Antosan sakedap...

14 Oktober 2013

BEDA GELOMBANG

Ngeunahna nyetel radio teh laguna dipangmilihankeun. Teu kudu cape milihan sorangan. Komo lamun kabeneran penyiarna bisaan milihan lagu nu sarua jeung karesep urang. Pedo lah pokona mah.

Kumaha mun laguna teu resep? Gampang, kari pindahkeun gelombangna. alian frekuensina. Pan ayeuna mah loba piliheun. Teu jiga baheula, radio ngan ukur hiji dua. Mun geus manggih nu cocog jeung lelembutan, tinggal ngadengekeun. Raos pisaaan...
Tapi ari ngadengekeun obrolan jelema mah teu bisa sakahayang. Naon nu kadenge nya wayahna, resep teu resep, kudu didengekeun. Komo lamun pareng nu ngobrol teh dina angkutan umum. Rupa-rupa pisan, jeung teu bisa dipindah-pindah jiga radio.

Sawatara waktu ka tukang ngalaman kajadian nu matak pikaseurieun tapi oge pikasediheun. Keur jongjon diuk dina angkutan bari nyerangkeun jalan tina jandela mobil, aya panumpang naek. Awewe ngora keneh mamawa budak leutik keneh, kitu lah umur 5 taunan.

"Sini duduknya dipangku sama mamah, sayang. Tuh kesian banyak yang naek," Kadenge indungna nyarita ka budakna. Euh, Indonesia Raya deui wae, jero pikir. Geus biasa ayeuna mah nu kitu teh. Urang Sunda pituin, kawin ka urang Sunda deui, cicing di wewengkon Pasundan, ari budak diajak nyarita basa Indonesia. Tapi boa lain urang Sunda ketang.

"Da abina embung atuh Mamaaah, cangkeueul..." cek budak nembal. Haar, geuning budakna mah bisaeun Sunda? Naha atuh indungna make jeung ngomong basa Indonesia sagala?

Sugan teh geus ditembalan ku basa Sunda mah indungna rek pindah gelombang jadi make basa Sunda. Henteu geuning. Da kadenge ngomong deui, "Ih, nggak boleh gitu Dede, kalau nakal entar nggak jadi dikasih hadiah sama Papah lho...". Ngolo ti dituna mah. Budak tungtungna leah, daek dipangku, najan bari rada rewel nembalan. Angger deuih budakna mah make basa Sunda.

Sare lila-lila mah budak teh jigana, da terus cicing. Kuring anteng deui nempo jalan tina kaca jandela. Sajeroning kitu, pikiran mah keukeuh teu ngarti ku beuki loba kolot nu jiga embung budakna bisa basa Sunda. Da padahal mah teu kudu ngahajakeun ngajar basa Sunda ka budak atuh. Cukup ku kaiklasan ngajak nyarita ku basa Sunda ka budak, geus pirang-pirang munel dina enggoning ngamumule basa warisan karuhun.

Ujug-ujug kadenge budak teh nyarita ka indungna. "Mamah, ari si Bapana aya di bumi engke teh?" Geus nyaring meureun.

"Iya sayang, kita nanti dijemput Papah di super market deket rumah..." Ku keukeuh nya eta indungna mamalayuan, sakitu budakna nyunda pisan teh. Atawa... indungna mah lain urang Sunda kitu? Tapi geuning eta ngartieun budakna nyarita basa Sunda? Jadi panasaran...

Lahlahan, rek ditanya ku basa Sunda ah indungna. "Punten Teh, dupi Teteh kawit ti mana?"

"Abdi? Ti palih dinya, caket, mung ieu ngajajapkeun pun anak ka Bandung, hoyong pendak sareng bapana cenah..."

Hih, urang Sunda geuning. Jadi naon maksudna atuh ngobrol jeung budak make jeung beda gelombang sagala? Era kitu ngomong ku basa Sunda, era jadi urang Sunda?

Duh....



SundaBlog - Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...