Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 23 Agustus 2012

Ngaran Sunda

Kadang-kadang sok mikir, kumaha nya lamun jelema teu boga ngaran? Mangga geura emutan. Jelema sakitu lobana tapi euweuh ngaranan, kumaha mun hayang ngageroan? Maenya kudu ditoel wae mah. Mun kitu meureun dunya teh pinuh ku nu silih toel. Atawa bisa oge ngagroan ku ciri fisik, upamana bae nu buukna galing digeroan si Galing. Terus kumaha ngageroan nu buukna lempeng? Pan eta mah leuwih loba?

Tapi nu penting mah ayeuna urang teu kudu bingung sabab jelema geus nyiptakeun sistem ngaran dina komunitasna masing-masing. Ku cara kitu urang bisa silih geroan make ngaran sewang-sewangan. Sistem ngaran urang Sunda tangtu beda jeung urang Jawa atawa urang Inggris. Mangga tengetan, ngaran urang Sunda upamana, leuwih loba unsur huruf 'A'-na lamun dibandingkeun jeung urang Jawa anu loba make 'O'.

Ngaran urang Sunda biasana ngandung engang (suku kata) anu diulang dina ngaran papanjangna. upamana bae: Yanti Riyanti, Titin Suryatin, Maman Suryaman. Ngaran urang Sunda jaman baheula mah biasana ngan ukur sakecap, upamana: Emod, Icih, Dulah, Entur, Tabroni, Empud, jrrd. Eta biasana ngaran somah samodel kuring. Ari ngaran menak mah rada beda, biasana dua kecap sarta ngaran papanjangna karasa 'ngamenak'. Contona: Ahmad Suryadilaga, Ikin Wangsadireja, Usman Jayadilaga, jsb. Anu rada aneh, di daerah Subang pasisian kuring kungsi manggihan jelema ngaranna Runtah, Kecot, jeung Panto. Disebut aneh teh sabab kecap-kecap eta mah teu ilahar dipake ngaran jelema ku urang Sunda. Nu leuwih aneh aya babaturan urang Batak tapi ngaranna Asep.

Husus dina sitem ngaran urang Sunda, memang euweuh pola anu jelas, tapi leuwih neueul dina sual rasa. Ngaran Encuy, Ocid, Icih, atawa Wangsadireja ampir bisa dipastikeun lemburna aya di tatar Pasundan. Najan kitu, ayeuna mah geus rada hese neguh bibit buit jelema tina ngaran. Proses akulturasi antar etnis/bangsa nyababkeun leyurna konsep ngaran lokal. Urang Sunda geus loba anu ngaranna memper-memper urang deungeun, contona Billy, Dandy, Rita, Nadya jeung sajabana.

Proses modernisasi, kamajuan teknologi komunikasi, jigana mangrupa sawatara hal anu nyababkeun ngeserna sistem ngaran. Ngaran-ngaran samodel Oding, Ikin, Emod, Icih upamana geus arang dipake ku urang Sunda generasi kiwari, kasilih ku ngaran-ngaran anu kesanna modern saperti: Billy, Nancy, Sony jeung sajabana. Ku kituna kiwari jadi beuki hese pikeun neguh asal-usul jelema ngandelkeun tina ngaranna wungkul.

Padahal lamun ditengetan, ngaran-ngaran Sunda baheula sabenerna ngandung 'homophone' (sasaruaan sora) jeung kosakata dina basa Inggris:
  • Empud - food
  • Engkar - car
  • Dayat - diet
  • Ono - oh no!
  • Parti - party
  • Emud - mood
  • Bakri - bakery
  • Oyeh - oh yeah!
  • Endang - dunk
  • Endring - drink
  • Mumun - moon
  • Enti - tea
  • Agus - goose
  • Asep - chef
  • Entis - tease
  • Oot - OOT (out of topic)
  • Eros - rose
  • Imas - must
  • Mamad - mud
  • Madi - muddy
  • Gopar - go far
  • Neni - nanny

Percanten? Ah ulah nu ieu mah. Kuringna keur hayang ngacapruk :) Nyanggakeun....

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.


Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna:

6 baraya mairan:

Yayan mairan:

Satuju !!

Baraya Nyamuni mairan:

Upami teu lepat mah, akang oge apan teureuh menak, da jenengan teh panjangna mah ;
Tata Danamihardja Mangkuranda Dimeja. Sanes kitu dulur?

Tata Danamihardja mairan:

@Baraya: Sanes teureuh menak atuh eta mah Kang: teureuh ENAK :-)

Tata Danamihardja mairan:

@Kang Yayan Nuhun Kang...

roby wakas mairan:

hahahha kang enya nya kang di tenget2 teh hampir mirip jeung bhs inggris ngaran na,,,,bisa wae si akang mah,,,salam kenal ah kang

SundaBlog mairan:

@roby wakas Wilujeng tepang Kang Roby... Tah pami Roby mah leres-leres nami Inggris :)