Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 23 Desember 2011

Wilujeng Angkat Kang Aom

Dunya seni Tatar Pasundan deui-deui kaleungitan putra pinilih. Asa anyar keneh Kang Ibing ninggalkeun urang sadaya, ayeuna geletuk deui Aom
Aom Kusman Kartanagara
Kusman, seniman anu sarua icikibung dina dunya lawak, mulih ka jati mulang ka asal, pukul 4.30 tadi subuh.

Aom Kusman Kartanagara, kalahiran Sukabumi 24 Juni 1946, kaasup salah sahiji pelawak senior Indonesia. Lian ti ngabodor jeung De Kabayan, Aom Kusman oge kungsi jadi host acara TV populer Kuis Siapa Dia di TVRI.

Wilujeng angkat Kang Aom, muga-muga dipaparin jalan anu ngabulungbung dina enggoning ngadeuheus ka Mantenna di alam kalanggengan. Inna lillahi wa inna ilaihi roji'un.



SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.


Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna:

2 baraya mairan:

Baraya Nyamuni mairan:

inna lillahi waina ilaihi roji'un.......... aranjeuna teh menurut abdi mah termasuk pahlawan....... muhun pahlawan di bidang budaya anu moncorongkeun budaya Sunda..... hayu urang sasarengan ngadukung saha wae anu nuju nanjerkeun budaya Sunda.....

SundaBlog mairan:

Sapuk, pahlawan anu teu kedah dijenengkeun ku pamarentah...