Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 19 November 2011

Kakawihan Budak Baheula

Barudak jaman baheula, tangtu beda jeung budak ayeuna. Mun kaulinan barudak ayeuna leuwih loba anu sipatna individualistis, baheula mah sabalikna. Kalolobaanana kaulinan teh ngipuk sipat sosial, dina harti kudu dipaenkeun ku lobaan, atawa minimalna duaan.

Teu saeutik dina kaulinan eta teh anu kudu bari kakawihan. Model oray-orayan upamana. Bari leuleumpangan pacekel-cekel taktak, terus leumpang kukurilingan, barudak raeng kakawihan. Kawihna oge geus pararuguh, teu bisa sakahayang, diwariskeun ti generasi samemehna.

Hanjakal kiwari kaulinan samodel kieu teh geus tara kapanggih, kaasup di pakampungan, kadeseh ku kaulinan impor. Anak nu beunghar ngarerem di imah masing-masing, maraen PS atawa game sejenna. Mun teu kitu, maen game online anu kiwari keur ceuyah di internet. Anak nu teu boga maksakeun ka rental PS atawa ka warnet, belaan ceurik-ceurik menta duit ka indungna.

Duka iraha urang bisa ngadenge deui barudak jaman kiwari kakawihan samodel Oray-orayan atawa Eundeuk Eundeuk Cang. Teu bisa kumaha, da memang jamanna geus beda.
Itung-itung mulangkeun panineungan, aya sababaraha kakawihan barudak anu masih keneh napel dina uteuk. Susuganan bisa jadi luang. Atuh dina henteuna, nya teu nanaon. Anggap we ieu teh catetan atawa bukti tinulis, yen kakawihan samodel kieu teh kungsi aya, di tatar Pasundan.

ORAY-ORAYAN

Oray-orayan, luar leor mapay sawah
Entong ka sawah, parena keur sedeng beukah
Mending ka leuwi, di leuwi loba nu mandi
Saha anu mandi, anu mandina pandeuri

AYANG-AYANGGUNG

Ayang-ayang gung
Gung goongna rame
Menak ki Mastanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni

Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong

CINGCANGKELING

Cingcangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong
Bapa Satar buleneng

EUNDEUK-EUNDEUK CANG

Eundeuk-eundeu cang lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku Nini
Beunang deui ku Aki

JALEULEU

Jaleuleu ja
tujaeman gog
Seureuh leuweung bay
Jambe kolot bug
Ucing katinggang songsong
Ngek ngek!

KALONGKING

Kalongking-kalongking
Bapa sia hudang ngising
Dibura ku madu kucing
Madu kucing meunang maling

Kalongking-kalongking
Bapa sia utah ngising
Beak samak beak samping
Teu cageur waktu sapeuting

BANGBANG KALIMA GOBANG

Bang kalima-lima gobang bang
Bangkong di tengah sawah wah
Wahey tukang bajigur gur
Guru sakola desa sa
Saban poe ngajar jar
Jarum paranti ngaput put
Puteri nu gareulis lis
Lisung kadua halu lu
Luhur kapal udara ra
Ragrag di Jakarta ta
Taun tujuh hiji ji
Haji tas ti Mekah kah
Kahar dua rebu bu
Buah meunang ngala la
Lauk meunang nyobek bek
Beker meunang muter-ter
Terus ka Cipaten pen
Pena gagang kalam lam
Lampu eujeung damar mar
Mari kueh hoho ho
Hotel pamandanga ngan
Nganteur anu kawin win
Winta dagang oncom com
Comel kanu gelo lo
Lodong kosong ngentrung tung
Tunggir hayam bikang kang
Kangkung meunang meuli li
Lili lewungit konci ci
Ciak anak hayam!

PUNTEN

Punten mangga
Ari ga, gatot kaca
Ari ca, cau ambon
Ari bon, bonteng asak
Ari sak, sakit perut
Ari rut, rujak asem
Ari sem, sempal-sempil
Ari pil, pilem rame
Ari me, meja makan
Ari kan, kantong kosong
Ari song, songsong lampu
Ari pu, puak-paok
Ari wok, wok candewok

OLE-OLE OGONG

Ole-ole ogong
Melak cabe di Tarogong
Dihakan ku embe ompong
Diteang kari sapotong

Au-au eheng
Beuleum cau tutung geheng
Embe-embe domba
Anak sapi tutunggalan

TOKECANG

Tokecang-tokecang
Balagendil tosblong
Angeun kacang-angeun kacang
Sapendil kosong

TRANG-TRANG KOLENTRANG

Trang-trang kolentrang
Si Londok paeh nundutan
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan

Tamba panasaran, sabagian tina kaulinan barudak Sunda baheula aya dina pintonan video di handap ieu (klik tombol play).

Kaulinan Barudak bag. 1 (Caraka Sundanologi)
Kaulinan Barudak bag. 2 (Caraka Sundanologi)

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.


Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna:

7 baraya mairan:

Baraya Nyamuni mairan:

janten hoyong seri emut kapungkur waktos nuju aya keneh embe sabari ngangon digugunungan bari nyonyoo upih kalapa sorodot hahhaaa.....

SundaBlog mairan:

@sunnykeysertah... eta teh pami ayeuna mah sapertos sosorodotan di waterboom :)

Nugraha mairan:

Hapunten sateuacanna, dina kakawihan anu judulna jaleuleu, diserat : Jaleuleu ja, tujaeman gog. Ari sakaemut abdi mah nganggo kecap tulak, janten : tulak tujaeman gog. ...

@bihaeela mairan:

asa emut nuju murangkalih.....sok aramenng di buruan..nuju lega keneh....sawah uplak-aplak keneh, ari ayeuna bati waasna.....jaranten baratu

SundaBlog mairan:

muhun, tos jaranten beton... barudak arameng di jalan, matak hariwang...

Nugraha mairan:

Punten bade ngiring mairan,dina kawih JALEULEU aya lirik tujaeman gog. Ari saemut abdi mah nganggo kecap tulak, jantenna tulak tujaeman gog. hapunten bilih lepat.

SundaBlog mairan:

@Nugraha Rupina tulak tuja eman nu leres, namung waktos nuju budak nu sok dikawihkeun teh nu lepat tea :) Hatur nuhun koreksina...