Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 24 November 2006

Rupa-rupa Kabeurangan

Cek sakaol, kabeurangan teh aya tilu rupa: kabeurangan nu dihaja, kabeurangan rada dihaja, jeung kabeurangan nu teu dihaja. Baruk aya kabeurangan nu dihaja kitu? Seueur, kulan. Eta geuning sok loba PNS nu ngantorna sakainget. Kuduna ngantor jam tujuh, ku sabab asa digawe di kantor nini aki, der datang jam sapuluh. Mending mun digawena teh suhud, balik jam opat atawa jam lima. Ieu mah henteu. Jam satengah satu geus anggalesoh, bujurna ngadadak lenjong. Alesan itu ieu, leos we balik. Na ngaladangan naon atuh nya ari nu kitu? Eta ku geus teu asa jeung jiga tea meureun..

Anehna ari di kantor-kantor swasta gedean mah leuwih disiplin. Lain euweuh, ngan asana moal ngabudaya jiga di kantor-kantor pamarentah. Ieu teh taya sanes ku lantaran di swasta mah biasana jelas dina soal 'reward and punishment'. Bolos sakitu jam, nya potong we gajihna, kitu conto nu gampangna mah. Nya ieu pisan nu teu dilarapkeun di kantor-kantor pamarentah teh. Pagawe negeri mah jongjon, sabab gajih geus maneuh unggal bulan. Perkara bolos atawa melencing, wah, nu dilaluhur ge sarua we melencing. kitu biasana alesanana teh.

Pun lanceuk kabeneran pagawe nagri di Cirebon. Ngadongeng, cenah eta mah aya anak buahna nu digawena teh ngan ukur sapoe dina sabulan, istuning datangna teh ngan poean nyokot gajih wungkul. Dipapatahan mah dipapatahan, hih angger we kitu. Alesanana teh cukup ku, "Teu gaduh ongkos Pa.." Dasar euweuh kaera.

"Naha atuh lain carekan, atawa laporkeun we ka atasan?" cek kuring mangloh.

"Teu wasa," tembal ki lanceuk, "Sidik si eta teh dulurna atasan Akang.."

Wah, teuing atuh ari kitu mah!

Kumaha ari kabeurangan nu rada dihaja? Ieu mah sabenerna teu hayang kabeurangan, tapi aya hal sejen nu nyababkeun kabeurangan. Contona mun keur usum mengbal Piala Dunya tea. Pan sarerea ge tangtu lain hayang kabeurangan, tapi hayang lalajo mengbal. Kadang-kadang sapeuting jeput tah teu sare ngabelaan karesep kana mengbal teh, bari jeung nu mengbalna mah teu dulur teu baraya, teu hir teu walahir. Ngan orokaya isuk-isukna sok tunduh. Jadi we kabeurangan. Teu dihaja pan kabeuranganana mah? Tapi lalajo mengbalna - nu matak tunduh nepi ka kabeurangan ngantor, eta mah dihaja. Jadi, nu kieu nu kabeurangan rada dihaja teh.

Nu katilu, kabeurangan nu teu dihaja. Ieu mah bener-bener teu dihaja. Tangtu kabeuranganana oge moal terus-terusan jiga PNS. Bisa wae peutingna aya nu gering, terus kudu kemit, teu bisa sare. Ngaranna ge musibah. Jadi mun isukna kabeurangan, nya dima'lum, da lain kahayangna tur lain ngahaja.

Di kampung, sok loba pisan budak sakola nu kabareurangan. Alesanana oge pikahartieun, babantu digawe ka kolotna. Ma'lum budak di kampung mah, najan leutik keneh, loba nu geus diandelkeun mantuan kolot. Ngarit jang domba tea, ngala cai tea, narokan suluh tea, jeung sajabana. Kitu soteh da meureun kajurung ku kaayaan. Mun kolotna sagala aya mah, piraku teuing tega anakna kudu migawe pagawean kolot nepi ka matak kabeurangan sakola sagala. Ngan dalah dikumaha deui atuh. Matak guru-guru di sakola ge sok loba ngama'lum, tamaha, bongan pamarentah can bisa ngama'murkeun sakabeh rahayatna.

Sanajan kitu, ari mindeng-mindeng teuing mah, keuheul oge pa Guru teh. Saperti si Ibro anak Mang Daman. Eta mah da teu sirikna unggal poe atuh kabeurangan teh. Memang sabenerna mah memeh sakola teh manehna sok guwa-gawe heula mantuan kolotna. Ngan ku sabab mani unggal poe pisan, Pa Guru teh antukna mah bendu oge.

Basa si Ibro kabeurangan deui, Pa Guru nyentak, "Tas naon heula atuh maneh teh Ibro? Tuh batur mah geus ngerjakeun soal aya kana sapuluhna!"

"Euh..Punten Pa Guru, abdi wangsul macekkeun heula domba nembe teh.." si Ibro murungkut.

"Macekkeun domba? Na atuh lain ku bapa maneh nu kitu mah?" Pa Guru beuki wera.

"Eu..eu..moal tiasa atuh Pa, kedah ku domba deui..." si Ibro ngalengis bingung, satengah ambek.

Teungteuingeun ari Pa Guru, maenya bapana kudu macek domba!

Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: