Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 07 Januari 2012

Jokowi Versus Bibit

Ngaran Jokowi deui-deui jadi sorotan media. Mun biasana pejabat disorot alatan kasus korupsi, manehna mah estu beda. Jokowi jadi bukur catur alatan ngaresmikeun mobil Esemka buatan barudak SMKN 2 Solo, SMKN 5 Solo, jeung SMK Warga Solo jadi kendaraan resmi walikota Solo. Loba nu muji ketak simpatik ieu, tapi loba oge nu sinis. Di detik.com, Walikota Semarang nuduh Jokowi narsis (hayang kaatangar). Malah Gupernur Jawa Tengah Bibit minangka atasan Jokowi entang-entangan nyebut Jokowi 'cari muka' (hayang kapake).

Jokowi memang lain kakara sakali dianggap kontroversial dina konotasi positif. Gaya kapamingpinan lalaki ngora anu handap asor ieu teh memang nenggang tinu sejen. Basa ditawaran sangkan ngaganti mobil dines nu umurna geus leuwih ti sapuluh taun, Jokowi nampik sapajodogan. Alesanana, mobilna masih keneh bisa dipake jeung tara mogok. Mun presiden kungsi 'curhat' gajihna teu naek-naek, Jokowi mah sabalikna. Gajihna ti barang dijenengkeun jadi walikota nepi ka ayeuna teu pernah dicokot.

Lain eta wungkul. Jokowi nolak pangwangunan mall di Solo. Manehna leuwih mentingkeun ngabebenah pasar tradisional anu geus aya. Alesanana, pikeun nangtayungan tur ngamajukeun padagang leutik. Nya ieu pisan cukang lantaranana pabentar paham Jokowi jeung Bibit salaku atasanana. Jokowi teu unggut kalinduan, mall teu jadi diwangun, sanajan ti harita Gupernur Jawa Tengah jadi malik ceuceub. Pikeun manehna, karaharjaan wargana leuwih penting tibatan pamuji ti atasanana.
Dina kondisi langkana pamingpin anu bener-bener pro-ra'yat, Jokowi lir ibarat cinyusu atawa oase di tengah-tengah sagara keusik. Ketak tur kawanina jadi pamujian balarea. Lain ngan ukur warga kota Solo, tapi oge warga kota-kota sejen di sakuliah Indonesia ngarasa kayungyun ku gaya kapamingpinanana.

Ngan nyakitu, ngaran-ngaran migawe kahadean mah sok loba barebedanana. Upama ra'yat leutik loba anu muji ketakna, di lingkungan birokrasi mah sabalikna. Loba anu kalahka ngewa jeung ceuceub sabab ngarasa kaluhuran atawa eleh pamor. Performa lalaki nu ngaran aslina Ir. Joko Widodo dina mancen tugas salaku walikota Solo lain-lainna diconto, tapi kalahka jadi panyirikan.

Mudah-mudahan Jokowi ulah kapangaruhan ku paripolah jalma-jalma anu sirik ka manehna, angger basajan tur handap asor, sarta tukuh tur tigin dina dadasar kajujuran enggoning mancen tugan salaku pamingpin anu bener-bener merjoangkeun kapentingan balarea. Indonesia kacida butuhna ku pamingpin picontoeun saperti kieu.

Keep on fighting
, Jokowi!

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.


Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna:

3 baraya mairan:

Hermankadi mairan:

ngiringan mairan kang,.., sae pisan Jokowi mah anu sakitu geten pisan ka rahayat na teh, benteun sareng di tempat abdi,, pamarentah na tos teu kedah dicarioskn deui,, buktosna ieu http://www.kaskus.us/showthread.php?t=12828059 nyuhunkeun saran pendapat malih pami tiasa mah hoyong dishare keun ka sadayana migia aya salah sawios urg lembur anu nuju di dayeuh maos ieu teras anjeuunna tiasa masihan solusi
hatur nuhun

SundaBlog mairan:

@Hermankadi Ngiring prihatin Kang... Mugi-mugi aya inohong nu maos tur tiasa ngiring merjoangkeun tur nembongkeun kanyaahna ka sarakan (Tasikmalaya)....

Hermankadi mairan:

@SundaBlog

Kang sadayana parantos di posting dina bentuk Blogspot kang.. http://goo.gl/psmAB