Antosan sakedap...

14 Oktober 2013

BEDA GELOMBANG

Ngeunahna nyetel radio teh laguna dipangmilihankeun. Teu kudu cape milihan sorangan. Komo lamun kabeneran penyiarna bisaan milihan lagu nu sarua jeung karesep urang. Pedo lah pokona mah.

Kumaha mun laguna teu resep? Gampang, kari pindahkeun gelombangna. alian frekuensina. Pan ayeuna mah loba piliheun. Teu jiga baheula, radio ngan ukur hiji dua. Mun geus manggih nu cocog jeung lelembutan, tinggal ngadengekeun. Raos pisaaan...
Tapi ari ngadengekeun obrolan jelema mah teu bisa sakahayang. Naon nu kadenge nya wayahna, resep teu resep, kudu didengekeun. Komo lamun pareng nu ngobrol teh dina angkutan umum. Rupa-rupa pisan, jeung teu bisa dipindah-pindah jiga radio.

Sawatara waktu ka tukang ngalaman kajadian nu matak pikaseurieun tapi oge pikasediheun. Keur jongjon diuk dina angkutan bari nyerangkeun jalan tina jandela mobil, aya panumpang naek. Awewe ngora keneh mamawa budak leutik keneh, kitu lah umur 5 taunan.

"Sini duduknya dipangku sama mamah, sayang. Tuh kesian banyak yang naek," Kadenge indungna nyarita ka budakna. Euh, Indonesia Raya deui wae, jero pikir. Geus biasa ayeuna mah nu kitu teh. Urang Sunda pituin, kawin ka urang Sunda deui, cicing di wewengkon Pasundan, ari budak diajak nyarita basa Indonesia. Tapi boa lain urang Sunda ketang.

"Da abina embung atuh Mamaaah, cangkeueul..." cek budak nembal. Haar, geuning budakna mah bisaeun Sunda? Naha atuh indungna make jeung ngomong basa Indonesia sagala?

Sugan teh geus ditembalan ku basa Sunda mah indungna rek pindah gelombang jadi make basa Sunda. Henteu geuning. Da kadenge ngomong deui, "Ih, nggak boleh gitu Dede, kalau nakal entar nggak jadi dikasih hadiah sama Papah lho...". Ngolo ti dituna mah. Budak tungtungna leah, daek dipangku, najan bari rada rewel nembalan. Angger deuih budakna mah make basa Sunda.

Sare lila-lila mah budak teh jigana, da terus cicing. Kuring anteng deui nempo jalan tina kaca jandela. Sajeroning kitu, pikiran mah keukeuh teu ngarti ku beuki loba kolot nu jiga embung budakna bisa basa Sunda. Da padahal mah teu kudu ngahajakeun ngajar basa Sunda ka budak atuh. Cukup ku kaiklasan ngajak nyarita ku basa Sunda ka budak, geus pirang-pirang munel dina enggoning ngamumule basa warisan karuhun.

Ujug-ujug kadenge budak teh nyarita ka indungna. "Mamah, ari si Bapana aya di bumi engke teh?" Geus nyaring meureun.

"Iya sayang, kita nanti dijemput Papah di super market deket rumah..." Ku keukeuh nya eta indungna mamalayuan, sakitu budakna nyunda pisan teh. Atawa... indungna mah lain urang Sunda kitu? Tapi geuning eta ngartieun budakna nyarita basa Sunda? Jadi panasaran...

Lahlahan, rek ditanya ku basa Sunda ah indungna. "Punten Teh, dupi Teteh kawit ti mana?"

"Abdi? Ti palih dinya, caket, mung ieu ngajajapkeun pun anak ka Bandung, hoyong pendak sareng bapana cenah..."

Hih, urang Sunda geuning. Jadi naon maksudna atuh ngobrol jeung budak make jeung beda gelombang sagala? Era kitu ngomong ku basa Sunda, era jadi urang Sunda?

Duh....



SundaBlog - Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


13 Juni 2013

TOHA PAHLAWAN BANDUNG SELATAN

Pangjajap: Kagebah ku tilarna pejabat nu dmakamkeun di Taman Makam Pahlawan anyar-anyar ieu, ras inget ka Mohamad Toha nu nepi ka kiwari teu diangken pahlawan nasional. Ieu mah saukur bahan tapakur jeung kontemplasi pribadi, kaleresan mendak seratan ngeunaan Mohamad Toha, sanggeus diropea saperluna tina seratan Drs.Asep Idjuddin. Nyanggakeun. (Tata Danamihardja)


Urang Bandung pada arapal yen terminal Kebon Kalapa, mun teu salah awal taun 70-an dingaranan terminal Mohammad Toha. Kadieunakeun diganti jadi terminal Abdul Muis. Jalan nu ti jalan Pungkur nepi ka Bypass Soekarno-Hatta disebut jalan Mohammad Toha. Aya oge pasar tukangeun ITC Kebon Kalapa nu ngaranna pasar Mohamad Toha. Malah aya SD ngarana SD Mohammad Toha. Saha atuh Mohammad Toha teh? Rada hese neangan jalma nu apal kana raratanana, galur bajuangna, komo kana riwayat hirupna Mohammad Toha. Ukur tatalepa tina cenah kana cenah nu jolna ti kolot, nu kungsi milu jadi pajuang angkatan 45. Nya diantara nu rada apal teh Mang Didi, nu sok disarebut Abah, hiji kolot nu legok tapak genteng kadek tur lega ambahan pangalamanana, malah kungsi jadi pajuang 45, milu ngarebut kamerdekaan Indonesia.

Anjeunna ngalaman perang jeung tentara Inggris Ghurka, tentara Jepang, tentara Walanda KNIL., malah jeung tentara Walanda APRA (Angkatan Perang Ratu Adil) pingpinan Kapten Westerling sagala. Sakur bangsa deungeun nu hayang ngajajah Indonesia, kaasup nu daratang ka dayeuh Bandung, dilalawan ku organisasi-organisasi pamuda pajuang, kaasup BKR (Badan Keamanan Rakyat, nu engkena jadi TNI). Basa diseleksek ngeunaan perjuangan Mohammad Toha, derekdek Abah Didi ngadongeng. Inget-inget poho, pokna, kieu cenah:

Di hiji gedong di jalan Tamblong, nu ayeuna dijieun museum Mandala Wangsit Siliwangi, mun teu salah harita antara taun 1945-1946, dipake markas tentara Walanda. Maranehna mutuskeun dina hiji rapat komando, yen Bandung Selatan, kudu diratakeun jeung taneuh. Tegesna diancurkeun. Boh ku tentara udara atawa ku tentara darat Walanda. Sababna, aya saurang tentara Walanda nu ditembak di Ciateul. Hasil gawe panalungtikan PID (Intel) tantara Walanda, kapanggih nu nembak na teh, salahsahiji organisasi pejuang ti Bandung Kidul (Selatan).

Nya ditangtukeun, poe Jumaah, bakal diayakeun serangan gede, rek ngancurkeun Bandung Kidul (Dayeuhkolot, Majalaya, Ciparay, Banjaran, Soreang, jeung Ciwidey), sabab cenah di daerah-daerah eta loba dipake panyumputan para pejuang kamerdekaan. Malah aya tentara pajuang wanoja nu disebut LASWI (Laskar Wanita Indonesia) nu markas pusatna di Ciparay. Ayeuna Laswi teh dipake ngaran jalan antara parapatan Talagabodas jeung jalan Ahmad Yani. Mapay we eta mah ti mimiti bunderan jalan Elang nepi ka jalan Ahmad Yani. Aya oge jalan Peta (Pembela Tanah Air), jalan BKR, jeung jalan Pelajar Pejuang.

Harita Walanda boga gudang senjata nu sok disebut gedong peteng. Pernahna di Dayeuhkolot, sisi jalan ka Bandung, persis sisi kaler Citarum. Sagala bedil jeung mesiu diteundeun di dinya. Ti mimiti pestol, sten, bren, granat, mitraliur, kanon, nepi ka bom, aya di eta gudang senjata. Ceuk beja bom nu diteundeun di gudang senjata Dayeuhkolot teh, lobana nepi ka 8 megaton. Ku kakuatan bom satengah megaton ge bisa ngancurkeun hiji kota jaman harita.


Najan ukur tina harewos, nu asalna ti jongos (pelayan) tukang masak di markas Walanda, kanyahoan yen nyerang Bandung Kidul teh rek make senjata jeung mesiu nu aya di gudang senjata Dayeuhkolot. Ieu beja intelejen teh beunang ku juru sandi pasukan BKR, parat ka BBRI (Barisan Banteng Republik Indonesia), nu dipingpin ku Letnan Mohammad Toha. Najan umur Toha karek salapan welas taun, tapi ku gedena kawani, jeung geus meunangkeun 10 bedil Walanda, tina sabab strategi nyerang nu tepat, manehna dipiserab, dihormat jeung diajenan ku babaturan jeung anakbuahna. Pasukan BBRI teh boga sapuluh regu. Salahsahijina aya nu disebut regu "istimewa", nu dipingpin ku Mohammad Ramdan. Antara Toha jeung Ramdan aya hubungan sosobatan nu dalit naker, beunang disebutkeun sobat kentel. Ramdan mah urang Ciparay, imah kolotna di tukangeun pasar Ciparay ayeuna, cenah. Sanajan duanana papada dipiserab, ari pangawakanana mah beda. Toha mah jangkung, rada begang, ngalampanyat (semampai), kasep, pakulitan koneng, teuteup panonna seukeut, jeung tara loba omong. Ramdan mah sabalikna, pendek dedepe ngeusi, sok daek heureuy. Pakulitan hideung santen.

Beja sejen nu katarima ku BBRI, horeng nu maehan tentara Walanda teh salahsaurang anggota Laswi. Meureun Walanda nu keur jaga, iseng, ngaheureuyan awewe nu dagang gorengan. Padahal eta teh anggota laskar wanita nu keur nyamar, nu boga tugas malingan bedil. Da eta ge tentara Walanda nu paeh teh bedilna leungit. Toha jeung Ramdan ge sok nyamar jadi tukang cendol atawa jadi musapir (tukang jajaluk), dimana tentara Walanda bongoh, sok dicokot bedilna atawa pelorna. Naon we nu kaburu. Ngan tara daekeun nyokot barang sejenna, iwal ti pelor jeung bedil. Kalakuan kitu teh kudu boga kawani nu gede, sabab mun kapanggih pasti disiksa nepi ka dipaehan.

Beres salat lohor di tajug nu aya di Manggahang, Toha ngaharewos ka Ramdan, "Dan," pokna."Jumaah pageto, wanci subuh, munding bule rek ngamuk. Cenah kakuatanana sabatalion, infantri. Didukung ku opat pesawat. Dua rek nerjunkeun pasukan baret hejo, nu dua deui rek ngabom. Nu jadi sasaran utama, nu dianggap daerah kantong di Bandung kidul. Bisa Ciparay, Soreang, atawa Majalaya"

"Amunisi mah angger ti gedong peteng (gudang senjata) Dayeuhkolot? Moal nu ti Cikoneng?" Tanya Ramdan.

"Enya, jadi taya deui jalan, rencana 1 kudu dilaksanakeun," tembal Toha.

"Aeh, enya, ari Oha enggeus nepungan aki teh?" Ramdan nanya.

"Pan poe Minggu kamari, kuring karek balik ti Garut, tepung tur sosonoan, jeung sarerea. Ema, adi, paman, aki, nini, malah kungsi dipotret heula di toko potret si Asiong, nu deukeut statsion tea. Tuluy kana kareta api nepi ka Kadungora, ti dinya leumpang make jalan Cijapati. Nepi ka Majalaya tabuh opat sore."

"Cenah, adi Oha rek kawin? Lebar euy heug geulis, dicokot batur," Ramdan heureuy.

"Kunaon nya bet embungeun ka kuring?" Ceuk Ramdan deui. Toha ukur imut, teu ngajawab.

"Barudak mah dibejaanana engke we dina waktuna nya?" Ceuk Ramdan. Maksudna anggota reguna moal waka dibejaan rencana Ramdan jeung Toha. Bisi rasiah kaburu bocor.

"Enya, kitu we," tembal Toha pondok. Sanggeus duanana garanti baju, make calana pondok, nyorendang samping, mawa jeujeur, duanana ngadigleu laleumpang ka Citarum, rek nguseup. Barang nepi ge, lung useup teh dialungkeun kana cai. Tapi anehna teu tuluy nagog, ngadagoan disanggut. Lalaunan duanana leumpang ka hilirkeun, nyenyekel jeujeur, nuturkeun useup nu dibawa palid ku cai walungan Citarum. Horeng nu tembong beungeut cai na ngeuyeumbeu tenang teh, di jerona mah nyedot tarik.

Barang nepi ka hiji tempat, Toha eureun, gog nagog, kawas nu keur nguseup we. Diturutan ku Ramdan. Bari panonna nempo kana beungeut cai, Toha ngomong ngagereyem, "Tuh, Dan. Eta hong caina." Cenah nuduhkeun ku gado.

"Euh enya," Ramdan ngajawab pondok.

"Tuh nu di juru tembok, eta munara lampu. Handapeun lampu nu nyorot, aya bedil mesin." Ceuk Toha deui.

"Eta nu dituruban deklit?" Tembal Ramdan.

"Enya. Kabehna aya 3 munara lampu. Yu ah..." Toha ngajak Ramdan mapay walungan balik deui ka girang. Sabab katempo, dina luhur tembok gedong peteng, aya nu ngajuringkang. Meureun tentara Walanda nu keur tugas jaga. Nepi ka lebah sasak beusi, duanana haranjat. Tuluy ngagaredig mapay susukan leutik jeung galengan sawah, ka lembur Manggahang deui. Ngahaja teu mapay jalan, bisi aya nu nyuriga.

Sadatangna ka tajug nu tadi, lung miceun jeujeur ka kolong, top nyarokot ransel butut, leos we arindit ka Cangkringkeun. Dur magrib nyarimpang ka Ciheulang. Beres salat Isya, asup ka imah Undang, salahsahiji anggota regu Ramdan nu kacida dipercaya jeung diandelkeun. Tiluan baradami di jero kamar, ting harewos, dicaangan ku lantera. Toha meberkeun keretas, tuluy nyokot patlot gede, beureum bulao, paranti tukang bas ngagurat papan. Walungan Citarum jeung wangunan gedongpeteng tea digambar. Set set ngaguratkeun tanda panah. Ting harewos, papelong-pelong. Jep taya sora. Lantera dibawa ka tengah imah. Toha ngagoler dina samak, sirahna diganjel anggel lepet. Ramdan mah jeung Undang ngagoler di tengah imah. Bari ngareukeupan bedil. Horeng bedil Ramdan jeung pestol Toha disumputkeun di imah Undang memeh ngaruseup ka Citarum teh. Lain bedil otomatis cara ayeuna, tapi karaben sesa Jepang.

Poe Kemis, di markas BBRI, tembong aya kasibukan, rupa-rupa laku para pajuang. Aya nu meresihan bedil, nu boga bedil mah. Aya nu ngasah pedang. Aya nu meulitkeun lamak beureum dina puhu bamburuncing. Toha jeung sababaraha urang komandan regu,keur baradami dina meja. Jam sawelas kakara rapat bubar. Karasa ku anggota pasukan, aya nu aneh. Pangpangna sikep Toha nu beda ti sasari. Najan lain jalma sombong, tapi irit ngomong. Najan pasemon mah tara robah, ambek ge Toha mah tara kaciri, da teu weleh imut. Harita mah teu kitu, bet wani ngaheureuyan anak buah, malah make jeung menta udud sagala. Pan tara biasana mah, da Toha nu sok ngabagi ududeun. Tempo dahar, Toha teu dahar di kamar nu aya di markas, tapi bareng sarila, ngariung, malah wani menta sambel sagala ka Tatang. Beres dalahar, bari ngadagoan waktu lohor, Toha baceo ngadongengkeun kaayaan kulawargana nu diungsikeun ka Garut. Malah cenah, resep nempo Si Amoy, geulis, anak Si Asiong, tukang potret. Ger saleuseurian. Ah heureuy we poe eta mah Toha teh. Komo digoongan ku Ramdan nu memang geus nyarahoeun sok heureuy. Atuh beuki ager-ageran, saleuseurian. Si Uso mah make jeung ngengklak, ngigel, dikaleprokan ku baturna, bari tarembang lagu perjuangan:

Cooolenak, kueh dangdeur digulaan,
awas bom batok, awas bom batok,
rebu-rebu budak montok,
leumpangna dicentok-centok,
sieun nincak taikotok,

hallow hallow Bandung,
ibukota periyangan,
hallow hallow Bandung,
kota kenang-kenangan
sudah lama beta tidak berjumpa dengan kau
sekarang telah menjadi lautan api
mari bung rebut kembali,
cooolenak…prok prok prok..

Oh beginilah nasibnya soldadu
Diosol-osol dan diadu-adu
Tapi biar tidak apa asal untuk Indonesia
Pasukan Siliwangi
Saeutik ge mahi….prok prok prok


Tapi taya saurang anggota laskar BBRI nu wani nanyakeun, naon sababna sikep Toha kitu. Aratoh we, da memang pada harayang gaul deukeut jeung Toha mah.

Kira tabuh lima sore, Toha ngayakeun briefing (mere instruksi jeung informasi penting) jeung kabeh komandan regu. Tuluy, ngajelaskeun rencana strategi partahanan, pikeun nyanghareupan serangan musuh dina isuk subuh.

"Jadi, peuting ieu sarerea kudu sare, kajaba nu tugas jaga. Jam 3 janari kudu nempatkeun diri dina pos sewang-sewangan, nu engke ditangtukeun ku komandan regu.Merdeka!" Ceuk Toha nutup intruksina, bari ngacungkeun leungeun nu dipeureupkeun. Nu dijawab ku sarerea dina sumanget nu ngagedur, "Merdeka!" cenah. Bubar weh.

Tengah peuting, basa kabeh angota laskar sarare, Toha jeung Ramdan katut reguna, aya 10 jalma kaasup Undang, rerencepan ngalolos ti markas, mapay susukan, motong jalan ka pasawahan, nu kabeneran poek bulan. Unggal aya kingkilaban, maranehna gancang caringogo, nyumput handapeun tangkal cau, hiris, atawa kihujan. Lebah sasak beusi Dayeuhkolot meuntas jalan, tuluy tuturubun ka sisi Citarum. Toha ngingkig tiheula kira-kira 100 meter, dituturkeun ku Ramdan jeung reguna. Leumpang ngeteyep bari mopoek teu kadenge sora sakecet, iwal ti sora angin jeung cai nu ngagulidag. Nepi ka tempat nu geus dicirian dina gambar, di imah Undang tea, pasukan ngarandeg. Ramdan masang steling. Anak buahna ditempatkeun duaan-duaan. Aya nu dina gawir, sisi cai, handapeun Kirinyuh, jeung sajabana. Instruksina teu meunang udud, sabab buricak seuneu bisi katangen ku musuh.

Sajongjongan jempe taya sora jalma kadenge, nu carindekul nyarumput dibulen ku simpena peuting. Barang kadenge aya sora manuk Sit Uncuing, nyaetavkode ti Toha ka Ramdan, gancang ku Ramdan ditembalan ku sora manuk Tikukur. Eta hartina nu aya dina gawir kudu mimiti nembak ka munara lampu sorot. Ngadenge tembakan sakali, jol bray wae lampu sorot teh caang dituturkeun ku berebetna sora mitraliur. Gorowok saurang anak buah Ramdan ngagoak, katembak lebah dadana, jungkel gejebur ragrag ka Citarum. Sabot keur ragot silih tembak, Toha ngojay nyerong meuntas Citarum, tuluy asup kana hong cai nu gedena sagede beuteung munding. Perhitungan Toha teu salah, tungtung hong teh nyambung ka kamar mandi Walanda di jero markas. Najan bari barau tur hese beleke, ahirna Toha bisa asup ka kamar mandi. Ti dinya manehna neangan rohang paneundeunan bom nu cenah handapeun taneuh. Teu burung kapanggih.

Barang Toha ngadeukeutan panto beusina, kadenge ngedepruk sora sapatu nu jaga. Taya panyumputan, kapaksa asup kana dreum wadah runtah. Ana gajlok teh tina jero dreum aya nu luncat kaluar, teu wudu Toha ngagebeg. Horeng ucing. Ngadenge turub dreum ngagulupruk, tentara Walanda nu ngontrol, nyampeurkeun. Kadenge sora ucing uang-eong. Tentara Walanda teh, teu tulus nyampeurkeun, ukur ngomong "Ow.." geus weh, manehna balik deui. Sabot kitu di luar nu begalan pati teu saimbang ragot keneh. Ramdan katembak. Manehna kaburu keneh nyoehkeun bajuna nu bodas kolot, tuluy nulis ku getih. Sok dibikeun ka Undang, sina dianteurkeun ka lanceukna. Undang sanggeus narima baju pinuh getih, ngabelecet lumpat, tapi teu burung manehna ge katembak nepi ka leungeunna sabeulah semplak. Sadatangna ka Ciheulang, cenah Undang kapidara. Tapi baju nu aya aksara getih Ramdan ma, teu burung nepi ka lanceuk Ramdan. Beres mikeun baju, tea, Undang ngagolepak, gugur.

Sanggeus tentara Walanda nu ngontrol ngaleos, Toha gura-giru bari tartib nyampeurkeun deui panto paneundeunan bom. Harita ti jero aya saurang tentara Walanda nu rek bijil. Teu antaparah deui, gabrug ku Toha dirontok, ger galungan. Kabeneran najan Walanda teh jangkung gede, ku Toha bisa dihompet, dipiting. Sret nyabut pestol, peletok sirah Walanda teh ditakol ku gagang pestol, kulahek, rumpuyuk we kapaehan. Geuwat Toha ngodokan saku tantara Walanda, neangan konci. Geus beunang, bray panto dibuka. Trek dikonci ti jero. Barang bus ge kareret di jero gudang teh bom ngajajar, neundeuna ditumpuk, lobana teu kaitung. Kacaangan ku lampu listrik nu teu pati mabra. Toha ngahuleng, terus ngangkat dua leungeunna, ngadu’a ka Mahasuci, menta dihampura ka indung, ahirna satengah ngajorowok, nitah neruskeun perjuangan ka babaturanana.

Tah basa Toha keur ngadu’a di jero gudang bom, tentara Walanda nu tadi kapaehan teh, inget, hudang. Ngadenge di jero aya sora kawas nu keur ngadu’a, manehna ngagebrug-gebrug panto rek muka, tapi pageuh. Belenyeng we manehna lumpat rek lapor ka komandanna. Tapi teu kaburu. Sabab Toha nyabut pin (konci) granat, terus dibaledogkeun kana tumpukan bom. Geleger.. sora bom bitu handaruan, malah eundeur-handaruan geleger sorana kadenge nepi ka Patengang. Eta kajadian teh dina malem Jumaah. Gedongpeteng salin jinis jadi talaga, sabab Citarum asup kana legok urut bituna bom. Atuh lapur Walanda teh teu tulus ngancurkeun Bandung Kidul, sabab kabeh parabot perang senjata jeung amunisi, malah puluhan tentara Walanda nu aya di dinya, ancur. Kasawang kuma rajetna awak Mohamad Toha. Boa jadi cai. Matak dina tugu nu bareto mah diadegkeun di tengah talaga (ayeuna mah geus disaeuran, sawareh dijieun lahan kantor jeung markas Kujang seksi Zeni Tempur ( Zipur), aya tulisan: Di sini Toha dan kawan-kawan beristirahat. Aya deui patung Toha nu diadegkeun dina lahan nu ayeuna dipake terminal Dayeuhkolot. Hanjakal teu dipiara. Sakuriling patung loba runtah. Kitu tah Jang lalakon Pahlawan Toha mah, "Ceuk Si Abah Didi. "Teuing da paroho deui," cenah.

Najan ayeuna Pahlawan Toha meh taya nu ngajenan, tapi Abah mah tetep reueus jeung hormat ka anjeuna. Da Pahlawan Toha mah pakokolot supa atuh jeung abah, kolot anjeuna beda 3 taunan," pokna. "Atuda ku hebat-hebatna bitu eta gedongpeteng, mobil jip jeung tank waja Walanda nu aya di jalan ge caroplok banna teh. Linina karasa inggeung nepi ka Cicalengka," ceuk Bah Didi mungkas wangkonganana, ngagambarkeun yen Moh. Toha Pahlawan nu gede wawanen.

Karek inget, kadieunakeun aya seniman moyan nu ngarang lagu mieling Moh. Toha,Duka Kang Wahyu Wibisana, Nano S. atawa Deddy Windyagiri, poho. Mun teu salah rumpakana kieu:

Getih suci nyiram bumi
Tulang setra mulang lemah
Babakti nyungkem Pertiwi
Cikal bugang putra bangsa

Nyatana Pahlawan Toha
Pahlawan Bandung Selatan
Patriot ti Dayeuhkolot
Tugu diwangun ngajadi ciri
Tarate nu mangkak ligar di empang
Jadi bukti gugurna pahlawan bangsa.


(Diropea ku Asep Idjuddin. tina hasil wawancara jeung palaku sajarah (lanceuk Moh. Ramdan), Lurah Hormat di Ciparay tanggal 19 Nopember 1983, dina raraga panalungtikan Sundanologi).

Sumber: Salakanagara

SundaBlog - Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


23 Agustus 2012

Ngaran Sunda

Kadang-kadang sok mikir, kumaha nya lamun jelema teu boga ngaran? Mangga geura emutan. Jelema sakitu lobana tapi euweuh ngaranan, kumaha mun hayang ngageroan? Maenya kudu ditoel wae mah. Mun kitu meureun dunya teh pinuh ku nu silih toel. Atawa bisa oge ngagroan ku ciri fisik, upamana bae nu buukna galing digeroan si Galing. Terus kumaha ngageroan nu buukna lempeng? Pan eta mah leuwih loba?

Tapi nu penting mah ayeuna urang teu kudu bingung sabab jelema geus nyiptakeun sistem ngaran dina komunitasna masing-masing. Ku cara kitu urang bisa silih geroan make ngaran sewang-sewangan. Sistem ngaran urang Sunda tangtu beda jeung urang Jawa atawa urang Inggris. Mangga tengetan, ngaran urang Sunda upamana, leuwih loba unsur huruf 'A'-na lamun dibandingkeun jeung urang Jawa anu loba make 'O'.

Ngaran urang Sunda biasana ngandung engang (suku kata) anu diulang dina ngaran papanjangna. upamana bae: Yanti Riyanti, Titin Suryatin, Maman Suryaman. Ngaran urang Sunda jaman baheula mah biasana ngan ukur sakecap, upamana: Emod, Icih, Dulah, Entur, Tabroni, Empud, jrrd. Eta biasana ngaran somah samodel kuring. Ari ngaran menak mah rada beda, biasana dua kecap sarta ngaran papanjangna karasa 'ngamenak'. Contona: Ahmad Suryadilaga, Ikin Wangsadireja, Usman Jayadilaga, jsb. Anu rada aneh, di daerah Subang pasisian kuring kungsi manggihan jelema ngaranna Runtah, Kecot, jeung Panto. Disebut aneh teh sabab kecap-kecap eta mah teu ilahar dipake ngaran jelema ku urang Sunda. Nu leuwih aneh aya babaturan urang Batak tapi ngaranna Asep.

Husus dina sitem ngaran urang Sunda, memang euweuh pola anu jelas, tapi leuwih neueul dina sual rasa. Ngaran Encuy, Ocid, Icih, atawa Wangsadireja ampir bisa dipastikeun lemburna aya di tatar Pasundan. Najan kitu, ayeuna mah geus rada hese neguh bibit buit jelema tina ngaran. Proses akulturasi antar etnis/bangsa nyababkeun leyurna konsep ngaran lokal. Urang Sunda geus loba anu ngaranna memper-memper urang deungeun, contona Billy, Dandy, Rita, Nadya jeung sajabana.

Proses modernisasi, kamajuan teknologi komunikasi, jigana mangrupa sawatara hal anu nyababkeun ngeserna sistem ngaran. Ngaran-ngaran samodel Oding, Ikin, Emod, Icih upamana geus arang dipake ku urang Sunda generasi kiwari, kasilih ku ngaran-ngaran anu kesanna modern saperti: Billy, Nancy, Sony jeung sajabana. Ku kituna kiwari jadi beuki hese pikeun neguh asal-usul jelema ngandelkeun tina ngaranna wungkul.

Padahal lamun ditengetan, ngaran-ngaran Sunda baheula sabenerna ngandung 'homophone' (sasaruaan sora) jeung kosakata dina basa Inggris:
  • Empud - food
  • Engkar - car
  • Dayat - diet
  • Ono - oh no!
  • Parti - party
  • Emud - mood
  • Bakri - bakery
  • Oyeh - oh yeah!
  • Endang - dunk
  • Endring - drink
  • Mumun - moon
  • Enti - tea
  • Agus - goose
  • Asep - chef
  • Entis - tease
  • Oot - OOT (out of topic)
  • Eros - rose
  • Imas - must
  • Mamad - mud
  • Madi - muddy
  • Gopar - go far
  • Neni - nanny

Percanten? Ah ulah nu ieu mah. Kuringna keur hayang ngacapruk :) Nyanggakeun....

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


02 Desember 2011

Sarsilah Ngaran Patempatan

Majalaya, Soréang, Banjaran, Bandung…

Sempalan lagu “Borondong Garing” di luhur téh ngandung déskripsi sawatara ngaran tempat nu aya di Tatar Sunda. Demi nataan ngaran-ngaran tempat téh ilaharna sok disebut toponimi. Nurutkeun kajian folklore, toponimi téh bagian tina élmu onomastika (onomastics), anu ulikanana ngawengku di antarana baé: méré ngaran jalan, ngaran atawa jujuluk jalma, ngaran kadaharan, ngaran bubuahan kaasup asal-usul (legénda) ngaran hiji tempat dumasar kana ’sajarah’ ngajanggélékna.

Nataan ngaran tempat tangtu bakal loba rambat kamaléna lantaran ngajujut ngaran tempat mah teu cumpon ku nyawang ngan tina hiji aspék baé. Nya sawadina kudu dijujut deuih rupa-rupa informasi nu nyampak disatukangeun kaayaan éta tempat. Kumaha pakuat-pakaitna antara ngaran tempat jeung éta informasi? Ilustrasi di handap saeutikna baris méré gambaran anu écés.

Upamana, mun ti Subang rék ka Bandungkeun urang tangtu bakal ngaliwatan Tanjakan Émén. Éta tempat téh pernahna di kebon entéh, méméh gerbang Tangkuban Parahu. Mun dititenan éta ngaran tempat téh ngandung sababaraha informasi. Kahiji, pangna disebutkeun Tanjakan Émén nurutkeun setting fisikal (morfogéologis atawa kontur permukaan bumi) lantaran éta jalan téh nanjak (nanjeur). Kadua, di éta tanjakan téh nurutkeun setting sosial, cék sakaol mah (kira-kira taun 70-an) kungsi aya kajadian nu matak geunjleung. Di éta tempat, kungsi aya supir ompréngan Bandung-Subang cilaka, ngan duka alatan tabrakan duka tigebrus, nepi ka maotna. Ngaranna Émén. Ari cék mitos (setting kultural), lamun nu rék ngaliwat ka éta tempat kudu ngalungkeun roko ngarah salamet.

Kasus-kasus modél kitu téh bisa baé kapanggih di unggal tempat. Tina rupa-rupa informasi nu diébréhkeun dina ilustrasi téh tétéla ngaran tempat téh ngurung kana aspék-aspék fisikal, sosial jeung kultural ngeunaan éta tempat.

Mun dijujut, di urang (Tatar Sunda) teu saeutik ngaran tempat nu diasosiasikeun jeung rupa-rupa talajak alam (setting fisikal) nu pernah aya. Aya sababaraha pola nu maneuh raket jeung asosiasi, biasana ku cara matalikeun ngaran tempat jeung talajak alam téa. Éta pola téh bisa dicirian ku: kahiji, pola linier nyaéta ngaran tempat sacara langsung diadaptasi tina talajak alam. Demi talajak alam téh bisa ngawengku aspék hidrologis, aspék morfogéologis (kontur permukaan taneuh) jeung aspék biologis. Ari nu dimaksud pola nu kadua nyaéta ngaran tempat nu dicokot tina dua atawa leuwih boh talajak alam boh aspék sosiokultural dibarungkeun jadi hiji ngaran (konsép).

Ngaran patempatan nu ngindung kana aspék hidrologis di urang mah teu wudu beungharna. Mun cek istilah Karl A. Witfogel (urang Jerman) mah urang Sunda téh kakolomkeun kana hydrolic society, masarakat nu teu leupas tina cai. Ari kituna mah geus pada-pada maphum yén tanah Sunda téh cenah kawentar daérah nu subur ma’mur. Ari salasahiji ciri suburna taneuh téh nyaéta ku cur-corna cai. Ceuk nu resep heureuy téa mah cenah diciptakeunana Tatar Sunda ku Gusti Alloh téh ngadamelna ogé bari “marahmay, tur imut ngagelenyu”.

Geura urang guar, aspek hidrologis nu patali jeung pola linier, ngaran Andir upamana. Éta kecap téh seuhseuhanana mah kalawan torojogan diadaptasi tina talajak alam aspék hidrologis, anu saharti jeung huluwotan (springs), séké atawa cinyusu. Disawang tina jihat sajarah, munasabah Andir (lebah Bandara Husen Sastranegara) téh baheulana teu bina ti sumur. Ku lantaran éta tempat téh subur ku cai, Andir téh harita jadi tempat anu kagiridig. Jadi tempat pangimpungan jalma-jalma nu lumampah jauh boh nu badarat boh nu tumpak kuda pikeun ngaso jeung ngaleungitkeun hanaang. Lila-lila mah éta tempat téh jadi ramé, jadi pangjugjugan ti mana-mana. Nilik kana talajak alam nu aya di tatar Sunda, bawirasa mun di unggal tempat aya lembur nu dingaranan Andir. Di éta tempat bakal manggihan kalawan langsung aspék hidrologis anu disebut cinyusu, séké nu pernahna di suku gunung atawa lamping. Conto pola linier nu pakait jeung aspek hidrologis séjénna upamana ngaran: Empang, Parigi, Dano, Bendungan; Léngkong; Parung; Dermaga, jsté.

Ari pola nu kadua, lantaran gabungan téa tina dua aspek atawa leuwih (aspek hidrologis jeung aspék séjén kaasup rupaning istilah) di antarana: ci (cai): Ci-malaka; séké: Sékéloa; leuwi: Leuwidaun; curug: Curugsigay; bantar: Bantarmara; muara: Muararajeun; balong: Balonggedé; sawah: Sawahkurung; parakan: Parakansaat; situ: Situaksan; émpang: Émpangsari; solokan: Solokanjeruk; kali: Kalipucang; karang: Karangnini; ranca/rawa: Rancapurut, Rawabadak; sagara: Sagaraanakan; sumur: Sumurbarang; talaga: Talagawarna; tambak: Tambaksari; lebak: Lebaksiuh; parigi: Parigimulya jrrd.

Tah lebah akumulasi tina ngaran-ngaran tempat di Tatar Sunda nu ditataan di luhur, bawirasa mun diproséntasekeun téh tangtu bakal didominasi ku ngaran nu dimimitian ku kecap ci. Naon sababna? Perlu aya panalungtikan nu leuwih jero.

Lian ti aspék hidrologis, ngaran tempat téh sok dipatalikeun ogé jeung aspék morfogéologis (dumasar kana kontur permukaan bumi) deuih. Ari pola linier nu patali jeung aspek morfogeologis di antarana: Punclut/Penclut, Legok, Tegal, Talun; Genténg jsté. Sedengkeun pola nu ngindung ka nu kadua Lemah Neundeut, upamana. Éta ngaran téh diadaptasi tina kaayaan lemah (taneuh) anu neundeut akibat ayana rohang di jero taneuh anu kosong (téktonik) nu ahirna ngareunteutkeun struktur taneuh. Conto-conto séjénna ngaran tempat nu diadaptasi tina aspék morfogéologis nu ngindung kana pola nu kadua, upamana baé: tina kecap tegal jadi ngaran Tegalkalong; kebon: Kebonjukut; cadas: Cadasngampar; pasir: Pasirjati; batu: Baturéok; guha: Guhapawon; legok: Legokhuni; bojong: Bojongméron; ujung: Ujungkulon; geger: Gegerkalong; tanjung: Tanjungsari; pulo: Pulomajeti, jrrd.

Kasus nu spésifik, deskripsi ngaran tempat nu patali jeung aspék morfogéologis bakal leubeut kapanggih di daérah pakidulan Tatar Sunda nu manjang ka tebéh wétan. Éta tempat téh mangrupa kawasan pagunungan anu katelah Southern Mountains, nu nuduhkeun hiji daérah pagunungan (non vulkanik). Tina kontur taneuh modél kitu munasabah mun di éta tempat loba nu dicokot tina talajak alam. Kota Tasikmalaya, apan salah sahiji cirina loba ngaran tempat nu maké ngaran gunung, nepi ka sohor ku jujuluk the ten thousand hill of Tasikmalaya. Kesan pernah ayana talajak alam modél kitu téh bisa diidentifikasi ngaliwatan ngaran tempat nu maké kecap gunung. Upamana bagian wilayah kota nu dibéré ngaran: Gunung sabeulah, Gunung lipung, Gunungroay, Gunung sari, Gunung gadog, Gunung pereng, Gunung awi, Gunung jambé, Gunung putat, Gunung Kicau (baca: ki-ca-u, sanes kicow), Gunung Pongpok jrrd.

Sedengkeun aspek biologis sok dipatalikeun jeung lingkungan alam (sistem ékologis) nu aya di sabudeureunnana. Ngaran tempat biasana dicirian atawa ngarujuk kana aspek flora jeung fauna. Upamana flora, nyaéta tangkal nu aya atawa nu hirup di éta tempat. Geura urang pedar nu patali jeung pola linier dina aspek biologis. Upamana ngaran Kosambi. Mungkin baé éta tempat téh harita mah can boga ngaran. Pikeun kapentingan nuduhkeun éta tempat, kabeneran deuih di dinya téh aya tangkal kosambi nya tuluy ditarelah baé ngaran Kosambi, malah nepi ka ayeuna. Di tatar Sunda bawirasa asa loba pisan ngaran tempat nu maké ngaran tutuwuhan/tangkal tina pola linier. Geura urang tataan ngaran-ngaranna, saperti: Garut, Bayongbong, Sentul, Kosar, Katapang, Dangdeur, Calingcing, Dukuh, Rambutan, Balingbing, Cangkuang, Baros, Loa, Menteng, Bintaro, Bencoy, Jati, Paséh, Kopo, Kirisik, Haramay, Petir, Kawista, Kroya, Gorda(h), Gempol; Gandasoli; Gambir; Gadog, Jamblang, Jambu, Jampang, Darangdan, Bugel, Bihbul. Gombong, jrrd.

Demi pola nu kadua, nya eta Haurkonéng, Haur Pancuh, Haur Pugur, Buahdua, Warudoyong, Kalapanunggal, Kasomalang, Kiaracondong, Gintunglempeng, Jatitujuh, Kawungluwuk, Pakuhaji, Kadungora, Rengasdengklok, jrrd. Kaasup ngaran tempat séjénna, Dungusmaung (dungus atawa rungkun; maung), Leuweungtiis (leuweung; tiis (aspék klimatologis)), Pengkolan Asem, Warung Togé, Leuwilaisah, jrrd.

Kumaha ari ngaran tempat nu dicokot tina aspék sosial? Ngaran Banceuy (lebah alun-alun Bandung beulah kalér) upamana. Banceuy téh sacara étimologis ngabogaan harti kompléks kuda, kaasup istal jeung nu ngurusna. Ieu patempatan téh gelarna sabada aya jalan raya pos (Grote Postweg) nu ngembat ti Anyer ka Panarukan téa. Ieu Banceuy téh sok dipaké tempat pangreureuhan atawa bagantina kuda pikeun kapentingan transportasi jeung kaperluan pos (pasuratan) harita. Mun aya surat atawa barang ti Batawi kudu dianteurkeun ka Semarang, nya tangtu baé moal kuateun mun kudu meleter kuda hiji nepi ka Semarang. Munasabah pisan upama ngaran Banceuy téh aya méh di tempat (kota) nu kaliwatan ku éta jalan.

Conto séjén, Balubur. Apan éta ogé teu leupas tina aspék sosial jaman pangawulaan. Harita balubur téh ngaran tempat aya dina kakawasaan bupati (boga hak istiméwa). Mun cara ayeuna mah meureun sarua jeung kompléks perumahan pejabat (para menak) kabupatén. Conto séjénna nu patali jaman pangawulaan: Patrol, Karéés, Régol, Pamager sari, Pungkur jsté. Atuh ngaran-ngaran nu maké kecap kekebonan luyu jeung tangkal nu dipelakna (lelewek Bandung), upamana: Kebon Kalapa, Kebon Jukut, Kebon Kawung jrrd. éta ogé teu leupas tina aspék sosial harita. Kebon kopi di Ciaruteun (Bogor), apan teu leupas tina sétting sosial malah kaasup setting kultural, nyaéta tempat dkapanggihna prasasti batutulis Kebon Kopi. Éta tempat téh ngait kana jaman ‘tanam paksa’ Culturstelsel nu ngawajibkeun masarakatna marelak kopi. Harita leuweung dibabad pikeun dijadikeun kebon kopi. Nepi ka ayeuna éta tempat téh nelah kampung Kebon kopi. Titinggal cultur stelsel téh, nu abadi nepi ka kiwari sok dikarawihkeun, cenah:

Dengkleung déngdék, buah kopi raranggeuyan

Ingkeun anu déwék ulah pati diheureuyan.


Ari ngababad leuweung pikeun kapentingan pitempateun ilaharna sok disebut ngababakan. Mun rék ngababakan tara leupas sistem kapercayaan masarakatna ngeunaan hadé-goréngna hiji tempat. Tina sistem pangaweruh masyarakatna kana panataan patempatan nya lahir istilah-istilah topografi saperti: galudra ngupuk, pancuran emas, satria lalaku, kancah nangkub jsté. Tah lembur meunang muka anyar téh sok ditarelah wé kampung babakan.

Di Bandung gé apan sakitu ngaleuyana ngaran tempat nu maké kecap babakan, saperti Babakan Surabaya, Babakan Ciamis, Babakan Sumedang, Babakan Ciparay jsté. Éta ngaran-ngaran tempat téh raket pisan patalina jeung talajak sosial waktu ngadegkeun éta tempat. Babakan Surabaya upamana, dalit pisan jeung talajak sosial, ku kajadian dipindahkeunana instalasi militér, pabrik senjata/mesiu nu sok disebut Artillerie Contructie Winkel (ACW) ti Ngawi jeung Surabaya ka lelewek Kiaracondong. Ayeuna mah éta pabrik senjata téh katelah PINDAD. Ti dinya loba pagawé ACW (urang Surabaya jeung Ngawi) nu pindah ngaradon “bedol désa” ka Tatar Sunda. Cék Haryoto Kunto, nya ti harita aya kacapangan dina wangun sisindiran keur ngageuhgeuykeun urang Jawa nu unina “Jawa kowék dagang apu, datang poék teu diaku”. Ieu geuhgeuyan téh lantaran loba “bedoler” datangna ka Bandung kapeutingan. Boa boa pedah naék spur “Si Kuik” kawasna mah, anu ngadided majuna jeung loba eureunna téa. Sadatangna ka Bandung, tuluy baé muka lembur, arimah-imah, nya katelah wé babakan Surabaya.

Masih cék Haryoto, aya talajak sosial anu unik sabudeureun kota Bandung harita. Bawirasa ayeuna ogé masih dipaké. Nyaéta sebutan ‘dayeuh’. Dayeuh téh mangrupa istilah anu populér pikeun ngarujuk kota Bandung. Jadi nyaba ka ‘dayeuh’ maksudna indit ka Bandung.

Ari sétting kultural nyaéta ngurung kana ngaran tempat nu dipatalikeun jeung unsur-unsur gagasan atawa ide saperti: aspék mitologi, folklore, sistem kapercayaan masarakatna. jsb. Najan dina émprona mah dalit jeung seting sosial. Saupama ngajujut ngaran tempat, teu kakobet ku cara boh setting fisikal, boh setting sosial nya tarékah pamungkas téh maké setting kultural. Lamun loba ngaran tempat/kota di tatar Sunda nu teu bisa dijujut maké perspéktif fisikal, nya wayahna kudu dibantuan ku mitologi, folklore jeung sistem kapercayaan. Majaléngka pan ngaitna téh jeung mitologi Nyi Rambut Kasih, Bandung nyantélna jeung carita legénda Sangkuriang, Sumedang jeung étimologi Insun Medal jste. Réa kénéh ungkabeun mah saperti Tanjakan Sahrudin? Dago Jawa? Selagedang? Gado Bangkong? Curug Pangantén? Gunung Tampomas? Gunung Galunggung? jrrd. Lebah dieu perlu metakeun jampé pamaké téh. Dina nyukcruk ngaran tempat, informasina téh biasana nyamuni disatukangeun budaya nu jadi bagian integral tina kahirupan masarakatna.

Nyukcruk sarsilah ngaran Plumbon, Karapyak, Palimanan jste. mun kurang-kurangna urang apal kana kasangtukang budaya, tangtu bakal lebeng, bakal poékkeun. Nya cara maluruhna, kahiji ku jalan mesék éta kecap sacara étimologis; nu kadua dipatalikeun jeung aspék sosial budaya jaman harita ngeunaan éta tempat, saperti conto kasus Tanjakan Émén di luhur.

Geura urang pesék, upamana Palimanan. Naon sababna bet dingaranan Palimanan? Singhoréng aya sasakalana. Kecap palimanan téh sacara étimologis asal kecap tina liman (Kawi) nu hartina gajah, dibéré rarangkén barung (konfiks) pa-an nu hartina tempat. Sabada dirarangkenan éta kecap ngandung harti tempat nu dicicingan ku gajah. Ceuk légégna mah komplék gajah.

Naha maké aya gajah di éta tempat? Demi kota Palimanan, aya di daérah bawahan karajaan Cirebon (Sultan Cirebon). Ari Sultan téh nya raja téa. Demi nu jadi raja harita, (patalina jeung kontéks sosiokultural mitis-magis) boga anggapan yén miara gajah (satwa kalangenan) mangrupa salahsahiji kasaktén anu gedé pisan pangaruhna kana kalungguhan jeung komara éta raja. Nurutkeun B. Anderson dina seuhseuhanana tradisi pikiran politik Jawa (Sunda) kacida muhit jeung mentingkeunana kana kamampuh museurkeun kasaktén. Tah lebah miara satwa di lingkungan karaton/karajaan, dianggap bisa népakeun karakter nu sarua ka raja. Mawat gajah (salaku mitos) dipercaya bisa ngalambangkeun kaagungan, kakuatan sarta kasaktén éta raja/sultan.

Tina pedaran di luhur, katitén yén ngaran-ngaran pilemburan husus di Tatar Sunda teu sagawayah. Unggal ngaran tempat téh ngabogaan kasangtukang kasajarahan (sasakala) nu patali jeung setting fisikal, setting sosial jeung setting kultural. Nya kekecapan karuhun urang yén lembur matuh, dayeuh maneuh banjar karang pamidangan téh ninggang dina kekecrék. ***

Dicutat sagemblengna tina Cupumanik No.17/2004

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


30 November 2011

Pahlawan Toha

Bangsa nu jembar nyaeta bangsa anu ngajenan pahlawanna. Ieu kalimah teh kacida populerna, pikeun ngagambarkeun pentingna ngajenan jasa pahlawan anu geus bajoang pikeun nanjeurkeun kamulyaan bangsa katut nagarana.

Ngan hanjakal, eta kalimah teh dina emprona mah ngan saukur papaes lambe, sabab kanyataanana mah teu kitu. Malah gelar pahlawan oge make jeung aya kelas-kelasna sagala: pahlawan nasional, pahlawan daerah, jeung sajabana. Mohammad Toha, pahlawan Bandung Kidul anu palastra dina perang kamerdikaan waktu ngabitukeun Gedongpeteng tempat panundaan bom Walanda, nepi ka kiwari teu diaku pahlawan nasional, sabab dianggap teu nyumponan sarat.

Tim Peneliti dan Pengkaji Gelar Daerah (TP2GD) tidak bisa memastikan setiap nama yang diusulkan bakal menjadi Pahlawan Nasional. Pasalnya, kriteria dan persyaratan seorang sosok dikategorikan Pahlawan Nasional, sangat sulit. "Harus diperkuat dengan data dan (akta. Tidak cukup hanya katanya," tutur Nenny, salah satu anggota TP2GD.

Selain itu, sosok tersebut kiprahnya memang mesti menasional. Kalau kedaerahan, tentunya tidak bisa dimasukkan kategori Pahlawan Nasional. "Kami pernah mencoba berkali-kali mengusulkan Mohamad Toha sebagai Pahlawan Nasional. Namun pusat menilai, Mohamad Toha kiprahnya lokal. Dan kepastian bahwa dia meledakkan gudang senjata itu pun belum ada data dan fakta yang valid. Itu sebabnya pusat masih menolak usulan tersebut," ucapnya. (http://bataviase.co.id/node/869405)

Teu bisa nyalahkeun, upama aturanana memang saperti kitu. Ngan upama dibandingkeun jeung gelar pahlawan anu dibikeun ka jelema-jelema nu teu puguh asal-usulna, bari jeung jasana ge teuing naon, asa matak ngangres upama gelar pahlawan pikeun Mohammad Toha nepi ka dihese-hese.

Tapi sok sanajan Mohammad Toha teu dileler gelar resmi ti pamarentah, pangajen ti masarakat mah geus teu kudu dipihamham deui. Pangorbanan almarhum dicatet dina jiwa urang Sunda tur diaku pahlawan kalawan ikhlas. Mohammad Toha estu sajatining pahlawan dina hate masarakat tatar Pasundan. Salah sahijina kagambar dina rumpaka lagu Pahlawan Toha:

Getih suci nyiram bumi
Tulang setra mulang lemah
Babakti nyungkem Pertiwi
Cikal bugang putra bangsa

Nyatana Pahlawan Toha
Pahlawan Bandung Selatan
Patriot ti Dayeuhkolot
Tugu diwangun ngajadi ciri
Tarate nu mangkak ligar di empang
Jadi bukti gugurna pahlawan bangsa

Muga-muga urang sadaya teu kaasup bangsa nu mopohokeun jasa para pahlawanna.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


10 November 2011

Majalah Heubeul: Sunda

Madjalah SUNDA

Pamedal : PT Duta Rakjat.
Alamat : Djl. Karyawan No. 3 (luhur), Bandung.
Pingpinan Umum : Prof. Dr. Achmad Sanuasi SH.
Girang Rumpaka/Panangkes: Ajip Rosidi.
Rumpaka : Jus Rusamsi; Us Tiarsa R.; Rachmat M. Sas. Karana.
Juru Gambar : Nana Banna; Ai Abdul Rachim; Kadarisman.
Tata Usaha: Wigandi; Lalan Ramlan S.
Motto : Ngabela Martabat Rahajat, Kadaulatan Nagara Djeung Komara Agama.

Media bulanan ieu payus lamun disebut majalah kulawarga. Kabeh eusina ditulis dina basa Sunda. Aya profil inohong, beja sabengbatan, konsultasi dokter, jeung sajabana. Tapi anu onjoy tina majalah ieu teh saestuna rubrik budayana. Carita fiksi dina hiji majalah kadang-kadang nepi ka aya tiluna, ditambah ku sajak/puisi.

Majalah anu aya gambarna di dieu teh Majalah Sunda No. 50/Taun II/ Djuli 1966.

Harga : Rp. 2.50,-
Jilid Hareup: Major Djenderal HR. Dharsono.

Dicutat tur ditarjamahkeun tina artikel di Koleksi K. Atmojo

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


08 November 2011

Wayang

Salah sahiji kasenian Sunda anu angger dipikaresep nyaeta wayang golek. Najan henteu loba jiga baheula, tapi ti unggal generasi aya bae nu mikaresep. Ti kolot nepi ka budak.

Ka nu bade ngadangukeun, mangga kantun nyetel. Tong hilap sadiakeun cikopi sareng kulub suuk. Upami teu aya mah, nya goreng sendal capit oge teu nanaon, ari sedep mah :)

Mung wayahna, lalakonna saaya-aya heula. Insya Allah ka payun baris ditambihan, pami mendak deui eta oge..

Wilujeng ngadangukeun.




Koleksi wayang salengkepna, tingali dina kaca Wayang.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


07 November 2011

Majalah Humor Sunda Cakakak GRATIS!

Urang Sunda kawentar resep banyol alias humor. Ceuk beja, jelema nu resep heureuy, resep banyol, resep humor, jarang katerap kasakit. Humor oge bisa jadi terapi atawa ubar keur nu gering. Ngan omat tong loba teuing heureuy di hareupeun nu boga panyakit bengek atawa asma. Lain ku nanaon, sok eungap :)

Tah, bilih peryogi hiburan, mangga undeur bae majalah humor basa Sunda Cakakak edisi munggaran, GRATIS!

Nyanggakeun...


SundaBlog Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


05 November 2011

Buku-buku Heubeul

Ieu gambar sababaraha buku pelajaran basa Sunda anu kantos janten "primadona" dina jamanna: Ganda Sari, Umi jeung Udi, Taman Pamekar. Kiwari kantun waasna.
PAMEKAR BASA
Anggoeun di Kelas Tilu SD

Di susun ku : A.SANUSI
Penerbit " TARATE " Bandung 1978





SundaBlog Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


22 Oktober 2011

Kareueus

Kareueus beda jeung kasombongan, komo jeung kareueuseun mah :) Reueus jadi urang Sunda lain hartina nepak dada, jajauheun tina sipat angkuh ngarasa leuwih punjul tibatan seler sejen. Ieu mah pilakadar nembongkeun jatidiri yen urang teh pituin urang Sunda, seler Sunda. Teu kurang teu leuwih.

Mun seler sejen bisa ngarasa reueus jadi bagian tina seler pituin manehna, naha urang Sunda make jeung teu bisa kitu? Tembongkeun yen urang teh urang Sunda, anu karasep, anu gareulis, anu handap asor (kade, sanes handap asoy..), anu satata jeung seler sejen,  anu sarua dahar sangu :) Cara nembongkeun kareueus tangtu rupa-rupa. Soal eta mah tangtu geus teu kudu dibejaan deui. Nu penting mah niat, bari jeung prakna, ulah diengke-engke.

Ngamumule basa Sunda sangkat teu tumpur ku jalan ngabiasakeun ngajak nyarita ku basa Sunda ka anak-anak urang, upamana, bisa dimimitian ayeuna keneh. Teu perlu biaya jeung insya Allah moal matak miskin :) Lian ti ngaraksa basa, oge minangka salah sahiji cara nembongkeun identitas diri yen urang teh urang Sunda.

Prung ah, urang mitembeyan!

SundaBlog Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


20 Maret 2011

Naskah Kanggo Panata Calagara Dinu Nikahkeun

Sesah pisan milarian conto naskah anu leres-leres nyunda. Naskah ieu oge kenging kokoreh tina internet, tangtos tebih tina sampurna, sok sanaos tos diropea deui sakadugana. Kalihna ti eta, ieu mah mung saukur kanggo lilinggeran, hususna soal urutan acara, margi ari dina prungna mah tangtos bakal gumantung kana katapisan panata calagara, diluyukeun sareng situasi katut kondisi anu nuju dipayunan. 

Mugi-mugi kapayunna baris aya conto naskah anu langkung payus tur pantes. Nyanggakeun.

Naskah kanggo Panata Calagara dinu nikahkeun

BUBUKA

Assalamua'laikum Wr. Wb.

Bapa-bapa, Ibu-ibu, para wargi sadayana anu sami linggih hormateun sim kuring. Sakumaha kauninga ku sadayana, alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang.

Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna. Neda panyaksen acara bade dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan. Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan ____________ katelahna, tempat anyar pangharepan, sarakan keur kahirupan kulawarga.

Calon panganten istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.

PANGALUNGAN MANGLE

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perlambang kaberesihan manah (mangle di kalungkeun).

Haturan wilujeng sumping ka calon  panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.

SESERAHAN

Bismillaahirrohmaanirrohiim

Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah rombongan, bawiraos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi, didago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga peryoga manusa pangeusi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, sareng lisan dina saliring dumadi, teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap. Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huut tina guguran, namung kedah di bejer beaskeun, kembang boled nu tetela.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku galindeng ayat-ayat suci Al-Qur'an anu baris kasanggakeun ku ____________________________

Ngahaturkeun nuhun ka____________________ nu parantos ngagalindengkeun kalam ilahi, mudah-mudahan ageung mangpaatna kanggo nu maoskeun hususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami ngadangukeun. "amin".

Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih rengat nya mamanahan, aya naon nya pamaksadan, numawi jauh-jauh dijugjug anggang-anggang diteang? Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebeting kalbu jeroning ati).

PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun jangji pasini , manjangkeun simpay babarayaan, sakotretna tina hate.

Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeung bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng cacandakanana. Sim kuring saukur darma, teu wasa  panjang carita. Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu disepuhkeun ti pihak calon panganten istri. Waktos di sayogikeun.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah kagiri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas. Jalan gede sasapuan batu turun keusik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.

Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana. Mangga salah sawios cacandakan didugikeun minangka simbul ti Ibu calon panganten pameget di tampi ku Ibu calon panganten istri. Nu sanesna mah diantaykeun bae manawi.

(Mangga calon  panganten pameget di candak kalebet heula kangge didangdosan).

AKAD NIKAH

Para wargi sadayana..

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga pakaitna tatali asih antawis Neng_____________ sareng Cep __________________.

Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nu diseja mangka nyata, neda panyakseni ti  para wargi sadayana, upacara akad nikah seja dikawitan.

(Mangga candak calon panganten istri ka luar).

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad Nikah.

..........................................................

Alhamdulillah wa sukurillah kalawan rido gusti anu maha welas  tur maha asih, oge pangdu'a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.

Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun ka pangersa ___________________.

DO'A

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do'a. Kanggo mingpin do'a, mangga pangersa __________________ dihaturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah tata titi sareng undak usuk basa, hapunten anu kasuhun.

Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah: Alhamdulillaahi robbil 'aalamiin.

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

*Dicutat sareng diropea deui tina seratan di http://suhendri.co.cc/

  
 
 
Aos seratan sagemblengna...


11 Januari 2011

ABI

Tata Danamihardja
 
11/01/2011
 
Naon ari abi teh? Surabi kitu? Ih, sanes.. Abi di dieu mah maksadna teh ngabasakeun diri sorangan. Kata ganti orang pertama, kitu cenah basa indonesiana mah. Abi teh podokna tina abdi, biasana dipake ku budak leutik anu can sawawa, kadang-kadang oge dipake ku budak nu kakara nincak rumaja. Nu matak keap abi dikelompokkeun kana basa budak, da nini-nini atawa aki-aki mah teu pantes make kecap abi.
 
Tapi bisi rek make mah pek bae ketang, ngan kadengena asa kurang pantes. Pikeun nu geus sawawa mah mending keneh make kecap abdi atawa kuring, gumantung kana situasina. Mun teu kitu, bisa oge ngabasakeun ku pancakaki: mun ngobrol jeung sahandapeun bisa nga-akang-keun upamana. Mun awewe nya ngabasakeun ceuceu atawa teteh.
 
Mun ngobrolna jeung saluhureun? Eta mah daek teu daek kudu make kecap abdi atawa kuring. Kumaha mun jeung sasama atawa anu saumur? Biasana lamun jeung babaturan deukeut mah sok make kecap urang. Ieu sabenerna basa kasar (dina konteks ngaganti kecap abdi). Tapi dina kalimah "hayu urang ngibing" mah upamana, teu kaasup kasar sabab kecap "urang" di dieu mah hartina "kita" mun dina basa Indonesia mah.
 
Lian ti ngagunakeun kecap abi, budak leutik oge kadang-kadang nikukur. Naon deui cenah nikukur teh? Nikukur teh maksudna jiga tikukur, nyebut ngaran sorangan pikeun kecap gaganti diri (dina kalimah langsung atawa obrolan). Contona: "Tata kamari ka ameng ka ditu da..," cek Tata bari heuay.
 
Najan kitu, dina prakprakanana mah aturan ieu teh mindeng dirempak. Naon hukumanana mun aturan ieu teu dipake? Ah teu aya. Dianggo mangga, teu dianggo sawios. Nu penting mah apal kumaha nu sakuduna. Nu penting mah masih keneh reueus (sanes bangga nya, bangga dina basa Sunda mah hartosna hese!) make basa Sunda. Nu penting mah masih keneh reueus jadi urang Sunda.
 
Tata Danamihardja © 2011
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga. 
 
Aos seratan sagemblengna...


05 November 2010

NGAMUMULE BASA SUNDA

ku: Tata Danamihardja
 
Ajeg-ajeg (kade sanes ajep-ajep :) kasundaan teh diantarana baris katingali dina soal basa. Pan asa aneh lamun urang Sunda tapi teu bisa make basa Sunda. Piraku ari urang Jawa make basa Jawa, urang Batak make basa Batak, ari urang Sunda teu make basa Sunda?
 
Nu jadi masalah, kumaha carana sangkan basa Sunda henteu tumpur? Najan patalekan ieu karasana asa bombastis, tapi lamun nempo gejalana saperti nu karandapan ku urang ayeuna, asana teh lain hal anu pamohalan upama ka hareupna basa Sunda baris tumpur. Mangga bae emutan, kiwari loba urang Sunda meleg-meleg anu teu ngajarkeun nyarita ku basa Sunda ka anak-anakna.
 
Padahal ngajarkeun nyarita ku basa Sunda ka anak-anak urang teh mangrupa pondasi pikeun negeskeun identitas yen urang teh urang Sunda saestu. Komo lamun nilik kana pangajaran basa Sunda di sakola anu waktuna mingkin samporet. Boro-boro bisa diandelkeun pikeun ngadadasaran kana pangaweruh budak ngeunaan basa Sunda, dalah guruna oge kadang-kadang lain ti jurusan basa Sunda.
 
Lian ti eta, lingkungan oge mindeng teu ngadukung kana tumuwuhna basa Sunda, hususna di kota-kota gede anu padumukna multi-etnis. Anu matak, cilaka pisan lamun anak-anak urang teu dibiasakeun diajak nyarita di imah make basa Sunda. Atuda iraha dipakena basa Sunda teh mun lain di imah, sabab di luar imah mah enya ge dipake tapi geus pabaliut jeung direumbeuy ku basa Indonesia.
 
Ku cara kitu, diharepkeun bakal aya generasi penerus anu baris nuluykeun eksistensi basa Sunda di tatar parahiangan. Pun alo, umur 2 taun, dibiasakeun nyarita make basa Sunda ku indung bapana. Mun keur arulin jeung baturna ge manehna mah ongkoh-ongkoh we galecok make basa Sunda. Mun baturna molohok teu ngarti, kakara manehna narjamahkeun make basa Indonesia. Geus baturna ngartieun mah, der deui we ngocoblak make basa Sunda.
 
Di dieu ku urang katingali, yen diajar make basa Indonesia mah leuwih gampang, sabab di luareun imah ge balatak nu nyarita make basa Indonesia. Lamun dadasarna geus kuat, urang moal hariwang boga budak palahak-polohok teu bisa basa Sunda. Sabalikna mun di imah diajak nyarita basa Indonesia, di luar imah oge nya kitu keneh, rek iraha bisana atuh budak teh make jeung ngarti kana basa Sunda?
 
Mun urang ngaku keneh urang Sunda, sing era atuh ku seler sejen nu bubuara di tatar Pasundan. Si Togar urang Batak, si Ayu urang Kebumen, atawa si Freddy urang Manado geuning bisa capetang make basa Sunda ari keyeng mah diajarna? Maenya ari anak urang, pituin urang Sunda, kalah ngabigeu lamun diajak nyarita basa Sunda?
 
Conto sejenna, tuh The Beatles anu meleg-meleg urang Liverpool oge geuning bisaeun nyanyi-nyanyi wae mah make basa Sunda. Teu percanten? Mangga anjangan bae Sunda Bitel di http://www.facebook.com/pages/Sunda-Bitel/135285173190525.
 
Hayu ah, urang babarengan ngamumule basa Sunda.
 
Tata Danamihardja © 2010
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.

 
Aos seratan sagemblengna...