Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 13 September 2006

Basa Sunda Feodal?

Kahariwang sawatara pihak ngeunaan bakal tumpurna basa Sunda tangtu lain hal anu bisa dilalaworakeun. Mun nempo kanyataan kiwari, prosentase urang Sunda nu make basa Sunda pikeun gunem catur di imah (jeung anggota kulawargana) jigana beuki ngurangan. Alesanana, lieur kudu diajar ngeunaan undak usuk basa. Sieun salah, bisi teu sopan, jeung rea-rea deui.

Lian ti eta, aya oge sawatara anggapan nu nyebutkeun yen basa Sunda teu demokratis, pinuh ku unsur feodalisme nu ngagugulung tur ngabeda-beda soal harkat darajat atawa strata sosial. Menak meunang ngomong kasar ka somah, sabalikna lamun somah nyarita kasar ka menak dianggap belegug, dusun atawa culangung.

Ku sabab kitu, loba anu milih nyarita ku basa salian ti basa Sunda, upamana bae basa Indonesia atawa basa Inggris. Dina anggapan maranehanana, basa-basa nu disebut bieu teh leuwih demokratis sabab euweuh panta-panta dina struktur basana. Tapi, naha enya dina basa Indonesia atawa basa Inggris upamana, euweuh panta-panta nu majar feodal? Hayu urang tengetan.

Anggap we urang teu bisa basa Sunda. Jadi urang nyarita ka sasaha ngagunakeun basa Indonesia. Naha enya urang sama sakali teu ngabedakeun cara urang ngobrol ka presiden jeung ka tukang ngakutan runtah? Ah, bohong. Geura we, tina lentongna oge geus pasti beda. Urang pasti moal wani ngomong teugeug ka presiden.

Ayeuna, anggap we urang wawuh boh ka presiden boh ka tukang runtah, terus urang rek ngajak nyimpang ka imah. Dina implengan kuring, kira-kira kieu pibasaeunana:
  • Ka Presiden: "Jika Bapak Presiden berkenan, saya mohon ijin untuk mengundang Bapak singgah ke rumah saya."
  • Ka Tukang Runtah: "Pak, nanti mampir ke rumah ya!"
Kira-kira, aya bedana atawa henteu?

Kumaha ari dina basa Inggris? Upamana wae urang ngirim surat ka Ratu Inggris, terus suratna hayang diwalonan. Kira-kira kieu meureun pibasaeunana.
  • Ka Ratu: "I should have been very glad if Her Majesty would spend a little of your valuable time to reply my letter."
  • Ka Tukang runtah: "Please reply my letter."
Hapunten lamun contona teu sapagodos jeung mamanahan. Ieu mah sakadar nembongkeun yen angger dina basa nanaon oge aya panta-panta nu ngabedakeun cara urang cumarita. Hartina, hal ieu teh lain ngan ukur aya dina basa Sunda, tur nu ngabedakeun teh paling-paling dina sual 'kadarna'.

Prinsip utama dina undak usuk basa teh sabenerna silih ajenan sacara 'proporsional'. Lamun urang nyarita ka tukang macul adabna jiga ka presiden, manehna ge moal ngeunaheun, malah bisa-bisa kasinggung asa dihina. Nu kieu nu disebut adab lanyap teh, adab tapi lain dina tempatna. Kitu deui sabalikna, mun ngomong ka presiden jiga ka tukang macul, nya dusun alias belegug tea kasebutna.

Jadi atuh lamun kitu mah alesan embung make basa Sunda pedah 'terkesan' feodal teh asa dijieun-jieun. Pan logikana, lamun embung make basa Sunda alatan karasa feodal, atuh tong make basa Indonesia atawa basa Inggris anu sarua keneh 'feodal'.

Kumaha ari sual undak usuk basa anu dijadikeun alesan matak lieur? Aya sawatara hal anu jigana bae jadi kasang tukang tina munculna pamanggih saperti kieu, diantarana:
  1. Teu dibiasakeun ku kolotna pikeun ngagunakeun basa Sunda anu bener undak usukna. Ieu teh bakal turun tumurun ka anakna, incuna, buyutna, jst. Akibatna, muncul generasi nu 'ngarasa lieur' mun geus urusan jeung undak usuk basa.
  2. Mumul diajar. Najan ku kolot teu dididik sangkan bisa ngalarapkeun undak usuk basa, tapi lamun aya kahayang pikeun diajar mah pan bisa oge mulungan elmu ti nu sejen. Loba keneh urang Sunda nu ngarti tur paham sual undak usuk basa.
  3. Pangajaran basa Sunda di sakola waktuna kacida samporet tur disungkeret. Komo deuih lamun guru nu ngajarna teh sarua teu bisa. Ancur pisan ieu mah. Dijamin, barudak sakola teh beuki ngacapruk bas Sundana.
  4. Najan mindeng teu diaku, sabenerna loba urang Sunda anu ngarasa turun gengsi lamun ngobrol make basa Sunda. Bisa jadi ieu teh mangrupa akumulasi tina kahengkeran seler Sunda, nepi ka muncul sikep inferiority complex alias minder jadi urang Sunda. Kahengkeran nu dimaksud teh diantarana, urang Sunda mah mun geus 'jeneng' biasana gumede jeung aing-aingan, beda jeung seler sejen. Hiji deui, kalolobaanana, lamun urang Sunda geus beunghar, ngomongna ganti 'frekuensi' jadi basa Indonesia. Masing teu diaku ge, da kanyataanana memang kitu.
Tangtu bae pasualan-pasualan di luhur teh jadi bahan pikeun urang sarerea sangkan neangan cara dina enggoning ngungkulanana. Lamun saukur ngandelkeun ketak pamarentah upamana, biheung rek iraha naon nu ku urang diharepkeun teh bisa ngawujud. Nu leuwih penting, idealna, masing-masing ngalakukeun cara ngungkulanana nurutkeun kamampuh sewang-sewangan. Lamun ieu geus jadi gerakan massal, lain hal anu pamohalan mun urang Sunda baris tandang mapakan - malah bisa jadi ngaleuwihan - seler sejen. Prung, ah!

Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: