Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 14 Maret 2007

Tipi

Geus aya kana dua taunna tipi di juru kamar kuring teu hurung. Tipi berwarna, merek Philips, ukuran opatwelas inci. Nyempod we euweuh gawe tah tipi teh. Padahal dibeuli teh pan rek diarah gawena, sina nembongkeun sagala kajadian di alam dunya ka kuring, nu ngageugeuh di ieu kamar. Ari ieu kalahka ngadon campego we na luhur meja, teu daya teu upaya.

Teu dileuleungit, keur can ruksak mah manehna - enya tipi tea - kungsi jadi primadonna pangeusi imah. Sarerea sok parebut hayang ngalalajoan manehna. Komo keur anyar keneh mah. Teu sirikna dipeleter sapopoe sapeupeuting, dilalajoan ku jelema nu beda-beda. Pilem, sinetron, kuis, acara musik, ceramah, bobodoran, bewara (berita) jeung sajabana, gumantung kana karesep jelema nu ngalalajoanana.

foto: lewatmanasqu.blogspot.com

Acara-acara musik, pilem-pilem barat, biasana hancengan kuring jeung pun alo nu lalaki. Bewara, eta mah sarerea sok lalajo. Sinetron, ieu maha kasedep pun lanceuk nu kadua, awewe. Ari kana kuis jeung bobodoran mah ampir kabeh pangeusi imah resep. Ceramah biasana jatah pun biang, unggal subuh tara kalangkung.

Samemehna kungsi boga tipi hideung bodas (B/W), jaman pun bapa jumeneng keneh. Pun bapa mah karesepna tilu rupi: berita, maen bal jeung badminton. Nu tilu ieu mah pun bapa pasti nongton. Harita stasiun tipi kakara aya hiji-hijina, TVRI. Basa ganti kunu Philips tea, pun bapa tos ngantunkeun.

Kira-kira dua taun ka tukang, pun lanceuk nu lalaki ujug-ujug ngirim tipi anyar, leuwih gede tinu ti heula. Basana teh ngakayakeun pun biang anu tos sepuh. Karunya cenah, taun-taun nongton tipi sagede ceuhil. Nya ti harita tipi nu leutik hijrah ka kamar kuring. Tumaninah, bisa lalajo sakahayang, teu parebut jeung batur. Najan kitu, angger we kuring ge mindeng lalajo di ruang tengah, ngariung jeung batur. Komo palebah acara bobodoran mah, mending keneh lalajo babarengan, ngarah bisa seuri ngeunah. Lalajo sorangan mah 'garing'!

Ngan ma'lum barabg geus kolot, tipi nu di kamar kuring mimiti sok ngadat. Kadang-kadang hurung, kadang-kadang henteu. Tungtungna nepi ka pareumna pisan, teu bisa disetel. Tungtungna ngajugrug we aya kana dua taunna. Kungsi rek dibenerkeun, nitah tukang serpis ka imah. Ditalatahkeun sababaraha kali teu datang bae. Keuheul tah, padahal da rek dibayar ieuh atuh. Geus lila ti harita kungsi datang, nanyakeun. Euweuh geus dipiceun, cekeng teh. Padahal mah aya, ngan kuringna kaburu keuheul.

Teu ngahaja, sababaraha poe ka tukang kuring ngobrol jeung nu sok babantu di imah. Aya tukang serpis tipi anyar cenah, baheulana sok usaha di kota. Teu olo-olo nu ieu mah, tadi datang ka imah, nyokot tipi buhun benerkeuneun. Tibatan meuli nu anyar, mending ngahadean si buhun, sugan aya keneh hadeaneunana.

Ayeuna kuring keur nungguan. Hayang lalajo deui si buhun di kamar sorangan.

Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: