Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 03 Januari 2008

Ka Jogja

Geus welasan taun asana mah teu nincak kota Jogja. Lain sibuk-sibuk teuing, pangpangna mah teu boga duit :-) Matak basa ki Lanceuk ngajak ka ditu, kabita oge. Ngan eta rada hemar-hemir teh pagawean keur rada numpuk. Tapi mun teu daek, iraha deui atuh? Nya ahirna mah daek we, meungpeung aya nu ngongkosan pangpangna mah..

Beuki nambahan umur mah beuki karasa cape indit-inditan jauh teh. Beda jeung 'jaman keur ngora', asa tara karasa cape. Ma'lum tanaga geus beuki suda, kawantu geus lila tara indit-inditan jauh. Datang ka panginepan, nu pangheulana teh hayang mandi. Tujuh jam lalakon memang lain perkara edel-edel, awak asa paregel. Komo supir meureun nya?

Mandi, dahar, ni'mat geuning. Orokaya, teu sawatara lila geus mimiti merelek heuay. Jurig tunduh geus teu kaampeuh, ngaguher di kamar nepi ka wanci subuh...

Nganjang ka Jogja mah, pasti nu dituju moal jauh ti Borobudur, karaton jeung sabudeureunana. Barudak biasana hayang ka Gembiraloka. Rarasaan, kayaanana teu jauh beda ti barang kuring panungtungan nganjang ka kota Gudeg. Nu rada beda teh, eta tukang dagang asong asa beuki ngalobaan jeung beuki 'agresif'. Matak bosen gideung jeung engab nyebut 'nggak!' Bakat ku pusing mah, tungtungna ditembalan ku basa Sunda, "Pan cek aing ge moal titadi ge!" Tapi ngomongna bari seuri, sieun ngartieun, der keh ditumbuk!
jadi turis lokal...
Balik ti Borobudur, pun lanceuk keukeuh ngajak neangan Saung Makan Bu Empat. Panasaran cenah, maca dina majalah. Bu Empat teh geureuhana Pa Ajip Rosjidi nu kiwari nganjrek di Yogyakarta.

Ku diteangan mah teu burung kapanggih, di wewengkon Pabelan nu hawana tiis. Pas jonghok sareng Bu Empatna pisan. Barang terangeun yen nu nyerbu teh urang Sunda tulen, anjeunna jadi leuwih galehgeh. Pa Ajip kaleresan nuju tuang di saung nu memang disadiakeun pikeun tempat tamu dalahar.
sareng Pa Ajip Rosidi (tengah) katut ki lanceuk..
Tempatna asri tur tumaninah. Tempat dahar diwangun ku saung-saung tina awi. Di tukangeun saung-saung aya susukan leutik herang ngagenyas. Numutkeun Bu Empat, eta teh asalna tina cinyusu nu aya di kebon kagunganana. Di tukangeun tempat dahar, aya kebon salak pondoh, beh dituna tambak udang. Pansiun tina janten dosen di Osaka Jepang, Pa Ajip kalih garwana milih bumetah di Yogyakarta. Basa ditanyakeun ku naon henteu milih di wewengkon Pasundan, Bu Empat kalah gumujeng. "Ah, tos nasib we panginten," saurna.

Bari ngahanca udang bakar bumbu madu, ngobrol ngaler ngidul. Resep ari papanggih jeung sasama urang Sunda di lembur batur. Ongkoh Pa Ajip estu teu jiga-jiga budayawan moyan, angger darehdeh nyanghareupan kuring nu 'lain nanaon'. Kira-kira tabuh lima sore kuring saparakanca pamitan. Apaleun yen kuring jeung ki lanceuk sok resep maca tulisan-tilisan anjeunna, Pa Ajip mekelan majalah Cupumanik tilu eksemplar. Ari Bu Empat mah mekelan salak pondoh nu amis tea mani sakantong gede.

Cek babasan, balakatiktrik balakacomrang, beuteung mutiktrik, berekat meunang :-)

Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: