Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 14 Maret 2011

Radio Basa Sunda

Radio basa Sunda nu dimaksud teh nyaeta radio anu basa panganteurna malulu ku basa Sunda. Ari eusina mah rupa-rupa, aya lagu indonesia, aya lagu barat, malah lagu wetan oge teu jadi masalah. Tos aya? Nyeta teu acan :)

Eta mah ngalamun. Kabeneran ngalamun teh kadang-kadang sok dianggap aneh ku batur. Dianggap mahiwal. Padahal naon salahna? Keun we da ngalamun ieuh, moal matak bohak. Pan ayeuna mah ngalamun nu mahiwal teh sok diparake dina elmu manajemen. Disebutna 'think out of the box'. Maksudna? Nya ngalamun atawa mikir mahiwal tea, kaluar tina kabiasaan anu ilahar.

Geus loba conto, ide anu baheula dianggap mahiwal, kiwari kabuktian jadi kanyataan anu teu dianggap aneh teu sing. Kapal udara upamana. Pan baheula mah dianggap lahuta sabab jelema mah ceuk palikir jalma nu 'cageur' moal bisa ngapung sabab teu boga jangjang. Tapi tetela ku jalma mahiwal mah eta teh dipikiran, nepi ka ahirna jadi kanyataan, najan carana henteu nyieun jangjang terus ditapelkeun kana awak. Tapi nu penting, jelema bisa ngapung, make kapal udara.

Komo atuh ieu, pira oge radio anu basa panganteurna basa Sunda. Teu mahiwal teu sing. Sacara teori mah gampang malah, sabab nu make jeung nu ngarti kana basa Sunda masih keneh loba. Terus ku naon atuh pangna euweuh radio anu saperti kitu?

Tah di dieu mah masalahna lain mahiwal atawa aneh. Masalahna teh nyoko dina urusan kawani. Euweuh jelema loba duit nu daek ngamodalan ngadegna radio samodel kitu. Basana teh sieun rugi tea, sieun teu balik modal tea jeung sajabana. Padahal rek nyaho bakal rugi kumaha, da dicobaan oge acan. Kumeok memeh dipacok, kitu meureun pibasaeunana.

Padahal lamun dilenyepan, ieu teh bisa jadi selling point (niley jual) pikeun icikibung dina bisnis radio. Sok inget kana kasauran Pa Temmy Lesanpura almarhum, pakar radio, nu kungsi nyebatkeun yen dina bisnis radio mah kudu 'dare to be different' (wani minculak ti batur). Tong sieun mun dianggap beda, sabab eta teh justru bakal jadi paniten batur. Pada nempo. Mun geus pada nempo pan panasaran, hayang nyaho jero-jeroanana. Keur nu dagang mah pan kakara ditempoan oge geus kaasup 'satengah ngajual'. Digilekkeun saeutik ge, iklan mo burung murudul.

Komo deui mun nu boga modalna idealis mah, keyeng hayang nanjeurkeun sunda jeung kasundaan. Ngan nyaeta hese neangan jelema nu model kitu teh: loba duit, jeung gede katineungna ka Ki Sunda.

Kacipta lah, mun lamunan kuring teh bisa ngawujud. Gogoleran di kamar bari ngadengekeun radio. "Pamiarsa, mangga urang sami-sami kupingkeun galindengna The Beatles ti babakan Liverpool, anu baris ngagalindengkeun lagu Michelle, dilajengkeun kana lagu Blackbird anu dipundut ku Kang Tata ti Ciamis. Wilujeng ngadangukeun," cek penyiar radio Urang Sunda.

Rungah-ringeuh, da asa teu menta lagu. Leungeun gupuy-gapay neangan telepon, guluprak gelas ragrag katepak. Korejat, kuring hudang. Euh, can aya geuning radio nu jiga kitu mah. Sok atuh nu saleueur artos, aya kawani teu? Kuring mah rek ngadengekeun we ah....

Tata Danamihardja © 2011

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.

Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: