Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 02 November 2011

Dipepende Dongeng


Sok waas lamun nyoreang alam ka tukang. Jaman keur budak, jaman can nyaho kasusah. Teu salah lamun loba nu nyebutkeun yen mangsa nu pangsenang-senangna mah nya jaman keur budak tea.

Ma'lum di kampung nu can mantra-mantra kana loba hiburan, salah sahiji hal anu hese dipopohokeun teh nyaeta kabiasaan sok dipangdongengkeun ku pun biang. Biasana ritual ieu teh dipake mepende samemeh sare. Dongengna rupa-rupa, ti mimiti dongeng sakadang peucang jeung sakadang monyet anu seuhah lata-lata tea, nepi ka dongeng rupa-rupa sasakala saperti sasakala gunung Tangkuban Parahu jeung sajabana.

Kadang-kadang dongengna can tamat, kuring mah geus ngaguher da ngareunah tea dipangdongengkeun bari diusapan sirah. Biasana dongeng nu can tamat teh sok ditagih isukna deui, memeh sare. Malah mindeng, nu geus didongengkeun ge menta dibalikan deui da rame tea. Biasana dina sela-sela dongeng teh sok diselapan ku piwuruk, "Tah matak urang mah ulah pinter kabalinger jiga sakadang peucang, make jeung ngahina ka sakadang kuya sagala. Pan ari eleh balap lumpat ku kuya mah, peucang oge jadi era."

Kitu carana pun biang ngatik kuring. Sanajan anjeunna teu ngartos teori pendidikan, tapi dina praktek atawa prak-prakanana mah kacida tapisna. Tara ngahaja-haja mapatahan, tapi milih waktu anu mustari sangkan teu asa dipapatahan bari jeung nyerep kana hate. Malah hiji hal anu ku kuring dipikainget nepi ka ayeuna, pantangan pun biang sareng pun bapa mah: ulah mapatahan (komo nyeukseukan) budak dina waktu dahar ngariung. Kacipta ayeuna mah, kumaha rasana dahar bari diseukseukan. Nya seuseut tikoro, nya moal nyerep. Ambek we nu aya...

Etang-etang mulangkeun panineungan ka jaman bihari, nyanggakeun ebook basa Sunda anu judulna 22 Dongeng & Sasakala Sunda. Sugan we aya mangpaatna keur balarea, sasieureun sabeunyeureun.

Daptar eusi:
  • Budak Pahatu Lalis
  • Sasakala Gunung Tampomas
  • Sasakala Gunung Kendang
  • Jonggrang Kalapitung
  • Sasakala Rawabening
  • Sasakala Arca Domas
  • Sasakala Curug Sindulang
  • Centang Barang
  • Sang Prabu Jaka Susuru
  • Sasakala Pamanukan
  • Sasakala Cigondewah
  • Dongeng Nini-nini
  • Ki Dipa Dibegal
  • Putri Leuweung Larangan
  • Sasakala Situ Patenggang
  • Sasakala Situ Bagendit
  • Sasakala Cau Manggala Aya Sikian
  • Lutung Kasarung
  • Ciung Wanara
  • Sasakala Gunung Tangkuban Parahu
  • Sasakala Maung Panjalu
  • Sasakala Majalengka
Bilih peryogi, mangga undeur 22 Dongeng & Sasakala Sunda, haratis.

Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: