Antosan sakedap...

24 Oktober 2012

E-Book Carita Sunda Godi Suwarna

Salah sahiji kamotekaran pangarang nyaeta imajinasi. Ti jaman tai kotok dilebuan nepi ka kiwari, can aya nu bisa ngawatesanan atawa nyengker imajinasi. Tetela, lamun digunakeun samistina, imajinasi bisa jadi kakuatan anu lain lulumayanan.

Godi Suwarna, pangarang teureuh Ciamis, kawentar kamotekaranana dina mateakeun imajinasi anu lir teu kawatesanan ku ruang jeung waktu. Ku kaparigelanana, bisa bae Gatotkaca ujug-ujug adu hareupan jeung Superman, upamana. Setting, karakter, katut unsur-unsur sejenna mindeng dipake ngaburak-barik 'logika' nu maca, nu saestuna geus kauger ku norma atawa aturan kamistian nurutkeun 'akal sehat'.

Upamana bae, gagasan toko karangan atawa lembur nu jadi pabrik karangan dina carita Biografi Bagawan Hadim. Ieu teh estu gagasan orisinil. Masing - upamana - toko karangan atawa pabrik karangan dianalogikeun jeung toko buku, pan dina kanyataanana mah di kampung masih keneh hese neangan buku. Komo deui upama neangan hiji lembur nu kabeh jelema pacabakanana kana ngarang carpon jeung nulis sajak!

Anehna, 'logika' nu 'diburak-barik' teh bet kalah matak pogot tur teu karasa kaganggu. Sanajan rada kerung heula sakedapan, tapi lila-lila nu maca ngarasa jongjon tur tumaninah dibawa 'sasar' dina kakuatan imajinasi Godi. Malahan, nya ieu pisan nu jadi salah sahiji pangirut atawa 'daya tarik' tulisan-tulisan Godi Suwarna.

Ka nu ngaraos panasaran, carpon Godi Suwarna nu judulna Biografi Bagawan Hadim dina wangun ebook sunda PDF tiasa diundeur di dieu.

SundaBlog Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...