Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 12 Desember 2011

NOREK

Norek beda jeung torek, sanajan asal kecapna memang tina torek. Lamun torek hartina teu bisa ngadenge alatan panyakit, norek mah teu kitu. Norek hartina embung ngadenge atawa api-api torek sabab saenyana mah teu torek teu sing. Lamun torek sifatna pasif sabab lain kahayang manehna, sabalikna ari norek mah aktif sabab dilampahkeun kalawan sadar atawa ngahaja.

Kajadian mahasiswa (Sondang Hutagalung, mahasiswa semester pamungkas Fakultas Hukum UBK) anu ngaduruk karep di hareupeun istana Presiden sawatara waktu ka tukang estu matak geunjleung. Moal samata-mata manehna tega nelasan awak sorangan lamun euweuh sabab musababna. Jeung tangtu moal milih tempat di hareupeun istana lamun euweuh alesanana. Sanajan euweuh nu ngajelaskeun, jelema awam samodel kuring oge geus bisa neguh naon anu jadi kasang tukang tina insiden anu matak kukurayeun ieu teh.

Istana jeung Presiden minangka salah sahiji simbol institusi kakawasaan panggedena di ieu nagara lir ibarat ditampiling di hareupeun jalma loba, nya nyeri nya wirang (kuduna mah). Kajadian ieu teh minangka refleksi tina puncak kakuciwaan tur rasa frustrasi ra'yat leutik kana performance tilu pilar demokrasi anu dianggap teu mampuh ngama'murkeun warga nagarana. Lembaga eksekutif, judikatif jeung legislatif geus gagal nembongkeun gawe rancage dina enggoning ngokolakeun nagara nepi ka nimbulkeun kateuadilan.

Kumaha tanggapan ti para pangagung nagara? Nepi ka danget ieu sakanyaho kuring kakara nepi kana 'ucapan belasungkawa', 'turut prihatin', sarta kalimah-kalimah normatif sejenna. Saolah-olah kaleungitan nyawa salah saurang warga teh lain masalah gede. Respons maranehna kakara nepi kana level tamba bau sungut alias lips service. Padahal idealna mah hal ieu teh kudu dijieun panggeuing tur dijieun panginditan pikeun introspeksi bari jeung prakna bebenah kalawan daria.

Jadi inget kana dongeng politisi Jepang anu kabaud korupsi. Cenah duit anu dikorupsina teh mun dirupiakeun mah ukur welasan juta. Barang kanyahoan, manehna kacida ngarasa wirangna sabab dina budaya manehna mah ngagasab atawa maok duit (boh duit pribadi atawa duit nagara) dianggap aeb anu pohara sarta geus ngawiwirang kulawarga. Pikeun nebus kasalahan euweuh deui carana iwal ti harakiri (nelasan karep). Nya manehna bebeja ka indungna sakalian pamitan samemeh maehan karep. Kumaha ceuk indungna? "Jung kasep tong diengke-engke, tamaha hidep geus ngawiwirang ngaran kulawarga!"

Nepi ka kituna ari batur. Muji ku pengkuhna dina ngajungjung harga diri, lain soal nelasan karepna. Kumaha ari di urang? Teu kudu dicaturkeun, sarerea oge pasti nyakseni ku anjeun. Koruptor nu lolos dina tuduhan kalah sarangah-serengeh semu bungah. Atuh dina unggah balewatangan nepi ka diberokna, ah paling ge sababaraha taun, kabual keneh ku hasil korupsi anu moal beak didahar ku tujuh turunan. Estu euweuh pisan kaera sok komo deui kasieun ku azab ti Pangeran mah. Nya mental saperti kieu pisan anu nyababkeun mahabuna korupsi tur kateuadilan di urang, nepi ka kajadian protes brutal nelasan karep awahing ku kuciwa tur frustrasi jajaka nu ngaran Sondang.

Sondang oge sabenerna ngan saukur simbol. Simbol tina kakuciwaan tur rasa frustrasi anu karandapan ku ratusan juta warga Indonesia. Kakuciwaan anu lolobana mah teu kungsi kedal. Atawa kedal tapi henteu meunang respons anu samistina, sabab demokrasi di urang teh saestuna kakara nepi kana cangkang. Demokrasi ngan saukur papaes lambe. Malah cek Mang Endo tatangga kuring mah, demokrasi teh hartina kaos, bandera partai, jeung mie instan gratis. Lima taun sakali eta ge.

Lamun kuring ditanya sual panuju atawa henteuna kana lampah Sondang nelasan karep, jawaban kuring jelas teu panuju. Kalah kumaha wae oge ieu teh kritik dina wujud lampah ekstrim anu teu dipirido ku Pangeran. Tapi kuring tangtu kacida teu panujuna kana tanggapan para gegeden anu karasana hare-hare, jiga nu euweuh masalah nanaon. Kritik brutal anu kajadian dina kongkolak mata wae geus teu dianggap, atuh komo kritik anu ngan saukur disidem ti kajauhan, teu kedal, atawa ngan saukur ditulis dina blog anu boa aya nu maca boa henteu.

Kuring yakin, insiden Sondang teh ngan saukur puncak tina gunung es. Di handapeunana gumulung kakuciwaan tur rasa frustrasi anu leuwih gede tur rohaka. Lamun tanggapan para gegeden ukur sahinasna, hare-hare sarta jiga nu api-api teu ngadenge alias norek saperti nu kajadian kiwari, teu mustahil hal ieu teh bakal jadi bom waktu anu baris ngabeledug ngancurkeun ieu nagara -dina harti injeuman atawa oge harti saujratna- duka iraha.

Naudzubillah!

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.


Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna:

2 baraya mairan:

Nugraha mairan:

Teu aya hartosna upami ngucapkeun "bela sungkawa" wungkul mah upami teu disarengan ku itikad nu sae.(Aya deui hartosna norek=no.rekening he..he..)

SundaBlog mairan:

Leres Kang, hanjakal nu di laluhur teh jigana nuju teu areling (salamina)... Perkawis norek nu kadua, kaleresan nuju kosong, bilih peryogi ke disanggakeun atuh :)