Antosan sakedap...

27 April 2016

EBOOK CARPON MISTERI

Sabenerna mah leuwih cocog lamun disebut carpon pikasieuneun sabab ampir kabeh caritana ngeunaan jurig, ririwa, jeung anu samodel kitu. Ti baheula tug nepi ka kiwari, carita model kieu teu weleh dipikaresep.

Lain ngan ukur di urang, tapi di mana-mana, di sakuliah dunya. Hanjakal carita ngeunaan jurig jeung sajabana dina wangun ebook basa Sunda can pernah aya.

Ku kituna, susuganan, ebook ieu jadi pamikat pikeun saha bae sangkan mitembeyan ngadokumentasikeun carita-carita basa Sunda dina format ebook/digital. Ku cara kieu, mudah-mudahan tulisan-tulisan dina basa Sunda bisa dibaca nepi ka jaga.

Nyanggakeun, hatur lumayan, eusina aya 69 carpon meunang ngumpulkeun, minangka ngeuyeub-ngeuyeub ebook basa Sunda anu masih keneh samporet. Hak cipta aya di masing-masing pangarang, kuring mah ngan sakadar ngumpulkeun.

Wilujeng maca.

Ebook tiasa diundeur di dieu (pdf) atanapi di dieu (exe).



SundaBlog - Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


08 November 2012

Ebook Sunda: Roesdi Djeung Misnem

"Ah, euweuh tina buku rusdi-na atuh." Eta teh kasauran pun biang nu mindeng kadenge ku kuring lamun anjeunna teu satuju kana hiji hal atawa pamanggih.

Panyana kuring mah buku rusdi teh samodel buku palaturan atawa undang-undang jaman baheula. Singhoreng sanggeus tetelepek mah kapanggih, buku rusdi teh taya lian iwal ti buku bacaan di Sakola Desa (satingkat jeung SD ayeuna) dina jaman pun biang sakola. Judul bukuna Roesdi Djeung Misnem karangan A.C. Deenik, urang Belanda, jeung R. Djajadiredja, pangarang Sunda, nu dipedalkeun di Den Haag, Belanda. Nya buku ieu pisan nu jadi buku bacaan wajib di sakola jaman harita.

Jigana bakating ku populer tur dalitna barudak sakola mangsa harita jeung buku rusdi, nepi lamun aya hal anu dianggap aneh, nyaliwang, atawa mengpar tina kabiasaan teh sok disebut euweuh dina buku rusdina.
Eusi bukuna estuning euweuh patula-patalina jeung undang-undang atawa palaturan. Sakumaha ilaharna buku bacaan wajib pikeun barudak di sakola, buku Roesdi Djeung Misnem nyaritakeun kahirupan sapopoe di tatar Pasundan samemeh Perang Dunya Kadua. Rusdi alias Ujang Gembru jeung Misnem jadi tokoh utama dina ieu buku. Tina carita-carita dina ieu buku, urang bisa nyipta-nyipta kumaha gambaran kahirupan di tatar Pasundan awal abad 20. Komo deui da buku Roesdi Djeung Misnem teh dilengkepan ku ilustrasi ti juru gambar urang Walanda, W.K. de Bruin (1871-1945).

Kanggo nu panasaran, mangga diundeur bae ebook Sunda Roesdi Djeung Misnem jilid kahiji di dieu. Nyanggakeun.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


24 Oktober 2012

E-Book Carita Sunda Godi Suwarna

Salah sahiji kamotekaran pangarang nyaeta imajinasi. Ti jaman tai kotok dilebuan nepi ka kiwari, can aya nu bisa ngawatesanan atawa nyengker imajinasi. Tetela, lamun digunakeun samistina, imajinasi bisa jadi kakuatan anu lain lulumayanan.

Godi Suwarna, pangarang teureuh Ciamis, kawentar kamotekaranana dina mateakeun imajinasi anu lir teu kawatesanan ku ruang jeung waktu. Ku kaparigelanana, bisa bae Gatotkaca ujug-ujug adu hareupan jeung Superman, upamana. Setting, karakter, katut unsur-unsur sejenna mindeng dipake ngaburak-barik 'logika' nu maca, nu saestuna geus kauger ku norma atawa aturan kamistian nurutkeun 'akal sehat'.

Upamana bae, gagasan toko karangan atawa lembur nu jadi pabrik karangan dina carita Biografi Bagawan Hadim. Ieu teh estu gagasan orisinil. Masing - upamana - toko karangan atawa pabrik karangan dianalogikeun jeung toko buku, pan dina kanyataanana mah di kampung masih keneh hese neangan buku. Komo deui upama neangan hiji lembur nu kabeh jelema pacabakanana kana ngarang carpon jeung nulis sajak!

Anehna, 'logika' nu 'diburak-barik' teh bet kalah matak pogot tur teu karasa kaganggu. Sanajan rada kerung heula sakedapan, tapi lila-lila nu maca ngarasa jongjon tur tumaninah dibawa 'sasar' dina kakuatan imajinasi Godi. Malahan, nya ieu pisan nu jadi salah sahiji pangirut atawa 'daya tarik' tulisan-tulisan Godi Suwarna.

Ka nu ngaraos panasaran, carpon Godi Suwarna nu judulna Biografi Bagawan Hadim dina wangun ebook sunda PDF tiasa diundeur di dieu.

SundaBlog Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


12 September 2012

Makalah Basa Sunda

Singhoreng loba oge geuning nu neangan makalah basa Sunda. Tangtu kasangtukangna rupa-rupa alias teu sarua. Aya nu perlu jang referensi, aya nu butuh conto jang bekel nyieun makalah basa Sunda sangkan henteu ngatog teuing, malah aya oge nu keukeuh hayang ngabuktikeun naha enya basa Sunda bisa dipake nyieun tulisan ilmiah.


Ngan nyaeta, neangan makalah basa Sunda mah teu gampang jiga makalah basa Indonesia atawa basa Inggris. Komo lamun perluna jang conto mah pan tangtuna ge kudu nu alus. Sanggeus kokotetengan barangsiar di internet, alhamdulillah manggih sababaraha makalah basa Sunda dina wangun (format) PDF. Anu nulisna insya Allah lain si utu si eta, tapi para inohong Sunda anu mibanda integritas kasundaan sarta tapis dina nepikeun ide-ide maranehanana dina wangun tulisan.

Muga-muga nu barutuh conto makalah basa Sunda teu kudu kokotetengan deui ka ditu ka dieu. Nyanggakeun, kantun diundeur di handap ieu.

Daftar Makalah:

  1. Bacaan Barudak: Pasualan, Katut Cara Ngungkulanana (Tatang Sumarsono)
  2. Undeur Di Dieu
  3. Ngungkulan Bangbaluh Ngagunakeun Undak-Usuk Basa Sunda (Hidayat Suryalaga)
  4. Undeur Di Dieu
  5. Hirup Huripna Basa Sunda Di Propinsi Banten (Gugun Gunardi)
  6. Undeur Di Dieu
  7. Lalampahan Nyastrakeun Sunda: Ti Jaman Bujangga Manuk Dadali, ka Nagri Surili, Tug Dugi ka Alam Sudong (Godi Suwarna)
  8. Undeur Di Dieu
  9. Panalungtikan Basa Sunda di Lingkungan Kodya Bandung (Fatimah Djajasudarma)
  10. Undeur Di Dieu
  11. Ngamasarakatkeun Aksara Sunda (Edi S. Ekadjati)
  12. Undeur Di Dieu
  13. Basa jeung Sastra Sunda Dina Pilem Indonésia (Éddy D. Iskandar)
  14. Undeur Di Dieu
  15. Nanjeurkeun Ajén Urang Lembur (Dédi Mulyadi)
  16. Undeur Di Dieu
  17. Modél Pangajaran Satra Sunda (Dédi Koswara)
  18. Undeur Di Dieu
  19. Bangbaluh Siswa jeung Guru Dina Kagiatan Diajar-Ngajar Basa Sunda di Bekasi (Dadang Zem)
  20. Undeur Di Dieu
  21. Basa Lulugu Jeung Basapraja Tarékah Sangkan Lana (Ayatrohaédi)
  22. Undeur Di Dieu


SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


02 Desember 2011

Ebook Gratis: Arulin Di Pilemburan

Mun ditanya: Naha loba ahli basa Sunda di Tatar Sunda? Jawabanana: Ngaleuya! Ngaleuya hartina loba pisan. Tangtu loba pisan nu dilakukeun ku aranjeunna dina enggoning ngamumule ki Sunda. Tapi, punten, dina panenjo kuring mah, kalolobaanana leuwih neueul dina tataran teoretis. Seminar tea, simposium tea, diskusi tea, nulis karya ilmiah tea, jrrd. Nu jadi masalah, naha hal-hal nu dilakukeun ku aranjeunna teh nepi ka handap? Ka masarakat non-ilmiah?

Dina tataran praktis, urang bisa nyaksian sorangan kumaha kaayaanana dina mangsa kiwari. Sabaraha jam pangajaran basa Sunda di SD, SMP jeung SMA dina samingguna? Sabaraha judul buku basa Sunda anu medal dina sataun? Sabaraha hiji media basa Sunda nu medal sacara profesional? Acan deuih lamun ngomongkeun sual penyebaranana. Media basa Sunda upamana, salila ieu kesanna ngan ukur nulis keur sorangan, dibaca ku sorangan. Nu macana eta-eta keneh, saguliwek-guliwek keneh. Tuang jinis!

Lamun nempo kamajuan teknologi, utamana internet, sabenerna ieu teh bisa dimangpaatkeun pikeun ngawanohkeun basa Sunda (keun heula budayana mah, basana we heula) ka para nonoman Sunda nu salila ieu jiga nu diapilainkeun. Basa Sunda kesanna ngan wungkul keur generasi kolot, generasi buhun, generasi jadul. Padahal mun nilik potensi, internet bisa jadi media nu kacida efektifna dina ngawanohkeun basa Sunda ka maranehanana (para nonoman). Upamana bae ku jalan ngalobaan ebook dina basa Sunda anu katenjona modern, desainna teu tinggaleun, teu ngerakeun jsb.

Hanjakalna nepi ka danget ieu, ebook dina basa Sunda tetela masih bisa diitung ku ramo. Padahal rea sastrawan, ilmuwan, inohong Sunda nu rubak rejeki rubak ijasah, tapi teu katenjo ketakna dina sual ieu. Mun terus-terusan ukur ngulibek dina sual teori bari jeung teu prak ngalakukeun gawe nyata, jigana masing totonggengan ceurik getih oge hese kahontalna hayang nanjeurkeun ki Sunda teh. Lain teu perlu teori, ngan leuwih alus mun bari jeung prakna!
Balik deui kana sual ebook, tibatan euweuh pisan, nyanggakeun tah ebook basa Sunda, judulna Arulin di Pilemburan, yasana bapa Akub Sumarna. Ieu ebook nu desainna teu eleh ku ebook wedalan luar negeri teh (dijamin moal ngerakeun), nyaritakeun kaulinan-kaulinan bihari nu ayeuna mah duka aya keneh duka teu aya. Ka nu pernah ngalaman, itung-itung mulangkeun panineungan. Atuh ka nu ngarora, minangka bekel pikeun nambahan pangaweruh, sangkan jadi nyaho yen kaulinan-kaulinan barudak nu aya dina ieu ebook teh pernah aya jeung hirup di tatar Pasundan.

Najan teu lengkep pisan, aya 17 kaulinan barudak Sunda nu dibahas dina ebook format PDF nu kandelna 58 kaca ieu teh. Dicaritakeun dina gaya ngadongeng wangun carita pondok (henteu teoretis), nepi ka matak pogot nu maca. Ieu ebook oge dipasieup ku 17 ilustrasi mangrupa gambar pikeun mantuan ngajelaskeun kaulinan anu keur dicaritakeun.

Ebook Arulin di Pilemburan tiasa diundeur di dieu. Wilujeng maos.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


01 Desember 2011

Ebook Haratis: Ngawayang Teu Direbaban


Aya kitu wayang nu teu make rebab? Padahal rebab teh kacida pentingna dina pagelaran wayang mah. Ari eta wayang dina radio, ku naon bet sok ujug-ujug hurung sorangan? Jaba lalakonna tara anggeus deuih? Ari uwa Sukma, ku naon pangna dipecat padahal anjeunna geus kawentar wartawan anu 'beresih'?

Eta ngan ukur sababaraha pananya anu moal kajawab lamun henteu maca carita sagemblengna. Dina ieu eBook baris kakoreh singhoreng antara dimensi rasional jeung irrasional teh henteu teges saperti bodas jeung hideung, sabab di tengah-tengahna aya dimensi kulawu (abu-abu). Nya di dieu pisan hudangna padungdengan antara logika anu sing sarwa rasional jeung kanyataan pikahelokeun anu keur disanghareupan.

Supados langkung jentre, aos bae eBook Sunda haratis Ngawayang Teu Direbaban yasana Ensa Suwarna. Ebookna tiasa diundeur di dieu.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


17 November 2011

Novel Sunda Gratis: Sanggeus Halimun Peuray

Inu direremokeun ka Awit. Keuheul, tapi kapaksa daek, sabab manehna kahutangan budi ku indungna Awit nu kungsi tohtohan ngabelaan indungna Inu basa keur gering di rumah sakit.

Ieu salah sahiji novel masterpiece Aam Amilia, sastrawati Sunda anu geus moal aya nu bireuk deui. Mun teu salah, novel ieu malah kungsi dijieun film dina judul anu sarua.


Bilih panasaran, kumaha pamustunganana lalakon Inu sareng Awit, mangga undeur bae ebook novel Sunda Sanggeus Halimun Peuray di dieu.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


11 November 2011

Komik Sunda Gratis: Si Mamih

Baraya SundaBlog anu sok maos Manglé taun 80-an tangtos émut kénéh kana tokoh kartun Si Mamih, rékaan Edyana Latiéf. Minimal émut keneh kana baju si Mamih anu totol-totol (polkadot).

Si Mamih, anu buukna ngan ukur sakeupeul dina embun-embunan, bisa jadi mangrupa simbol masarakat Sunda anu rajin motrét kajadian di sabudeureunana, bari jeung teu leupas tina ciri urang Sunda: resep heureuy.
Singhoréng karya-karya Edyana Latiéf téh kungsi dibukukeun. judulna angger: Si Mamih. Dina buku kumpulan kartun ieu, Edyana Latif kalawan tapis ngarekam sarupaning kajadian di sabudeureunana dina tétécéan humor. Tina jilidna waé geus kaciri, gambar si Mamih keur seusseurian bari nungkup biwir, maca tulisan: ieu bapa (gambar lalaki), ieu ema (gambar awewe), ieu nu maca (maké tanda panah kana gambar domba :).

Salian ti éta, buku ieu ogé bisa jadi catetan sajarah 'informal'. Upamana bae, dina salah sahiji épisode aya anu ngagambarkeun si Mamih keur mayar pajeg tipi. Ti dieu urang jadi apal, hususna generasi ngora, yén baheula mah tipi (oge radio) téh aya pajegna.

Bilih panasaran, mangga diundeur bae buku Komik Basa Sunda: Si Mamih di dieu.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


02 November 2011

Ebook: Si Kabayan


Saha nu teu terang ka si Kabayan? Tokoh Sunda rekaan anu kasohor pikaseurieun sakaligus pikasebeleun. Tapi salian ti eta singhoreng loba oge pulunganeunana, saperti nu kungsi dibahas di dieu.

Carita Si Kabayan saestuna mangrupa carita warisan budaya lisan. Ngan ku sabab kadieunakeun budaya lisan mimiti luntur, asa lebar lamun henteu didokumentasikeun. Tangtu ieu lain tarekah nu munggaran dina ngadokumentasikeun carita si Kabayan. Geus loba sastrawan malah nu nulis buku ngeunaan si Kabayan. Ngan ari dina wangun ebook tur gratis mah duka, asana can aya.

Tapi keun we, eta mah teu penting. Nu penting mah, bilih aya nu peryogi ebook Si Kabayan, mangga diundeur di dieu.
Aos seratan sagemblengna...


Dipepende Dongeng


Sok waas lamun nyoreang alam ka tukang. Jaman keur budak, jaman can nyaho kasusah. Teu salah lamun loba nu nyebutkeun yen mangsa nu pangsenang-senangna mah nya jaman keur budak tea.

Ma'lum di kampung nu can mantra-mantra kana loba hiburan, salah sahiji hal anu hese dipopohokeun teh nyaeta kabiasaan sok dipangdongengkeun ku pun biang. Biasana ritual ieu teh dipake mepende samemeh sare. Dongengna rupa-rupa, ti mimiti dongeng sakadang peucang jeung sakadang monyet anu seuhah lata-lata tea, nepi ka dongeng rupa-rupa sasakala saperti sasakala gunung Tangkuban Parahu jeung sajabana.

Kadang-kadang dongengna can tamat, kuring mah geus ngaguher da ngareunah tea dipangdongengkeun bari diusapan sirah. Biasana dongeng nu can tamat teh sok ditagih isukna deui, memeh sare. Malah mindeng, nu geus didongengkeun ge menta dibalikan deui da rame tea. Biasana dina sela-sela dongeng teh sok diselapan ku piwuruk, "Tah matak urang mah ulah pinter kabalinger jiga sakadang peucang, make jeung ngahina ka sakadang kuya sagala. Pan ari eleh balap lumpat ku kuya mah, peucang oge jadi era."

Kitu carana pun biang ngatik kuring. Sanajan anjeunna teu ngartos teori pendidikan, tapi dina praktek atawa prak-prakanana mah kacida tapisna. Tara ngahaja-haja mapatahan, tapi milih waktu anu mustari sangkan teu asa dipapatahan bari jeung nyerep kana hate. Malah hiji hal anu ku kuring dipikainget nepi ka ayeuna, pantangan pun biang sareng pun bapa mah: ulah mapatahan (komo nyeukseukan) budak dina waktu dahar ngariung. Kacipta ayeuna mah, kumaha rasana dahar bari diseukseukan. Nya seuseut tikoro, nya moal nyerep. Ambek we nu aya...

Etang-etang mulangkeun panineungan ka jaman bihari, nyanggakeun ebook basa Sunda anu judulna 22 Dongeng & Sasakala Sunda. Sugan we aya mangpaatna keur balarea, sasieureun sabeunyeureun.

Daptar eusi:
  • Budak Pahatu Lalis
  • Sasakala Gunung Tampomas
  • Sasakala Gunung Kendang
  • Jonggrang Kalapitung
  • Sasakala Rawabening
  • Sasakala Arca Domas
  • Sasakala Curug Sindulang
  • Centang Barang
  • Sang Prabu Jaka Susuru
  • Sasakala Pamanukan
  • Sasakala Cigondewah
  • Dongeng Nini-nini
  • Ki Dipa Dibegal
  • Putri Leuweung Larangan
  • Sasakala Situ Patenggang
  • Sasakala Situ Bagendit
  • Sasakala Cau Manggala Aya Sikian
  • Lutung Kasarung
  • Ciung Wanara
  • Sasakala Gunung Tangkuban Parahu
  • Sasakala Maung Panjalu
  • Sasakala Majalengka
Bilih peryogi, mangga undeur 22 Dongeng & Sasakala Sunda, haratis.
Aos seratan sagemblengna...


29 Oktober 2011

Ebook Sunda: Dalem Boncel

Angger, eBook basa Sunda nepi ka kiwari masih keneh samporet jumlahna. Dalah dikumaha, memang kitu kayaanana.

Tibatan terus-terusan humandeuar bari jeung teu ngayakeun tarekah sama sakali, mending oge nyieun sorangan. Nu kagiliran dijieun ebook ayeuna nyaeta seratan karya Ki Umbara anu judulna Dalem Boncel. Mun urang Sumatera boga Malin Kundang, urang Sunda mah boga dongeng Dalem Boncel.

Caritana sarua, ngeunaan budak sangsara anu kabeneran meunang kamulyaan, tegesna jadi jalma beunghar. Ngan hanjakal barang geus beunghar bet jadi poho ka temah wadi, nepi ka embung ngaku kanu jadi kolot.

Kumaha tungtungna nasib Dalem Boncel? Mangga aos bae nyalira. Dijamin moal hanjakal, margi dongengna rame tur ngandung misi pikeun ngalemesan budi.

Undeur eBook Dalem Boncel
 
Aos seratan sagemblengna...


25 Februari 2011

EBOOK GRATIS: 100 CARPON SUNDA

Neangan e-Book basa Sunda di internet hese kabina-bina. Beda jeung upama urang neangan e-Book basa Inggris atawa basa Indonesia. Balatak, tinggal milih. Ku naon pangna kitu? Ah duka teuing. Jeung da patalekan eta mah sabenerna lain bagean kuring pikeun ngajawabna. Eta mah bagean para inohong, para ahli, intelektual Sunda anu sakuduna mikiran bari jeung prakna neangan cara sangkan basa Sunda diparake ku urang Sunda. Sangkan diparake pan kudu aya sarana jang ngawanohkeunana, diantarana nya ku jalan ngupayakeun sangkan bacaan Sunda sumebar tur gampang diakses, kaasup dina internet.
Najan kitu, ari kanyaah mah asana gede keneh sanajan kuring lain inohong atawa intelektual oge. Ngan tangtu dina ngebrehkeun kanyaahna oge beda jeung aranjeunna nu palinter nyarios, palinter ngayakeun seminar, kongres jeung duka nanahaon deui lah ngaranna teh. Kuring mah nya nu kadada kaduga we, nu kahontal ku uteuk. Make cara mikir praktis tur pragmatis nu henteu rumit. Mun nu arang langka teh bacaan basa Sunda, nya mikir teh kumaha carana sangkan bacaan basa Sunda loba tur bisa diakses gratis. Praktis pan? Teu kudu diseminarkeun asana nu kitu mah.
Ieu mah ngabalakan wungkul. Nyanggakeun tah e-Book 100 Carpon Sunda, kantun diundeur di DIEU GRATIS alias teu kedah mayar. Nu tos janten baraya SundaBlog kantun klik dina tab Bagea. Mudah-mudahan ka payunna baris langkung seueur nu nyumbangkeun bacaan Sunda gratis di internet.
Mudah-mudahan.

UPDATE:

Kumargi format ebook nu kapungkur (HLP) rada sesah dibuka dina Windows 7 sareng nu kadieunakeun, kasanggakeun ebook 100 CARPON SUNDA ENGGAL dina format anu tiasa dibuka dina sadaya versi Windows.

Mangga diundeur bae DI DIEU.

Copyright © 2011 - Tata Danamihardja
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga. 
Aos seratan sagemblengna...


19 Februari 2011

Tamba Sare Sore-Sore

Mun pareng keur hese meureumkeun panon, sok bingung nya pilakueun. Sanajan kiwari hiburan teu hese neangan, tapi kadang-kadang mah bosen. Kitu-kitu keneh. Lalajo tipi, leuleumpangan neangan dahareun, ngobrol di pos ronda. Naon deui nya?

Tah, ngarah teu bosen, kumaha lamun maca? Ulah maca basa Indonesia jeung Inggris bae atuh, sakali-kalieun mah cobian geura maca bacaan basa Sunda. Bilih teu aya bacaeunana, nyanggakeun ebook Tamba Sare Sore-Sore, mangrupa kumpulan tulisan dina basa Sunda.


Sabenerna ebook ieu geus kungsi medal, tapi nu ieu mah edisi revisi. Eusina 30 tulisan, lumayan kanggo bekel bari nungguan jurig tunduh.

Kanggo ngundeurna, angkat bae ka dieu: http://www.facebook.com/sundablog

Wilujeng maca.
Aos seratan sagemblengna...


13 Januari 2008

Ebook 700 Paribasa Sunda

Sabaraha persen urang Sunda nu wawuh keneh kana paribasa Sunda? Duka ari persen-persenna mah tah. Ngan nu jelas, pasti saeutik, utamana ti kalangan generasi ngora. Tapi ieu teh memang lain salah maranehanana.

Loba faktor nu ngalantarankeunana. Di sakola, waktu pangajaran basa Sunda beuki samporet. Di imah, loba kolot anu kalah ngajak nyarita ka anak-anakna make basa Indonesia, najan duanana pituin urang Sunda. Di luar imah mah geus puguh deui. Media basa Sunda (majalah Sunda) asana teh jiga nu aranteng sorangan, sibuk dina dunyana sorangan. Dunya pangarang Sunda, dunya 'seniman' Sunda, bari siga nu tara ngalieuk ka sisi ka gigir. Deukeut-deukeut kana masturbasi intelektual. Hayoh we pabeulit tur ulukutek dina lingkungan anu kacida heureutna. Buku-buku basa Sunda di toko buku arang aya nu meuli. Padahal urang Sunda teh mayoritas di Jawa Barat mah. Aneh pan?

Nu matak ulah kaget lamun budak hulang-huleng teu ngarti basa Sunda. Sok komo deui mun kudu ngajawab patalekan-patalekan saperti: Nu kumaha ari nulungan anjing kadempet? Naon ari disakompetdaunkeun? Jiga kumaha ari jelema nu ngabudi ucing?

Aya nu nyebutkeun, jamanna ge cenah geus beda, geus robah. Naha mun jaman geus robah hartina kudu cicing wae? Euweuh guam pikeun ngungkulanana? Nu palinter jiga nu teu paduli. Tapi, nu pinter mah memang kudu kitu meureun nya :-)
Ah, tibatan ngomongkeun batur bari jeung sarua cicing mah, kateuteuari. Najan kuring teu pinter, lain inohong, lain pangarang, lain budayawan, lain seniman, lain si utu si eta, asa taya salahna mun pipilueun mikanyaah basa jeung budaya Sunda. Mun tea mah ieu meunang dianggap katineung kana basa Sunda, nyanggakeun tah ebook 700 paribasa Sunda. Nu nulisna lain kuring, tapi yasana Bapa R. Maskar Gandasudirdja. Ieu mah itung-itung milu nyebarkeun elmu, bisi aya nu teu acan gaduh.

Ebook 700 Paribasa Sunda tiasa diundeur di dieu.
Aos seratan sagemblengna...


07 September 2007

Ebook Gratis: Tamba Sare Sore-Sore

Sok inget jaman keur budak, mun beres ngapalkeun (mun keur purun eta ge..) biasana sok maca buku bari nungguan jam satengah salapan, waktuna sare. Sabenerna lain pedah kutu buku, tapi ku sabab euweuh deui hiburan. Ma'lum cicing di kampung, can aya listrik. Lian ti maca, paling-paling bari ngadengekeun radio. Tapi eta oge mun kabeneran aya lagu-lagu atawa sandiwara sunda "Di Pasisian" ti RRI Bandung. Mun teu kitu neangan siaran radio luar negeri. BBC, Radio Australia, Korea, Cina, Rusia, pokona mah neangan hiburan saaya-aya. Cek paribasana nya tamba sare sore-sore. Nungguan datangna tunduh. Tah, jadi maca oge dina raraga tamba sare sore-sore tea.
eBook Sunda: Tamba Sare Sore-Sore

Bisi aya nu teu kungsi ngalaman kumaha rasana maca bari nungguan datangna jurig tunduh, mangga dicobian geura. Mun bacaeunana teu aya, cobian download ebook Tamba Sare Sore-Sore di dieu. Eusina duka mirip gado-gado, duka mirip wadah runtah, teu langkung nu maca. Tapi nu paling penting, jigana nepi ka kiwari kakara kuring hiji-hijina blogger anu nyieun ebook dina basa Sunda :-)

Sombong? Ah henteu. Sabenerna ieu mah ajakan. Maksudna, sok atuh ka blogger sunda, nu sok nulis dina basa Sunda, geura prung nyarieun ebook dina basa Sunda. Komo mun aya penulis atawa pangarang enyaan nu daek nulis jang bagikeuneun gratis di internet. Keun urusan konversi kana ebookna mah bagean kuring, gratis lah (husus pangarang jadi nya, nu teu acan jadi mah wayahna .. mayar :-))

Kacipta pisan reueusna mun dina hiji mangsa, ngetikkeun kecap ebook basa Sunda di Google teh bakal murudul pirang-pirang ebook basa Sunda. Piraku atuh urang Sunda nu jumlahna puluhan juta teh eleh ku seler deungeun nu narulis ebook dina basana sorangan.
Aos seratan sagemblengna...


20 Juni 2006

E-BOOK

Duka ku naon, kana maca teh mana resep-resep teuing. Naon wae dibaca. Buku, komik, koran, majalah, tabloid, bungkus kacang ...ah pokona mah sagala we. Nu ngaran-ngaran aya aksaraan mah pasti dibaca. Matak, basa loba nu rumahuh majar hese pisan ngaronjatkeun minat baca, naha barudak sakola atawa oge masyarakat umum, rada hemeng. Cek rarasaan, da ti keur leutik oge kuring mah ujug-ujug resep kana maca teh, sok padahal kolot teh sabenerna lain kutu buku atawa sastrawan nu boga gudang buku atawa perpustakaan pribadi. Samporet malah. Bacaan saaya-aya, tara ngahajakeun meuli. Kitu we sakasampeurna. Tapi anehna, saimah-imah resep maca. Ti mimiti indung, bapa, lanceuk-lanceuk nepi ka kuring, mun aya majalah, koran, atawa buku anyar (nginjeum) teh sok parebut. Kadang-kadang nu pangheulana ‘nimu’ sok nyempod, ngadedempes ngonci karep di kamar, ngadon maca, da embung kapiheulaan ku batur.

Umur 6 taun kuring geus bisa maca. Euweuh nu ngahaja mapatahan diajar maca. Kitu we tetelepek. Mun lanceuk, atawa indung keur maca, kuring sok pipilueun. Nanya, ieu aksara naon, ieu gambar naon. Inget we, mimiti pisan bisa maca teh, ngantetkeun aksara dina cangkang odol merek Holdent, warnana beureum. Teuing aya keneh teuing henteu tah odol merek eta teh ayeuna mah. Ti dinya mimiti bisa maca buku, majalah, buku-buku palajaran sakola (pun bapa ngawulang di SD, jadi ari buku palajaran mah balatak) jsb. Matakna, umur 6 taun teh geus bisa maca Mangle, najan bari jeung teu kaharti sawareh oge. Bisa maca jeung resep maca istuning euweuh nu maksa nitah.

Tapi teu ngaleuleungit ketang. Pun bapa almarhum pernah muka taman bacaan leuleutikan keur nambah-nambah resiko dapur. Eusina rupa-rupa. Ti mimiti komik silat (jaman komik-komik RA Kosasih, Jan Mintaraga, Ganes TH, Man, Djair, Abuy Ravana jrrd), komik barudak (diantarana adaptasi carita HC Andersen), carita-carita koboy (terjemahan), petualangan Karl May (Winnetou, Old Shatterhand), buku-buku sastra (Tenggelamnya Kapal Van Der Wijk, Salah Asuhan, Salah Pilih, jrrd), nepi ka buku-buku carita silat Sunda karangan S. Sukandar, Ki Masram, Wahyu Adam, K. Sukarna jrrd. Sok atoh pisan mun dititah tunggu teh da bisa maca saseubeuhna. Najan dipeupeujeuhan ulah waka maca buku-buku jang kolot, tapi ku sabab buku bacaan jang budak geus kabaca kabeh, angger we sok susulumputan. Nu matak jaman SD keneh oge kuring geus nyaho saha ngaran asli Si Buta dari Gua Hantu, saha ari Old Shatterhand, Old Firehand, Winnetou, Hanafi, Mang Pi’i, Kinong, Kartaran, Jaka Sembung, Si Buntung Jago Tutugan, Gumilar, Nini Bo’ol Kerod, Mandala jeung sajabana.

Memang teu ngabibisani, alam baheula beda jeung alam ayeuna. Baheula mah teu loba teuing ‘gogoda’ nu ngahalangan minat baca. TV can mahabu jiga ayeuna. Nu boga TV masih bisa diitung ku ramo. Can usum PlayStation deuih. Hartina, waktu jang maca can kaganggu ku hayang lalajo TV, maen PS, atawa gogoda sejenna. Maca dina mangsa harita jadi hiburan murah meriah. Matak teu aneh mun loba nu boga pamadegan yen salah sahiji sabab moyodokna minat baca teh gara-gara loba media hiburan non-baca (lalajoaneun, kaulinan jsb), sok sanajan ieu pamadegan teh can tangtu 100% bener. Buktina, alo-alo kuring, nu hirup dina jaman kiwari, kabehanana bareuki maca. Aya aturan rek dahar, geus nyiuk sangu kana piring, nguliyeng heula neangan buku atawa naon bae nu bisa dibaca bari dahar. Majarkeun teh ‘rencang sangu’ cenah.

Lamun nilik bacaan jaman kiwari, kadang-kadang sok ngarasa sirik. Buku ngaleuya di mana-mana. Dapon boga duit, moal kakurangan bacaeun (sanajan keur sakuringeun, memang masalahna teh angger ti baheula tepi ka ayeuna, teu boga duit keur meulina). Rek majalah, koran, tabloid, buku, tinggal milih sakahayang. Mun hayang nu hargana rada ‘miring’, neangan we di Palasari atawa Bursa Buku di Suci (aya keneh kitu?). Ari buku-buku urut mah biasana neangan di Cikapundung. Hargana murah pisan (ngaranna ge buku loak), tapi mun kabeneran, bisa meunang buku-buku langka nu geus teu medal deui.

***

Ngaranna ge abad informasi. Pagaliwotana rupa-rupa beja, naha dina wangun tulisan, gambar atawa sora geus teu bisa dibendung. Ku kamajuan teknologi, buku nu ‘beredar’ teh sihoreng lain ngan ukur buku biasa anu bahanna tina keretas. Aya oge buku anu disebut e-book pondokna tina electronic book alias buku elektronik atawa buku digital. Ieu mah memang lain buku nu bisa dijingjing kamana-mana (kecuali dina laptop, disket, flash disk, CD, PDA, atawa media elektronik sejenna), sabab saenyana ngan ukur mangrupa data elektronik. Macana oge make media husus, diantarana komputer (bisa PC/laptop) atawa PDA. Lian ti eta, jenis e-book oge rupa-rupa, gumantung kana software nu dipake nyieunna. Aya nu bentukna .exe, chm, .pdf, .pdb, .lit, jeung sajabana. Lamun file e-book teh bentukna .exe, pasti bisa dibaca dina komputer mana wae, asal make operating system Windows. Tinggal klik, langsung bisa dibaca dina layar. Tapi lian ti eta mah biasana kudu make software husus, upamana Adobe Reader, Palm/PDB Reader, Microsoft Reader jsb.

Beda jeung file MS Word, upamana, ebook mah bisa di-protect sangkan teu bisa diutak-atik ku nu maca, bari tetep bisa dibaca. Ieu teh lantaran ebook dijieunna make software husus. Jadi kaaslian naskah kajamin, leuwih aman ti batan buku konvensional (buku tina keretas). Ampir sagala widang bisa dipidangkeun dina wangun ebook. Teknologi, budaya, pulitik, ekonomi, sosial, nepi ka hiburan (upamana bae novel atawa carpon), bisa - jeung geus kacida lobana - nu dijieun dina wangun ebook. Ebook, minangka salah sahiji bentuk atawa sarana nyebarna elmu jeung informasi, geus jadi kabutuhan, utamana pikeun nu geus wanoh jeung dunya internet. Kondisi saperti kieu teh nyababkeun sawatara penerbit buku ‘konvensional’, utamana di nagara-nagara maju, ngarasa hariwang. Maranehanana ngarasa sieun karebut alas.

Padahal, sabenerna mah teu perlu hariwang-hariwang teuing, da jelema teh rupa-rupa pangaresep. Komo di Indonesia mah, sabab mun dibandingkeun jeung jumlah penduduk, masih kacida saeutikna jelema nu wanoh jeung media nu ngaranna ebook. Akses internet nu mahal, kualitas telepon anu lambat tur teu stabil (mindeng pareum, gangguan, jsb), sarana pendukung (contona warnet) nu jajauheun kana walatra, mangrupa sawatara hal anu ngahambat popularitas ebook di urang.

Nepi ka danget ieu, ebook nu ngaleuya di internet masih didominasi ku ebook nu make basa Inggris. Sabenerna geus mimiti aya ebook nu make basa Indonesia, tapi perbandinganana masih ‘jauh tanah ka langit’. Mun rek neangan ebook basa Indonesia, cobaan di http://bukubaguss.blogspot.com atawa situs sejenna anu pabalatak di internet. Kumaha ari ebook basa Sunda? Berekah, nepi ka ayeuna can kungsi manggihan. Tuh pan, geus katinggaleun deui wae. Na kamarana atuh urang Sunda teh nya?

Kacipta, dina hiji mangsa mah, teuing iraha, urang Sunda teh bisa reueus silih tukeuran ebook basa Sunda di internet. Mangkaning internet mah bisa diakses ti sakuliah dunya. Jaba naskah-naskah Sunda nu geus ditulis teh moal leungit, moal rikes, moal saroek, moal ku ngenget, pasti aman salilana. Bisa kabaca ku anak, incu, buyut, bao janggawareng, udeg-udeg, gantung siwur, jst. Tapi, iraha nya?
Aos seratan sagemblengna...