Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 23 Juni 2006

MULAN

Mulan Jameela? Ih, sanes :) Mulan di dieu mah maksudna ulin di luar imah mun pareng caang bulan. Ti peuting tangtuna oge, da ari beurang mah euweuh bulan. Momentum nu ngan sabulan sakali teh (caang bulan), kacida pisan ditungguanana ku barudak leutik, sabab poe-poe biasa mah keueung, ma'lum poek meredong, can asup listrik. Biasana kaulinanana teh rupa-rupa. Aya gobag sodor, galah asin, gatrik, ucing-ucingan (di lembur kuring mah disebutna guguikan, teuing naon sababna), jrrd.

Rame we pokona mah. Sora barudak pating jerewet, sora blag blig blug nu lulumpatan atawa sora kakawihan nu jadi bagian tina kaulinan barudak. Upamana wae:

Ayang-ayang gung, gung goongna rame,
menak ki Mastanu, nu jadi wadana,
naha maneh kitu, tukang olo-olo,
loba anu giruk, ruket jeung kumpeni,
niat jadi pangkat, katon kagorengan,
ngantos kangjeng dalem, lempa lempi lempong
ngadu pipi jeung nu ompong..


Atawa:

Oray-orayan luar leor mapay sawah
entong ka sawah parena keur sedeng beukah
mending ka leuwi, di leuwi loba nu mandi
saha anu mandi, anu mandina pandeuri..


Aya deui:

Bang bang kalima lima gobang bang
bangkong di tengah sawah wah
wahey tukang bajigur gur
guru sakola desa sa, saban poe ngajar jar
jarum paragi ngaput put, putri nu gareulis lis
lisung katinggang halu lu, luhur kapal udara ra
ragrag di Jakarta ta, taun dua rebu bu
buah meungang ngala la, lauk meungang nyobek bek
beker meunang muter ter, terus ka citapen pen
pena gagang kalam lam, lampu eujeung damar mar
mari kueh hoho ho, hotel pamandangan ngan
nganteur anu kawin win, Winta dagang oncom com
comel kanu gelo lo, lodong kosong ngentrung tung
tunggir hayam bikang kang, kangkung meunang meuli li
Lili leungit konci ci, ciak anak hayam!


Aya oge:

Slep dur slep dur, mantri mantri maan jedur
tandur tandur, kahijina kaduana
katilu boleh ditangkep!!


Kadang-kadang eta teh dipasieup ku sora ceurik mun aya budak nu labuh atawa diheureuyan ku papada baturna, estu nimbulkeun suasana endah nu cek kuring mah estu taya papadana.


Lain budak wungkul nu liar ti peuting dina mangsa caang bulan teh. Kolot oge sarua milu tingrariung jeung papada kolot. Barudak ngora, rumaja, nyakitu keneh. Masing-masing ngabogaan tujuan sewang-sewangan. Barudak leutik mah geus puguh niatna ge memang hayang ulin. Kolot-kolot mah biasana ngarobrol sakalian ngareureuhkeun awak jeung pikiran bari nyawang kaendahan bulan.

foto: insansains.wordpress.com
Ari rumaja? Biasana mah bobogohan atawa neangan kabogoh! Geus ti jaman Fir'aun keneh jigana mah, kaendahan bulan teh identik jeung suasana romantis. Tumaninah pisan bobogohan bari nyawang bulan nu ngempray, biasana rada misahkeun maneh ti nu sejen, diuk pagegeye bari haharewosan, bisi kadenge ku batur. Riweuh atuh mun heg kadenge ku batur, hayoh deuih hayang pipilueun romantis, pan matak barabe!

***

Mun dilenyepan, kabeh oge eta teh mangrupa cara sosialisasi tradisional ala lembur. Paling henteu, sabulan sakali mah urang lembur - teu budak teu kolot - pasti guyub ngalakukeun prosesi mulan. Euweuh nu ngeprik, teu kudu dititah ku RT atawa Tua Kampung, sarerea pipilueun ilubiung kalawan sukarela.

Nya di dinya urang lembur silih kanyahokeun kondisi katut pribadi masing-masing warga komunitas, dina ruang komunikasi informal anu elegan, jujur, tur sing sarwa rineh, jauh tina gaya komunikasi palsu nu artifisial. Ieu sababna, urang lembur leuwih raket dina soal hubungan antar sasama warga. Beda jeung di kota, nu kahirupanana sing sarwa individualistis, nepi ka kadang-kadang jeung tatangga paadek suhunan oge teu wawuh.

Ngan hanjakal, naon nu ku kuring digambarkeun di luhur teh kabeh oge ngan saukur panineungan. Ti barang listrik asup ka kampung-kampung, tradisi mulan lambat laun ngiles, leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Caang bulan geus lain moment anu dianti-anti deui. Kaendahan cahaya bulan kasilih ku marakbakna lampu neon, anu bisa dihurungkeun sakahayang, teu kudu nungguan caang bulan. Caang bulan geus leungit dangiang, leungiteun kaendahanana.

Bulan alum di langit pasundan, cuang cieung sorangan euweuh nu malire. Dina implengan, hawar-hawar kadenge keneh kakawihan barudak baheula: Bulantok, bulantok, bulan sagede batok....

Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: