Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 02 Desember 2011

Ebook Gratis: Arulin Di Pilemburan

Mun ditanya: Naha loba ahli basa Sunda di Tatar Sunda? Jawabanana: Ngaleuya! Ngaleuya hartina loba pisan. Tangtu loba pisan nu dilakukeun ku aranjeunna dina enggoning ngamumule ki Sunda. Tapi, punten, dina panenjo kuring mah, kalolobaanana leuwih neueul dina tataran teoretis. Seminar tea, simposium tea, diskusi tea, nulis karya ilmiah tea, jrrd. Nu jadi masalah, naha hal-hal nu dilakukeun ku aranjeunna teh nepi ka handap? Ka masarakat non-ilmiah?

Dina tataran praktis, urang bisa nyaksian sorangan kumaha kaayaanana dina mangsa kiwari. Sabaraha jam pangajaran basa Sunda di SD, SMP jeung SMA dina samingguna? Sabaraha judul buku basa Sunda anu medal dina sataun? Sabaraha hiji media basa Sunda nu medal sacara profesional? Acan deuih lamun ngomongkeun sual penyebaranana. Media basa Sunda upamana, salila ieu kesanna ngan ukur nulis keur sorangan, dibaca ku sorangan. Nu macana eta-eta keneh, saguliwek-guliwek keneh. Tuang jinis!

Lamun nempo kamajuan teknologi, utamana internet, sabenerna ieu teh bisa dimangpaatkeun pikeun ngawanohkeun basa Sunda (keun heula budayana mah, basana we heula) ka para nonoman Sunda nu salila ieu jiga nu diapilainkeun. Basa Sunda kesanna ngan wungkul keur generasi kolot, generasi buhun, generasi jadul. Padahal mun nilik potensi, internet bisa jadi media nu kacida efektifna dina ngawanohkeun basa Sunda ka maranehanana (para nonoman). Upamana bae ku jalan ngalobaan ebook dina basa Sunda anu katenjona modern, desainna teu tinggaleun, teu ngerakeun jsb.

Hanjakalna nepi ka danget ieu, ebook dina basa Sunda tetela masih bisa diitung ku ramo. Padahal rea sastrawan, ilmuwan, inohong Sunda nu rubak rejeki rubak ijasah, tapi teu katenjo ketakna dina sual ieu. Mun terus-terusan ukur ngulibek dina sual teori bari jeung teu prak ngalakukeun gawe nyata, jigana masing totonggengan ceurik getih oge hese kahontalna hayang nanjeurkeun ki Sunda teh. Lain teu perlu teori, ngan leuwih alus mun bari jeung prakna!
Balik deui kana sual ebook, tibatan euweuh pisan, nyanggakeun tah ebook basa Sunda, judulna Arulin di Pilemburan, yasana bapa Akub Sumarna. Ieu ebook nu desainna teu eleh ku ebook wedalan luar negeri teh (dijamin moal ngerakeun), nyaritakeun kaulinan-kaulinan bihari nu ayeuna mah duka aya keneh duka teu aya. Ka nu pernah ngalaman, itung-itung mulangkeun panineungan. Atuh ka nu ngarora, minangka bekel pikeun nambahan pangaweruh, sangkan jadi nyaho yen kaulinan-kaulinan barudak nu aya dina ieu ebook teh pernah aya jeung hirup di tatar Pasundan.

Najan teu lengkep pisan, aya 17 kaulinan barudak Sunda nu dibahas dina ebook format PDF nu kandelna 58 kaca ieu teh. Dicaritakeun dina gaya ngadongeng wangun carita pondok (henteu teoretis), nepi ka matak pogot nu maca. Ieu ebook oge dipasieup ku 17 ilustrasi mangrupa gambar pikeun mantuan ngajelaskeun kaulinan anu keur dicaritakeun.

Ebook Arulin di Pilemburan tiasa diundeur di dieu. Wilujeng maos.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.


Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna:

Saurang baraya mairan:

Yosep Hermawan mairan:

Bismillah,
Assalamu'alaaikum Wr Wb
Sim kuring kalintang atohna mendak blog ieu, nu munel ku carpon2 karesep
hanjakal (sapertosna) teu diteraskeun (teu aya deui) info,seratan sumawonna carpon/carnyam nu enggal (?)
Lebar temen...
mugi kersa neraskeun sakumaha paniatan nu sae

Di antos upload carios2 ti pangarang nu kahot sapertos:
- Aam Amilia, Ahmad Bakri, Ki Umbara jrrd

wassalamu'alaikum Wr Wb
Yosep Hr