Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 22 Desember 2011

Indung

Hari Ibu. Kitu disebutna unggal nincak tanggal 22 Desember. Poe pangeling-ngeling pikeun para indung di Indonesia. Tujuanana tangtu pikeun ngahormat indung, kaum wanita dina harti anu jembar.

Hari Ibu ngan saukur momentum formal, sabab enas-enasna mah ngamulyakeun indung lain ngan ukur dina Hari Ibu. Unggal renghapna napas, ketegna jajantung, obahna awak, sawadina dipake upaya pikeun ngamulyakeun indung. Ku naon pangna kudu kitu?

Asana teu kudu dibahas deui kunaon pangna kudu kitu. Mangga urang sami-sami emutan bae kumaha nyaahna nu jadi indung ka urang. Ti mimiti ngakandung ngakandung salapan bulan lilana, nepi ka ayeuna geus nincak dewasa kanyaah indung teu robah-robah. Najan sakumaha baongna nu jadi anak, indung mah angger nyaah. Tong boro saukur kitu, dalah nandonkeun nyawa waktu ngalahirkeun urang oge apan dilakonan kalawan iklas. Sato wae anu dipikanyaah ku urang, pan sok katempo malik nyaah. Komo deui urang mah da manusa. Piraku deui rek tega mulangkeun cisusu indung ku lampah anu matak nganyerikeun manahna.

foto: http://kemonbaca.blogspot.com/
Ngamulyakeun indung lain ngan ukur mukpruk ku harta banda, sabab mun kitu carana, karunya teuing nu teu boga harta. Hormat tilawat kanu jadi kolot, eta oge geus nembongkeun niat ngamulyakeun tur mikanyaah. Peupeuriheun mulang tarima mah da moal nepi, moal kabadanan. Kanyaah jeung jasa indung moal bisa ditukeuran sanajan ku naon bae. Atuh ulah-ulah nganyerikeun manahna.

Anu leuwih alus mah tangtu nya hormat nya nyukupan ku dunya barana. Tapi lamun can mampuh, nya sakadugana bae, sabab ku kakara niat oge pan ari kahadean mah geus dicatet ku malaikat. Jeung sakali deui kade poho, hormat, nyaah, deudeuh kanu jadi indung teh lain ngan ukur dina Hari Ibu wungkul, sabab indung oge nyaahna ka urang teh teu kawatesanan ku waktu.

Nu baroga keneh indung, prak ti ayeuna keneh rek mikanyaah indung mah, tong diengke-engke, bisi hanjakal. Aya rejeki sautak-saeutik, tong poho kanu jadi kolot. Lain sual gede leutikna mere ka kolot mah, tapi sual niat jeung kaiklasanana. Muga-muga urang sadaya kaasup jalma-jalma anu mulya tur ngamulyakeun indung. Meungpeung indung jumeneng keneh, meungpeung anjeunna tiasa keneh ngadu'akeun urang, sangkan hirup waluya tur barokah.

* Tilam kadeudeuh keur Indung, pun biang nu dumuk di kalanggengan.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.


Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: