Antosan sakedap...

21 Agustus 2012

Wilujeng Boboran Siam 1433 H

Bener ceuk kolot, waktu teh lir ibarat tatit, ngan sakilat-sakilat. Asa anyar keneh Lebaran, ku teu karasa geus Lebaran deui bae. Cenah mah eta teh cingcirining urang betah kumelendang di alam dunya. Enya da sakumaha ripuhna oge, kangaranan jelema mun dititah nyingkah ti alam dunya ieu tangtu embung.

Lebaran atawa Idul Fitri teh saestuna minangka poe kabungahan satutasna nyacapkeun ibadah saum sabulan campleng. Ibadah nu datangna ngan sataun sakali dina bulan Romadon. Nya dina bulan ieu pisan urang dilatih pikeun leuwih ngaronjatkeun kualitas ibadah katut sikep dina kahirupan sapopoe, sangkan ka hareupna bisa dipraktekkeun kalawan istiqomah.

Jadi tangtu salah kacida jelema anu dina bulan puasa mah ninggalkeun sagala kama'siatan, ari dina bulan sejenna balik deui kana kabiasaan samemehna. Upamana bae salila bulan puasa mah pere tara ngomongkeun batur, sanggeus Lebaran mah der deui we kabiasaan heubeul teh dilakonan. Majarkeun teh cenah da geus lain bulan puasa ieuh :)



Ieu mah lain mapatahan, tapi istuning itung-itung ngingetan diri sorangan, sabab nya kitu pisan anu karasa ku kuring. Nu matak, hayu ah urang silih du'akeun sangkan saenggeus Lebaran urang bisa teteg panceg dina kahadean. Sugan ari ku silih du'akeun tur silih elingan mah moal mangprung teuing, atawa cek paribasa tea mah moalnepi ka lali ka purwadaksi. Wilujeng Boboran Siam, sih hapunten anu kasuhun ti luhur sausap rambut, ti handap sausap dampal, bilih aya langkung saur bahe carek, mugia kersa ngalubarkeun samudaya kalepatan tur kaluluputan.

SundaBlog Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


01 Oktober 2008

Nyungsi Acining Ati

Lir ibarat tatit, ngabelesur ngajugjug ka alak paul. Kitu sestuna mungguhing waktu. Taya tempo geusan sumarimpang, taya mangsa geusan senang-senang. Mun wenang mah hayang nganjang ka pageto, hayang nyungsi ka bihari, susuganan manggih luang sangkan bisa manjang-manjang mangsa, da puguh teuing ku betah, ngandih di alam kiwari.

Orokaya, hirup kauger ku kadar, tetengger ciptaning Gusti. Mangsa hamo bisa diatur sakarep isun, estu sakadar tumamprak bari ihtiar satekah polah, sangkan teu kalangsu nya laku, henteu kasasar nya lampah, enggoning ngalalakon di marcapada.

Rumasa loba katuna, diri pinuh ku codeka, bari loba teu karasa. Langkung saur bahe carek, mugia agung lumur jembar pangampura, silih lubarkeun dosa perdosa. Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan. Cangra, bengras, lir keretas bodas nyacas, can katulis ku mangsi. Bari kedal jangji jeroning ati, tina sanubari nu suci, moal rek ngarorocet catetan, susuganan kabiruyungan.

Wilujeng Boboran Siam. Sih Hapunten Anu Kasuhun.

Panjalu, 1 Syawal 1429 Hijriyah.
Aos seratan sagemblengna...


11 Oktober 2007

Wilujeng Boboran Siam 1428 H

Teu karaos, Romadon alias sasih siam tos ampir lekasan. Sasasih campleng urang sami-sami ngalakonan ritual saum. Sanes mung saukur nahan lapar sareng halabhab, nanging oge ihtiar sangkan naon rupi anu ku urang dipilampah henteu gaplah. Hartosna, sasih siam dianggo minangka tempat meuseuh diri supados ajen inajen diri langkung ngaronjat.

Lir ibarat anu sakola, tangtos saparantos lulus kedah langkung pinter ti sateuacanna. Upami kualitas atanapi ajen diri urang sateuacan sasih siam mung ukur 50, tangtos satutasna ngalakonan ibadah saum, kedang ngaronjat, langkung ti 50. Upami angger, komo upami janten nyirorot mah, tangtos eta teh janten ciciren yen ibadah saum urang teh gaplah, mung ukur dugi kana tahap 'nyiksa karep', nahan lapar sareng halabhab.

Kantenan kanggo anu lulus 'ujian' Romadon, dinten Boboran Siam (Lebaran) kedah dijantenkeun momen syukuran kana sagala rupi upaya urang dina enggoning ngaronjatkeun ajen inajen diri sangkan janten jalmi anu salawasna ihtiar ngahontal kasampurnaan.

Dintenan Boboran Siam oge dijantenkeun ajang ngaraketkeun silaturahim di papada urang, sakantenan silih lubarkeun tina sagala kalepatan tur kaluluputan. Dina raraga ieu pisan sim kuring nyanggakeun panglayad sakantenan ngedalkeun paneda, sih hapuntenna anu kasuhun, bilih aya cariosan anu matak nyugak kana manah, mugia ulah janten rengat galih.

Kanggo kagegelan, mangga nyanggakeun Kartu Lebaran minangka wawakil pribadi sim kuring kanggo sadayana anu ngaraos midulur, janten baraya, sok sanaos mung ukur ngalangkungan ramat komunikasi anu disebat internet. Kartu Lebaran eksklusif basa Sunda tiasa diundeur di dieu.

Sakali deui, wilujeng boboran siam. Taqobalallohu minna wa minkum.
Aos seratan sagemblengna...


22 Oktober 2006

Wilujeng Boboran Siam

Aos seratan sagemblengna...


01 Oktober 2006

Puasa, Ngabuburit jeung Petasan

Bulan puasa di jaman mana bae, intina mah angger, ngalaksanakeun rukun Islam nu kaopat. Tapi suasanana bisa beda-beda ti jaman ka jaman.

Jaman kuring keur budak, bulan puasa teh dianti-anti pisan. Lain pedah resep puasana, tapi sabab sok aya onjoyna dina sawatara hal, dibandingkeun jeung bulan-bulan sejenna. Menu dahareun biasana sok rada beda. Mun sapopoe cukup ku goreng asinan tanjan, bulan puasa mah pun biang sok olah, diaya-ayakeun. Perbaikan gizi mun cek barudak mah. Kitu deui dahareun jang ta'jil, bulan puasa mah make sok aya amis-amis sagala, sarupaning kulak-kolek atawa rurujakan.

Lian ti eta, bulan puasa teh hartina tereh ganti baju ku nu weuteuh. Bulan-bulan biasa mah pimanaeun teuing ganti baju. Najan kitu, keur kuring mah sabenerna baju lebaran teh hartina ganti seragam sakola. Enya, pan minangka baju lebaranana teh cukup ku dipangmeulikeun seragam sakola anyar, ngarah teu kudu sa deui. Jadi dwifungsi baju lah pibasaeunana teh.


Ti tanggal hiji keneh tukang kembang api jeung petasan geus payu dironom barudak leutik. Kuring mah paling ge meuli kembang api, nu murah. Tara meuli petasan. Keur mah leuwih mahal, jeung..sieun ngadenge sora ngabeledagna! Teuing ku naon. Padahal batur mah malah loba nu nyieun bedil lodong karbit. Sorana leuwih tarik tibatan petasan, leuwih handaruan.

Ketang sieun teh pedah kungsi aya tatangga kampung nu nyieun bedil lodong. Caritana diseungeut, ngan teuing ku naon teu daekeun hurung, boro-boro ngabeledag. Panasaran, pek ku manehna ditoong lodongna. Eta mah da ari ditoong, ari beledag teh bitu! Jelemana aya keneh ayeuna ge, ngan panonna pecak. Karunya, sakasep-kasep jadi cacad.

Ngabuburit diusahakeun sangkan teu ngaluarkeun duit. Jadi, nya kitu we leuleumpangan sakaparan-paran, ma'lum budak. Mun teu kitu nyieun cocooan sorangan. Nyieun wawayangan nu dianyam tina pangpang daun sampeu, bebedilan tina palapah daun cau jrrd.

***

Teu karasa, geus nincak puasa deui. Geus poe ka dalapan deui. Teuing geus sabaraha puluh kali kuring ngalaman bulan puasa. Alhamdulillah, dipasihan keneh kasempetan. Taraweh, najan cape sok maksakeun. Asa lebar mun diliwat teh, ari teu kapaksa-kapaksa teuing mah. Cikeneh, keur khusyu berjamaah di masjid, ari beledag teh budak nyeungeut petasan, mani asa dina ceuli!! Reuwas, jadi teu khusyu sholat teh.

Ngambek? Ah teu kudu, ngaranna ge budak. Nu kudu digeuing mah kolot. Lain ukur kolot dina harti indung bapana barudak, tapi sarerea. Naha bet aya keneh merecon? Nu dagang, pulisi, masyarakat, katut pamarentah sakuduna bisa nyegah ku cara masing-masing. Petasan, lian ti baribin, oge leuwih gede bahayana tinimbang mangpaatna. Mun cek pun alo tea mah, "Petasan? Haree geneee..?!"
Aos seratan sagemblengna...