Antosan sakedap...

07 September 2009

Endog Lini

Cek beja, majar lini teh sok ngendog. Duka kumaha mimitina pangna nepi ka aya dongeng saperti kitu. Can pangangguran maluruh, saha mimitina nu boga inisiatif. Nu jelas, nepi ka kiwari can kungsi aya jelema nu kawenehan manggihan endog lini.

Keur budak mah sok jadi pikiran. Enya kitu endog lini teh aya? Mun aya, di mana ngendogna? Kaciptana teh endogna gede, sagede bal baliter kitu lah, wareg we mun dikulub teh.

Beuki gede, konsep endog lini beuki laas dina pikiran, sabab teu cocog jeung rasionalitas. Pan lini mah lain mahluk hirup, jadi moal mungkin bisa ngendog. Nu angger ti baheula nepi ka ayeuna, mun aya lini sok gegebegan, sieun. Taun 1978 (mun teu salah), lembur kuring dioyagkeun ku lini anu lumayan gede. Loba wangunan anu rugrug, bencar, atawa ruksak. Alhamdulillah, imah kuring teu regrog-regrog, ma'lum imah panggung nu cenah mah leuwih tahan gempa.
Ieu mah endog hayam asli.. (foto: www.preventionindonesia.com)

Taun 1982 (enya kitu?) Gunung Galunggung bitu. Mindeng karasa oyagna lini, bubuhan lembur kuring teh kaasup deukeut ti Galunggung. Lian ti lini, lebuna oge kabagean, nyaeur di buruan imah jeung dina hateup. Kungsi pabeubeurang lebu Galunggung nutupan panonpoe, nepi ka poek mongkleng lir ti peuting.

Poe Rebo tanggal 2 September 2009 kamari, deui-deui lini. Ayeuna mah kacida gedena malah, nepi ka keur nangtung ge karasa oyag, gagaleongan. Ketir, sieun, keueung, soal, pagalo jadi hiji. Nu aya dina uteuk ngan ukur ka mana nya lumpat sangkan salamet, bari mikir ayeuna kitu kiamat teh? Tapi alhamdulillah, teu cecel teu bocel. Imah, awak sakujur, salamet. Ngan lomari we tigubra, eusina sabangsaning gelas jeung piring bubuk pisan teu kapuluk.

Di daerah sejen, loba wangunan jeung imah anu ancur. Harta banda meunang tekang-teking welasan taun ancur sapada harita, teu kapuluk pisan. Korban jiwa ngaratus. Inna lillahi wa inna ilaihi roji'un. Pulo Jawa ngungun, sedih kingkin ngarandapan musibah gede saperti kieu.

Mun dianalogikeun kana dongeng endog lini, saestuna nu jadi endogna teh nyaeta hikmah tina ieu kajadian. Endog nu loba ngandung vitamin, gede mangpaatna pikeun awak urang. Kitu deui hikmah tina kajadian lini kamari. Jigana bae eta teh panyepret ti Gusti Nu Maha Suci pikeun urang sarerea sangkan eling tur napakuran diri. Naon rupa anu karandapan ku urang, boh nu matak sedih, pon kitu deui nu matak senang, tangtu aya mangpaatna pikeun diri urang. Musibah kamari anggap bae endog lini anu loba vitaminna, najan karasana rada hanyir, tapi matak sehat kana awak.
Aos seratan sagemblengna...