Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 13 Agustus 2006

My Name's Ade, I'm a Sundanese!

Pun alo, budak awewe umur 4 taun, keur meujeuhna capetang. Sagala diomongkein, sagala dicaritakeun. Mun sakalieun diajak ka warung atawa jalan-jalan, heg diaropenan, eh da kalah diajakan ngobrol tah nu ngopenan teh. Dasar budak.

Mimiti diajak ka warung, ditanya ku tukang warung, "Mau beli apa Neng?"

"Bade ngagaleuh peremen," tembalna. Puguh we tukang warung ngajenghok, majar teh, "Aduh eneng, mani lucu, pinter nyarios basa Sunda.." Har, ari Ceuceu, na marukan aya di mana kitu urang teh? Asana can pindah da Panjalu teh. Masih angger aya di Ciamis, di tatar Pasundan.

Rek heran pantes ketang. Kalolobaanana, barudak papantaran alo teh ku kolotna sok dipirucaan nyarita basa Indonesia. Padahal cicing teh di lembur nu pangeusina ampir kabeh urang Sunda. Tapi nyakitu, jigana loba nu ngarasa kurang 'bergengsi' mun anakna dipapatahan nyarita basa Sunda. Nu matak pantes mun si Ceuceu tukang warung helok oge.

Pun alo ge lain teu kapangaruhan. Mindeng mun tas ulin jeung batur, ari balik sok pirajeunan nyarita basa Indonesia. Ngan sok dipapatahan ku bapana. "Ade, di bumi mah nyariosna kedah basa Sunda nya. Sanes udah, tapi parantos." Eta pedah si Ade ditanya ku indungna geus mandi atawa acan, si Ade ngajawab 'udah'.

Kuring sadudulur memang dilahirkeun di tanah Pasundan. Indung bapa asli urang Sunda. Digedekeun di lingkungan Sunda. Asa lebar mun budak nepi ka teu ngarti basana sorangan. Minimal, di imah mah wajib nyarita ku basa Sunda, sabab eta teh mangrupa fondasi anu nangtukeun jatidiri ka hareupna. Lamun fondasina geus kuat, najan di luar imah pangaruh budaya atawa basa sejen kacida kuatna oge, asana moal nepi ka bobor karahayuan. Moal nepi ka jati kasilih ku junti. Jati dirina baris tetep ajeg tur pengkuh dina kasundaan.

Tadi sore si Ade, pun alo tea, ngaharempoy nyampeurkeun. "Mang, Dede palay diajar basa Inggris ku Emang, wios?" pokna bari ngagigiwing buku pelajaran basa Inggris nu lanceukna.

"Naha Ade naros kitu sagala?" cek kuring.
"Pan bilih Emang bendu, bilih teu kenging", tembalna semu sieun.
"Nya kenging atuh bageur. Teu kenging soteh nyarios di bumi atanapi nyarios sareng urang Sunda deui ku basa deungeun."
"Atuh Ade sareng Emang oge engke teu kenging nyarios ku basa Inggris?"
"His, kapan ieu mah nuju diajar, janten teu nanaon," walon teh. Abong budak.
"Papah sareng Mamah moal bendu?" pokna deui.
"Moal, dijamin.." cek kuring bari mesem, kagugu ku celembengna.

Si Ade nyerengeh. Kahariwangna leungit. Panonna herang ngenclong, kebek ku sumanget. Bade diajar saratus basa oge mangga teh teuing geulis, nu penting mah ulah lali ka purwadaksina, ulah poho kana wiwitan. Da urang mah urang Sunda, ngomong sapopoe ge wajib ku basa Sunda, hate kuring ngagerentes. Na implengan kabayang mojang Sunda ampuh timpuh, ngagalindeng, "Hello, my name's Ade, I am a Sundanese, native Sundanese."

Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: