Antosan sakedap...

29 September 2008

Basa Sunda Dina Tulisan

Nu mairan atawa ngomentaran tulisan kuring rupa-rupa kasang tukangna. Aya birokrat, mahasiswa, guru, blogger (eta mah puguh deui), pagawe (negri atawa swasta) jrrd. Ditilik tina eusi komentar, aya nu iseng, babalagonjangan, pikaseurieun, malah sakapeung mah aya oge nu matak nyentug kana angen. Tapi teu dijieun pikir, sabab kabeh oge ngabogaan hak pikeun mairan. Saur pun biang tea mah, "Keun we da omongan mah teu matak bohak."

Komentar, boh dina shoutbox (kotak panyeluk) atawa ngaliwatan email (surelek), kadang-kadang jadi inspirasi pikeun nyieun tulisan. Kungsi aya nu nanya ngaliwatan email, naha cenah ari nulis mah kuring sok make basa kasar, tapi ari ngawalonan komentar sok make basa lemes. Ku kuring dijawab, sabenerna basa nu mindeng dipake dina tulisan teh kaasup basa loma atawa conggah alias sedeng.

Dina garis badagna, aya tilu panta basa dina basa Sunda:
  • Basa lemes
  • Basa loma/conggah/sedeng
  • Basa kasar
Ku naon pangna kuring mindeng nulis make basa sedeng? Ku naon henteu basa lemes? Sabenerna euweuh nu nyaram masing rek nulis make panta nu mana bae oge. Rek basa lemes mangga, rek basa loma pek, rek basa kasar karep teuing. Ngan nurutkeun kapantesan, ngan basa lemes jeung basa loma nu pantes dipake dina nyieun tulisan, sabab basa kasar mah pantesna oge ngan keur nyarekan :-)

Jadi lamun kitu pilihanana tinggal dua: make basa lemes atawa basa loma. Kuring biasana milih basa loma ku sabab tulisan teh biasana teu ditujukeun husus ka hiji jelema. Ku sabab ngaranna basa loma, jadi tangtu tujuanana oge sangkan karasana leuwih loma atawa conggah tur euweuh hahalang antara nu nulis jeung nu maca tulisan.

Kumaha mun aya nu hayang make basa lemes? Ih, mangga teh teuing, da cek tadi ge euweuh nu nyaram. Nu penting mah lamun nulis peupeujeuh ulah make basa kasar tur garihal, sabab tangtu nu maca bakal asa dicarekan. Kecuali lamun tujuan urang nulis teh memang hayang nyingsieunan nu maca :-)

Nyanggakeun.
Aos seratan sagemblengna...


26 September 2008

Langganan Via Email Kudu Mayar?

Geus sababaraha kali patalekan saperti kieu teh nepi ka kuring. Ngan nyaeta sok poho bae rek ngajawab dina blog teh. Biasana sok dijawab hiji-hiji via email.

Memang teu salah mun aya patalekan saperti kitu. Internet teu beda ti kahirupan sapopoe, pinuh ku rupa-rupa jalma anu sipatna beda-beda. Aya nu bageur, aya nu jahat. Aya nu ngamangpaatkeun email batur pikeun nipu. Aya oge nu ngiriman email spam bari jeung nu dikirimna teu nyaho nanaon, komo jeung menta dikirim email sagala. Jadi wajar lamun aya nu asa-asa, sieun kumaonam.

Sangkan henteu aya nu curiga atawa panasaran, patalekan di luhur teh mending dijawab di dieu bae. Jawaban singgetna: langganan email SundaBlog mah teu kudu mayar alias haratis. Tujuanana malulu sangkan nu waktuna samporet teu kudu muka SundaBlog, tapi dikirim sacara otomatis kana alamat email nu didaptarkeun.

Naon kauntunganana? Kauntungan sacara materi mah teu aya. Tapi, mun aya postingan anyar, tangtu baris pangheulana dibejaan, langsung kana email/inbox.

Naha nu kieu kaasup spam? Ah henteu, sabab nu dikirim email memang menta ku cara daptar. Teu kudu hariwang deuih, salian ti haratis, email nu didaptarkeun oge dijamin moal dijual ka pihak sejen.

Pamustunganana, langganan SundaBlog via email 100% aman tur haratis :-)

Mangga anu bade langganan kantun ngalebetkeun email wungkul.

Serat email salira di dieu:

Dijajapkeun ku FeedBurner


Pamaos SundaBlog
Aos seratan sagemblengna...


22 September 2008

Lelengkah Halu

Alhamdulillah, SundaBlog geus nincak umur 2 taun 4 bulan kumelendang di blogosphere. Lelengkah halu, kitu meureun pibasaeunana lamun dilarapkeun ka budak mah. Najan jajauheun kana nyugemakeun, tapi kuring muji sukur ka nu Maha Kawasa, masih keneh bisa ngalalakon, nulis sasieureun sabeunyeureun make basa Sunda. Ari kitu aya nu maca? Ah, rumasa kuring mah lain sastrawan Sunda, jadi euweuh nu maca oge teu jadi masalah. Cenah eta aya nu kalandep, nya nuhun nu aya.

Mun kitu carana, naon atuh tujuan kuring nulis make basa Sunda? Kadang-kadang kuring oge bingung lamun ditanya kitu. Ngan nu jelas aya ari sasakalana mah. Mimitina sok tulas-tulis dina blog make basa Indonesia jeung basa Inggris sakapeung-kapeungeun. Sakali mangsa pangangguran nulis kolom basa Sunda dina Mangle. Alhamdulillah dimuat sababaraha kali. Ngan hanjakal palebah nagih honor, hararese pisan, malah tepi ka ayeuna ge teu dibayar. Keuheul tah, asa teu dihargaan pisan. Tibatan keuheul teu pararuguh, nya sakalian we nulis dina blog ari sarua keneh teu dibayar mah. Katambah-tambah, aya nu ngahatean pedah kungsi maca tulisan kuring dina Mangle, majarkeun teh, "Resep panginten Kang upami sakantenan nyerat nganggo basa Sunda dina blog."
Lelengkah halu... (foto: bektiprasetyo.blogspot.com)
Dikitukeun komo, nya lahaola mitembeyan nulis dina blog make basa Sunda taun 2006. Dirasa-rasa teh bet asa ngeunah keneh kieu. Bebas, teu kudu ngarep-ngarep honor nu teu sabaraha :-) Alhamdulillah, SundaBlog kaasup blog anu lumayan dina peringkat Google. Page rank atawa rengking SundaBlog meunang peunteun 4 (tingali page rank di gigir beulah katuhu, handpeun jam). Estu teu gampang meunang rengking opat teh, sabab ditangtukeun dumasar kana lobana nu ngakses (muka atawa maca) blog versi mesin kotektak (search engine) pangpopulerna sadunya: Google. Komo lamun ngingetkeun yen nu maca basa Sunda henteu loba jiga nu maca basa Indonesia atawa basa Inggris.

Nu lucu, kungsi sababraha kali aya nu nyangka yen ieu blog teh dikokolakeun ku Mangle, nepi ka aya nu nanyakeun kumaha carana mun hayang ngirim carpon jeung tulisan sejenna. Padahal geus sababaraha kali kuring nandeskeun yen SundaBlog mah estu dikokolakeun ku kuring pribadi, tur euweuh pakuat-pakait jeung media citak mana wae oge.

Lian ti nu maca langsung dina blog, aya oge nu maca via email. Ieu mah biasana keur nu sibuk nepi ka teu kaboro atawa euweuh waktu pikeun muka SundaBlog. Carana, mangga tingali di beulah katuhu (sidebar) aya tulisan Caraka. Kari ngeusikeun email, engkena baris dikirim unggal kuring nulis posting anyar sacara otomatis ku 'kantor pos' nu ngaranna FeedBurner, haratis. Ngan kade nulis emailna ulah salah. Sababaraha kali kuring manggih nu nulis alamat email, di hareupna make www. Padahal eta mah kode husus paragi nulis alamat web, jadi tangtuna moal diproses ku FeedBurner.

Nepi ka danget ieu geus aya 195 urang nu langganan SundaBlog ngaliwatan email. Lamun loba nu maca via email, naha teu sieun kakurangan semah? Ah, da tadina oge lain hayang populer, lain hayang kapuji. Insya Allah, moal kakurangan nu maca atawa nu nyemah langsung ka SundaBlog. Nu penting mah du'akeun sangkan kuring masih keneh bisa nulis, sangkan beui loba oge urang Sunda nu nulis jeung cumarita make basa Sunda, boh dina blog, dina media citak, atawa dina gunem catur sapopoe.
Aos seratan sagemblengna...


20 September 2008

Sawios Bedo

Kamekaran teknologi teuing ku gancang robahna. Kakara oge mucunghul teknologi anyar, geus torojol deui nu leuwih anyar. Kitu jeung kitu we. Mun baheula nelepon kudu ti warnet, ayeuna mah ti mana bae oge bisa, asal boga telepon keupeul (handphone). Mun baheula boga disket nu kapasitasna ukur sakitu mega, ayeuna mah geus kudu ganti ku flashdisk anu kapasitasna geus nikel dina itungan giga.

Lian ti eta, daek teu daek teknologi oge mangaruhan kana adat tur kabiasaan hirup sapopoe. Mun baheula nu hayang bisa ngetik kudu rosa alias gede tanaga, ayeuna mah teu kudu, sabab tuts atawa tombol komputer mah hampang kabina-bina, beda jeung mesin tik. Nu tadina ngirim kartu lebaran kudu ka kantor pos ayeuna mah bisa ti imah, boh ku SMS atawa kartu elektronik. Mun nu dagang baheula mah kudu adu hareupan bae, ayeuna mah teu kudu. Pan aya internet tea. Jadi, nu dagang jeung nu meuli henteu salawasna kudu panggih. Cukup ku transaksi di internet bae.

Mimiti wawuh jeung nu ngaranna internet teh taun 2000. Eta ge teu ngahaja, ngan pedah kapaksa ku pagawean anu memang pakuat-pakait jeung internet. Loba bahan siaran nu kudu diunjal atawa diundeur ti internet. Talamba-tolombo mimitina mah, ka ditu bingung ka dieu bingung. Tapi ku dileukeunan mah tungtungna rada taram-taram, ngulik sorangan, trial and error.

Itung-itung ngamangpaatkeun teknologi, kuring nyoba-nyoba muka jasa terjemahan ngaliwatan internet. Najan mimitina rada gejed, lila-lila mah nya lumayan we. Leuleutikan, tapi geus asup kana 'kulawarga' internet biz (bisnis internet). Lian ti kauntungan finansial, loba oge pangalaman anu ku kuring pribadi dianggap kauntungan non-finansial, kabeungharan anu teu bisa malulu diukur ku pangaji duit.

Nyanghareupan karakter jelema anu rupa-rupa geus kaalaman. Di internet memang sagala aya. Ti mimiti euwah-euwah nepi ka nu soleh, ti mimiti tukang tipu nepi ka jelema bageur, kabeh aya. Nya di dieu kuring diajar kumaha nyanghareupanana. Kasedih, kabungah, kabeh geus karandapan.

Nerjemahkeun memang lain perkara gampang, lain pagawean sagawayah. Lian ti nerjemahkeun kekecapan, saestuna nu leuwih susah mah nyaeta nerjemahkeun 'rasa' basa sumber kana basa target sangkan hasilna nyugemakeun. Ngan ku sabab rasa mah lain elmu pasti (eksak), lolobana jelema masih kurang ngahargaan kana profesi penerjemah, utamana di urang. Lamun terjemahan ti luar negeri geus diitung per 'kecap' dina standar dollar, di urang mah masih keneh diitung per 'kaca', bari jeung hayang murah bae J. Padahal geus loba toleransi eta teh, harga jang konsumen lemah cai geus kacida dimurahkeunana lamun dibandingkeun jeung harga standar luar negeri.

Kungsi aya kajadian lucu. Hiji mangsa aya nu nerjemahkeun ti instansi pamarentah. Pagawean geus beres, transfer duit geus katarima, pangangguran tatanya, pancakaki. Ku teu dinyana, singhoreng nu silih kirim email jeung kuring teh babaturan baheula. Atuh nu tadina 'ibu-ibuan' jeung 'bapa-bapaan' teh ganti jadi silih sebut ngaran..

Anu aneh jeung pikasediheun oge aya. Caritana aya urang Arab ngirim email, menta dipangnerjemahkeun surat kana basa Inggris. Barang dibuka, sihoreng surat ti pembantuna (TKW) keur ka dulurna di Jawa. Jigana bae surat teh can kaburu dikirimkeun, kaburu dicolong ku dununganana. Matak ngangres, eusina nyaritakeun teu betah, dituduh tara digawe ku dununganana. Hayang mulang ka lemah cai, ngan teu dibere tiket, jaba gajihna tilu bulan can dibayar.

Diterjemahkeun? Ah henteu, kuriak picilakaeun. Kumaha ke mun gara-gara dununganana ngarti kana eusi surat, terus pembantuna dipahala atawa disiksa? Peupeuriheun mantuan teu bisa, atuh ulah-ulah nyilakakeun dulur, papada urang Indonesia. Moal ah, sawios bedo!
Aos seratan sagemblengna...


Iklan Politisi

Sawatara waktu ka tukang, kungsi aya nu pesimis 'kueh' iklan media televisi bakal samporet sabab kudu parebut jeung media sejen. Tapi tetela eta kahariwang teh teu kabuktian. Jumlah media televisi nu kalahka ngarekahan, kaasup di daerah, jadi salah sahiji tanda atawa ciciren yen televisi henteu kakurangan iklan. Nya rek hirup ti mana atuh lamun lain tina iklan, sabab ngaran-ngaran media komersial mah hirup-huripna ngandelkeun iklan.

Saha bae nu masang iklan? Biasana, atawa lumrahna, perusahaan anu hayang produkna dipikawanoh ku balarea. Media televisi dianggap media iklan nu efektif dina mangaruhan pikiran konsumen, sabab ngagunakeun gabungan kakuatan audio tur visual. Jadi, lian ti kadenge, produkna oge katenjo. Beuki mindeng produkna ditayangkeun dina televisi, beuki gede harepan produsen sangkan produkna dibeulian ku masarakat nu lalajo televisi.

Jigana nempo pangaruh televisi nu kacida gedena, loba nu kabita milu ngamangpaatkeun. Salah sahijina nya politisi nu hayang meunang kalungguhan di pamarentahan, utamana nu hayang jadi presiden atawa gupernur. Mangga tingali, dina televisi kiwari rapang politisi nu masang iklan. Naha ngan ukur dua eta nu wani masang iklan dina televisi? Sabab jabatan nu leuwih handap mah moal kabedag mayar iklan nu hargana bisa ngahontal puluhan milyar! Kapala desa atawa kuwu upamana. Dina jadina oge jeneng kuwu, moal kabual hasilna, dipake mayaran hutang urut masang iklan. Batan lunas, pastina oge kalahka langlayeuseun!

Mun kitu, hartina calon presiden jeung calon gupernur laloba duit? Bisa jadi. Ngan lamun duitna dipake mayar harga iklan anu sakitu mahalna asa pamohalan. Komo deui lamun mikir yen nu nyalon can tangtu kabiruyungan jadi presiden atawa gupernur. Lamun kitu kajadianana tangtu duit puluhan milyar teh jadi gaplah. Duit lapur, jadi pejabat henteu. Pikeun ngurangan resiko, nya ti mana deui lamun lain ti donatur. Bageur atuh donatur teh? Ah henteu oge, sabab moal samata-mata wani ngaluarkeun duit lamun euweuh pangarahan. Para donatur – biasana pengusaha – tangti miharep kompensasi ti jelema nu dibere donasi mangrupa fasilitas sangkan usahana atawa dagangna leuwih mucekil. Jadi, win-win solution. Pejabat dimodalan, pengusaha dibere fasilitas atawa kadang-kadang prioritas. Pan aya undang-undang nu ngawatesanan jumlah donasi? Ah, pan cenah oge aturan teh dijieun pikeun dirempak atawa dilanggar.

Nu matak teu kudu ngarasa heran lamun calon nu eleh biasana sok murang-maring, ngerahkeun massa pikeun demo, susuganan ku jalan demo jabatan bisa pindah ka manehna. Pan mun jadi pejabat mah bisa balik modal tah, sanggeus bebeakan kampanye. Asana geus kacida hesena neangan pejabat nu hayang jeneng ku sabab hayang ngabelaan ra'yat leutik. Nu puguh mah, jabatan teh teu kurang teu leuwih ti pagawean nu bisa ngadatangkeun panghasilan. Itung-itunganana geus lain keur kapentingan masarakat, keur ngamajukeun nagara atawa ra'yat, tapi malulu itung-itungan bisnis, itung-itungan untung rugi. Modal saanu, kautunganana kudu saanu. Mun teu sakitu, rugi.

Ku sabab kitu, kaleuleuwihi lamun urang ngarep-ngarep pamingpin nu merjoangkeun kapentingan ra'yat. Cohagna, boro-boro mikiran kapentingan ra'yat, sabab panginditanana oge tina itung-itungan bisnis. Naon untungna merjoangkeun ra'yat ari euweuh kauntunganana mah? Euweuh dina buku rusdina ra'yat nguntungkeun pejabat, ari lain dina usum nyoblos mah. Kituna oge cukup ku dibebenjokeun ku kaos, duit sautak-saeutik, jeung jangji weh, pasti repeh, pasti jempe. Moal nagih jangji ieuh, pan ra'yat mah barodo. Singsieunan we, pasti murengked. Cenah aya nu murugul, tinggal nyewa pengacara dua puluh siki mah, pasti aman.

Pamustunganana, ulah kagelo ku jangji-jangji calon pejabat dina iklan atawa sajeroning kampanyeu. Ra'yat nu majar aya dina posisi pangluhurna dina sistem demokrasi, dina emprona mah ngan ukur jadi objek penderita, dipake bungbu salila kampanyeu. Pan keur kampanye mah sarerea oge pasti mamawa ra'yat. Ra'yat deui, ra'yat deui, jiga nu enya. Ngan di mana geus hasil maksud, kabeh oge sok poho. Ra'yat ibarat nu ngadorong mobil, ari geus hurung mah biur bae ditinggalkeun bari teu nuhun-nuhun acan.

Ari geus, kumaha atuh engke dina waktuna milih? Ah, teu langkung eta mah. Bade milih mangga, henteu bae sawios. Ulah sieun dicap golput, lamun memang euweuh piliheun. Milih mah hak, lain kawajiban. Tibatan milih anu lain piliheun, anu jajauheun tina sikep hiji pamingpin, mending teu milih sakalian tibatan kudu kababawa milu tanggung jawab, bongan pipilueun milih. Cindekna, kudu asak-asak tinimbangan memeh milih.

Tapi, ah teu langkung ketang. Bisi disebut provokator :)
Aos seratan sagemblengna...


06 September 2008

Residivis Romadon

Ku teu karasa ari nyerelekna waktu. Asa cikeneh tas lebaran, ayeuna geus bulan Romadon deui bae. Saur Mama Ajengan, bulan puasa teh bulan anu wajib dianti-anti ku sakumna umat Islam. Bulan suci, bulan nu pinuh ku barokah. Bulan tempat 'diklat' sangkan urang jadi manusa pinunjul anu mampuh ngadalian napsu, nyengker kahayang anu taya anggeusna lamun diturutkeun. Tegesna, kawajiban nyengker hawa napsu, lain ngan ukur dina bulan puasa, tapi kudu jadi kabiasaan dina kahirupan sapopoe.

Hanjakal dina kanyataanana mah teu kitu. Bulan puasa mindeng dianggap panjara, nepi ka di mana 'leupas' tina ugeran Romadon, urang jadi 'residivis' deui. Mun dina bulan puasa reureuh ngomongkeun batur, di luar bulan puasa mah dikeureuyeuh deui. Baju muslimah dibarukaan deui, ganti ku baju nu tingboleklak. Nu korupsina eureun sabot bulan puasa, kanceuh deui, jeung sajabana.

Salah? Tangtu bae, sabab cek tadi ge, lulus tina 'diklat' bulan Romadon kudu jadi leuwih alus tibatan samemehna. Ngan lamun dibandingkeun, nu kitu masih 'mending' tibatan anu sagala dirumpak salawasna, rek bulan puasa rek lain. Najan kitu, lain hartina 'residivis' bulan puasa leuwih alus tibatan nu sagala dirumpak, sabab nu alus mah tangtuna oge nu salawasna ngalakukeun kahadean.

***

Saperti Romadon nu geus kaliwat, poe mimiti sumanget pisan niat taraweh di masjid. Hanjakal nu tadina rek solat husu teh kaganggu ku nu gogorowokan sataker kebek, "Allohumma sholli wasalim 'alaa sayyidinaa Muhammaaaaad!!!" Mangkaning tiap aweh salam eta teh.

Astaghfirulloohal adziem! Maenya muji kangjeng Nabi kudu digorowokkeun siga kitu? Mending lamun budak leutik, dima'lum keneh. Ieu mah kolot atuda! Niat rek sholat taraweh dibarengan ku sumanget opat lima ngadadak lempes, dumadakan ilang tanpa karana. Rek ngejat asa teu pantes, nya ngawayahnakeun milu solat nepi ka anggeus. Balik ti masjid aya budak ngalungkeun petasan, ngabeledag tarik pisan. Emh, Gustiii.. Sabaaar, sabaaar... Ku loba pisan gogoda jeung piambekeun teh.

Isukna kuring taraweh sorangan, di imah. Tiis ceuli herang mata. Gusti, mugi-mugi katampi. Sanaos tetebiheun tina sampurna, mugi-mugi abdi sing tiasa ngeker diri sapapanjangna sarta henteu kalebet kana golongan residivis Romadon. Amin.
Aos seratan sagemblengna...