ROJONG GERAKAN HARI TANPA TV
Serentak dina poe Minggu, 23 Juli 2006
Kurang leuwih 60 juta barudak di Indonesia lalajo TV ampir sapoe jeput. Naon bae nu dilalajoanan? Sagala bres, sabab kalolobaanana kolot teu mere katangtuan nu jelas, acara naon bae nu meunang dilalajoan. Ti mimiti acara gosip selebritis; berita kriminal nu teu jauh ti urusan getih; sinetron rumaja nu pinuh ku kekerasan, seks, intrik, mistis, amoral; film dewasa nu diputer ti isuk tepi ka peuting; penampilan grup musik nu barangpakena seksi tur ngahaleuangkeun lagu nu rumpakana ditujukeun pikeun nu geus sawawa; sinetron 'agama' nu lolobana nonjolkeun rekaan azab, jurig, iblis, siluman, jeung saterusna. Oge kaasup acara keur barudak nu ngandung adegan nu teu aman jeung teu pantes dilalajoan ku barudak.
Bayangkeun yen salah sahiji ti antara maranehanan teh anak urang nu unggal poe kudu neureuyan sagala hal tina pintonan TV anu sabenerna mah pikeun jelema nu geus sawawa. Barudk teh tangtu bakal kaleungitan kagumbiraan tur sikep 'polos'-na sabab maranehanan kapaksa kudu mikiran pasualan-pasualan manusa dewasa. Akibatna, loba nu ngarandapan gangguan psikologi jeung kateusaimbangan emosi nu ngawujud dina hesena konsentrasi, perilaku kekerasan, persepsi nu kaliru, budaya 'instan', patalekan-patalekan nu 'di luar dugaan' jeung sajabana.
Teu loba barudak nu untung bisa miluan rupa-rupa kagiatan, fasilitas, katut kolot nu toweksa nepi ka maranehanana bisa ngarahkeun barudak sangkan ngagunakeun waktuna pikeun ngalakukeun hal-hal anu leuwih mangpaat tinimbang saukur lalajo TV. Padahal kacida lobana kolot di Indonesia nu ngarasa hariwang lamun nengetan acara siaran TV di urang. Kalangan industri televisi boga argumentasi sorangan pangna maranehanana nyiarkeun acara-acara nu teu merhatikeun kapentingan barudak jeung rumaja. Intina, kapentingan bisnis geus ngelehkeun tur nempatkeun barudak jeung rumaja dina posisi saukur jadi pasar nu kudu dimangpaatkeun. Sanajan sababaraha stasiun TV geus mimiti ngomean eusi siaranana, tetep we teu bisa mupus kasalahan maranehanana nu katukang-tukang dina enggoning mere 'dahareun' nu geus ngaruksak jiwa puluhan juta barudak di Indonesia.
Pamarentah katut institusi sejenna, geus kabuktian teu mampuh nyieun aturan nu bisa maksa industri televisi sangkan leuwih sopan dina nyiarkeun acara-acarana. Ku kituna, euweuh deui pilihan sejen iwal ti urang sarerea nu kudu nangtukeun sikep dina nyanghareupan situasi saperti kieu. Anggota masarakat nu sauyunan tur ngabogaan sikep nu sarua pikeun nolak perilaku industri televisi di urang, bakal jadi kakuatan rohaka lamun jumlahna beuki ngalobaan. Penolakan ku masarakat nu nyata-nyata mangrupa pasar pikeun industri televisi, dina waktuna bakal jadi kakuatan anu kacida gedena.
Nya ku sabab eta pisan perlu dilakukeun 'Gerakan HARI TANPA TV'. Poe Minggu 23 Juli 2006 anu marengan jeung HARI ANAK NASIONAL dipilih pikeun dijadikeun HARI TANPA TV nu mangrupa bentuk kaprihatinan masarakat kana tayangan TV nu teu aman jeung teu pantes pikeun barudak. Suksesna ieu gerakan bakal ngabuktikeun yen lamun masarakat bisa sabilulungan nolak kana perilaku industri televisi, nya di dinya pisan urang bisa miharep ayana kamajuan ka nu leuwih hade.
Jadi, diantos pangrojongna sakantenan bilih bade ngagabung mieling HARI TANPA TV. Dina poeanana, pareuman TV sapoe jeput sarta ajak barudak pikeun ngalakukeun kagiatan sejen nu leuwih mangpaat.
Sakabeh unsur masarakat bisa ngirim pangrojongna kana:
Fax : 021-9246539 - Yayasan Kita dan Buah Hati
021-8406553 – Yayasan Pengembangan Media Anak/Kidia
E-mail : haritanpatv@kidia.org
kitadanbuahhati@yahoo.com
Telepon : 021-80871763
SMS : 0815-8556547
Website : www.kidia.org (Info leuwih jero ngeunaan ieu gerakan)
Mun isu ieu dianggap penting, disuhunkeun rido galihna kanggo mangnyebarkeun ka rerencangan, baraya, jst.
Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna:
Tweet |
0 baraya mairan:
Bade Mairan/Ngiring komentar? Klik Di Dieu..