Antosan sakedap...

11 Januari 2011

ABI

Tata Danamihardja
 
11/01/2011
 
Naon ari abi teh? Surabi kitu? Ih, sanes.. Abi di dieu mah maksadna teh ngabasakeun diri sorangan. Kata ganti orang pertama, kitu cenah basa indonesiana mah. Abi teh podokna tina abdi, biasana dipake ku budak leutik anu can sawawa, kadang-kadang oge dipake ku budak nu kakara nincak rumaja. Nu matak keap abi dikelompokkeun kana basa budak, da nini-nini atawa aki-aki mah teu pantes make kecap abi.
 
Tapi bisi rek make mah pek bae ketang, ngan kadengena asa kurang pantes. Pikeun nu geus sawawa mah mending keneh make kecap abdi atawa kuring, gumantung kana situasina. Mun teu kitu, bisa oge ngabasakeun ku pancakaki: mun ngobrol jeung sahandapeun bisa nga-akang-keun upamana. Mun awewe nya ngabasakeun ceuceu atawa teteh.
 
Mun ngobrolna jeung saluhureun? Eta mah daek teu daek kudu make kecap abdi atawa kuring. Kumaha mun jeung sasama atawa anu saumur? Biasana lamun jeung babaturan deukeut mah sok make kecap urang. Ieu sabenerna basa kasar (dina konteks ngaganti kecap abdi). Tapi dina kalimah "hayu urang ngibing" mah upamana, teu kaasup kasar sabab kecap "urang" di dieu mah hartina "kita" mun dina basa Indonesia mah.
 
Lian ti ngagunakeun kecap abi, budak leutik oge kadang-kadang nikukur. Naon deui cenah nikukur teh? Nikukur teh maksudna jiga tikukur, nyebut ngaran sorangan pikeun kecap gaganti diri (dina kalimah langsung atawa obrolan). Contona: "Tata kamari ka ameng ka ditu da..," cek Tata bari heuay.
 
Najan kitu, dina prakprakanana mah aturan ieu teh mindeng dirempak. Naon hukumanana mun aturan ieu teu dipake? Ah teu aya. Dianggo mangga, teu dianggo sawios. Nu penting mah apal kumaha nu sakuduna. Nu penting mah masih keneh reueus (sanes bangga nya, bangga dina basa Sunda mah hartosna hese!) make basa Sunda. Nu penting mah masih keneh reueus jadi urang Sunda.
 
Tata Danamihardja © 2011
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga. 
 
Aos seratan sagemblengna...


06 Januari 2011

SundaBlog Di Facebook

15:05 06/01/2011
 
ku: Tata Danamihardja
 
Saha nu nyangka, Facebook baris kawentar jiga kiwari. Mun teu salah, taun 2007 atawa 2008 kuring geus boga akun Facebook. Tapi harita mah tiiseun keneh, can loba nu make jiga ayeuna. Eta oge nyieun soteh panasaran we, teu kaop manggih nu anyar. Geus kitu mah lur we diantepkeun.
 
Ngan kadieunakeun, estu matak kaget. Facebook jadi sabiwir hiji. Ti kota nepi ka kampung, Facebook jadi bukur catur balarea. Ti mimiti budak nu kakara bisa maca nepi ka aki-aki jeung nini-nini nyaho naon ari Facebook. Dina teu nyahona oge, minimal pasti kungsi ngadenge.
 
Rame we tah si Facebook teh. Jadi sarana komunikasi alternatif salian ti telepon. Babaturan nu lawas teu tepung, guk gok panggih dina Facebook. Lebah dieuna mah Facebook geus jadi cukang lantaran geusan manjangkeun tur ngaraketkeun silaturahim jeung papada manusa. Lian ti eta, Facebook oge mindeng dijieun promotion tool atawa alat promosi pikeun nu boga bakat dagang. Malah kadang-kadang nepi ka lieur sirah ngabandungan nu nge-tag gambar promosi. Dalah dikumaha, resiko pipilueun ngagugulung Facebook.
 
Tangtu efek gorengna oge aya. Dina tipi mindeng kapireng budak atawa rumaja nu ngaleungit ti imah alatan Facebook. Diculik. Atawa nu pasea alatan salingkuh gara-gara Facebook. Atawa pagawe nu ngadak-ngadak henteu produktif alatan loba teuing chatting (ngawangkong) na Facebook. Eta mah ekses, lir ibarat peso nu fungsina gumantung ka nu makena: naha rek dipake ngeureutan bawang atawa dipake ngarampog. Asal ati-ati tur wijaksana dina ngagunakeunana, Facebook bisa jadi alat komunikasi nu gede mangpaatna.
 
Nya ku alesan eta pisan, ditambah popularitas Facebook anu sakitu rosana, asana teh teu salah lamun SundaBlog oge milu aub, pipilueun ngamangpaatkeun Facebook. Lebar temen lamun kasempetan gede pikeun ngawanohkeun basa Sunda dina awahan anu leuwih jembar henteu dimangpaatkeun. Meungpeung Facebook masih keneh kawentar (populer), meungpeung Facebook masih loba nu make, nya mending dimangpaatkeun sakumaha mistina.
 
Ka sugri anu hoyong ngarojong SundaBlog di Facebook, diantos di dieu. Sugan ku cara kieu, basa Sunda bisa leuwih nanjeur makalangan. Sugan, eta oge.
 
Copyright © 2011 - Tata Danamihardja
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.
 
 
Aos seratan sagemblengna...