Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 07 September 2007

Ebook Gratis: Tamba Sare Sore-Sore

Sok inget jaman keur budak, mun beres ngapalkeun (mun keur purun eta ge..) biasana sok maca buku bari nungguan jam satengah salapan, waktuna sare. Sabenerna lain pedah kutu buku, tapi ku sabab euweuh deui hiburan. Ma'lum cicing di kampung, can aya listrik. Lian ti maca, paling-paling bari ngadengekeun radio. Tapi eta oge mun kabeneran aya lagu-lagu atawa sandiwara sunda "Di Pasisian" ti RRI Bandung. Mun teu kitu neangan siaran radio luar negeri. BBC, Radio Australia, Korea, Cina, Rusia, pokona mah neangan hiburan saaya-aya. Cek paribasana nya tamba sare sore-sore. Nungguan datangna tunduh. Tah, jadi maca oge dina raraga tamba sare sore-sore tea.
eBook Sunda: Tamba Sare Sore-Sore

Bisi aya nu teu kungsi ngalaman kumaha rasana maca bari nungguan datangna jurig tunduh, mangga dicobian geura. Mun bacaeunana teu aya, cobian download ebook Tamba Sare Sore-Sore di dieu. Eusina duka mirip gado-gado, duka mirip wadah runtah, teu langkung nu maca. Tapi nu paling penting, jigana nepi ka kiwari kakara kuring hiji-hijina blogger anu nyieun ebook dina basa Sunda :-)

Sombong? Ah henteu. Sabenerna ieu mah ajakan. Maksudna, sok atuh ka blogger sunda, nu sok nulis dina basa Sunda, geura prung nyarieun ebook dina basa Sunda. Komo mun aya penulis atawa pangarang enyaan nu daek nulis jang bagikeuneun gratis di internet. Keun urusan konversi kana ebookna mah bagean kuring, gratis lah (husus pangarang jadi nya, nu teu acan jadi mah wayahna .. mayar :-))

Kacipta pisan reueusna mun dina hiji mangsa, ngetikkeun kecap ebook basa Sunda di Google teh bakal murudul pirang-pirang ebook basa Sunda. Piraku atuh urang Sunda nu jumlahna puluhan juta teh eleh ku seler deungeun nu narulis ebook dina basana sorangan.

Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: