Antosan sakedap...

28 Agustus 2012

Abong Nu Beunghar

Jelema mah hade ku basa, goreng ku basa. Kitu piwurukna pun biang sareng pun bapa anu masih keneh nongtoreng dina ceuli nepi ka ayeuna. Pelajaran dasar elmu hirup anu samistina dipake ku sing saha bae dina hirup kumbuh sapopoe. Minangka jampe sangkan silih ajenan jeung sasama bari henteu mandang status sosial, jabatan, harta jeung sajabana.

Da yakin atuh, rek nu beunghar, rek nu miskin, rek nu pinter, rek nu bodo, rek nu pangkat, rek somah, pasti sarerea oge hayang diajenan ku sasama. Basa nu dimaksud di dieu oge tangtu lain ngan saukur omongan, tapi gumulung dina rengkak paripolah tur sikep urang dina nyanghareupan papada jalma. Sanajan babasaanana lemes, tapi ari sikepna adigung sarta ngahampas mah, angger we matak pikateungeunaheun batur.

Padahal sanajan nu beunghar upamana, matak naon mun sing someah ka sasama, rek miskin, rek beunghar. Dijamin, moal matak ngurangan kabeungharanana. Malah ku batur ge meureun jadi pamujian, keur beunghar teh bageur jeung someah deuih. Atuh nu miskin bari someah oge nyakitu, pasti jadi pamujian batur: si eta mah sanajan miskin tapi someah, hade basa hade tata (danamihardja). Tuh, pan euweuh rugina nya.

Konsep silih hargaan dina pergaulan sosial sapopoe sakuduna lain ngan ukur papaes lambe, lain ngan saukur diambeng dina obrolan atawa tulisan, tapi kudu bari jeung prakna dilaksanakeun. Mun sarerea geus bisa kitu, tangtu dunya teh baris ayem tengtrem, moal aya pacogregan sarta silih omongkeun kagorengan. Barina oge lamun kagorenganana euweuh, naon nu rek diomongkeun atuh ari lain kaalusan mah?

Tapi da ngaranna ge hirup, pasti moal salawasna ideal sakumaha kahayang urang. Mun kitu mah moal rame atuh dunya teh. Dina copelna, kuring meureun moal aya tuliskeuneun :)

Naha kumaha kitu? Enya pan kaalaman pisan ku kuring. Lebaran kamari kadatangan tamu ka imah. Cenah manehna teh minantu pejabat manten level propinsi. Lain tamu kuring sabenerna mah, tapi tamu ki lanceuk. Ngan kabiasaan di imah kuring, mun aya tamu teh sok kudu nepungan mingangka pangangken ti kulawarga. Tara lila atawa terus masamoan eta oge, ukur kitu we sasalaman terus ngahaminan sakeudeung.

"Nepangkeun ieu pun adi," cek ki lanceuk ka semah nu harita kabeneran keur ngobrol jeung pamajikanana. Ki semah teh nangtung bari unggeuk tur ngasongkeun leungeun nampanan leungeun kuring nu ngajak sasalaman. Ngan jigana ku sabab nempo kuring mah lain tongkrongan jalma penting, bari jeung manehna keur kagok ngomong ka pamajikanana, ngasongkeun leungeunna teh bari beungeutna teu nempo beungeut kuring.

Najan enya ge kuring lain jalma penting, lain jalma beunghar, tapi ari nempo kitu mah kuring teh asa disapirakeun. Na asana teh, da najan kuring teu beunghar oge teu diparaban ku manehna ieuh. Uteuk rock n' roll kuring langsung reup bray. Leungeun kuring nu geus nyolongkrong teh dicentok deui bari teu ngomong sakemek-kemek acan, terus ngaleos deui ka jero. Teu tulus sasalaman!

Kareret ku juru panon pamajikanana colohok. Teuing kumaha tah beungeut ki semah dikitukeun teh. Bae ah, insya Allah moal rugi teu sasalaman jeung manehna oge.

Mudah-mudahan ieu teh jadi pelajaran keur manehna, keur kuring oge, yen ngajenan jelema mah ulah pilihan, komo dumasar kana beunghar henteuna, pangkat henteuna, jeung sajabana. Jeung pangpangna mah kudu sadar yen teu kabeh jelema bisa dikutiplak sakahayang manehna. Kudu inget deuih, saha nu apal dina hiji mangsa mah urang baris butuh ku jelema anu ku urang dianggap teu penting.

Ku aya-aya bae nya ari jelema. Abong nu beunghar.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


24 Agustus 2012

Bujur Pun Uju

Subuh-subuh Uju tuturubun muru sumur tujuh. Puguh bujur Uju nuju muruput kudu buru-buru muncrut luhur tunggul. Hulu Uju nyuhun dudukuy, sungut Uju nyungcung udud kuntung surutu. Brut, brut, brut, Uju muncrut tujuh puluh gunduk, turug-turug muncung tur munu'u. Ujug-ujug kurunyung kunyuk buntung nubruk bujur Uju nu nuju murus. Uju nyuksruk. Hulu Uju nyurungkuy nubruk dukuh. Huntu Uju murudul tujuh.

"Huh, kunyuk dusun, nurustunjung! Tuluung... tuluuung!" Uju mundut tulung.

Kunyuk buntung murungkut, buru-buru nyumput, tuluy mumuluk cuhcur tur nyuruput susu bubuk luhur suluh nu muncugug. Uju murukusunu, nyusut bujur nu ngucur urut murus, tuluy nyusud kunyuk buntung. Untung kunyuk nyumput. Mun Uju ngurunyung tuluy nungkup, kunyuk buntung kudu buru-buru nulup bujur Uju nu mudugdug urut murus ku cucuk rungkun. Mun purun, sundut bujur Uju ku kuntung surutu nu nuju hurung.

Ujug-ujug burudul lutung tujuh puluh tujuh. Uju nyumput, ngudupung mungguh nyuksruk, tuluy mungkus bujur nu juuh ku urut bungkus cuhcur. Lutung mulung dudukuy Uju ku curuk, nungkup sungut ku tutup buuk, tuluy ngungkug muru suung nu mucunghul pukul tujuh punjul tujuh.

Kunyuk ngutruk tur kukulutus. Mun Uju nu purunyus tulus nungkup kunyuk, kunyuk kudu mungkus cuhcur ku urut nyusut muncrut, tuluy nutur-nutur bujur tujuh puluh tujuh lutung nu muru suung. Untung Uju tuluy ngungkug muru tungtung gunung Susuru. Duh, nuhun Uju.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


23 Agustus 2012

Ngaran Sunda

Kadang-kadang sok mikir, kumaha nya lamun jelema teu boga ngaran? Mangga geura emutan. Jelema sakitu lobana tapi euweuh ngaranan, kumaha mun hayang ngageroan? Maenya kudu ditoel wae mah. Mun kitu meureun dunya teh pinuh ku nu silih toel. Atawa bisa oge ngagroan ku ciri fisik, upamana bae nu buukna galing digeroan si Galing. Terus kumaha ngageroan nu buukna lempeng? Pan eta mah leuwih loba?

Tapi nu penting mah ayeuna urang teu kudu bingung sabab jelema geus nyiptakeun sistem ngaran dina komunitasna masing-masing. Ku cara kitu urang bisa silih geroan make ngaran sewang-sewangan. Sistem ngaran urang Sunda tangtu beda jeung urang Jawa atawa urang Inggris. Mangga tengetan, ngaran urang Sunda upamana, leuwih loba unsur huruf 'A'-na lamun dibandingkeun jeung urang Jawa anu loba make 'O'.

Ngaran urang Sunda biasana ngandung engang (suku kata) anu diulang dina ngaran papanjangna. upamana bae: Yanti Riyanti, Titin Suryatin, Maman Suryaman. Ngaran urang Sunda jaman baheula mah biasana ngan ukur sakecap, upamana: Emod, Icih, Dulah, Entur, Tabroni, Empud, jrrd. Eta biasana ngaran somah samodel kuring. Ari ngaran menak mah rada beda, biasana dua kecap sarta ngaran papanjangna karasa 'ngamenak'. Contona: Ahmad Suryadilaga, Ikin Wangsadireja, Usman Jayadilaga, jsb. Anu rada aneh, di daerah Subang pasisian kuring kungsi manggihan jelema ngaranna Runtah, Kecot, jeung Panto. Disebut aneh teh sabab kecap-kecap eta mah teu ilahar dipake ngaran jelema ku urang Sunda. Nu leuwih aneh aya babaturan urang Batak tapi ngaranna Asep.

Husus dina sitem ngaran urang Sunda, memang euweuh pola anu jelas, tapi leuwih neueul dina sual rasa. Ngaran Encuy, Ocid, Icih, atawa Wangsadireja ampir bisa dipastikeun lemburna aya di tatar Pasundan. Najan kitu, ayeuna mah geus rada hese neguh bibit buit jelema tina ngaran. Proses akulturasi antar etnis/bangsa nyababkeun leyurna konsep ngaran lokal. Urang Sunda geus loba anu ngaranna memper-memper urang deungeun, contona Billy, Dandy, Rita, Nadya jeung sajabana.

Proses modernisasi, kamajuan teknologi komunikasi, jigana mangrupa sawatara hal anu nyababkeun ngeserna sistem ngaran. Ngaran-ngaran samodel Oding, Ikin, Emod, Icih upamana geus arang dipake ku urang Sunda generasi kiwari, kasilih ku ngaran-ngaran anu kesanna modern saperti: Billy, Nancy, Sony jeung sajabana. Ku kituna kiwari jadi beuki hese pikeun neguh asal-usul jelema ngandelkeun tina ngaranna wungkul.

Padahal lamun ditengetan, ngaran-ngaran Sunda baheula sabenerna ngandung 'homophone' (sasaruaan sora) jeung kosakata dina basa Inggris:
  • Empud - food
  • Engkar - car
  • Dayat - diet
  • Ono - oh no!
  • Parti - party
  • Emud - mood
  • Bakri - bakery
  • Oyeh - oh yeah!
  • Endang - dunk
  • Endring - drink
  • Mumun - moon
  • Enti - tea
  • Agus - goose
  • Asep - chef
  • Entis - tease
  • Oot - OOT (out of topic)
  • Eros - rose
  • Imas - must
  • Mamad - mud
  • Madi - muddy
  • Gopar - go far
  • Neni - nanny

Percanten? Ah ulah nu ieu mah. Kuringna keur hayang ngacapruk :) Nyanggakeun....

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


21 Agustus 2012

Wilujeng Boboran Siam 1433 H

Bener ceuk kolot, waktu teh lir ibarat tatit, ngan sakilat-sakilat. Asa anyar keneh Lebaran, ku teu karasa geus Lebaran deui bae. Cenah mah eta teh cingcirining urang betah kumelendang di alam dunya. Enya da sakumaha ripuhna oge, kangaranan jelema mun dititah nyingkah ti alam dunya ieu tangtu embung.

Lebaran atawa Idul Fitri teh saestuna minangka poe kabungahan satutasna nyacapkeun ibadah saum sabulan campleng. Ibadah nu datangna ngan sataun sakali dina bulan Romadon. Nya dina bulan ieu pisan urang dilatih pikeun leuwih ngaronjatkeun kualitas ibadah katut sikep dina kahirupan sapopoe, sangkan ka hareupna bisa dipraktekkeun kalawan istiqomah.

Jadi tangtu salah kacida jelema anu dina bulan puasa mah ninggalkeun sagala kama'siatan, ari dina bulan sejenna balik deui kana kabiasaan samemehna. Upamana bae salila bulan puasa mah pere tara ngomongkeun batur, sanggeus Lebaran mah der deui we kabiasaan heubeul teh dilakonan. Majarkeun teh cenah da geus lain bulan puasa ieuh :)



Ieu mah lain mapatahan, tapi istuning itung-itung ngingetan diri sorangan, sabab nya kitu pisan anu karasa ku kuring. Nu matak, hayu ah urang silih du'akeun sangkan saenggeus Lebaran urang bisa teteg panceg dina kahadean. Sugan ari ku silih du'akeun tur silih elingan mah moal mangprung teuing, atawa cek paribasa tea mah moalnepi ka lali ka purwadaksi. Wilujeng Boboran Siam, sih hapunten anu kasuhun ti luhur sausap rambut, ti handap sausap dampal, bilih aya langkung saur bahe carek, mugia kersa ngalubarkeun samudaya kalepatan tur kaluluputan.

SundaBlog Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...


17 Agustus 2012

Wilujeng Milangkala Indonesia

Teu karasa, 67 taun bangsa urang leupas tina penjajahan bangsa deungeun. Kitu mungguhing teori, da ari kanyataanana mah duka teh teuing. Cenah eta urang masih keneh dijajah sacara ekonomi ku bangsa deungeun, beda deui urusanana. Atawa rahayat leutik masih keneh dijajah ku bangsana sorangan, nyatana ku para jongos rahayat jeung anu ngaku-ngaku wakil rahayat, keun we urang tunda heula saayeunaeun mah. Ayeuna mah urang puseurkeun heula paniten urang kana mieling kamerdekaan.


Boh kitu boh kieu, kamerdekaan teh mangrupa nugraha pikeun bangsa urang sabab ieu teh minangka modal anu kacida gedena dina pergaulan antar bangsa. Bangsa urang bisa satata jeung bangsa deungeun dina sagala hal. Urang teu perlu mamandapan menta pangasih ti bangsa deungeun. Sagala pasualan bisa diputuskeun ku sorangan, teu perlu menta ijin ti batur. Pon nyakitu deui dina ngokolakeun nagara. Singgetna, urang geus jadi bangsa anu mandiri.

Tah, minangka wujud tina rasa sukur teh nya biasana ku jalan mieling poe kamerdekaan unggal tanggal 17 Agustus. Taun ieu mah kabeneran deuih ninggang dina poe Juma'ah, sarua jeung basa taun 1945. Ngan ngaranna oge sukuran, tangtu asa teu merenah lamun kaleuleuwihi. Ongkoh pan mun kaleuleuwihi mah jadi patojaiyah jeung esensi sukuran.

Nu matak basa Forum Indonesia untuk Transparansi Anggaran (FITRA) nimu data anu netelakeun yen istana nganggarkeun duit 7,8 milyar keur waragad mieling kamerdekaan, loba anu ngarasa mentegeg tur hareneg. Asa teu pantes atuda waragad sakitu gedena ngan ukur dipake acara seremonial sapoeeun. Komo lamun inget yen masih loba keneh jelema anu neangan duit 10 atawa 20 rebu wae kudu luut-leet kesang sapoe jeput.

Malah ceuk kuring mah lain ngan ukur teu pantes, tapi kaasupna ge kana TEU GABLEG CEDO. Sukuran mah ayana dina hate, lain dina pesta anu hurung-herang. Duit sakitu mah mending dipake ngamemenan jelema miskin, jelema nu teu mampuh. Lain dimonyah-monyah diuwar-awur teu puguh. Mu kitu mah tetela euweuh undakna atuh sanggeus 67 taun merdeka teh. Aya ketang anu undak teh: beuki dieu beuki loba jelema anu kandel kulit beungeut, euweuh kaera najan ngadaharan duit batur, duit rahayat. Astagfirullah.

Nun Gusti, mugi Gusti nyiksa tur ngawarah sing saha wae anu ngaku pamingpin atanapi wakil rahayat, anu tambelar tur ngamomorekeun ka rahayatna. Amiiin.

Wilujeng milangkala, Indonesia.

SundaBlog

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyerat ngaran nu nulis sareng live link (tumbu anu tiasa di-klik) ka SundaBlog. Mugi janten perhatosan.
Aos seratan sagemblengna...