Antosan sakedap...

30 November 2011

Pahlawan Toha

Bangsa nu jembar nyaeta bangsa anu ngajenan pahlawanna. Ieu kalimah teh kacida populerna, pikeun ngagambarkeun pentingna ngajenan jasa pahlawan anu geus bajoang pikeun nanjeurkeun kamulyaan bangsa katut nagarana. Ngan hanjakal, eta kalimah teh dina emprona mah ngan saukur papaes lambe, sabab kanyataanana mah teu kitu. Malah gelar pahlawan oge make jeung aya kelas-kelasna sagala: pahlawan nasional, pahlawan daerah, jeung sajabana....
Aos seratan sagemblengna...


19 November 2011

Kakawihan Budak Baheula

Barudak jaman baheula, tangtu beda jeung budak ayeuna. Mun kaulinan barudak ayeuna leuwih loba anu sipatna individualistis, baheula mah sabalikna. Kalolobaanana kaulinan teh ngipuk sipat sosial, dina harti kudu dipaenkeun ku lobaan, atawa minimalna duaan. Teu saeutik dina kaulinan eta teh anu kudu bari kakawihan. Model oray-orayan upamana. Bari leuleumpangan pacekel-cekel taktak, terus leumpang kukurilingan, barudak raeng kakawihan....
Aos seratan sagemblengna...


17 November 2011

Novel Sunda Gratis: Sanggeus Halimun Peuray

Inu direremokeun ka Awit. Keuheul, tapi kapaksa daek, sabab manehna kahutangan budi ku indungna Awit nu kungsi tohtohan ngabelaan indungna Inu basa keur gering di rumah sakit. Ieu salah sahiji novel masterpiece Aam Amilia, sastrawati Sunda anu geus moal aya nu bireuk deui. Mun teu salah, novel ieu malah kungsi dijieun film dina judul anu sarua. Bilih panasaran, kumaha pamustunganana lalakon Inu sareng Awit, mangga undeur bae...
Aos seratan sagemblengna...


11 November 2011

Komik Sunda Gratis: Si Mamih

Baraya SundaBlog anu sok maos Manglé taun 80-an tangtos émut kénéh kana tokoh kartun Si Mamih, rékaan Edyana Latiéf. Minimal émut keneh kana baju si Mamih anu totol-totol (polkadot). Si Mamih, anu buukna ngan ukur sakeupeul dina embun-embunan, bisa jadi mangrupa simbol masarakat Sunda anu rajin motrét kajadian di sabudeureunana, bari jeung teu leupas tina ciri urang Sunda: resep heureuy. Singhoréng karya-karya Edyana Latiéf...
Aos seratan sagemblengna...


10 November 2011

Majalah Heubeul: Sunda

Madjalah SUNDA Pamedal : PT Duta Rakjat. Alamat : Djl. Karyawan No. 3 (luhur), Bandung. Pingpinan Umum : Prof. Dr. Achmad Sanuasi SH. Girang Rumpaka/Panangkes: Ajip Rosidi. Rumpaka : Jus Rusamsi; Us Tiarsa R.; Rachmat M. Sas. Karana. Juru Gambar : Nana Banna; Ai Abdul Rachim; Kadarisman. Tata Usaha: Wigandi; Lalan Ramlan S. Motto : Ngabela Martabat Rahajat, Kadaulatan Nagara Djeung Komara Agama....
Aos seratan sagemblengna...


08 November 2011

Wayang

Salah sahiji kasenian Sunda anu angger dipikaresep nyaeta wayang golek. Najan henteu loba jiga baheula, tapi ti unggal generasi aya bae nu mikaresep. Ti kolot nepi ka budak. Ka nu bade ngadangukeun, mangga kantun nyetel. Tong hilap sadiakeun cikopi sareng kulub suuk. Upami teu aya mah, nya goreng sendal capit oge teu nanaon, ari sedep mah :) Mung wayahna, lalakonna saaya-aya heula. Insya Allah ka payun baris ditambihan, pami...
Aos seratan sagemblengna...


07 November 2011

Majalah Humor Sunda Cakakak GRATIS!

Urang Sunda kawentar resep banyol alias humor. Ceuk beja, jelema nu resep heureuy, resep banyol, resep humor, jarang katerap kasakit. Humor oge bisa jadi terapi atawa ubar keur nu gering. Ngan omat tong loba teuing heureuy di hareupeun nu boga panyakit bengek atawa asma. Lain ku nanaon, sok eungap :) Tah, bilih peryogi hiburan, mangga undeur bae majalah humor basa Sunda Cakakak edisi munggaran, GRATIS! Nyanggakeun... !--...
Aos seratan sagemblengna...


05 November 2011

Buku-buku Heubeul

Ieu gambar sababaraha buku pelajaran basa Sunda anu kantos janten "primadona" dina jamanna: Ganda Sari, Umi jeung Udi, Taman Pamekar. Kiwari kantun waasna. PAMEKAR BASA Anggoeun di Kelas Tilu SD Di susun ku : A.SANUSI Penerbit " TARATE " Bandung 1978 !-- Begin copyright=new Date(); update=copyright.getFullYear(); document.write("Tata Danamihardja © 2006 - "+ update +" "); // End Tata Danamihardja © 2006 - 2025...
Aos seratan sagemblengna...


02 November 2011

Ebook: Si Kabayan

Saha nu teu terang ka si Kabayan? Tokoh Sunda rekaan anu kasohor pikaseurieun sakaligus pikasebeleun. Tapi salian ti eta singhoreng loba oge pulunganeunana, saperti nu kungsi dibahas di dieu. Carita Si Kabayan saestuna mangrupa carita warisan budaya lisan. Ngan ku sabab kadieunakeun budaya lisan mimiti luntur, asa lebar lamun henteu didokumentasikeun. Tangtu ieu lain tarekah nu munggaran dina ngadokumentasikeun carita si Kabayan....
Aos seratan sagemblengna...


Dipepende Dongeng

Sok waas lamun nyoreang alam ka tukang. Jaman keur budak, jaman can nyaho kasusah. Teu salah lamun loba nu nyebutkeun yen mangsa nu pangsenang-senangna mah nya jaman keur budak tea. Ma'lum di kampung nu can mantra-mantra kana loba hiburan, salah sahiji hal anu hese dipopohokeun teh nyaeta kabiasaan sok dipangdongengkeun ku pun biang. Biasana ritual ieu teh dipake mepende samemeh sare. Dongengna rupa-rupa, ti mimiti dongeng...
Aos seratan sagemblengna...