Antosan sakedap...

22 Mei 2010

Kang Jaja Lawan Bayawak (terasna Ngarah Calawak)

Ngaran-ngaran jalma, aya kalana nandangan naas. Tara salawasna jaya, tara salawasna gagah. Kadang-kadang balatak harta, kadang-kadang ngalaman katalangsara atawa namprak taya tangan pangawasa. Namprak, sanajan ngan sakadar hayang bala-bala atawa kadaharan basajan pantar jajanan pasar.

Saprak ngalaman nyangsaya na tangkal kalapa Mang Karta panyawah Babah Can, Kang Jaja rada samar kahayang. Sawatara mangsa Kang Jaja ngaprak ka pasawahan ngalaan karaca atawa hahayaman, malah kalan-kalan ngala anak bayawak sagala. Bayawak mah ayana na wahangan, najan kadang-kadang hanjat ka darat. Ngan sanajan sabaraha hayangna, Kang Jaja mah narah ngala atawa ngadahar kalapa. Basana waas, matak ngarakacak manah ana ras kana pangalaman basa nyaah ka Anah anak Mang Karta. Dahar bayawak? Wah, can ngalaman asana mah. Bayawak mah kasap sarta matak barangasan. Matak kang Jaja mah tara ngadahar, sabab pan bayawak mah jang bahan tas atawa calana Tarsan.
Dahar kalapa atawa bayawak mah narah, ngan kana bala-bala ngagalaksak. Saban Ahad atawa Salasa Kang Jaja ngahaja ngasakan bala-bala aya kana saparapat ayakanana. Basana jang tamba ngagaranggam, padahal mah Kang Jaja salawasna ngarasa lapar samangsa-mangsa padaharanana can kararaban bala-bala.

Ngan basa Salasa tanggal dalapanlas Sawal mah kang Jaja nandangan naas. Padaharanana karasa panas asa tas ngadahar arak. Kang Jaja ngacaprak nahan rasa panas na padaharan. Rarasaanana asa hayang ngawakwak ka sasaha, manahna barangasan, malah kadang-kadang mah manghap asa hayang ngadahar cakcak atawa ngagadabah kadal sagala. Jaba mastakana karasana asa ngalayang kawas tas ngaganja. Padahal Kang Jaja mah pan tara ngaganja sabab apal agama ngalarang ngaganja. "Pan haram Pa," jawab Kang Jaja basa Pa Anang tatanggana nanya naha kang Jaja tara ngaganja.

Sabab ngarasa taak, Kang Jaja tatamba ka Bah Kamad, jawara galak asal Karawang. Kang Jaja balaka hayang damang panyawatna, sabab karasana matak nahnay saawak-awak. Bah Kamad ngarampa padaharan Kang Jaja aya kana saparapat jamna. Barang cacap saparapat jam, raray Bah Kamad katara rada asak lantaran ngarasa hamham kana panyawat Kang Jaja.

"Jang Jaja jam sabaraha sarapan?" Bah Kamad nanya.

"Jam dalapan Bah. Naha nanya sarapan?" Kang Jaja panasaran.

"Sarapan bayawak?" Bah Kamad katara hamham.

Kang Jaja kalah ngagakgak, "Ha..ha..ha.. Abah mah ngacaprak ah! Sarapan bala-bala Bah, bayawak mah pan jang bahan tas atawa calana Tarsan."

Bah Kamad katara nahan napas. Na matana kawas aya kapanasaran.

"Nyaan Jang Jaja ngan ngadahar bala-bala?"

"Nyaan Bah, saparapat ayakan malah," jawab Kang Jaja.

Bah Kamad ngawas-ngawas kana padaharan Kang Jaja.

"Masalahna," Bah Kamad kawas rada asa-asa. "Na padaharan Jang Jaja aya bayawak, malah anakan aya kana dalapanna..."

Blar! Awak kang Jaja asa katabrak kapal. Padaharanana karasa tambah panas. Bayawak karasa ngacak-ngacak padaharanana. Jaba anak-anak bayawak karasana asa nyasar kana palangkakan. Naha aya bayawak na padaharanana? Ka mana jalan? Da rarasaan mah tara tambarakan ngadahar bayawak sagala. Kang Jaja ngan sakadar nanya na manah, sabab awakna nahnay, sagala karasa, jaba panyawat asmana ngadak-ngadak anpal. Kang Jaja namprak, taya tangan pangawasa. Kang Jaja pasrah.
Aos seratan sagemblengna...