Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 02 September 2007

Adab Nyutat Tulisan

Dina nyieun tulisan atawa karangan, tangtu henteu salawasna murni gagasan atawa ide pribadi. Ku naon pangna kitu? Jalma hirup mah tangtu teu bisa leupas tina interaksi jeung hal-hal nu aya di sabudeureun urang. Pan jelema mah disebutna ge mahluk sosial, anu teu bisa hirup nyorangan. Sikep, pola pikir, jeung hal-hal sejenna - daek teu daek - pasti kapangaruhan ku naon rupa anu katempo, kadenge, kabaca jeung kaimpleng ku urang. Kaasup dina nyieun tulisan atawa nulis/ngarang.

Tulisan bakal leuwih munel lamun dirojong ku referensi anu kuat, utamana dina wangun tulisan ilmiah. Kumaha ari tulisan non-ilmiah saperti opini upamana? Sanajan teu wajib, tapi pikeun nguatkeun opini, taya salahna lamun didukung ku data, atawa oge opini sejen. Carana ku jalan nyutat (mengutip) data atawa opini batur. Ngan, wayahna, teu bisa pararadu nyutat kitu wae, sabab aya adab atawa tata carana.

Lamun urang nyutat data, statement atawa naon bae tina tulisan batur, ulah poho sebutkeun sumberna. Minimal sebutkeun ngaran jelema nu nulisna. Upama tulisan urang dipublikasikeun di internet (blog, sebsite), leuwih alus upama urang oge nuliskeun link tulisan nu ku urang dicutat (upama sumberna papada aya di internet). Ieu teh minangka adab standar dina nyutat tulisan batur, najan euweuh disclaimer atawa statement nu nyebutkeun yen upama nyutat tulisan eta kudu nyebutkeun sumberna. Komo deui upama jelas-jelas aya disclaimer dina tulisan nu dicutat ku urang.

Poe kamari kalawan teu ngahaja kuring nyimpang ka dieu (tanggal 20 Desember 2011 geus dipupus jigana mah). Har geuning ieu mah tulisan kuring sagemblengna nu kungsi di posting di dieu nu ayeuna dipindahkeun ka dieu. Persis teu dipiceun sasieur, hasil keureut-tapel. Ngan hanjakal, sumberna teu disebutkeun.

Keuheul? Ah henteu. Aya rasa atoh sabenerna mah, sabab ieu teh hartina tulisan kuring aya ajenna pikeun disebarkeun ka balarea. Naha atuh make ngomong sagala? Ih, ieu mah ngelingan, ngajak babarengan diajar ngajenan kana karya batur. Pan mun teu dibiasakeun ti ayeuna, engkena bakal kangeungeunahan, jadi kabiasaan teu ngajenan kana hasil pagawean batur. Dina soal ieu mah, rumasa kuring oge sok loba poho, asa teu penting. Matak, hayu urang diajar babarengan.

Sacara prinsip, tulisan-tulisan kuring di SundaBlog memang teu netelakeun disclaimer nu ngudukeun pikeun nyebutkeun sumberna upama tulisan kuring dicutat atawa dikeureut-tapel (copy-paste). Tapi pan adab atawa sopan santun teh pan kudu diperhatikeun oge, komo deui keur urang Sunda anu kawentar darehdeh, tara lesot tina sopan santun dina sagala hal.

Sabenerna ieu lain kasus munggaran - mun tea mah bisa disebut kasus. Kajadian nu sarua tumiba kana sababraha tulisan kuring ngeunaan e-Book di Ezine Articles (basa Inggris). Tulisan-tulisan di dieu memang bebas pikeun dicutat atawa dikeureut-tapel sagemblengna ku saha bae. Ngan aya disclaimer nu netelakeun yen author box (ngaran jeung data nu nulis, kaasup link jeung promo ringkes dina tungtung tulisan) teu meunang dileungitkeun. Tapi dina kanyataanana aya bae nu bangor, dicutat tapi ngan ditulis ngaranna wungkul, malah aya nu teu ditulis pisan.

Tangtu bae ieu teu bisa dijadikeun alesan, "Tuh geuning urang deungeun oge kitu?" upamana. Najan datangna ti mana wae oge, nu goreng mah teu kudu diturutan. Matakna, sakali deui kuring umajak, hayu ah urang babarengan diajar ngajenan batur, diajar silih ajenan.

Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: