Antosan sakedap...

28 Agustus 2008

Jadwal Puasa Abadi di 2198 Kota

Mapag bulan Romadon, tangtu kudu tatahar lahir batin, pisik jeung mental, sangkan puasa urang pinanggih jeung kasampurnaan. Tah, salah sahiji ihtiar lahir nyaeta nyiapkeun jadwal puasa nurutkeun kota tempat padumukan urang.


Kanggo nu peryogi, Jadwal Imsakiyah Abadi pikeun 2198 kota gede katut kota leutik di sakuliah dunya (ti mimiti Aalborg di Denmark nepi ka Zurich di Swiss), jeung di Indonesia saperti Jakarta, Bekasi, Bogor, Ciamis, Tasik, Binjai, Bireun, Garut, Kuningan, Bima, Cirebon katut ratusan kota sejenna, tiasa diundeur di dieu.

Saratna, kudu aya Microsoft Excel dina komputer pikeun muka jadwal. Sakali deui, Jadwal Imsakiyah Abadi tiasa diundeur di dieu.

Nyanggakeun.
Aos seratan sagemblengna...


16 Agustus 2008

Ngabengbeos

sirah Jang Obos anu bolenos :)
Jang Obos kawentar ahli ngawaos. Maksudna seueur nyarios tapi ukur ngahambur-hambur waktos, teu matak nambahan pangartos. Baheulana Jang Obos sok dagang bandros. Gara-gara jurig tumpak Atoz, Jang Obos kabiruyungan jadi bos, sanggeus dicaroblos jadi anggota dewan tukang ngokos artos. Teu ngartos, ku naon bet pada nyoblos, da pribados mah sakalieun ngadenge manehna ngawaos, sok hayang nojos bebengokna nu cengos, atawa masihan bobos.

Sanaos ukur pangsiunan tukang bandros, Jang Obos lila-lila ngartos kumaha carana ngokos artos ladang haruwas-harewos. Asal proyek lolos, rekanan pasti ngartos. Komo mun Jang Obos geus morongos, sarerea pasti haroshos, sieun ditojos ku waosna nu marencos. Padahal Jang Obos ngan ukur ngegos, sabab ditenggor ku citakan bandros oge pasti tobros, ma'lum boga panyakit tulang koropos.

Parandene kitu, Jang Obos nu ayeuna geus pinter dangdos tur tara dagang bandros, sok pada ngantos-ngantos. Komo mun geus deukeut ka usum nyoblos, sabab sok babagi kaos jeung peremen mentos, sakapeung ditambah artos. Hanjakal pisan kalakuanana jadi ngebos. Gampang morongos mun aya kateuraos. Mun geus kitu, sarerea sok tinglaleos. Lain ukur sieun ku porongos, tapi teu kuat ngambeu bau beurit katojos tina sela-sela waosna anu marencos.

Kamari ieu aya wartos Jang Obos indekos di panjara nu teu teurak ditobros. Basa sakali waktos pasarandog jeung para wartawan tukang ngabewarakeun wartos, Jang Obos pada naros. "Jang Obos, kumaha karaos?" Jang Obos nu sirahna jadi bolenos (hi..hi.. maksudna: bolenang) ukur bisa ngaharewos haroshos, "Atos, atos...., permiosss..." bari nyumputkeun beungeutna nu cengos jiga cucunguk dangdos.

Jang Obos ngabengbeos, dikawal ku sipir colonos, bari ngalamun: mun make artos, susuganan bisa lolos!

Wios?
Aos seratan sagemblengna...


14 Agustus 2008

HEUHEUY JEUNG DEUDEUH

Hirup mah heuheuy jeung deudeuh. Kitu cek si Kabayan. Aya mangsana meunang kabungah, aya kalana nyorang kasusah. Ngan ceuk nu pinter, bungah jeung susah mah kumaha cara nenjo jeung ngararasakeunana. Conto gampangna, dahar jeung uyah oge ari pikiran senang mah ngeunah we nu aya. Komo mun uyahna dipurulukan daging hayam mah, pasti ngeunaaah.. pisan!

Hirup oge lain komik nu kelirna ukur hideung jeung bodas. Kadang-kadang kulawu, antara hideung jeung bodas, antara susah jeung senang. Antara pikaseurieun jeung pikasebeleun. Unggal jelema pasti ngalaman susah jeung senang. Rek tukang tani, rek dokter, rek pejabat, tukang beca, blogger, tukang nerjemahkeun, atawa anggota dewan. Pasti kungsi ngarandapan susah atawa senang.

Tatangga kuring nu anggota dewan, katempona senang bae. Pansiun boga, gajih ti DPRD mayeng, jaba anak geus jareneng. Lain eta wungkul. Anyar-anyar ieu, basa kabaud korupsi 200 milyar leuwih, manehna teu ngalaman diberok. Padahal baturna nu papada milu ngasaan duit meunang korupsi geus ngararingkuk di pangberokan. Manehna mah senang we, bisa keneh luntang-lantung, jogging saperti biasa.

Jadi inget basa kamari maca koran, nu korupsi 5 juta perak nepi ka dipasang fotona sagala, jadi DPO pulisi jeung Kejaksaan. Naha ari nu kasusna milyaran diantepkeun sina senang-senang ngahenang ngahening? Mun teu garelo ge, pasti pulisi jeung kejaksaan teh leutik burih, wanina ngan ka jelema leutik. Atawa, maranehanana pasti kabagean duit suap hasil korupsi tea. Pan tina milyaran mah meureun suapna ge puluhan atawa ratusan juta. Pasti lah...

Tapi naha enya kitu manehna ngarasa senang? Ah duka teuing, da senang soteh dina penenjo batur. Boa manehna mah ngarasa era, da najan teu dipanjara oge sarerea pada nyaho yen manehna geus ngagasab duit ra'yat. Tapi bisa oge manehna teu ngarasa era, sabab biasana nu kitu mah geus kurang kaera, mun henteu geus leungit kaera oge.

Buktina, sababaraha poe ka tukang manehna ngedarkeun formulir ka tatangga-tatangga, menta dukungan, rek nyalon deui jadi anggota dewan! Jadi, jigana mah memang geus teu boga di kaera. Atawa kaerana disakuan heula meureun. Hebat pan?

Piraku teu bisa kitu-kitu acan mah. Pan ngagarong duit ra'yat ge teu era. Komo deui ieu. Pira ge nyumputkeun kaera, piraku teu bisa. Ngan memang ceuk kuring mah manehna jelema nu luar biasa.

Naha? Mangga wae emut. Ibaratna urang geus ngagarong jelema, terus teu sabaraha lila urang menta dukungan rek nyalon deui jadi garong ka jelema nu tas digarong. Hebat pan? Pasti hebat mun teu eusleum oge.

Formulir nu dianteurkeun ku pacalangna masih keneh ngagoler dina meja. Rek dieusian? Ah moal, antepkeun we sina kosong. Kecuali mun kuring rek miluan jadi garong atawa jadi nu gelo.

Lieur ah.
Aos seratan sagemblengna...