Antosan sakedap...

08 Mei 2016

MAHLUK 'MEDIA' SOSIAL

Manusa teh mahluk sosial. Kitu ceuk nu palinter. Kade lain mahluk media sosial, sabab hartina jauh tanah ka langit.

Mahluk sosial mah hartina kurang leuwih mahluk nu teu bisa hirup sosoranganan. Mahluk nu pasti aya butuhna ku batur, najan sakumaha beungharna, sakumaha pinterna. Sabab teu sakabeh pangabutuhna bisa dicumponan ku sorangan. Nu beunghar oge pan hayang sangu mah tara melak pare sorangan, panen ku sorangan. Angger we meuli beas, diasakan ku lanjang.
gambar: etinkerbell.wordpress.com

Ari mahluk media sosial? Eta mah mahluk nu kacanduan ku media sosial. Nu ateul mun leungeunna teu ngoprek hape, teu muka facebook, teu BBM-an, jrrd. Tah nu kieu mah malahan condongna jadi mahluk antisosial.

Nu matak hariwang, dina kahirupan sapopoe urang mindeng poho yen urang teh mahluk sosial. Mahluk nu pasti butuh ku batur.

Mun masih keneh butuh ku batur tangtu urang oge kudu ngaragangan batur. Ngahargaan hak-hak batur. Nya ieu pisan anu loba kapopohokeun teh. Poho yen urang loba kabutuh nu ngan bisa dicumponan ku batur.

Matak beuki loba jelema anu teu ngaragangan batur. Upamana motor knalpotna dibobok nepi ka sorana ngagandengan batur. Tong boro nu keur nyeri huntu, nu sehat wal afiat oge asana teh sok hayang nyabok da mun ngadenge sora motor nu gandeng teh.

Ah, eta mah budak meureun. Enya, hartina teu dipapatahan kun kolotna. Ih, dipapatahan ngan budakna wangkelang. Naha atuh jadi kolot teh nepi ka teu didenge ku budak? Pasti aya nu salah. Bisa wae budak teh ngalawan ku sabab kolotna oge euweuh picontoeunana.

Conto sejenna, mun keur ngariung, cik atuh tong ngagugulung wae henpon. Pan ayeuna nu ngarariung teh siga nu parireu, euweuh nu ngobrol. Saribuk sorangan, sabab ngan ragana wungkul nu ngariung teh, lelembutanana mah teuing di mana, keur ngobrol jeung nu jauhna.

Beuki dieu, etika siliragangan minangka aplikasi sikep mahluk sosial teh beuki luntur. Geus hese nyusudna mun rek neangan asal muasalna. Nu leuwih penting, daek teu daek, urang kudu satekah polah ngungkulan masalahna.

Carana? Teu hese mun niat mah, introspeksi, terus hadean kakuranganana. Mimitian ti diri sorangan, sabab moal bisa ngarobah batur mun ngarobah diri sorangan wae teu bisa.

Hayu ah, urang babarengan ngamimitian. Bisi katutuluyan jadi mahluk media sosial. Jadi mahluk antisosial. Paralun!

08052016

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


14 Oktober 2013

BEDA GELOMBANG

Ngeunahna nyetel radio teh laguna dipangmilihankeun. Teu kudu cape milihan sorangan. Komo lamun kabeneran penyiarna bisaan milihan lagu nu sarua jeung karesep urang. Pedo lah pokona mah.

Kumaha mun laguna teu resep? Gampang, kari pindahkeun gelombangna. alian frekuensina. Pan ayeuna mah loba piliheun. Teu jiga baheula, radio ngan ukur hiji dua. Mun geus manggih nu cocog jeung lelembutan, tinggal ngadengekeun. Raos pisaaan...
Tapi ari ngadengekeun obrolan jelema mah teu bisa sakahayang. Naon nu kadenge nya wayahna, resep teu resep, kudu didengekeun. Komo lamun pareng nu ngobrol teh dina angkutan umum. Rupa-rupa pisan, jeung teu bisa dipindah-pindah jiga radio.

Sawatara waktu ka tukang ngalaman kajadian nu matak pikaseurieun tapi oge pikasediheun. Keur jongjon diuk dina angkutan bari nyerangkeun jalan tina jandela mobil, aya panumpang naek. Awewe ngora keneh mamawa budak leutik keneh, kitu lah umur 5 taunan.

"Sini duduknya dipangku sama mamah, sayang. Tuh kesian banyak yang naek," Kadenge indungna nyarita ka budakna. Euh, Indonesia Raya deui wae, jero pikir. Geus biasa ayeuna mah nu kitu teh. Urang Sunda pituin, kawin ka urang Sunda deui, cicing di wewengkon Pasundan, ari budak diajak nyarita basa Indonesia. Tapi boa lain urang Sunda ketang.

"Da abina embung atuh Mamaaah, cangkeueul..." cek budak nembal. Haar, geuning budakna mah bisaeun Sunda? Naha atuh indungna make jeung ngomong basa Indonesia sagala?

Sugan teh geus ditembalan ku basa Sunda mah indungna rek pindah gelombang jadi make basa Sunda. Henteu geuning. Da kadenge ngomong deui, "Ih, nggak boleh gitu Dede, kalau nakal entar nggak jadi dikasih hadiah sama Papah lho...". Ngolo ti dituna mah. Budak tungtungna leah, daek dipangku, najan bari rada rewel nembalan. Angger deuih budakna mah make basa Sunda.

Sare lila-lila mah budak teh jigana, da terus cicing. Kuring anteng deui nempo jalan tina kaca jandela. Sajeroning kitu, pikiran mah keukeuh teu ngarti ku beuki loba kolot nu jiga embung budakna bisa basa Sunda. Da padahal mah teu kudu ngahajakeun ngajar basa Sunda ka budak atuh. Cukup ku kaiklasan ngajak nyarita ku basa Sunda ka budak, geus pirang-pirang munel dina enggoning ngamumule basa warisan karuhun.

Ujug-ujug kadenge budak teh nyarita ka indungna. "Mamah, ari si Bapana aya di bumi engke teh?" Geus nyaring meureun.

"Iya sayang, kita nanti dijemput Papah di super market deket rumah..." Ku keukeuh nya eta indungna mamalayuan, sakitu budakna nyunda pisan teh. Atawa... indungna mah lain urang Sunda kitu? Tapi geuning eta ngartieun budakna nyarita basa Sunda? Jadi panasaran...

Lahlahan, rek ditanya ku basa Sunda ah indungna. "Punten Teh, dupi Teteh kawit ti mana?"

"Abdi? Ti palih dinya, caket, mung ieu ngajajapkeun pun anak ka Bandung, hoyong pendak sareng bapana cenah..."

Hih, urang Sunda geuning. Jadi naon maksudna atuh ngobrol jeung budak make jeung beda gelombang sagala? Era kitu ngomong ku basa Sunda, era jadi urang Sunda?

Duh....



SundaBlog - Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


30 Desember 2012

Basa Sunda Rek Ditumpurkeun!

Deudeuh teuing Basa Sunda, singhoreng pamarentahna sorangan henteu nyaaheun. Dina Rancangan Kurikulum Pendidikan 2013, jam pelajaran basa Sunda di sakola nu geus sakitu samporetna teh kalahka rek dileungitkeun. Teungteuingeun...

Mun kitu mah tetela euweuh deui cara sejen, LAWAN!!!

Mangga kantun nalék raga katineung séwang-séwangan. Naha rék milu aub ngagorowok ngacungkeun peureup, ngalawan rencana pamaréntah nu rék maéhan basa Sunda? Atawa diuk baé ngajentul bari disapa ku karuhun tujuh turunan...???

Di handap ieu aya bewara anu dicutat sagemblengna tina grup facebook Baraya Sunda sadulur. Eusina umajak ka sakumna urang Sunda nu aya katineungna bari kaleresan aya waktos, kanggo ngiring aub ngahadiran Aksi Budaya di payuneun Gedong Sate sareng Monumen Perjuangan. Waktosna dinten Senen kaping 31 Desember 2012.

Bewara sagemblengna:

AKSI BUDAYA NOLAK KURIKULUM 2013

Pamaréntah rék ngaleungitkeun basa Sunda di sakola! Kurikulum 2013 dirarancang pikeun numpurkeun salah sahiji pilar budaya urang. Dialog-dialog nu lumangsung di Kemendiknas, Dinas Pendidikan Provinsi, UPI, jeung nu lianna, can némbongkeun hasil nu dipiharep ku balaréa. Tina lawungan Uji Publik Kurikulum 2013 (nu henteu jadi forum dialog nu séhat), taun hareup basa Sunda bakal kajadian leungit tina daptar mata pelajaran di sakola! Alesanana: loba teuing mata pelajaran; basa daérah henteu penting sabab masarakat beuki pacampur, rupa-rupa étnis jeung basana; bangsa urang kudu leuwih réa nyangkem basa asing sabab beuki réa nu karep jaradi TKI di manca nagara -- alesan nu meupeuh hulu angen tur nista kadéngéna! Ieu téh pikiran Tim Pengembang Kurikulum Pusat nu ditepikeun ku Prof. Dr. H. Said Hamid Hasan, M. A. guru besar di hiji paguron luhur terhormat! Sistem pendidikan nu dirékayasa pikeun nyiapkeun hiji bangsa jadi ladén jeung budak jajahan bangsa deungeun. Ideologi nu dirancang pikeun ngancurkeun basa daérah (Sunda jeung nu séjénna di Nusantara) nu geus napak ratusan taun.

Tangtu urang teu bisa cicingeun. Étnis séjén, Bali jeung Jawa geus bagerak turun ka jalan. Kudu aya riak! Kudu aya sora, aksi, jeung gerakan! Kudu rempug babarengan ‘menolak keras’, nampik bébéakan, éta rancangan Kurikulum, sabab tétéla patukang tonggongna jeung angen-angen urang saréréa: BASA SUNDA kudu dipiara, diparaké jeung diajénan. Basa Sunda nu kungsi hirup di Galuh, mekar di Pajajaran, sina terus hirup ngarambat ti jaman ka jaman. Jadi tuduh ayana URANG SUNDA. Ku nagara kapan dipayungan rék dipiara: “Bahasa-bahasa daerah itu dipelihara oleh negara” (Pasal 36 UUD 1945). Ari ayeuna ku Kemendiknas, ku jalma-jalma nu karooh ku basa deungeun bari paor kana banda sorangan, basa daérah rék dicabut tina sistem pendidikan! Éta kasang tukangna, Re-Publik Saptuan rukun gawé jeung Hima Pensatrada UPI, Pamass Unpad, UIN, Fiksimini Basa Sunda (FBS), Caraka Sundanologi, Komunitas Iket Sunda (KIS) jeung Tribun Jabar, umajak ka sing saha baé nu nyaah kana basa Sunda (pelajar, mahasiswa, guru, anggota DPR, pangarang, seniman, tukang béca, tukang ngamén, supir angkot, wartawan, padagang PKL, dosén, RT/RW, Hansip/Satpam, andar-andar, ajengan, penyanyi dangdut, nu maraké iket, jeung balaréa ) -- pikeun ngadeugdeug AKSI BUDAYA; Orasi, Maca Fikmin/Puisi, Téater, jeung sajabana, anu badé lumangsung:

Waktu/Tempat: Senén 31 Désémber 2012 Tb. 10.00 – réngsé, di hareupeun Gedong Saté jeung di Tugu Monumén Perjuangan. Mangga kantun nalék raga katineung séwang-séwangan. Naha rék milu aub ngagorowok ngacungkeun peureup, ngalawan rencana pamaréntah nu rék maéhan basa Sunda? Atawa diuk baé ngajentul bari disapa ku karuhun tujuh turunan...???

#Bewara ti grup facebook Baraya Sunda Sadulur

SundaBlog Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


27 November 2012

Basa Sunda Anu Merenah

Alhamdulillah, kasadaran tur sumanget pikeun nyarita ku basa Sunda masih keneh aya. Minimal henteu nepi ka pareum. Ngan tangtu bae hal ieu teh kudu dibarengan ku tarekah pikeun ngaronjatkeun pangaweruh urang dina cumarita. Mun teu kitu, bisa jadi ka hareupna mah basa Sunda teh ngan saukur 'merek' atawa 'cap', sabab eusina mah jajauheun tina nyunda.

ilustrasi: kartun kabayan

Di handap ieu aya dongeng heureuy basa Sunda anu ku kuring dicutat sagemblengna tina salah sahiji kaca (page) Facebook basa Sunda. Mangga urang sami-sami tengetan.

Pas beres briefing wali murid, tinggal barudak asup ka kelas narima rapot, Mang pian, kumis baplang, leungen make gelang bahar galede oray, jaket bau bako , ngomong ka anakna " Mat, lamun eta rapot aya beurem na, teu kudu WAUH atawa NGAKU ka bapa...!" bari so hareupen nu sejen. Bagian si mamat asup ka kelas bari ngahiung keneh suara bapana (ULAH WAUH). beres di bagi rapot si mamat kaluar ti kelas, " Kumaha jang ? " ceuk mang pian sabari ngalinting roko keretek, si mamat bari panik nembalan " Punten.... ari bapa saha nya ? "

Caritana mah lucu, hanjakal loba basa atawa kekecapan anu kurang merenah. Lian ti eta oge loba kasalahan cara nulis, ejaan, nempatkeun aksara gede leutik, ngalarapkeun kecap, sarta kecap-kecap anu kamalayon (pangaruh tina basa Indonesia).

Conto nu kurang merenah:
  • ngahiung (nu merenah: nongtoreng)
  • sabari (nu merenah: bari)
  • galede oray (nu merenah: sagede oray)
  • ngalinting roko keretek: (nu merenah: ngalinting bako, roko keretek mah geu jadi ti pabrik)

Conto kasalahan cara nulis:
  • leungen (leungeun)
  • gelang (geulang)
  • WAUH (WAWUH)
  • beurem (beureum)
  • hareupen (hareupeun)

Conto kasalahan nempatkeun aksara gede leutik:
  • mamat (Mamat)
  • pian (Pian)

Conto kecap nu kamalayon:
  • suara (sora)
  • panik (geumpeur)

Sabenerna loba keneh anu kudu diropea deui dina tulisan di luhur, pangpangna anu hubunganana jeung rasa kasundaan. Lebah dieu mah rada hese ngajelaskeunana, rumasa kuring mah lain ahlina.

Pikeun babandingan, carita di luhur diropea deui ku kuring sacara bebas, dina harti make gaya kuring sorangan. Nu dijieun patokan ngan saukur inti caritana.
Poe ieu si Mamat rek dibagi rapot, jadi ka sakolana oge dianteur ku Mang Pian, bapana. Abong bocokok, ti imah keneh Mang Pian omat-omatan bari semu ngancam ka si Mamat, "Awas siah Mamat, mun rapotna aya beureuman, TONG WAWUH DEUI ka Abah, komo bari jeung ngaku bapa mah ka Abah!"

Puguh we si Mamat kacida sieunna. Beres dibagi rapot, bapana geus megat di lawang panto kelas.

"Cing nempo siah rapot teh!" cek Mang Pian nyentak.

Sanajan bari ngadegdeg, si Mamat maksakeun nembal, "Punten, dupi.. bbb..bapa... sssaha nya...?"

Nyanggakeun, mugi-mugi sing aya mangpaatna kanggo anu kagungan niat sami-sami diajar tur ngamumule basa Sunda.

SundaBlog Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


17 September 2012

Geunjleung Kotak-Kotak

Enya kitu geunjleung? Sigana mah memang kitu. Hususna kameja kotak-kotak atawa kameja cele. Ieu teh gara-gara kameja kotak-kotak dipake ku pasangan calon gupernur DKI Jokowi - Ahok. Tadina mah biasa bae, hare-hare.

Nya gara-gara eta pisan, kameja kotak-kotak jadi payu kabina-bina. Salah saurang tukang dagang baju di Jakarta netelakeun yen omset nggajual baju kotak-kotak dina sapoe bisa bisa nepi ka 800 rebu perak. Mun sabulan? Kari ngalikeun kana 30.

Padahal nurutkeun Jokowi manehna henteu ngahaja ngarancang baju kotak-kotak sok komo ngahaja mroduksi baju kotak-kotak jang jualeun. Jadi loba soteh anu daragang baju model kitu, eta mah inisiatif nu daragang we. Ngaranna oge nu dagang atuh, ari nu kira-kira matak nguntungkeun mah nya pasti didagangkeun.

Cindekna, popularitas baju kotak-kotak ngajaul sanggeus baju model kitu dipake ku Jokowi - Ahok. Ti harita jadi loba jelema anu ngahajakeun neangan, boh simpatisan atawa nu sakadar resep kana corakna. Ngan ku sabab nu ngabalakan makena tokoh politik, daek teu daek baju kotak-kotak geus jadi simbol politis. Persepsi publik, kameja kotak-kotak identik jeung Jokowi - Ahok.

Dagang baju cele: meungpeung keur payu....
Persepsi model kieu tangtu leuwih rohaka karasana ku lawan politikna. Kubu Foke - Nara ngarasa bayeungyang mireungeuh tren saperti kieu. Formulasi baju bodas-bodas nu dihangkeutkeun ku manehna eleh pamor. Kumaha ari simbol mangrupa kumis? Ah, da teu kabeh jelema (lalaki) kumisan atuh, jadi rada hese :) Ngan duka tah lamun kameja bodas pek digambaran kumis, kira-kira payu moal nya?

Jigana ku sabab bayeungyang tea, cenah kubu Foke - Nara geus sababaraha kali narekahan sangkan popularitas baju kotak-kotak bisa diperuhkeun. Diantarana kungsi aya razia ka tukang dagang anu husus ngajualan baju kotak-kotak. Nu dagangna ngalengis sabab nu dirazia teh ngan manehanana wungkul, ari nu dagang baju biasa mah henteu dikukumaha. Padahal da manehna oge sarua ngan saukur dagang, teu dititah teu sing ku Jokowi.

Anu lucu mah kungsi aya usulan ka KPU sangkan dina poean nyoblos teu meunang aya nu make baju kotak-kotak. Nepi ka dieu mah can karasa lucu. Anu lucuna teh tanggapan masyarakat basa beja usulan ieu ditulis dina media. Mun kitu mah cenah dina poean nyoblos oge teu meunang aya nu kumisan, sabab mun baju kotak-kotak dianggap simbol Jokowi, kumis oge sarua dianggap simbol Fauzi Bowo :)

Memang mun hayang adil mah kudu kitu. Ngan kacipta we meureun nya eta nu baroga kumis meunang mupusti ngaluas-luis, ngadak-ngadak kudu dikurud...

Aya-aya wae :)

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


03 September 2012

Bedana Grup Jeung Kaca Facebook

Mahabuna Facebook dina kahirupan sapopoe geus teu kudu dicaturkeun deui. Kiwari Facebook atawa Buku Beungeut - mun ditarjamahkeun sajalantrahna - geus nepi ka suklakna ka siklukna. Ku naon pangna bisa kitu? Lian ti praktis dina cara ngagunakeunana, oge momentumna merenah. Facebook nguniang bareng jeung banjirna produk teknologi Cina ka urang.

Telepon keupeul calakan (smartphone) produk Cina dijual murah pisan lamun dibandingkeun jeung produk-produk nu geus aya. Ku sabab hargana murah, sarerea pada boga, Padahal keur ngakses Facebook mah cukup ku ngagunakeun si telepon keupeul model kieu oge bisa. Nu matak teu kudu heran lamun popularitas Facebook bisa ngungkulan produk anu geus aya leuwih ti heula samodel Friendster.

Lamun biasana produk teknologi ngan ukur diancokeun pikeun jelema anu melek teknologi, Facebook mah bisa nyasar nepi ka kalanan awam teknologi. Ku sabab kitu, daya tembus pasarna oge otomatis leuwih rohaka, sabab ambahanana ngalegaan tea.

Basa mimiti boga akun Facebook taun 2008, kayaanana can rame jiga ayeuna. Tiiseun malah, sabab harita mah Friendster jeung Multiply keur nanjung. Kuring mah malah teu nyangka yen Facebook bakal bisa rame cara ayeuna. Interface-na oge masih kacida basajanna lamun dibandingkeun jeung Facebook kiwari.

Lian ti boga akun utama, urang oge bisa nyieun grup jeung page (kaca) dina Facebook. Sacara prinsip, grup Facebook mah mirip jeung milis (mailing list) bogana Yahoo!. Bedana teh milis mah leuwih tartib dina ngarekrut anggota (member). Mun rek ngogan (invite) batur, kudu menta ijin heula ngaliwatan email (surelek). Mun nu dioganna daekeun, kakara diteruskeun kana proses pikeun jadi anggota. Sedengkeun di grup Facebook mah admin grup bisa nyomot saha wae anu geus jadi babaturan (friend) manehna dina Facebook, bari jeung teu kudu menta ijin heula kanu dicomotna.

Ari page? Tah ieu mah leuwih sopan, sabab nu boga page (admin) teu bisa pararadu nyomot batur sangkan mikaresep (like) page manehna. Mun rek ngogan oge, prosesna jiga dina milis, ngirim ondangan make email. Mun nu diondangna satuju, manehna tinggal mencet kenop LIKE dina kaca nu ngondang. Kaca alias page biasana dipake promosi boh bisnis (dagang) atawa pribadi. Page bisa ditempo ku saha wae, jadi sagala eusina nembrak, teu beda jeung blog. Nu ngabedakeunana teh ukur soal panjangna artikel. Dina page mah biasana leuwih parondok, sedengkeun blog mah paranjang.

Lamun kitu, naon atuh bedana grup jeung kaca? Intina mah aya dua:
  1. Grup bisa diatur sangkan eusina nyamuni tina penenjo jelema anu lain anggota. Ngarekrut anggota bisa sakahayang, padu nyomot. Lian ti eta nulis bisa leuwih panjang atawa laluasa. Ngan tampilan grup teu bisa diuprak-oprek sakahayang. Contona bisa ditingali di Taman Puisi
  2. Dina kaca mah sabalikna, euweuh sistem keanggotaan, teu bisa nyumputkeun eusi kaca, jeung teu bisa maksa sangkan jelema mikaresep kaca manehna. Nulis kasengker atawa diwatesanan sangkan teu panjang teuing. Kaunggulanana tampilan bisa dioprek, najan teu laluasa jiga blog. Jadi katenjona leuwih pikaresepun. Contona bisa diilikan di dieu.
Kumaha ari fungsina? Intina mah sarua digunakeun jang promosi. Bedana grup mah biasana leuwih loba dipake ku komunitas anu boga kapentingan atawa pangaresep anu sarua, upamana bae nu resep kana puisi, partai pulitik, etnis, motor, jrrd. Sedengkeun kaca (page) biasana dipake promosi ku perusahaan (boh gede boh leutik), band/grup musik, jrrd., atawa bisa oge dipake promosi blog.

Jadi mun kabeneran sok nulis dina blog pribadi, taya salahna nyobaan nyieun kaca Facebook pikeun ngiklankeun (promosi) blog nu ditulis ku urang. Conto kaca Facebook anu dipake promosi blog tingali di dieu.

Mana nu leuwih alus, grup atawa kaca? Eta mah gumantung kana kaperluanana. Ngan keur sakuringeun mah, lamun pertimbanganana urusan sopan santun jeung kabebasan uprak-oprek mah, asana mending keneh nyieun kaca. Pangpangna mah sabab kuring kugsi ngalaman kajadian nu matak piambekun.

Caritana aya tatangga cenah rek nyalon jadi anggota dewan. Pikasebeleunana teh ngaran kuring ujug-ujug aya dina grup Facebook pendukung manehna. Keu mah rada alergi kana urusan pulitik, turug-turug teu sopan deuih make ngaran kuring teu menta ijin heula. Kapaksa tah jelemana diseukseukan, sina diajar deui tatakrama :)

Tapi balik deui kana sual milih nu mana, eta mah teu langkung, da grup atawa kaca mah ngan saukur peso. Soal nyilakakeun atawa nguntungkeunana gumantung kanu nyekel peso.

Nyanggakeun.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


28 Agustus 2012

Abong Nu Beunghar

Jelema mah hade ku basa, goreng ku basa. Kitu piwurukna pun biang sareng pun bapa anu masih keneh nongtoreng dina ceuli nepi ka ayeuna. Pelajaran dasar elmu hirup anu samistina dipake ku sing saha bae dina hirup kumbuh sapopoe. Minangka jampe sangkan silih ajenan jeung sasama bari henteu mandang status sosial, jabatan, harta jeung sajabana.

Da yakin atuh, rek nu beunghar, rek nu miskin, rek nu pinter, rek nu bodo, rek nu pangkat, rek somah, pasti sarerea oge hayang diajenan ku sasama. Basa nu dimaksud di dieu oge tangtu lain ngan saukur omongan, tapi gumulung dina rengkak paripolah tur sikep urang dina nyanghareupan papada jalma. Sanajan babasaanana lemes, tapi ari sikepna adigung sarta ngahampas mah, angger we matak pikateungeunaheun batur.

Padahal sanajan nu beunghar upamana, matak naon mun sing someah ka sasama, rek miskin, rek beunghar. Dijamin, moal matak ngurangan kabeungharanana. Malah ku batur ge meureun jadi pamujian, keur beunghar teh bageur jeung someah deuih. Atuh nu miskin bari someah oge nyakitu, pasti jadi pamujian batur: si eta mah sanajan miskin tapi someah, hade basa hade tata (danamihardja). Tuh, pan euweuh rugina nya.

Konsep silih hargaan dina pergaulan sosial sapopoe sakuduna lain ngan ukur papaes lambe, lain ngan saukur diambeng dina obrolan atawa tulisan, tapi kudu bari jeung prakna dilaksanakeun. Mun sarerea geus bisa kitu, tangtu dunya teh baris ayem tengtrem, moal aya pacogregan sarta silih omongkeun kagorengan. Barina oge lamun kagorenganana euweuh, naon nu rek diomongkeun atuh ari lain kaalusan mah?

Tapi da ngaranna ge hirup, pasti moal salawasna ideal sakumaha kahayang urang. Mun kitu mah moal rame atuh dunya teh. Dina copelna, kuring meureun moal aya tuliskeuneun :)

Naha kumaha kitu? Enya pan kaalaman pisan ku kuring. Lebaran kamari kadatangan tamu ka imah. Cenah manehna teh minantu pejabat manten level propinsi. Lain tamu kuring sabenerna mah, tapi tamu ki lanceuk. Ngan kabiasaan di imah kuring, mun aya tamu teh sok kudu nepungan mingangka pangangken ti kulawarga. Tara lila atawa terus masamoan eta oge, ukur kitu we sasalaman terus ngahaminan sakeudeung.

"Nepangkeun ieu pun adi," cek ki lanceuk ka semah nu harita kabeneran keur ngobrol jeung pamajikanana. Ki semah teh nangtung bari unggeuk tur ngasongkeun leungeun nampanan leungeun kuring nu ngajak sasalaman. Ngan jigana ku sabab nempo kuring mah lain tongkrongan jalma penting, bari jeung manehna keur kagok ngomong ka pamajikanana, ngasongkeun leungeunna teh bari beungeutna teu nempo beungeut kuring.

Najan enya ge kuring lain jalma penting, lain jalma beunghar, tapi ari nempo kitu mah kuring teh asa disapirakeun. Na asana teh, da najan kuring teu beunghar oge teu diparaban ku manehna ieuh. Uteuk rock n' roll kuring langsung reup bray. Leungeun kuring nu geus nyolongkrong teh dicentok deui bari teu ngomong sakemek-kemek acan, terus ngaleos deui ka jero. Teu tulus sasalaman!

Kareret ku juru panon pamajikanana colohok. Teuing kumaha tah beungeut ki semah dikitukeun teh. Bae ah, insya Allah moal rugi teu sasalaman jeung manehna oge.

Mudah-mudahan ieu teh jadi pelajaran keur manehna, keur kuring oge, yen ngajenan jelema mah ulah pilihan, komo dumasar kana beunghar henteuna, pangkat henteuna, jeung sajabana. Jeung pangpangna mah kudu sadar yen teu kabeh jelema bisa dikutiplak sakahayang manehna. Kudu inget deuih, saha nu apal dina hiji mangsa mah urang baris butuh ku jelema anu ku urang dianggap teu penting.

Ku aya-aya bae nya ari jelema. Abong nu beunghar.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


23 Agustus 2012

Ngaran Sunda

Kadang-kadang sok mikir, kumaha nya lamun jelema teu boga ngaran? Mangga geura emutan. Jelema sakitu lobana tapi euweuh ngaranan, kumaha mun hayang ngageroan? Maenya kudu ditoel wae mah. Mun kitu meureun dunya teh pinuh ku nu silih toel. Atawa bisa oge ngagroan ku ciri fisik, upamana bae nu buukna galing digeroan si Galing. Terus kumaha ngageroan nu buukna lempeng? Pan eta mah leuwih loba?

Tapi nu penting mah ayeuna urang teu kudu bingung sabab jelema geus nyiptakeun sistem ngaran dina komunitasna masing-masing. Ku cara kitu urang bisa silih geroan make ngaran sewang-sewangan. Sistem ngaran urang Sunda tangtu beda jeung urang Jawa atawa urang Inggris. Mangga tengetan, ngaran urang Sunda upamana, leuwih loba unsur huruf 'A'-na lamun dibandingkeun jeung urang Jawa anu loba make 'O'.

Ngaran urang Sunda biasana ngandung engang (suku kata) anu diulang dina ngaran papanjangna. upamana bae: Yanti Riyanti, Titin Suryatin, Maman Suryaman. Ngaran urang Sunda jaman baheula mah biasana ngan ukur sakecap, upamana: Emod, Icih, Dulah, Entur, Tabroni, Empud, jrrd. Eta biasana ngaran somah samodel kuring. Ari ngaran menak mah rada beda, biasana dua kecap sarta ngaran papanjangna karasa 'ngamenak'. Contona: Ahmad Suryadilaga, Ikin Wangsadireja, Usman Jayadilaga, jsb. Anu rada aneh, di daerah Subang pasisian kuring kungsi manggihan jelema ngaranna Runtah, Kecot, jeung Panto. Disebut aneh teh sabab kecap-kecap eta mah teu ilahar dipake ngaran jelema ku urang Sunda. Nu leuwih aneh aya babaturan urang Batak tapi ngaranna Asep.

Husus dina sitem ngaran urang Sunda, memang euweuh pola anu jelas, tapi leuwih neueul dina sual rasa. Ngaran Encuy, Ocid, Icih, atawa Wangsadireja ampir bisa dipastikeun lemburna aya di tatar Pasundan. Najan kitu, ayeuna mah geus rada hese neguh bibit buit jelema tina ngaran. Proses akulturasi antar etnis/bangsa nyababkeun leyurna konsep ngaran lokal. Urang Sunda geus loba anu ngaranna memper-memper urang deungeun, contona Billy, Dandy, Rita, Nadya jeung sajabana.

Proses modernisasi, kamajuan teknologi komunikasi, jigana mangrupa sawatara hal anu nyababkeun ngeserna sistem ngaran. Ngaran-ngaran samodel Oding, Ikin, Emod, Icih upamana geus arang dipake ku urang Sunda generasi kiwari, kasilih ku ngaran-ngaran anu kesanna modern saperti: Billy, Nancy, Sony jeung sajabana. Ku kituna kiwari jadi beuki hese pikeun neguh asal-usul jelema ngandelkeun tina ngaranna wungkul.

Padahal lamun ditengetan, ngaran-ngaran Sunda baheula sabenerna ngandung 'homophone' (sasaruaan sora) jeung kosakata dina basa Inggris:
  • Empud - food
  • Engkar - car
  • Dayat - diet
  • Ono - oh no!
  • Parti - party
  • Emud - mood
  • Bakri - bakery
  • Oyeh - oh yeah!
  • Endang - dunk
  • Endring - drink
  • Mumun - moon
  • Enti - tea
  • Agus - goose
  • Asep - chef
  • Entis - tease
  • Oot - OOT (out of topic)
  • Eros - rose
  • Imas - must
  • Mamad - mud
  • Madi - muddy
  • Gopar - go far
  • Neni - nanny

Percanten? Ah ulah nu ieu mah. Kuringna keur hayang ngacapruk :) Nyanggakeun....

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


17 Agustus 2012

Wilujeng Milangkala Indonesia

Teu karasa, 67 taun bangsa urang leupas tina penjajahan bangsa deungeun. Kitu mungguhing teori, da ari kanyataanana mah duka teh teuing. Cenah eta urang masih keneh dijajah sacara ekonomi ku bangsa deungeun, beda deui urusanana. Atawa rahayat leutik masih keneh dijajah ku bangsana sorangan, nyatana ku para jongos rahayat jeung anu ngaku-ngaku wakil rahayat, keun we urang tunda heula saayeunaeun mah. Ayeuna mah urang puseurkeun heula paniten urang kana mieling kamerdekaan.


Boh kitu boh kieu, kamerdekaan teh mangrupa nugraha pikeun bangsa urang sabab ieu teh minangka modal anu kacida gedena dina pergaulan antar bangsa. Bangsa urang bisa satata jeung bangsa deungeun dina sagala hal. Urang teu perlu mamandapan menta pangasih ti bangsa deungeun. Sagala pasualan bisa diputuskeun ku sorangan, teu perlu menta ijin ti batur. Pon nyakitu deui dina ngokolakeun nagara. Singgetna, urang geus jadi bangsa anu mandiri.

Tah, minangka wujud tina rasa sukur teh nya biasana ku jalan mieling poe kamerdekaan unggal tanggal 17 Agustus. Taun ieu mah kabeneran deuih ninggang dina poe Juma'ah, sarua jeung basa taun 1945. Ngan ngaranna oge sukuran, tangtu asa teu merenah lamun kaleuleuwihi. Ongkoh pan mun kaleuleuwihi mah jadi patojaiyah jeung esensi sukuran.

Nu matak basa Forum Indonesia untuk Transparansi Anggaran (FITRA) nimu data anu netelakeun yen istana nganggarkeun duit 7,8 milyar keur waragad mieling kamerdekaan, loba anu ngarasa mentegeg tur hareneg. Asa teu pantes atuda waragad sakitu gedena ngan ukur dipake acara seremonial sapoeeun. Komo lamun inget yen masih loba keneh jelema anu neangan duit 10 atawa 20 rebu wae kudu luut-leet kesang sapoe jeput.

Malah ceuk kuring mah lain ngan ukur teu pantes, tapi kaasupna ge kana TEU GABLEG CEDO. Sukuran mah ayana dina hate, lain dina pesta anu hurung-herang. Duit sakitu mah mending dipake ngamemenan jelema miskin, jelema nu teu mampuh. Lain dimonyah-monyah diuwar-awur teu puguh. Mu kitu mah tetela euweuh undakna atuh sanggeus 67 taun merdeka teh. Aya ketang anu undak teh: beuki dieu beuki loba jelema anu kandel kulit beungeut, euweuh kaera najan ngadaharan duit batur, duit rahayat. Astagfirullah.

Nun Gusti, mugi Gusti nyiksa tur ngawarah sing saha wae anu ngaku pamingpin atanapi wakil rahayat, anu tambelar tur ngamomorekeun ka rahayatna. Amiiin.

Wilujeng milangkala, Indonesia.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


07 Januari 2012

Jokowi Versus Bibit

Ngaran Jokowi deui-deui jadi sorotan media. Mun biasana pejabat disorot alatan kasus korupsi, manehna mah estu beda. Jokowi jadi bukur catur alatan ngaresmikeun mobil Esemka buatan barudak SMKN 2 Solo, SMKN 5 Solo, jeung SMK Warga Solo jadi kendaraan resmi walikota Solo. Loba nu muji ketak simpatik ieu, tapi loba oge nu sinis. Di detik.com, Walikota Semarang nuduh Jokowi narsis (hayang kaatangar). Malah Gupernur Jawa Tengah Bibit minangka atasan Jokowi entang-entangan nyebut Jokowi 'cari muka' (hayang kapake).

Jokowi memang lain kakara sakali dianggap kontroversial dina konotasi positif. Gaya kapamingpinan lalaki ngora anu handap asor ieu teh memang nenggang tinu sejen. Basa ditawaran sangkan ngaganti mobil dines nu umurna geus leuwih ti sapuluh taun, Jokowi nampik sapajodogan. Alesanana, mobilna masih keneh bisa dipake jeung tara mogok. Mun presiden kungsi 'curhat' gajihna teu naek-naek, Jokowi mah sabalikna. Gajihna ti barang dijenengkeun jadi walikota nepi ka ayeuna teu pernah dicokot.

Lain eta wungkul. Jokowi nolak pangwangunan mall di Solo. Manehna leuwih mentingkeun ngabebenah pasar tradisional anu geus aya. Alesanana, pikeun nangtayungan tur ngamajukeun padagang leutik. Nya ieu pisan cukang lantaranana pabentar paham Jokowi jeung Bibit salaku atasanana. Jokowi teu unggut kalinduan, mall teu jadi diwangun, sanajan ti harita Gupernur Jawa Tengah jadi malik ceuceub. Pikeun manehna, karaharjaan wargana leuwih penting tibatan pamuji ti atasanana.
Dina kondisi langkana pamingpin anu bener-bener pro-ra'yat, Jokowi lir ibarat cinyusu atawa oase di tengah-tengah sagara keusik. Ketak tur kawanina jadi pamujian balarea. Lain ngan ukur warga kota Solo, tapi oge warga kota-kota sejen di sakuliah Indonesia ngarasa kayungyun ku gaya kapamingpinanana.

Ngan nyakitu, ngaran-ngaran migawe kahadean mah sok loba barebedanana. Upama ra'yat leutik loba anu muji ketakna, di lingkungan birokrasi mah sabalikna. Loba anu kalahka ngewa jeung ceuceub sabab ngarasa kaluhuran atawa eleh pamor. Performa lalaki nu ngaran aslina Ir. Joko Widodo dina mancen tugas salaku walikota Solo lain-lainna diconto, tapi kalahka jadi panyirikan.

Mudah-mudahan Jokowi ulah kapangaruhan ku paripolah jalma-jalma anu sirik ka manehna, angger basajan tur handap asor, sarta tukuh tur tigin dina dadasar kajujuran enggoning mancen tugan salaku pamingpin anu bener-bener merjoangkeun kapentingan balarea. Indonesia kacida butuhna ku pamingpin picontoeun saperti kieu.

Keep on fighting
, Jokowi!

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


02 Januari 2012

Carita Silat Sunda

Carita silat Sunda? Aya kitu? Aya pisan, malah kungsi jadi primadona di taman bacaan nu sumebar di sakuliah Tatar Sunda. Mangga taroskeun ka urang Sunda nu resep maca, anu geus sawawa dina taun 1970-an, pasti apaleun kana buku-buku silat Sunda. Duka naon tah ngaran resmina genre bacaan Sunda samodel kieu teh. Ngan nu jelas eusina teu jauh tina pakem buku-buku silat sejenna anu ayeuna aya keneh. Bedana teh basa nu dipakena basa Sunda.

Buku-buku silat Sunda mangrupa bagian tina sumebarna bacaan Sunda nu tumuwuh subur dina dekade 60-an jeung 70-an. Lian ti silat Sunda, aya oge anu sok disebut roman Sunda. Sawareh mah malah nyebutna teh roman picisan, sabab dianggap euweuh niley sastrana. Ieu mah biasana leuwih loba nyaritakeun kahirupan sapopoe dina setting Sunda, dibungbuan ku 'romance' minangka pangirut sangkan loba nu maca (jigana mah).
Gambar jilid buku karangan Ki Masram
Sanajan teu ngalaman puncak kajayaan buku-buku Sunda samodel kieu, tapi untung kuring masih kabagean keneh 'buntutna'. Waktu kuring di SD, masih aya sababaraha buku Sunda sesa taman bacaan pun bapa. Serial Gumilar, Si Ruyung Kawung, Si Buntung Jago Tutugan, Waliwis Bodas, jeung sababaraha judul sejenna karangan S. Sukandar jadi bacaan favorit kuring. Lian ti S. Sukandar, aya deui sababaraha pangarang sejenna nu masih keneh inget, diantarana Wahyu Adam, K. Sukarna, Ki Masram, jeung Entang Sumarna.

Hanjakalna buku-buku samodel kieu teh euweuh pisan dokumentasina, komo deui nepi ka diasupkeun kana buku-buku pangajaran basa Sunda mah. Mungkin bae ieu teh ku sabab dianggap euweuh niley sastrana tea. Padahal sanajan kumaha bae oge, buku-buku Sunda samodel kieu teh kungsi gede jasana dina nyebarkeun tur ngamumule basa Sunda. Buktina pan harita mah kaasup bacaan populer tur pada mikaresep. Ieu teh minangka salah sahiji ciri yen basa Sunda masih dipikawanoh tur dipareke ku urang Sunda dina kahirupan sapopoe.

Dina padungdengan para inohong Sunda, asana buku-buku Sunda saperti kieu mah tara disabit-sabit. Duka tah, naha di jurusan sastra Sunda pangarang-pangarang Sunda saperti S. Sukandar spk sok diwanohkeun atawa tara. Lamun tara teh tetela kacida teuing, sabab ku paniten kuring mah katapisan ngagunakeun basa Sunda aranjeunna teh kadang-kadang leuwih alus tibatan para pangarang entragan kiwari anu majar 'moyan'. Jeung apan sanajan kumaha bae oge, buku-buku Sunda samodel kieu teh mangrupa bagian tina 'perjalanan' basa Sunda tinulis anu sawadina ulah dipopohokeun.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


01 Januari 2012

Pabaru

Pabaru atawa taun anyar, dina danget ieu identik jeung taun anyar Masehi. Padahal saestuna pananggalan teh rupa-rupa: aya pananggalan Sunda, pananggalan Hijriyah, pananggalan Jawa, Bali jeung sajabana. Ku sabab itung-itunganana beda-beda, tangtu pabaruna oge moal sarua.


Ku naon ari pabaru Masehi mah mani sok rame sedengkeun pabaru sejenna mah asa tara kadenge geunjleung? Atawa dina ayana oge raramean, naha henteu jiga pabaru Masehi? Pikeun maluruh jawaban tina ieu patalekan, hayu urang tengetan sababaraha fakta anu aya di sabudeureun urang.
  • Pananggalan Masehi dipake sacara resmi dina urusan formal jeung pamarentahan. Dokumen-dokumen resmi upamana, makena pananggalan Masehi. Barang gubrag ka dunya, akte kelahiran dijieun make pananggalan Masehi. Surat-surat bisnis nyakitu keneh. Ku sabab dipake dina sagala widang, nepi ka pabaru Masehi oge geus jadi lahan bisnis raksasa anu ngahasilkeun duit kacida reana.
  • Kurang sosialisasi dina ngawanohkeun pananggalan sejenna. Pananggalan Hijriyah wae, anu pantesna mah dipake ku mayoritas muslim di Indonesia, dina kanyataanana mah teu kitu. Ieu oge teu leupas tina program sekularisasi anu dijalankeun sakitu lilana ku pamarentahan di Indonesia: misahkeun aturan agama tina urusan dunya.
  • Diaku atawa henteu, urang kaasup bangsa anu resep tuturut munding. Hal-hal anu datangna ti luar, sok dianggap leuwih hebat tur leuwih linuhung. Mestakeun pabaru Masehi, Haloween, Valentine, minangka sababaraha conto kumaha resepna bangsa urang kana tuturuti bari jeung teu nyaho di ata-utu. Nu penting eksis, sanajan patukang tonggong jeung ajaran agama atawa budaya urang.
Tangtu masih keneh loba hal anu nyababkeun pabaru Masehi leuwih populer tibatan pabaru sejenna. Intina mah sakadar ngingetan yen aya keneh nu leuwih penting tibatan mestakeun pabaru. Kontemplasi alias ngaji diri, asana leuwih munel tur mangpaat pikeun ngomean sagala kakurangan anu geus dilampahkeun dina waktu anu geus kaliwat.

Naon atuh nu rek dipestakeun? Sabab ganti taun saestuna leuwih mangrupa isyarat atawa totonden yen umur urang teh beuki ngurangan, kasempetan pikeun nyieun amal kahadean beuki samporet. Sawadina ieu teh jadi pamecut pikeun leuwih soson-soson ngaronjatkeun ajen diri, etos gawe jeung amal soleh, tibatan curak-curak mestakeun hiji hal anu urang oge mindeng teu ngarti kumaha jujutan anu sabenerna.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


22 Desember 2011

Indung

Hari Ibu. Kitu disebutna unggal nincak tanggal 22 Desember. Poe pangeling-ngeling pikeun para indung di Indonesia. Tujuanana tangtu pikeun ngahormat indung, kaum wanita dina harti anu jembar.

Hari Ibu ngan saukur momentum formal, sabab enas-enasna mah ngamulyakeun indung lain ngan ukur dina Hari Ibu. Unggal renghapna napas, ketegna jajantung, obahna awak, sawadina dipake upaya pikeun ngamulyakeun indung. Ku naon pangna kudu kitu?

Asana teu kudu dibahas deui kunaon pangna kudu kitu. Mangga urang sami-sami emutan bae kumaha nyaahna nu jadi indung ka urang. Ti mimiti ngakandung ngakandung salapan bulan lilana, nepi ka ayeuna geus nincak dewasa kanyaah indung teu robah-robah. Najan sakumaha baongna nu jadi anak, indung mah angger nyaah. Tong boro saukur kitu, dalah nandonkeun nyawa waktu ngalahirkeun urang oge apan dilakonan kalawan iklas. Sato wae anu dipikanyaah ku urang, pan sok katempo malik nyaah. Komo deui urang mah da manusa. Piraku deui rek tega mulangkeun cisusu indung ku lampah anu matak nganyerikeun manahna.

foto: http://kemonbaca.blogspot.com/
Ngamulyakeun indung lain ngan ukur mukpruk ku harta banda, sabab mun kitu carana, karunya teuing nu teu boga harta. Hormat tilawat kanu jadi kolot, eta oge geus nembongkeun niat ngamulyakeun tur mikanyaah. Peupeuriheun mulang tarima mah da moal nepi, moal kabadanan. Kanyaah jeung jasa indung moal bisa ditukeuran sanajan ku naon bae. Atuh ulah-ulah nganyerikeun manahna.

Anu leuwih alus mah tangtu nya hormat nya nyukupan ku dunya barana. Tapi lamun can mampuh, nya sakadugana bae, sabab ku kakara niat oge pan ari kahadean mah geus dicatet ku malaikat. Jeung sakali deui kade poho, hormat, nyaah, deudeuh kanu jadi indung teh lain ngan ukur dina Hari Ibu wungkul, sabab indung oge nyaahna ka urang teh teu kawatesanan ku waktu.

Nu baroga keneh indung, prak ti ayeuna keneh rek mikanyaah indung mah, tong diengke-engke, bisi hanjakal. Aya rejeki sautak-saeutik, tong poho kanu jadi kolot. Lain sual gede leutikna mere ka kolot mah, tapi sual niat jeung kaiklasanana. Muga-muga urang sadaya kaasup jalma-jalma anu mulya tur ngamulyakeun indung. Meungpeung indung jumeneng keneh, meungpeung anjeunna tiasa keneh ngadu'akeun urang, sangkan hirup waluya tur barokah.

* Tilam kadeudeuh keur Indung, pun biang nu dumuk di kalanggengan.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


12 Desember 2011

NOREK

Norek beda jeung torek, sanajan asal kecapna memang tina torek. Lamun torek hartina teu bisa ngadenge alatan panyakit, norek mah teu kitu. Norek hartina embung ngadenge atawa api-api torek sabab saenyana mah teu torek teu sing. Lamun torek sifatna pasif sabab lain kahayang manehna, sabalikna ari norek mah aktif sabab dilampahkeun kalawan sadar atawa ngahaja.

Kajadian mahasiswa (Sondang Hutagalung, mahasiswa semester pamungkas Fakultas Hukum UBK) anu ngaduruk karep di hareupeun istana Presiden sawatara waktu ka tukang estu matak geunjleung. Moal samata-mata manehna tega nelasan awak sorangan lamun euweuh sabab musababna. Jeung tangtu moal milih tempat di hareupeun istana lamun euweuh alesanana. Sanajan euweuh nu ngajelaskeun, jelema awam samodel kuring oge geus bisa neguh naon anu jadi kasang tukang tina insiden anu matak kukurayeun ieu teh.

Istana jeung Presiden minangka salah sahiji simbol institusi kakawasaan panggedena di ieu nagara lir ibarat ditampiling di hareupeun jalma loba, nya nyeri nya wirang (kuduna mah). Kajadian ieu teh minangka refleksi tina puncak kakuciwaan tur rasa frustrasi ra'yat leutik kana performance tilu pilar demokrasi anu dianggap teu mampuh ngama'murkeun warga nagarana. Lembaga eksekutif, judikatif jeung legislatif geus gagal nembongkeun gawe rancage dina enggoning ngokolakeun nagara nepi ka nimbulkeun kateuadilan.

Kumaha tanggapan ti para pangagung nagara? Nepi ka danget ieu sakanyaho kuring kakara nepi kana 'ucapan belasungkawa', 'turut prihatin', sarta kalimah-kalimah normatif sejenna. Saolah-olah kaleungitan nyawa salah saurang warga teh lain masalah gede. Respons maranehna kakara nepi kana level tamba bau sungut alias lips service. Padahal idealna mah hal ieu teh kudu dijieun panggeuing tur dijieun panginditan pikeun introspeksi bari jeung prakna bebenah kalawan daria.

Jadi inget kana dongeng politisi Jepang anu kabaud korupsi. Cenah duit anu dikorupsina teh mun dirupiakeun mah ukur welasan juta. Barang kanyahoan, manehna kacida ngarasa wirangna sabab dina budaya manehna mah ngagasab atawa maok duit (boh duit pribadi atawa duit nagara) dianggap aeb anu pohara sarta geus ngawiwirang kulawarga. Pikeun nebus kasalahan euweuh deui carana iwal ti harakiri (nelasan karep). Nya manehna bebeja ka indungna sakalian pamitan samemeh maehan karep. Kumaha ceuk indungna? "Jung kasep tong diengke-engke, tamaha hidep geus ngawiwirang ngaran kulawarga!"

Nepi ka kituna ari batur. Muji ku pengkuhna dina ngajungjung harga diri, lain soal nelasan karepna. Kumaha ari di urang? Teu kudu dicaturkeun, sarerea oge pasti nyakseni ku anjeun. Koruptor nu lolos dina tuduhan kalah sarangah-serengeh semu bungah. Atuh dina unggah balewatangan nepi ka diberokna, ah paling ge sababaraha taun, kabual keneh ku hasil korupsi anu moal beak didahar ku tujuh turunan. Estu euweuh pisan kaera sok komo deui kasieun ku azab ti Pangeran mah. Nya mental saperti kieu pisan anu nyababkeun mahabuna korupsi tur kateuadilan di urang, nepi ka kajadian protes brutal nelasan karep awahing ku kuciwa tur frustrasi jajaka nu ngaran Sondang.

Sondang oge sabenerna ngan saukur simbol. Simbol tina kakuciwaan tur rasa frustrasi anu karandapan ku ratusan juta warga Indonesia. Kakuciwaan anu lolobana mah teu kungsi kedal. Atawa kedal tapi henteu meunang respons anu samistina, sabab demokrasi di urang teh saestuna kakara nepi kana cangkang. Demokrasi ngan saukur papaes lambe. Malah cek Mang Endo tatangga kuring mah, demokrasi teh hartina kaos, bandera partai, jeung mie instan gratis. Lima taun sakali eta ge.

Lamun kuring ditanya sual panuju atawa henteuna kana lampah Sondang nelasan karep, jawaban kuring jelas teu panuju. Kalah kumaha wae oge ieu teh kritik dina wujud lampah ekstrim anu teu dipirido ku Pangeran. Tapi kuring tangtu kacida teu panujuna kana tanggapan para gegeden anu karasana hare-hare, jiga nu euweuh masalah nanaon. Kritik brutal anu kajadian dina kongkolak mata wae geus teu dianggap, atuh komo kritik anu ngan saukur disidem ti kajauhan, teu kedal, atawa ngan saukur ditulis dina blog anu boa aya nu maca boa henteu.

Kuring yakin, insiden Sondang teh ngan saukur puncak tina gunung es. Di handapeunana gumulung kakuciwaan tur rasa frustrasi anu leuwih gede tur rohaka. Lamun tanggapan para gegeden ukur sahinasna, hare-hare sarta jiga nu api-api teu ngadenge alias norek saperti nu kajadian kiwari, teu mustahil hal ieu teh bakal jadi bom waktu anu baris ngabeledug ngancurkeun ieu nagara -dina harti injeuman atawa oge harti saujratna- duka iraha.

Naudzubillah!

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


30 November 2011

Pahlawan Toha

Bangsa nu jembar nyaeta bangsa anu ngajenan pahlawanna. Ieu kalimah teh kacida populerna, pikeun ngagambarkeun pentingna ngajenan jasa pahlawan anu geus bajoang pikeun nanjeurkeun kamulyaan bangsa katut nagarana.

Ngan hanjakal, eta kalimah teh dina emprona mah ngan saukur papaes lambe, sabab kanyataanana mah teu kitu. Malah gelar pahlawan oge make jeung aya kelas-kelasna sagala: pahlawan nasional, pahlawan daerah, jeung sajabana. Mohammad Toha, pahlawan Bandung Kidul anu palastra dina perang kamerdikaan waktu ngabitukeun Gedongpeteng tempat panundaan bom Walanda, nepi ka kiwari teu diaku pahlawan nasional, sabab dianggap teu nyumponan sarat.

Tim Peneliti dan Pengkaji Gelar Daerah (TP2GD) tidak bisa memastikan setiap nama yang diusulkan bakal menjadi Pahlawan Nasional. Pasalnya, kriteria dan persyaratan seorang sosok dikategorikan Pahlawan Nasional, sangat sulit. "Harus diperkuat dengan data dan (akta. Tidak cukup hanya katanya," tutur Nenny, salah satu anggota TP2GD.

Selain itu, sosok tersebut kiprahnya memang mesti menasional. Kalau kedaerahan, tentunya tidak bisa dimasukkan kategori Pahlawan Nasional. "Kami pernah mencoba berkali-kali mengusulkan Mohamad Toha sebagai Pahlawan Nasional. Namun pusat menilai, Mohamad Toha kiprahnya lokal. Dan kepastian bahwa dia meledakkan gudang senjata itu pun belum ada data dan fakta yang valid. Itu sebabnya pusat masih menolak usulan tersebut," ucapnya. (http://bataviase.co.id/node/869405)

Teu bisa nyalahkeun, upama aturanana memang saperti kitu. Ngan upama dibandingkeun jeung gelar pahlawan anu dibikeun ka jelema-jelema nu teu puguh asal-usulna, bari jeung jasana ge teuing naon, asa matak ngangres upama gelar pahlawan pikeun Mohammad Toha nepi ka dihese-hese.

Tapi sok sanajan Mohammad Toha teu dileler gelar resmi ti pamarentah, pangajen ti masarakat mah geus teu kudu dipihamham deui. Pangorbanan almarhum dicatet dina jiwa urang Sunda tur diaku pahlawan kalawan ikhlas. Mohammad Toha estu sajatining pahlawan dina hate masarakat tatar Pasundan. Salah sahijina kagambar dina rumpaka lagu Pahlawan Toha:

Getih suci nyiram bumi
Tulang setra mulang lemah
Babakti nyungkem Pertiwi
Cikal bugang putra bangsa

Nyatana Pahlawan Toha
Pahlawan Bandung Selatan
Patriot ti Dayeuhkolot
Tugu diwangun ngajadi ciri
Tarate nu mangkak ligar di empang
Jadi bukti gugurna pahlawan bangsa

Muga-muga urang sadaya teu kaasup bangsa nu mopohokeun jasa para pahlawanna.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


17 Agustus 2011

Tujuhbelasan

Ti sainget, di lembur kuring sok kacida ramena dina poean 17 Agustus teh. Lain rame ku sponsor deuih, sabab sagala kamonesan nu dipintonkeun dina poean mieling kamerdekaan teh estuning hasil gawe babarengan warga. Arak-arakan diwangun ku rupa-rupa pintonan. Aya bebegig, rombongan 'pejuang' lengkap jeung 'tentara Walanda' , gotongan nu eusina rupa-rupa kadaharan, calung, angklung barudak sakola, jeung rea-rea deui. Memeh upacara sok diabringkeun heula muru ka lapang. Sanggeus upacara, kabeh pintonan sok dipaenkeun kalawan gembleng (utuh), minangka hiburan haratis keur balarea.

Kagiatan samodel kitu teh geus jiga tradisi taunan. Sarerea ngarasa miboga tanggung jawab pikeun ngareuah-reuah poe kamerdekaan, minangka wujud tina rasa sukur rehna nagara urang geus diparengkeun merdeka. Ti mana biayana? Tadi ge geus dicaritakeun, tara pangangguran aya sponsor sagala. Udunan, sabogana-sabogana. Nu boga duit ku duit. Nu boga tanaga ku tanaga. Nu kabeneran po'os pisan, udunan ku do'a :) Tara aya basa ngarasula. Tukang kuli, belaan pere heula. Nu boga warung, tutup heula. Cindekna, kabeh ngarasa 'wajib' mieling poe kamerdekaan sakadugana.
foto: republika.co.id
Ngan beuki dieu, asa beuki tiiseun. Teu jiga baheula. Puncakna mah dina taun ieu. Euweuh kamonesan nu dipintonkeun. Euweuh abringan nu laleumpang muru ka lapang rek upacara. Jelema jiga hare-hare. Ku naon? Duka tah....

Nu aya ngan ukur rajegna tihang bandera di unggal buruan. Ngelebet jiga nu sedih. Alum, semu lungse. Kuring galecok sorangan na jero hate. Palangsiang ieu teh alatan urang ngarasa dihianat ku para pamingpin. Ngarasa diteungteuinganan. Ngarasa diantep tur teu dipalire. Para pamingpin sibuk nguruskeun partey, golongan, kelompok, jeung dirina masing-masing. Sibuk ngarewodan duit anu sakuduna dipake jang kama'muran ra'yat. Der weh parasea diantara maranehna. Pasea ku sabab teu walatra dina babagi duit meunang maok!

Mun kitu, meujeuhna we lamun ra'yat jadi hare-hare. Bongan pamingpin teu bisa dipercaya. Ra'yat jadi apatis. Amanat para luluhur anu baheula guyang getih geusan ngahontal kamerdekaan geu kapopohokeun. Nagara anu sacara 'de jure' geus leupas tina penjajahan bangsa deungeun, singhoreng sacara 'de facto' masih keneh dijajah. Saha nu ngajajah Indonesia kiwari? Singhoreng lain bangsa deungeun, tapi bangsa sorangan, nyatana para pamingpin anu tega meres ra'yatna. Anu katempona siga nu enya melaan ra'yat, sok padahal saukur panipuan!

Jadi, rek iraha atuh bangsa urang bener-bener merdeka? Nepi ka kiwari kuring can manggih kelemeng walonan anu matak sugema. Matak ngangres, matak nalangsa. Lir bandera anu ngelebet semu seunggah. Iraha atuh? Anging Gusti anu uninga. Inna lillahi. (17082011)

Copyright © 2011 - Tata Danamihardja.

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.
Aos seratan sagemblengna...


11 April 2011

Gedong DPR

Jaman keur budak, imah gedong di lembur kuring beunang diitung ku ramo. Imah gedong di dieu maksudna imah nu dijieunna tina bata jeung aduk semen campur keusik jeung apu we saeutik. Kalolobaanana mah imah panggung, malulu dijieun tina kai jeung awi, teu make tembok. Ka beh dieunakeun mimiti aya sababaraha imah duduk jandela. Disebut kitu teh cenah pedah tembokna ngan ukur sajangkung jandela. Tina jandela ka luhur mah bahan nu dipake nya angger we kai jeung bilik tina awi.

Ku sabab arang, imah gedong jaman harita kaasup mewah. Teu unggal jalma mampuh ngadegkeun imah gedong. Ra'yat biasa saperti kolot kuring mah cukup imah panggung bae. Matakna nu boga imah gedong jaman harita geus pasti jalma beunghar. Najan kitu, harita mah modelna oge henteu aneh-aneh, malah mun dibandingkeun jeung imah-imah jaman ayeuna mah kacida basajanna. Hareupna biasana make teras nu dikuribeng ku tembok sajangkung tuur. Na tembok ieu biasana sok dipake dariuk mun ngadaweung pasosore bari nungguan magrib.

Imah ra'yat

Kiwari tibalik. Imah panggung beuki arang, lolobana malah imah gedong. Naha ieu teh bisa dijadikeun ciri yen kama'muran ra'yat geus ngaronjat? Duka tah lebah dinyana mah, sabab najan sarua gedong, angger we kualitasna mah gumantung kana duit. Jalma beunghar tangtu nyieun imahna make bahan-bahan kualitas nomer hiji. Giliran jalma nu kurang duit mah nya wayahna make bahan-bahan kualitas saaya-aya.

Basa ngadenge Gedong DPR rek direnovasi, mimitina mah atoh we nu aya. Tuh pan ayeuna mah tong boro ra'yat, wakil ra'yat wae boga imah gedong. Ngan barang ngadenge biayana trilyun-trilyun kitu mah bet matak ngajenghok. Mahal-mahal teuing? Da basa Haji Udin nyieun imah oge biayana ngan ukur pupuluhan juta. Eta teh geus kaasup rohaka, da puguh Haji Udin mah jalma jugala. Jaba Haji Udin teh ra'yat deuih, lain wakil. Naha ari jang wakil biayana bet gede kabina-bina?

Logikana pan kieu. Mun direktur gajihna 50 juta, wakil direktur gajihna tangtu moal ngaleuwihan direktur. Jadi mun haji Udin (ra'yat) nyieun imah nu hargana 50 juta, imah wakil ra'yat mah tangtu teu meunang leuwih ti 50 juta. Ari ieu? Hiji koma tilu trilyun! Enolna oge teuing sabaraha siki. Pokona mah loba pisan, mun dibeulikeun kurupuk teh jigana mah bisa dipake nutupan gunung!

Kacindekanana? Jelema nu utang itung biaya renovasi Gedong DPR teh teu cageur, teu make logika, jeung jigana na jero dadana geus euweuh hatean. Gedong nu ayeuna dipake oge sabenerna mah alus keneh jeung masih "layak-pakai", kitu cek sawatara ahli. Malah ceuk Mang Endang tukang cilok mah, gedong nu ayeuna teh masih mewah kabina-bina, sabab sok dibandingkeun jeung imah manehna nu mirip kandang embe. Disebutna ge karaton ku Mang Endang mah. Tah ceuk Mang Endang keneh, anggota dewan nu di laluhur teh garelo cenah, alias burung, alias teu gableg cedo. Uyuh ku dua merjoangkeun ra'yat, ieu mah kalah hayoh ngamonyah-monyah duit ra'yat.

Imah 'wakil' ra'yat....
Basa diseleksek, ku naon cengteh pangna Mang Endang siga nu ambekeun pisan, manehna nembalan, "Har ari Encep, pan Amang teh geus ngawakilkeun ka maranehna sangkan ra'yat leutik samodel Amang teh diperjoangkeun ku maranehanana, ditingkatkeun kahirupanana, kama'muranana, kapinteranana. Lain ieu mah kalah hayoh duit ra'yat dimonyah-monyah bari jeung dilalebokan ku maranehanana, duka sawareh duka lolobana. Keuheul Amang mah, napsu lah, hayang nyabok tah ka nu karitu teh!"

Mang Endang ngabamblam bari kekerot, leungeunna meureup-meureup bae. Kuring unggut-unggutan, kayungyun ku pamanggih manehna. Keur pahuleng-huleng kitu, ujug-ujug pok mang Endang nanya, "Ke, ke, ke... na ari Encep katingalna ku Amang teh siga tenang-tenang bae. Na Encep teu ngaraos keuheul?"

Kuring nyerengeh, pok nembalan, "Ah henteu Mang, da abdi mah teu rumaos ngawakilkeun ka maranehna ieuh. Pan tos lami oge abdi mah tara ngiring nyoblos lamun PEMILU teh!"

Mang Endang colohok, kuring ngaleos bari ngahariringkeun pupuh, teuing Pangkur teuing Durma.

Copyright © 2011 - Tata Danamihardja.

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.
Aos seratan sagemblengna...


14 Maret 2011

Radio Basa Sunda

Radio basa Sunda nu dimaksud teh nyaeta radio anu basa panganteurna malulu ku basa Sunda. Ari eusina mah rupa-rupa, aya lagu indonesia, aya lagu barat, malah lagu wetan oge teu jadi masalah. Tos aya? Nyeta teu acan :)

Eta mah ngalamun. Kabeneran ngalamun teh kadang-kadang sok dianggap aneh ku batur. Dianggap mahiwal. Padahal naon salahna? Keun we da ngalamun ieuh, moal matak bohak. Pan ayeuna mah ngalamun nu mahiwal teh sok diparake dina elmu manajemen. Disebutna 'think out of the box'. Maksudna? Nya ngalamun atawa mikir mahiwal tea, kaluar tina kabiasaan anu ilahar.

Geus loba conto, ide anu baheula dianggap mahiwal, kiwari kabuktian jadi kanyataan anu teu dianggap aneh teu sing. Kapal udara upamana. Pan baheula mah dianggap lahuta sabab jelema mah ceuk palikir jalma nu 'cageur' moal bisa ngapung sabab teu boga jangjang. Tapi tetela ku jalma mahiwal mah eta teh dipikiran, nepi ka ahirna jadi kanyataan, najan carana henteu nyieun jangjang terus ditapelkeun kana awak. Tapi nu penting, jelema bisa ngapung, make kapal udara.

Komo atuh ieu, pira oge radio anu basa panganteurna basa Sunda. Teu mahiwal teu sing. Sacara teori mah gampang malah, sabab nu make jeung nu ngarti kana basa Sunda masih keneh loba. Terus ku naon atuh pangna euweuh radio anu saperti kitu?

Tah di dieu mah masalahna lain mahiwal atawa aneh. Masalahna teh nyoko dina urusan kawani. Euweuh jelema loba duit nu daek ngamodalan ngadegna radio samodel kitu. Basana teh sieun rugi tea, sieun teu balik modal tea jeung sajabana. Padahal rek nyaho bakal rugi kumaha, da dicobaan oge acan. Kumeok memeh dipacok, kitu meureun pibasaeunana.

Padahal lamun dilenyepan, ieu teh bisa jadi selling point (niley jual) pikeun icikibung dina bisnis radio. Sok inget kana kasauran Pa Temmy Lesanpura almarhum, pakar radio, nu kungsi nyebatkeun yen dina bisnis radio mah kudu 'dare to be different' (wani minculak ti batur). Tong sieun mun dianggap beda, sabab eta teh justru bakal jadi paniten batur. Pada nempo. Mun geus pada nempo pan panasaran, hayang nyaho jero-jeroanana. Keur nu dagang mah pan kakara ditempoan oge geus kaasup 'satengah ngajual'. Digilekkeun saeutik ge, iklan mo burung murudul.

Komo deui mun nu boga modalna idealis mah, keyeng hayang nanjeurkeun sunda jeung kasundaan. Ngan nyaeta hese neangan jelema nu model kitu teh: loba duit, jeung gede katineungna ka Ki Sunda.

Kacipta lah, mun lamunan kuring teh bisa ngawujud. Gogoleran di kamar bari ngadengekeun radio. "Pamiarsa, mangga urang sami-sami kupingkeun galindengna The Beatles ti babakan Liverpool, anu baris ngagalindengkeun lagu Michelle, dilajengkeun kana lagu Blackbird anu dipundut ku Kang Tata ti Ciamis. Wilujeng ngadangukeun," cek penyiar radio Urang Sunda.

Rungah-ringeuh, da asa teu menta lagu. Leungeun gupuy-gapay neangan telepon, guluprak gelas ragrag katepak. Korejat, kuring hudang. Euh, can aya geuning radio nu jiga kitu mah. Sok atuh nu saleueur artos, aya kawani teu? Kuring mah rek ngadengekeun we ah....

Tata Danamihardja © 2011

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.
Aos seratan sagemblengna...


06 Januari 2011

SundaBlog Di Facebook

15:05 06/01/2011
 
ku: Tata Danamihardja
 
Saha nu nyangka, Facebook baris kawentar jiga kiwari. Mun teu salah, taun 2007 atawa 2008 kuring geus boga akun Facebook. Tapi harita mah tiiseun keneh, can loba nu make jiga ayeuna. Eta oge nyieun soteh panasaran we, teu kaop manggih nu anyar. Geus kitu mah lur we diantepkeun.
 
Ngan kadieunakeun, estu matak kaget. Facebook jadi sabiwir hiji. Ti kota nepi ka kampung, Facebook jadi bukur catur balarea. Ti mimiti budak nu kakara bisa maca nepi ka aki-aki jeung nini-nini nyaho naon ari Facebook. Dina teu nyahona oge, minimal pasti kungsi ngadenge.
 
Rame we tah si Facebook teh. Jadi sarana komunikasi alternatif salian ti telepon. Babaturan nu lawas teu tepung, guk gok panggih dina Facebook. Lebah dieuna mah Facebook geus jadi cukang lantaran geusan manjangkeun tur ngaraketkeun silaturahim jeung papada manusa. Lian ti eta, Facebook oge mindeng dijieun promotion tool atawa alat promosi pikeun nu boga bakat dagang. Malah kadang-kadang nepi ka lieur sirah ngabandungan nu nge-tag gambar promosi. Dalah dikumaha, resiko pipilueun ngagugulung Facebook.
 
Tangtu efek gorengna oge aya. Dina tipi mindeng kapireng budak atawa rumaja nu ngaleungit ti imah alatan Facebook. Diculik. Atawa nu pasea alatan salingkuh gara-gara Facebook. Atawa pagawe nu ngadak-ngadak henteu produktif alatan loba teuing chatting (ngawangkong) na Facebook. Eta mah ekses, lir ibarat peso nu fungsina gumantung ka nu makena: naha rek dipake ngeureutan bawang atawa dipake ngarampog. Asal ati-ati tur wijaksana dina ngagunakeunana, Facebook bisa jadi alat komunikasi nu gede mangpaatna.
 
Nya ku alesan eta pisan, ditambah popularitas Facebook anu sakitu rosana, asana teh teu salah lamun SundaBlog oge milu aub, pipilueun ngamangpaatkeun Facebook. Lebar temen lamun kasempetan gede pikeun ngawanohkeun basa Sunda dina awahan anu leuwih jembar henteu dimangpaatkeun. Meungpeung Facebook masih keneh kawentar (populer), meungpeung Facebook masih loba nu make, nya mending dimangpaatkeun sakumaha mistina.
 
Ka sugri anu hoyong ngarojong SundaBlog di Facebook, diantos di dieu. Sugan ku cara kieu, basa Sunda bisa leuwih nanjeur makalangan. Sugan, eta oge.
 
Copyright © 2011 - Tata Danamihardja
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.
 
 
Aos seratan sagemblengna...


05 November 2010

NGAMUMULE BASA SUNDA

ku: Tata Danamihardja
 
Ajeg-ajeg (kade sanes ajep-ajep :) kasundaan teh diantarana baris katingali dina soal basa. Pan asa aneh lamun urang Sunda tapi teu bisa make basa Sunda. Piraku ari urang Jawa make basa Jawa, urang Batak make basa Batak, ari urang Sunda teu make basa Sunda?
 
Nu jadi masalah, kumaha carana sangkan basa Sunda henteu tumpur? Najan patalekan ieu karasana asa bombastis, tapi lamun nempo gejalana saperti nu karandapan ku urang ayeuna, asana teh lain hal anu pamohalan upama ka hareupna basa Sunda baris tumpur. Mangga bae emutan, kiwari loba urang Sunda meleg-meleg anu teu ngajarkeun nyarita ku basa Sunda ka anak-anakna.
 
Padahal ngajarkeun nyarita ku basa Sunda ka anak-anak urang teh mangrupa pondasi pikeun negeskeun identitas yen urang teh urang Sunda saestu. Komo lamun nilik kana pangajaran basa Sunda di sakola anu waktuna mingkin samporet. Boro-boro bisa diandelkeun pikeun ngadadasaran kana pangaweruh budak ngeunaan basa Sunda, dalah guruna oge kadang-kadang lain ti jurusan basa Sunda.
 
Lian ti eta, lingkungan oge mindeng teu ngadukung kana tumuwuhna basa Sunda, hususna di kota-kota gede anu padumukna multi-etnis. Anu matak, cilaka pisan lamun anak-anak urang teu dibiasakeun diajak nyarita di imah make basa Sunda. Atuda iraha dipakena basa Sunda teh mun lain di imah, sabab di luar imah mah enya ge dipake tapi geus pabaliut jeung direumbeuy ku basa Indonesia.
 
Ku cara kitu, diharepkeun bakal aya generasi penerus anu baris nuluykeun eksistensi basa Sunda di tatar parahiangan. Pun alo, umur 2 taun, dibiasakeun nyarita make basa Sunda ku indung bapana. Mun keur arulin jeung baturna ge manehna mah ongkoh-ongkoh we galecok make basa Sunda. Mun baturna molohok teu ngarti, kakara manehna narjamahkeun make basa Indonesia. Geus baturna ngartieun mah, der deui we ngocoblak make basa Sunda.
 
Di dieu ku urang katingali, yen diajar make basa Indonesia mah leuwih gampang, sabab di luareun imah ge balatak nu nyarita make basa Indonesia. Lamun dadasarna geus kuat, urang moal hariwang boga budak palahak-polohok teu bisa basa Sunda. Sabalikna mun di imah diajak nyarita basa Indonesia, di luar imah oge nya kitu keneh, rek iraha bisana atuh budak teh make jeung ngarti kana basa Sunda?
 
Mun urang ngaku keneh urang Sunda, sing era atuh ku seler sejen nu bubuara di tatar Pasundan. Si Togar urang Batak, si Ayu urang Kebumen, atawa si Freddy urang Manado geuning bisa capetang make basa Sunda ari keyeng mah diajarna? Maenya ari anak urang, pituin urang Sunda, kalah ngabigeu lamun diajak nyarita basa Sunda?
 
Conto sejenna, tuh The Beatles anu meleg-meleg urang Liverpool oge geuning bisaeun nyanyi-nyanyi wae mah make basa Sunda. Teu percanten? Mangga anjangan bae Sunda Bitel di http://www.facebook.com/pages/Sunda-Bitel/135285173190525.
 
Hayu ah, urang babarengan ngamumule basa Sunda.
 
Tata Danamihardja © 2010
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.

 
Aos seratan sagemblengna...