Antosan sakedap...

22 Oktober 2006

Wilujeng Boboran Siam

Aos seratan sagemblengna...


16 Oktober 2006

MP3 Degung & Doel Sumbang

Sakalian ngalengkepan tulisan ngeunaan Basa Sunda Doel Sumbang, kasanggakeun download link lagu-lagu Doel Sumbang dina format MP3. Minangka bonusna, aya sababaraha MP3 Degung, anu oge tiasa diundeur kalayan haratis.

Lagu-lagu Doel Sumbang
  1. Doel Sumbang - Laut
  2. Doel Sumbang - Dina Amparan Sajadah
  3. Doel Sumbang - Ema (Edanna Manusia)
  4. Doel Sumbang - Bulan Batu Hiu
  5. Doel Sumbang - Urang Sunda
  6. Doel Sumbang - Pulisi Noban
  7. Doel Sumbang - Aku Tikus Dan Kucing
  8. Doel Sumbang - Bulan Batu Hiu
  9. Doel Sumbang - Kota Sumedang
  10. Doel Sumbang - ABG
  11. Doel Sumbang - Juwita
  12. Doel Sumbang - Aku Si Raja Goda
  13. Doel Sumbang - Pangandaran
  14. Doel Sumbang - Mang Darman
  15. Doel Sumbang - AI
  16. Doel Sumbang & Nini Karlina - Malioboro
  17. Doel Sumbang & Nini Carlina - TEMBANG CINTA
  18. Doel Sumbang & Nini Carlina - Aku Cinta Kamu
  19. Doel Sumbang & Nini Carlina - Kalau Bulan Bisa Ngomong
  20. Doel Sumbang & Nini Carlina - Berdiri Bulu Romaku
  21. Doel Sumbang & Nini Carlina - Rindu Aku Rindu Kamu
  22. Doel Sumbang - Arti Kehidupan
  23. Doel Sumbang - Tante Lazzy
  24. Doel Sumbang - Momotoran
  25. Doel Sumbang - Sisindiran
  26. Doel Sumbang - Awewe Sapi Daging
  27. Doel Sumbang - Martini
  28. Doel Sumbang - Kondom
  29. Doel Sumbang - Ceu Romlah
  30. Doel Sumbang - Somse
  31. Doel Sumbang - Nani
  32. Doel Sumbang - Saminah
  33. Doel Sumbang - Aku Takut Anjing
  34. Doel Sumbang - Gembrot
  35. Doel Sumbang - Mumun
  36. Doel Sumbang - Cletak Cletuk
  37. Putri Doel Sumbang - Buah Durian
  38. Doel Sumbang - Pulisi Noban
  39. Doel Sumbang - Aku Tikus Dan Kucing
  40. Doel Sumbang - Suparti
  41. Doel Sumbang - Juwita
  42. Doel Sumbang - Linu
  43. Doel Sumbang - Kawinkan Aku Ma
  44. Doel Sumbang - Aku Tikus Dan Kucing
  45. Doel Sumbang - Kondom
  46. Doel Sumbang - Jalma Leutik
  47. Doel Sumbang - Gunung Bromo
  48. Doel Sumbang - Wali Kota
  49. Doel Sumbang - Ular Tangga
  50. Doel Sumbang - Tuturut Munding
  51. Doel Sumbang - Talaga Warna
  52. Doel Sumbang - Teteh
  53. Doel Sumbang - Teu Walakaya
  54. Doel Sumbang - Sono Ka Kodim
  55. Doel Sumbang - Perkawinan
Degung
  1. Sabilulungan
  2. Gambir Sawit
  3. Anggrek Japati
  4. Es Lilin
  5. Lembur Kakasih
  6. Gambir Sawit
  7. Ida Widawati - Kiceup Bentang
  8. Ida Widawati - Kembang Asih
  9. Ida Widawati - Tepang Deui
  10. Ida Widawati - Jangji Asih
  11. Ida Widawati - Pegat Duriat
  12. Ida Widawati - Kasatiaan
  13. Degung Klasik - Arum Bandung
Aos seratan sagemblengna...


03 Oktober 2006

Obituari 9 Ramadhan 1426 H

Takdir memang rusiah Nu Maha Kawasa. Can aya, jeung MOAL AYA nu bisa noong takdir. Najan sakumaha rosana urang munajat, tapi takdir Anjeunna insya Allah teu bisa dirobah. Takdir tetela mangrupa hak prerogatif Allah. Suka teu suka, teu bisa majar kumaha. Urang kedah tumut kana katangtosan Anjeunna.

Tanggal 2 Oktober 2006 (9 Ramadhan 1426 H) tabuh 10 WIB, pun biang ngantunkeun, dipundut ku nu Kagungan. Sedih, kingkin, hal nu kacida wajarna. Komo kangaranan manusa, lolobana sok ngaboga-boga ka nu lain hakna. Padahal na saha atuh anu Maha Kagungan lamun lain Allah Subhanahu Wata'ala? Dalah sangu nu rek dihuapkeun, nu tinggal sasenti deui kana baham, istuning kagungan Allah Swt. Jadi sebenerna urang teu kudu hanjakal mun sangu tea dipundut ku nu Kagungan, teu jadi didahar.

Ngan tangtu da kuring teh jelema anu dhoif alias lemah. Kuring dieuntreupan kasedih, malah kadang-kadang asa diteungteuinganan, da nyaeta ngarasa miboga tea. Pun biang anu kacida dipikanyaahna ku kuring, oge anu kacida mikanyaahna ka kuring, sasat ditongtak, ngadadak dipundut. Sok padahal kuring ge sadar, kabeh oge geus aya dina rencana Gusti Nu Maha Suci. Asa ditongtak, asa kacolongan soteh dumeh urang mah teu terang tea.

Kacapangan nu nyebutkeun lalaki mah pantrang juuh cimata, gugur tanpa sarat. Kuring ngeclakkeun cimata. Rumasa loba katuna, jajauheun kana nyugemakeun indung. Ukur bisa nembongkeun kanyaah ku kekecapan, anu duka katampieun duka henteu. Kuring teu bisa ngabrukbruk ku dunya barana, can bisa nyenangkeun ku harta banda, sabab kabeh oge kakara nepi kana cita-cita.

Kungsi boga angen-angen, hayang boga imah sorangan, terus rek ngajak pun biang cicing jeung kuring. Hayang ngurus sagalana. Kantos anjeunna kedal ucap, jigana cenah kuring teh anak nu bakal pangnyaahna, komo mun geus sagala boga. Hanjakal cita-cita teh can nepi kana ugana. Can ge kalaksanakeun, malah jajauheun keneh, pun biang kabujeng dipundut.

Aya nu ngagenduk jeroeun dada. Cita-cita nu teu laksana. Aya kahanjakal, boga niat teu kabiruyungan. Tapi dalah dikumaha, kersana Gusti Nu Maha Suci teu bisa dipondah. Cimata kadeueuh teu daek saat, ngajajap pun biang ngadeuheus Gusti Nu Maha Deudeuh. Mugia pun biang sing tumaninah di alam kalanggengan, dirojong ku pangdu'a ti sadaya. Mugia pun biang sing ditampi iman islamna, ditampi amal ibadahna, tur sing janten pangeusi sawarga kagungan Gusti. Amiin ya Robbal 'Alamiin.

Samagaha masih natrat dina galeuh-galeuh hate.
Aos seratan sagemblengna...


01 Oktober 2006

Puasa, Ngabuburit jeung Petasan

Bulan puasa di jaman mana bae, intina mah angger, ngalaksanakeun rukun Islam nu kaopat. Tapi suasanana bisa beda-beda ti jaman ka jaman.

Jaman kuring keur budak, bulan puasa teh dianti-anti pisan. Lain pedah resep puasana, tapi sabab sok aya onjoyna dina sawatara hal, dibandingkeun jeung bulan-bulan sejenna. Menu dahareun biasana sok rada beda. Mun sapopoe cukup ku goreng asinan tanjan, bulan puasa mah pun biang sok olah, diaya-ayakeun. Perbaikan gizi mun cek barudak mah. Kitu deui dahareun jang ta'jil, bulan puasa mah make sok aya amis-amis sagala, sarupaning kulak-kolek atawa rurujakan.

Lian ti eta, bulan puasa teh hartina tereh ganti baju ku nu weuteuh. Bulan-bulan biasa mah pimanaeun teuing ganti baju. Najan kitu, keur kuring mah sabenerna baju lebaran teh hartina ganti seragam sakola. Enya, pan minangka baju lebaranana teh cukup ku dipangmeulikeun seragam sakola anyar, ngarah teu kudu sa deui. Jadi dwifungsi baju lah pibasaeunana teh.


Ti tanggal hiji keneh tukang kembang api jeung petasan geus payu dironom barudak leutik. Kuring mah paling ge meuli kembang api, nu murah. Tara meuli petasan. Keur mah leuwih mahal, jeung..sieun ngadenge sora ngabeledagna! Teuing ku naon. Padahal batur mah malah loba nu nyieun bedil lodong karbit. Sorana leuwih tarik tibatan petasan, leuwih handaruan.

Ketang sieun teh pedah kungsi aya tatangga kampung nu nyieun bedil lodong. Caritana diseungeut, ngan teuing ku naon teu daekeun hurung, boro-boro ngabeledag. Panasaran, pek ku manehna ditoong lodongna. Eta mah da ari ditoong, ari beledag teh bitu! Jelemana aya keneh ayeuna ge, ngan panonna pecak. Karunya, sakasep-kasep jadi cacad.

Ngabuburit diusahakeun sangkan teu ngaluarkeun duit. Jadi, nya kitu we leuleumpangan sakaparan-paran, ma'lum budak. Mun teu kitu nyieun cocooan sorangan. Nyieun wawayangan nu dianyam tina pangpang daun sampeu, bebedilan tina palapah daun cau jrrd.

***

Teu karasa, geus nincak puasa deui. Geus poe ka dalapan deui. Teuing geus sabaraha puluh kali kuring ngalaman bulan puasa. Alhamdulillah, dipasihan keneh kasempetan. Taraweh, najan cape sok maksakeun. Asa lebar mun diliwat teh, ari teu kapaksa-kapaksa teuing mah. Cikeneh, keur khusyu berjamaah di masjid, ari beledag teh budak nyeungeut petasan, mani asa dina ceuli!! Reuwas, jadi teu khusyu sholat teh.

Ngambek? Ah teu kudu, ngaranna ge budak. Nu kudu digeuing mah kolot. Lain ukur kolot dina harti indung bapana barudak, tapi sarerea. Naha bet aya keneh merecon? Nu dagang, pulisi, masyarakat, katut pamarentah sakuduna bisa nyegah ku cara masing-masing. Petasan, lian ti baribin, oge leuwih gede bahayana tinimbang mangpaatna. Mun cek pun alo tea mah, "Petasan? Haree geneee..?!"
Aos seratan sagemblengna...