Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 28 Agustus 2012

Abong Nu Beunghar

Jelema mah hade ku basa, goreng ku basa. Kitu piwurukna pun biang sareng pun bapa anu masih keneh nongtoreng dina ceuli nepi ka ayeuna. Pelajaran dasar elmu hirup anu samistina dipake ku sing saha bae dina hirup kumbuh sapopoe. Minangka jampe sangkan silih ajenan jeung sasama bari henteu mandang status sosial, jabatan, harta jeung sajabana.

Da yakin atuh, rek nu beunghar, rek nu miskin, rek nu pinter, rek nu bodo, rek nu pangkat, rek somah, pasti sarerea oge hayang diajenan ku sasama. Basa nu dimaksud di dieu oge tangtu lain ngan saukur omongan, tapi gumulung dina rengkak paripolah tur sikep urang dina nyanghareupan papada jalma. Sanajan babasaanana lemes, tapi ari sikepna adigung sarta ngahampas mah, angger we matak pikateungeunaheun batur.

Padahal sanajan nu beunghar upamana, matak naon mun sing someah ka sasama, rek miskin, rek beunghar. Dijamin, moal matak ngurangan kabeungharanana. Malah ku batur ge meureun jadi pamujian, keur beunghar teh bageur jeung someah deuih. Atuh nu miskin bari someah oge nyakitu, pasti jadi pamujian batur: si eta mah sanajan miskin tapi someah, hade basa hade tata (danamihardja). Tuh, pan euweuh rugina nya.

Konsep silih hargaan dina pergaulan sosial sapopoe sakuduna lain ngan ukur papaes lambe, lain ngan saukur diambeng dina obrolan atawa tulisan, tapi kudu bari jeung prakna dilaksanakeun. Mun sarerea geus bisa kitu, tangtu dunya teh baris ayem tengtrem, moal aya pacogregan sarta silih omongkeun kagorengan. Barina oge lamun kagorenganana euweuh, naon nu rek diomongkeun atuh ari lain kaalusan mah?

Tapi da ngaranna ge hirup, pasti moal salawasna ideal sakumaha kahayang urang. Mun kitu mah moal rame atuh dunya teh. Dina copelna, kuring meureun moal aya tuliskeuneun :)

Naha kumaha kitu? Enya pan kaalaman pisan ku kuring. Lebaran kamari kadatangan tamu ka imah. Cenah manehna teh minantu pejabat manten level propinsi. Lain tamu kuring sabenerna mah, tapi tamu ki lanceuk. Ngan kabiasaan di imah kuring, mun aya tamu teh sok kudu nepungan mingangka pangangken ti kulawarga. Tara lila atawa terus masamoan eta oge, ukur kitu we sasalaman terus ngahaminan sakeudeung.

"Nepangkeun ieu pun adi," cek ki lanceuk ka semah nu harita kabeneran keur ngobrol jeung pamajikanana. Ki semah teh nangtung bari unggeuk tur ngasongkeun leungeun nampanan leungeun kuring nu ngajak sasalaman. Ngan jigana ku sabab nempo kuring mah lain tongkrongan jalma penting, bari jeung manehna keur kagok ngomong ka pamajikanana, ngasongkeun leungeunna teh bari beungeutna teu nempo beungeut kuring.

Najan enya ge kuring lain jalma penting, lain jalma beunghar, tapi ari nempo kitu mah kuring teh asa disapirakeun. Na asana teh, da najan kuring teu beunghar oge teu diparaban ku manehna ieuh. Uteuk rock n' roll kuring langsung reup bray. Leungeun kuring nu geus nyolongkrong teh dicentok deui bari teu ngomong sakemek-kemek acan, terus ngaleos deui ka jero. Teu tulus sasalaman!

Kareret ku juru panon pamajikanana colohok. Teuing kumaha tah beungeut ki semah dikitukeun teh. Bae ah, insya Allah moal rugi teu sasalaman jeung manehna oge.

Mudah-mudahan ieu teh jadi pelajaran keur manehna, keur kuring oge, yen ngajenan jelema mah ulah pilihan, komo dumasar kana beunghar henteuna, pangkat henteuna, jeung sajabana. Jeung pangpangna mah kudu sadar yen teu kabeh jelema bisa dikutiplak sakahayang manehna. Kudu inget deuih, saha nu apal dina hiji mangsa mah urang baris butuh ku jelema anu ku urang dianggap teu penting.

Ku aya-aya bae nya ari jelema. Abong nu beunghar.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.


Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: