Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 04 Februari 2007

Apel

Lain ngaran bubuahan ieu mah, sabab ngunikeunana jiga jiga urang nyebut kelek: apel. Taun 70-an disebutna nganjang. Nu rada malayuna: wakuncar (wajib kunjung pacar). Cek Bimbo eta teh.

Duka tina basa naon tah asalna. Sabab upacara oge geuning disebutna teh apel. Jadi lamun ngadenge apel pagi, eta mah hartina lain bobogohan isuk-isuk, tapi upacara isuk-isuk.

Jigana kabiasaan apel atawa teh geus aya ti jaman tai kotok dilebuan keneh (meureun). Waktuna biasana malem Minggu, sabab mun malem Juma'ah mah cenah usumna apel jurig. Tara beurang atawa isuk-isuk deuih, da eta meureun bisi pahili jeung upacara. Der keh bobogohan make lagu Indonesia Raya. Pan teu lucu.

foto: mariastefie.blogspot.com
Tradisi atawa kabiasaan apel teh tetela rupa-rupa pisan, gumantung kana tempat jeung jaman. Baheula, cenah nu apel teh sok barangkirim ka nu diapelanana. Disebutna mahugi. Kitu we sabangsaning dahareun, martabak, bala-bala, atawa kurupuk nu ditiiran. Mun teu kitu, bako mole. Tangtu ieu mah lain jang kabogohna, tapi jang bapana nu sok udud bako mole. Mun teu boga duit, naon we saaya-aya. Malah cek beja, kungsi aya nu mahugi anak ucing. Pokona mah mahugi.

Tapi jaman ayeuna, bobogohan teh jiga nu teu ngawaktu. Teu beurang teu peuting. Malah bisa isuk-isuk sagala. Kadang-kadang aya oge nu tilu kali sapoe, jiga dahar ubar. Isuk, beurang, jeung peuting. Tradisi mahugi jigana geus euweuh. Atawa mungkin bae istilahna lain mahugi.

Kungsi aya budak tatangga, kakara kelas tilu SMP, tapi bobogohanana mani nyorokcok. Teu beurang teu peuting, idek liher we di imah kabogohna. Teuing iraha diajarna tah budak teh, da mani jiga sibuk pisan, waktuna beakeun ku bobogohan. Ngan nu jelas, mun di sakolana aya pelajaran bobogohan, budak eta pasti peunteun sapuluh!

Nu matak paur, apel barudak ayeuna mah geus dibekelan elmu nu 'jero', boh tina TV, pilem atawa bacaan 'XXX' nu balatak di mana-mana. Najan can aya statistikna, tapi ku panenjo saliwat oge geus bisa kajudi, kumaha gampangna neangan VCD porno atawa buku-buku jorang di 'lapak-lapak terdekat'. Hargana murah, kahontal ku pesak budak sakola. Mun teori ladang maca atawa lalajo eta dipraktekkeun, beu, cilaka! Matak wirang sarerea.

Baheula, jaman kuring SMP, boga kabogoh teh saestuna ngan aku-akuan wungkul. Kasebutna we kabogoh, da papanggih ge sok kalah nyorodcod tuur. Apel? Boro-boro, kitu we di sakola wungkul. Jadi boro-boro cubuk-cabak, teu wararantun. Cek paribasana, kakara nempo sendalna ge geus seseblakan. Nempo suhunan imahna ge geus cukup, wareg. Jeung gede keneh kaera deuih, da eta we sakalieun diadeuh-adeuh ku batur ge sok hayang ceurik, bakating ku era (najan bari atoh).

Nincak SMA, kakara rada wani apel. Alesanana mah biasa, 'belajar bersama'. Kitu ge bari kudu siap diboro ku pamuda 'lokal', mun kabeneran aya tatanggana nu sarua naksir. Acarana euweuh deui, ukur ngobrol. Minangka nu rada mewahna, pacekel-cekel leungeun, silih rames ramo. Eta ge mani geus asa bungah kabina-bina, bari jeung ngadegdeg, nirisan saawak-awak. Bari jeung culang-cileung deuih, bisi kapanggih ku bapana. Mun kapanggih, cilaka, moal meunang apel deui. Rugi tah!

***
Kahariwang nempo kondisi jaman kiwari, tangtu lain perkara gampang dina ngungkulanana. Mahabuna pangaruh ti luareun imah (media, pergaulan jrrd.), mangrupa masalah anu kacida beuratna. Carana, teu aya deui iwal ti mekelan barudak urang ku pangaweruh bagbagan agama anu kuat. Lian ti eta, kudu ditandeskeun yen sagala kalakuan urang baris aya konsekuensina. Barudak kudu dibekelan kasadaran yen maranehna ngabogaan tanggungjawab ka dirina pribadi, kulawarga, jeung nu pang pentingna, tanggung jawab ka Pangeran, Gusti Allah Subhanahu Wata'ala.

Sugan ari tarekahna geus diketrukkeun mah, moal hariwang teuing!

Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: