Antosan sakedap...

05 Februari 2008

Prosa Liris: Bulan jeung Béntang

Eulis, naha leres nyawang béntang tingkariceup dina kelemengna peuting téh hiji kaéndahan? Engkang cangcaya, margi aya nu langkung éndah tibatan tingkariceupna béntang. Naha leres gamulengna bulan lir ibarat putri ti kahiangan? Engkang keukeuh teu percanten.

Basa salira nyeleksek sangkan Engkang wakca naon saleresna nu langkung éndah tibatan tingkariceupna béntang sareng gamulengna bulan, Engkang ngahuleng sajongjongan. Ampun paralun, sanés Engkang lunca linci, luar léor siga oray, milarian heula waleranana, margi sadayana tos kacangkem dina lelembutan. Teu kedah incah meuntas sagara, teu kedah ngajugjug tutugan gunung, sadayana tos nyangkaruk jeroeun dada.

Akang mung inggis ku bisi, rempan ku sugan, bok bilih Enung malik teu suka, ngéwa tur cua ku waleran Engkang. Engkang teu sanggem kedah lumampah nyorang poékna peuting alatan nu geulis bendu. Bulan tangtos samagaha ningal salira teu suka, béntang nyarumput tukangeun méga, ngiring sungkawa ningal nu geulis nalangsa, pamundut teu katedunan.

Ibarat dulag lebaran, haté Engkang ratug tutunggulan. Nu geulis manco payuneun, ngantos-ngantos bari neuteup anteb, pinuh ku kapanasaran. Engkang sabil, mandeg mayong. Paneuteup salira éstu wisaya sangkan Engkang teu walakaya, teu wasa mungpang panglahir salira. Engkang mereketkeun karep, sadaya-daya, mending leumpang sakaparan-paran nyorang poékna peuting, mending meuntasan sagara seuneu nu ngabela-bela, tibatan ningal salira ngeclakkeun cisoca, teu kacumponan pamundut.

Saestuna, Eulis, pupujan ati, nya salira pisan béntang sareng bulan na haté Engkang. Katawis salira ngaranjug, ngaheneng, teu lémék teu nyarék. Bumi alam ngadadak simpé. Engkang teu wasa neuteup soca salira nu ngagenclang lir talaga sawarga. Dunya ngarandeg. Halimun na tungtung bulan siga nu horéam incah.

Namung dalah dikumaha, ucap parantos kedal, hamo tiasa dicentok deui. Sadaya-daya, badé dibeureum badé dihideung, nyanggakeun beuheung teukteukeun. Lalaunan Engkang tanggah, neuteup raray salira. Enung, bulan sareng béntang téh geuning aya di dinya. Dina imut salira, dina teuteup salira. Ti harita Engkang kedal jangji, salira baris janten bulan sareng béntang salalawasna. Na haté Engkang.

Panjalu, 5 Pebruari 2008
Aos seratan sagemblengna...