Antosan sakedap...

Kamus



Dina urusan teknologi informasi, urang Sunda teu eleh ku seler sejen. Kaparigelan anu ditembongkeun pikeun kamajuan Ki Sunda nembongkeun yen sumanget urang Sunda, hususna nonoman anu masih buta tulang buta daging, masih ngagedur.

Salah sahiji kaparigelan ieu mucunghul dina wangun Loka Tarjamah anu programna ditulis ku Dian Nugraha. Loka Tarjamah ieu dijieun pikeun narjamahkeun biasa, atawa oge narjamahkeun ramat loka (website). Salian ti eta, aya oge Kamus Indonesia - Sunda - Indonesia pikeun ngalengkepan kaperluan tarjamah.

Sok sanajan masih can sampurna, tapi dua fasilitas ieu teh bisa jadi cukang pikeun ngawanohkeun basa Sunda, lain ngan ukur ka urang Sunda, tapi oge ka seler sejen di sakuliah dunya.

Nyanggakeun.


Klik gambar di handap ieu kanggo muka Kamus Basa Sunda R. A. Danadibrata


KAMUS SUNDA INGGRIS - Jonathan Rigg, 1862