Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 18 Februari 2007

Bedana Budak Jeung Kolot

Naon kitu bedana budak jeung kolot? Jiga patalekan sambewara, padahal jero-jeroanana mah ieu teh penting oge keur bahan lenyepaneun. Sacara pisik jelas budak jeung kolot beda. Mun lalaki upamana, budak mah beresih, can bala ku bulu, kolot buluna dimana-mana. Mun awewe, budak mah awakna lalempeng keneh, sedengkeun anu geus sawawa, tangtu loba 'pengkolanana'.
foto: www.noveloke.com
Tapi eta mah teu pati penting, sabab lila-lila oge budak bakal ngolotan. Tangtu nambahanana umur budak teh baris dibarengan ku robahna pisik saluyu jeung tambahna umur. Ku kituna, lain ngan ukul pasualan pisik nu ngabedakeun budak jeung kolot atawa jalma sawawa teh, tapi oge sikep dina nyanghareupan hiji situasi. Pek geura tengetan, budak mah mun pasea teh tara katutuluyan. Isuk-isuk pasea rongkah tepi ka derna gelut, beurangna mah geus babarengan deui ngadu kaleci. Bari jeung euweuh tapak-tapak urut pasea eta teh. Jajauheun kana ngunek-ngunek atawa nepi ka ngakalakeun.

Kumaha ari kolot? Tah ieu nu ngabedakeunana teh. Jelema beuki ngolotan teh biasana beuki belikan, beuki babarian, beuki gampang kasinggung, jeung sajabana. Padahal idealna mah pan kudu beuki wijaksana dina sagala rupa hal oge, sabab beuki nambahan umur tangtu beuki loba pangalamanana, beuki rubak elmu pangaweruhna, beuki sugih ku pangarti, jeung rea-rea deui.

Tapi tetela dina kanyataanana mah teu kitu, sabab di sagedengeun hal-hal anu ditataan bieu, singhoreng beuki kolot teh beuki nambahan oge 'ego'na. Jigana bae nya ieu pisan nu matak mun kolot pasea sok mulan-malen, ngunek-ngunek, malah nu mutuhna pisan mah sok aya nu nepi ka silih arah pati sagala. Na'udzubillahi mindzalik.

***

Salila ieu kuring miluan milis aya kana tilupuluhna. Rupa-rupa topikna. Naha loba-loba teuing? Ah teu nanaon atuh, lumayan keur nambah-nambah pangaweruh, da tetela jelema-jelema nu miluan milis teh loba nu palinter. Jadi keur kuring mah ieu teh itung-itung sakola, rumasa balilu, boro-boro rubak ijasah, estu sepi pangarti, tuna pangabisa. Nya ku jalan kieu kuring loba ngalap elmu pangaweruh bari jeung haratis, teu kudu ngaluarkeun duit sapeser-peser acan.

Ngan nyakitu, kuring mah lain anggota aktip nu miluan ngobrol atawa gunem catur komo deui diskusi. Kuring leuwih resep jadi 'lurker', ngintip, macaan, bari nyerep pangaweruh nu pasuliwer dina sakitu puluh milis. Naha geuning kitu? Pan milis mah matak dijieun ge tujuanana teh keur gunem catur, sok sanajan ngan ukur dina wangun tulisan? Memang kitu sabenerna mah. Ngan, saperti nu tadi dicaritakeun, lian ti mangpaat nu kacida jembarna dina milis, singhoreng loba oge panyerewedan tur pacogregan nu kadang-kadang matak era parada.

Tetela loba jelema anu egona leuwih gede ti batan raga badagna. Hal-hal anu kadang-kadang sabenerna mah masalah leutik tur lain sual prinsip, mindeng nimbulkeun papaseaan. Itu ieu saruana pada-pada embung eleh. Sanajan teu katempo euceuy atawa kerengna beungeut nu keur parasea, tetep we kuring mah sok asa teu puguh rarasaan. Nya dina situasi kieu pisan urang baris leuwih gampang nenjo sipat-sipat asli hiji-hijina jelema. Jelema keur ngambek tea, sanajan ngan ukur tulisan, tapi kekecapan nu dipilih biasana 'petingan', kecap-kecap meunang miliha nu kira-kira matak nganyerikeun hate nu jadi lawan paseana, sangkan nu nyarekan ngarasa puas.

***

Jadi ana kitu mah, tetela umur teh lain hiji-hijina faktor nu bisa dijieun pangajen sual wijaksana henteuna hiji jelema. Budak nu tara ngunek-ngunek sanajan tas pasea jeung papada baturna, dina panenjo kuring jauh leuwih wijaksana tibatan kolot nu teu asak jeujeuhan tur teu asak sasar, ngaberung ngasuh egona, embung katitih ku batur dina sagala hal.

Nu matak, kuring mah mending kieu we lah, jadi tukang noong, rumasa teu bisa pasea sabab sok era enggeusna. Keun we da noong ge lain noong nu mandi ieuh. Pira ge noong kolot-kolot nu kudu diajar deui ka barudak!

Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: