Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 17 Agustus 2012

Wilujeng Milangkala Indonesia

Teu karasa, 67 taun bangsa urang leupas tina penjajahan bangsa deungeun. Kitu mungguhing teori, da ari kanyataanana mah duka teh teuing. Cenah eta urang masih keneh dijajah sacara ekonomi ku bangsa deungeun, beda deui urusanana. Atawa rahayat leutik masih keneh dijajah ku bangsana sorangan, nyatana ku para jongos rahayat jeung anu ngaku-ngaku wakil rahayat, keun we urang tunda heula saayeunaeun mah. Ayeuna mah urang puseurkeun heula paniten urang kana mieling kamerdekaan.


Boh kitu boh kieu, kamerdekaan teh mangrupa nugraha pikeun bangsa urang sabab ieu teh minangka modal anu kacida gedena dina pergaulan antar bangsa. Bangsa urang bisa satata jeung bangsa deungeun dina sagala hal. Urang teu perlu mamandapan menta pangasih ti bangsa deungeun. Sagala pasualan bisa diputuskeun ku sorangan, teu perlu menta ijin ti batur. Pon nyakitu deui dina ngokolakeun nagara. Singgetna, urang geus jadi bangsa anu mandiri.

Tah, minangka wujud tina rasa sukur teh nya biasana ku jalan mieling poe kamerdekaan unggal tanggal 17 Agustus. Taun ieu mah kabeneran deuih ninggang dina poe Juma'ah, sarua jeung basa taun 1945. Ngan ngaranna oge sukuran, tangtu asa teu merenah lamun kaleuleuwihi. Ongkoh pan mun kaleuleuwihi mah jadi patojaiyah jeung esensi sukuran.

Nu matak basa Forum Indonesia untuk Transparansi Anggaran (FITRA) nimu data anu netelakeun yen istana nganggarkeun duit 7,8 milyar keur waragad mieling kamerdekaan, loba anu ngarasa mentegeg tur hareneg. Asa teu pantes atuda waragad sakitu gedena ngan ukur dipake acara seremonial sapoeeun. Komo lamun inget yen masih loba keneh jelema anu neangan duit 10 atawa 20 rebu wae kudu luut-leet kesang sapoe jeput.

Malah ceuk kuring mah lain ngan ukur teu pantes, tapi kaasupna ge kana TEU GABLEG CEDO. Sukuran mah ayana dina hate, lain dina pesta anu hurung-herang. Duit sakitu mah mending dipake ngamemenan jelema miskin, jelema nu teu mampuh. Lain dimonyah-monyah diuwar-awur teu puguh. Mu kitu mah tetela euweuh undakna atuh sanggeus 67 taun merdeka teh. Aya ketang anu undak teh: beuki dieu beuki loba jelema anu kandel kulit beungeut, euweuh kaera najan ngadaharan duit batur, duit rahayat. Astagfirullah.

Nun Gusti, mugi Gusti nyiksa tur ngawarah sing saha wae anu ngaku pamingpin atanapi wakil rahayat, anu tambelar tur ngamomorekeun ka rahayatna. Amiiin.

Wilujeng milangkala, Indonesia.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.


Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: