti taun 2013, sakola pilot swasta anu ka-13 di Indonésia, Dirgantara Pilot School Tasik baris ngadeg di kota Tasikmalaya, dina tanah milik TNI Angkatan Udara di wewengkon Landasan Udara Wiriadinata, Jln. Garuda, Kacamatan Cibeureum. Dina bulan Juli 2013, sakola pilot bogana PT Dirgantara Aviation Engineering ieu teh baris mitembeyan narima siswa angkatan kahiji.


Wakil Pupuhu Staf Angkatan Udara Marsekal Madya TNI Dede Rusamsi nandeskeun, Indonésia masih loba ngabutuhkeun pilot. Ku kituna, ayana sakola pilot ieu teh bisa nyubadanan kaperluan pilot di Indonésia, ngingetkeun yen ayeuna loba pilot tanaga deungeun anu digawé di maskapai Indonésia.

"Saban taun perlu 800 penerbang anyar. Ti sapuluh sakola pilot anu geus aya ngan ngahasilkeun 250-300 pilot. Jadi masih kurang 300-500 pilot deui alatan industri penerbangan ayeuna keur ceuyah. Kiwari loba kénéh penerbang deungeun anu ka Indonésia, ieu bukti yen urang masih kakurangan," pokna réngsé ngalaksanakeun peletakan batu pertama hanggar, apron katut taxi way Dirgantara Pilot School Tasik di Lanud Wiriadinata, Saptu (30/6/12) dibarengan ku Diréktur utama PT DAE Marsekal Pertama Purn. H. Wasito sarta Walikota Tasikmalaya Syarif Hidayat.

Sumber: Pikiran Rakyat

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...