Antosan sakedap...

SundaBlog | Tata Danamihardja | 22 Juni 2006

Alesan Kuring Nulis Dina Blog

Naon sababna kuring nulis dina blog? Pinter nulis? Paralun, teu rumasa, da puguh nulis ge sakacamprung. Sakainget. Rajeun nulis soteh pedah we sok heran nempo batur bisa nulis. Mun batur bisa, piraku kuring henteu? Pan sarua dahar sangu, lin?

Sacara prinsip, nulis mah sarerea oge pasti bisa (kecuali nu buta hurup). Anu ngabedakeunana teh paling-paling oge hasil tulisanana. Aya nu alus, matak resep nu maca, aya nu lempeng, tiis: teu matak resep teu matak ngewa, aya oge nu goreng: ieu mah mun dibaca matak hayang utah :-)

foto: macbookandthecity.wordpress.com
Ari kuring kaasup nu mana? Ah, eta mah teu langkung nu maca. Rek resep rek tiis-tiis bae, rek hayang utah, teu langkung. Nu penting kuring nulis, meungpeung gratis, tur teu kauger ku tetek bengek aturan redaksi nu kadang-kadang teu kaharti. Cenah eta euweuh nu mayar, keun bae ah, da nulis di media ge kadang-kadang teu dibayar. Aya rajeun dibayar, nagihna oge satengah paeh. Cape, jeung kadang-kadang kalahka era sorangan, padahal kuduna mah nu ditagih nu era.

Penulis, komo nu henteu atawa acan terkenal, leuwih hese nembus media. Biasana eleh ku nu geus kasohor, atawa paling henteu nu geus jadi langganan redaksi (mun nulis artikel). Sok padahal soal kualitas mah kadang-kadang nu anyar ge teu eleh geleng (ngan eleh alus :-)). Tapi nyaeta, penulis anyar mah tangtu eleh jam terbang, salian ti can dipikawanoh ku balarea.

Ngomong kitu teh, sabab rumasa kuring teu boga bakat nulis istimewa. Da ari nu boga bakat istimewa mah, Andrea Hirata upamana, sakalina nulis novel, langsung jadi best seller. Bari jeung cenah mah ditulisna oge ngan ukur jero 3 minggu ( bayangkeun: 3 minggu!). Ck, ck,ck..

Ari kuring? Beu, nulis sakieu oge mikirna teh 7 taun. Tah, nya ku sabab eta pisan, mending nulis dina blog. Aya nu maca nuhun, teu aya nu maca piraku :) Nu jelas, nulis dina blog teu kudu ngaliwatan tetecean prosedural nu rumit bin pabeulit (cek kuring ieu mah). Rumasa babarian rudet, hoream loba mikir.

Murah? Ah henteu (cek kuring deui wae ieu mah, nu teu boga duit). Maksakeun nulis, connect kana internet make dial-up, istuning matak jebol pesak! Telkom teaa... MAHALLL!!! Iraha atuh telepon di Indonesia bisa murah? Akses internet bisa murah? Hayang pinter di Indonesia teh mahal pisan sodarah-sodarah!

Jadi? Kesimpulanana: alesan kuring nulis dina blog teh gara-gara ARAL! (Nu ngaraos tos rada ngurel, enggal milari keresek, bisi utah nyebrot kana monitor).

Marangga ah!

Manawi kalandep, mangga tingali seratan sanesna: