Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 20 Juni 2006

TELEPON "KEUPEUL"

Jaman keur budak, sok ulin teteleponan. Lain meuli, da duitna ge teu boga, tapi nyieun ku sorangan. Make dus urut wadah kok (shuttle cock), dipotong dua, terus disambungkeun make benang. Ulinna kudu duaan, benang nu panjangna kira-kira lima meteran dipanteng, masing masing nyekel ‘gagang telepon’. Ngomong jeung ngadengekeun kudu piligenti, sakali sewang. Kitu teorina, sabab ari praktekna mah najan teu make ‘telepon’ oge da kadenge ieuh atuh nu ngomong teh, bubuhan teu jauh, jaba ngomongna gogorowokan. Tapi dunya budak mah pan beda, imajinatif. Resep we nu aya. Aranteng tah ku kitu oge.

Ari jaman kiwari mah beda deui. Alo-alo kuring ge sarua boga teteleponan. Ngan ayeuna mah teu kudu nyieun sorangan. Cocooan nu bentukna persis telepon nyaan. Hargana duka teuing sabaraha, da dipangmeulikeun ku indung bapana masing-masing. Malah ayeuna mah katambahan ku telepon keupeul alias telepon genggam alias mobile phone alias hand phone. Hape cenah. Kitu populerna di urang. Ieu oge sarua aya imitasina dina bentuk cocooan budak. Mani geus dengdek-dengdek we eta mah alo, budak nu keur meumeujeuhna tuturut munding, nyeta-nyeta ari kolot keur nelepon. Sarua kabungahna mah, kabungah budak, ngan prosesna wungkul nu beda jeung budak baheula.

Basa telepon keupeul mimiti asup ka Indonesia, teu rea nu boga, ma’lum hargana mahal kabina-bina. Harita mah bentukna oge teu jiga ayeuna, gede, gagarubang jeung beurat, nepi ka jigana mah bisa dipake maledog anjing. Nu bogana oge teu sambarangan: jelema baleunghar, pengusaha, artis, pokona mah nu laloba duit. Nu samporet duit mah cukup ku pager atawa penyeranta (duka naon tah basa Sundana). Bisa narima pesen, tapi teu bisa ngirim. Lamun rek ngahubungi, nya angger kudu ngagunakeun telepon, boh telepon imah, telepon umum atawa wartel.

Harita mah telepon umum koin jeung telepon umum kartu masih jadi primadona. Inget keneh, di gerbang Unpad Dipati Ukur, luhureun pos Satpam, aya booth telepon koin jeung kartu ngajajar kurang leuwih sapuluh siki. Da pinuh pinuh wae eta teh, teu beurang teu peuting. Nu makena rupa-rupa, ti mimiti mojang geulis nu sareungit, nepi ka barudak sastra nu jalabrig, jeung semu kuleuheu. Di dinya sering jadi tempat cuci mata, ma’lum loba nu harerang. Rada tiiseun teh biasana ti jam sapuluh peuting ka luhur, geus usum sare. Isukna mah rame deui we saperti biasa.

Kadang-kadang sok aya telepon koin nu geus pinuh, nepi ka teu bisa dipake. Kungsi sakali mangsa nelepon teu nyambung-nyambung, jigana duit kencringna geus metet. Rek pindah ka nu sejen keur pinuh, kabeh diparake. Keuheul tah, booth telepon digubrugkeun bari jeung rada ambek. Na ari burudul teh duit receh, aya kana tilu rebueunana jigana. Ah dirawu weh, lumayan jang nelepon deui.

Sanggeus muncul hape generasi awal nu sagede bata tea, teknologi telepon keupeul terus dikembangkeun. Disainna beuki alus jeung bentukna beuki meotan, teu sagede bata teuing, malah nepi ka bener bener bisa kakeupeul ayeuna mah. Hargana oge beuki murah, sabab diproduksi sacara massal, nepi ka hargana bisa ditekan. Najan kitu, angger we aya ari kelas-kelas mah. Murah soteh anu memang fasilitasna terbatas, cukup nyumponan sarat bisa dipake nelepon jeung ngirim SMS. Ari kelas high-end (jang konsumsi kelas atas) mah, angger we teu kabeuli ku jelema leutik model kuring. Fasilitasna canggih, desain mewah, fiturna pabalatak, tangtu we mangaruhan kana harga.
Telepon keupeul. Barade?

Taun duarebuan telepon keupeul mahabu di mana-mana, ka suklakna ka siklukna. Teu di cacah teu di menak, kabeh pada-pada boga. Telepon umum koin loba nu nganggur, euweuh nu make. Kondisi saperti kieu teh lian ti mayukeun pabrik hape, oge muka lapangan usaha keur balarea. Di ditu di dieu dug deg nu muka counter hape. Pasar hape second hand (urut) jadi rame. Nu ngajualan voucher pulsa pabalatak nepi ka kampung-kampung. Nu nelepon ayeuna mah bisa ti mana wae, teu kudu ti imah, wartel atawa telepon umum wungkul. Asal aya sinyal, jadi. Nu baheula ngan ukur bisa nenjo gambarna dina film atawa sinetron, ayeuna mah geus jadi ‘pemandangan’ sapopoe.

Naha ieu teh aya pangaruhna kana gaya hirup (life style) masarakat? Jelas, gede pisan malah. Gaya hirup pragmatis nu sarwa instan bisa kacumponan ku ayana alat komunikasi samodel hape. Geura we, mun baheula nyanghareupan lebaran teh geus siap-siap meuli kartu lebaran, ayeuna mah cukup ku ngirim SMS (short message service) dina waktuna. Teu kudu disiapkeun ti anggalna. Aya nu ulang taun, nyakitu keneh. Rek pesen barang, balanja, pesen tiket, malah pesen pulsa oge cukup ku nelepon atawa SMS. Barudak rumaja anu bobogohan, geus teu usum susuratan. Cukup ku es-em-es-an. Ringkes, praktis, murah, tur teu kudu make panglayar.

Ngan di sagedengeun eta, tangtu aya oge ekses negatifna. Remen kabejakeun rumah tangga anu pakucrut alatan SMS ti Mahmud (mamah muda) kabaca ku Mahlot (mamah kolot). Aya oge panipuan via SMS. Biasana ngeneng-ngeneng hadiah puluhan juta atawa mobil, atas nama perusahaan nu geus kawentar, bari jeung tungtungna teh sok kudu transfer heula duit keur ‘biaya administrasi’. Aya deui nu disebut SMS berantai. Ieu mah biasana kudu nyebarkeun deui SMS (forward) ka welasan nomer, sarta mun ieu diestokeun, cenah bakal manggih ‘kejutan yang menyenangkan’. Di internet mah nu kieu teh disebutna hoax, kurang leuwih sarua jeung spam (imel/serelek runtah). Rupa-rupa kajahatan, nepi ka kasus sogok jeung suap oge loba nu kajadianana ngagunakeun fasilitas handphone.

Ceuk para sepuh, sagala rupa oge pasti aya sisi hade jeung sisi gorengna (lain gorengan), lir ibarat peso. Pan peso ge ari dipake bener mah kacida mangpaatna. Ibu-ibu keukeureut sayuran di dapur jadi gampang. Meuncit hayam, pasti make peso, mangpaat tah kana perbaikan gizi. Sabalikna peso oge bisa dipake kajahatan. Jambret, tukang todong, rampog, bisa make peso pikeun alat bantu nyingsieunan korbanna. Memang sagala rupa oge gumantung kana niat nu makena. Kumaha ari telepon keupeul? Sarua we. Dipake tujuan hade nya hade, dipake goreng nya goreng. Omat hape teh ulah dipake ngalakukeun kajahatan, nipu batur, salingkuh, komo dipake ngeureutan sayur mah, da lain kitu fungsina. Jadi, sakali deui, sagala ge gumantung kana niat nu makena.

Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: